Nu Ditulis ku Lukas 21:1-38

  • Randa miskin ngasupkeun dua duit kencring (1-4)

  • TANDA NGEUNAAN NAON NU BAKAL KAJADIAN (5-36)

    • Perang, lini gedé, wabah panyakit, kalaparan (10, 11)

    • Yérusalém dikepung ku pasukan (20)

    • Waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa (24)

    • Datangna Anak manusa (27)

    • Ibarat ngeunaan tangkal ara (29-33)

    • Kudu tetep waspada (34-36)

  • Isa ngajar di bait (37, 38)

21  Waktu Isa diuk nyanghareup ka kotak-kotak sumbangan, anjeunna merhatikeun jalma-jalma beunghar ngasupkeun sumbanganana.+ 2  Katingali ogé aya hiji randa miskin nu ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.*+ 3  Anjeunna ngomong, ”Tah, sabenerna nu diasupkeun ku randa miskin ieu leuwih loba tibatan nu séjén.+ 4  Jalma-jalma nyumbang téh da boga duit leuwih. Ari éta randa mah, najan miskin, nyumbangkeun sakabéh pangabogana, padahal éta téh keur nganapkahan diri.”+ 5  Ka dieunakeun, waktu sababaraha jalma muji-muji bait nu dihias ku batu-batu nu aréndah jeung barang-barang nu dibaktikeun ka Allah,+ 6  anjeunna ngomong, ”Engké, bakal aya mangsana ieu kabéh nu ditingali ku maranéh bakal dirugrugkeun, moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”+ 7  Tuluy maranéhna nanya, ”Guru, iraha éta kabéh bakal kajadian, sarta naon tandana éta téréh kajadian?”+ 8  Ceuk anjeunna, ”Kadé, maranéh ulah beunang kabobodo,+ sabab loba jalma bakal datang maké ngaran urang, seug ngaku-ngaku, ’Urang jalmana,’ sarta ngomong, ’Waktuna geus téréh.’ Nu kitu ulah dituturkeun.+ 9  Salian ti éta, lamun maranéh ngadéngé dur-derna perang jeung huru-hara,* ulah sieun. Ieu kabéh kudu kajadian heula, tapi ahir éta moal langsung datang.”+ 10  Ceuk Isa, ”Bangsa-bangsa bakal silih perangan,+ karajaan-karajaan ogé silih perangan.+ 11  Bakal aya lini gedé, sarta di mana-mana bakal aya kalaparan jeung wabah panyakit.+ Jalma-jalma bakal ningali kajadian-kajadian nu pikasieuneun jeung tanda-tanda nu luar biasa di langit. 12  ”Tapi saacan éta kabéh kajadian, maranéh bakal ditéwak jeung dikaniaya.+ Maranéh bakal dibawa ka tempat ibadah jeung ka panjara. Maranéh gé bakal dibawa ka hareupeun raja-raja jeung gubernur-gubernur lantaran jadi murid urang.+ 13  Éta bakal jadi kasempetan keur ngajelaskeun kapercayaan maranéh. 14  Tékadkeun dina haté, ulah nyiapkeun ti saméméhna naon nu rék diucapkeun pikeun ngabéla diri,+ 15  sabab maranéh ku urang bakal dibéré kabijaksanaan sangkan nyaho naon nu kudu diucapkeun. Sanajan ngagabung gé, lawan-lawan maranéh moal sanggup ngalawan atawa ngabantah.+ 16  Salian ti éta, maranéh bakal dihianatan,* malahan ku kolot, adi lanceuk, baraya, jeung sobat maranéh. Sababaraha di antara maranéh gé bakal dipaéhan.+ 17  Maranéh bakal dipikangéwa ku kabéh jalma lantaran nuturkeun urang.+ 18  Najan kitu, buuk maranéh salambar gé moal aya nu leungit.+ 19  Lamun tabah, maranéh bakal tetep hirup.+ 20  ”Tapi waktu maranéh ningali Yérusalém dikepung ku pasukan,+ éta tandana Yérusalém geus téréh diancurkeun.+ 21  Saha waé nu aya di Yudéa kudu kabur ka pagunungan,+ sarta nu aya di jero kota kudu kalaluar ti kota, ari nu aya di pasisian ulah asup ka kota, 22  sabab éta téh waktuna Allah ngahukum* jalma-jalma sangkan kabéh nu ditulis dina Kitab Suci laksana. 23  Cilaka awéwé nu keur ngandung jeung nu keur nyusuan orokna dina mangsa éta!+ Ieu nagri bakal ngalaman kasusah nu kacida parahna, ieu bangsa bakal dihukum. 24  Aya nu bakal dipaéhan ku pedang, aya ogé nu bakal ditawan di nagri-nagri séjén.+ Yérusalém bakal ditincakan ku bangsa-bangsa* nepi ka waktu nu ditetepkeun keur éta bangsa-bangsa* béak.+ 25  ”Salian ti éta, bakal aya tanda-tanda dina panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang.+ Bangsa-bangsa di bumi bakal nalangsa jeung teu nyaho kudu kumaha lantaran laut ngamuk tingjelegur. 26  Jalma-jalma bakal kapiuhan* bakating ku sieun ngabayangkeun naon nu bakal kajadian di bumi, sabab kawasa-kawasa di langit bakal oyag. 27  Tuluy, maranéhna bakal nempo Anak manusa+ datang dina méga* ku kakawasaan jeung kamulyaan nu hébat.+ 28  Tapi lamun ieu kabéh geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maranéh geus téréh dibébaskeun.” 29  Geus kitu, Isa nyaritakeun hiji ibarat, ”Perhatikeun tangkal ara jeung tatangkalan séjénna.+ 30  Lamun geus bijil daun-daun ngora, maranéh nyaho yén éta téh tandana geus téréh usum panas. 31  Kitu ogé, lamun maranéh ningali hal-hal ieu kajadian, éta tandana Pamaréntahan Allah geus deukeut. 32  Sing percaya, jalma-jalma dina jaman ieu* moal musna nepi ka ieu kabéh kajadian.+ 33  Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi kekecapan urang bakal aya salilana.+ 34  ”Jaga diri sing ati-ati. Maranéh ulah nepi ka beuki teuing kana* dahar jeung nginum,+ sarta ulah mikiran teuing pangabutuh hirup,+ bisi engké éta poé ujug-ujug datang 35  ngajiret maranéh.+ Éta poé téh bakal narajang ka kabéh jalma nu aya di sakuliah bumi. 36  Jadi, maranéh kudu tetep waspada+ bari terus husu ngadoa,+ sangkan maranéh bisa salamet tina kabéh kajadian nu bakal laksana sarta bisa nangtung hareupeun Anak manusa.”+ 37  Isa ngajar di bait ti beurang, ari peutingna indit ka Gunung Zaitun jeung mondok di dinya. 38  Kabéh jalma daratang ka bait isuk-isuk pisan sabab hayang ngadéngékeun anjeunna.

Catetan Tambihan

As. ”dua lépton”. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”jeung kaayaan kacow”.
Atawa ”diserahkeun ka pangadilan”.
Atawa ”ngabales”.
Atawa ”bangsa-bangsa nu teu kenal ka Allah”.
Atawa ”bangsa-bangsa nu teu kenal ka Allah”.
Atawa ”pingsan; kapaéhan”.
Atawa ”awan”.
Atawa ”Sing percaya, ieu génerasi”.
Atawa ”Haté maranéh ulah nepi ka kabeungbeurat ku”.