Budalan 3:1-22

  • Musa ningali rungkun cucuk nu hurung ku seuneu (1-12)

  • Yéhuwa ngajelaskeun harti nami-Na (13-15)

  • Yéhuwa méré paréntah ka Musa (16-22)

3  Musa jadi pangangon ingon-ingon mitohana, nyaéta Yitro+ imam Midian. Dina hiji poé, manéhna ngagiring ingon-ingonna ka kuloneun tanah gurun. Tungtungna manéhna nepi ka Gunung Horéb,+ gunung nu dipilih ku Allah nu sajati. 2  Bréh malaikat Yéhuwa némbongan ka manéhna dina seuneu nu ngagedur dina rungkun cucuk.+ Barang ditilik-tilik, katingalieun ku Musa yén éta rungkun téh hurung ku seuneu tapi teu kaduruk. 3  Jadi Musa mikir, ’Anéh, ku naon éta rungkun téh teu kaduruk? Cikan rék dipariksa.’ 4  Barang ningali Musa ngadeukeutan, Yéhuwa ngageroan manéhna tina rungkun cucuk, ”Musa! Musa!” Dijawab ku Musa, ”Kulan?” 5  Saur Allah, ”Ulah deukeut-deukeut ka dieu. Laan sendal manéh, sabab tanah tempat manéh nangtung téh suci.” 6  Allah nyarios deui, ”Kuring téh Allahna karuhun manéh, Allahna Ibrahim,+ Allahna Ishak,+ jeung Allahna Yakub.”+ Musa nutupan beungeutna, da sieuneun ningali Allah nu sajati. 7  Terus saur Yéhuwa, ”Kuring geus ningali umat Kuring sangsara di Mesir. Kuring gé geus ngadéngé maranéhna ngajerit ménta tulung lantaran diperbudak. Kuring nyaho pisan sakumaha kasiksana maranéhna.+ 8  Kuring rék turun nyalametkeun maranéhna ti urang Mesir.+ Ku Kuring maranéhna rék dibawa budal ti dinya tuluy dibawa ka tanah anu subur jeung lega, tanah nu loba susu jeung maduna.+ Éta téh tanahna urang Kanaan, urang Hét, urang Amori, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus.+ 9  Kuring geus ngadéngé urang Israél careurik. Kuring gé geus ningali sakumaha kejemna urang Mesir nindes maranéhna.+ 10  Ayeuna Kuring rék ngutus manéh ka Firaun. Bawa urang Israél, umat Kuring, budal ti Mesir.”+ 11  Tapi Musa ngomong kieu ka Allah nu sajati, ”Abdi mah saha atuh, Gusti? Abdi moal sanggup ngadep ka Firaun sarta mawa urang Israél budal ti Mesir.” 12  Ku Allah dijawab, ”Kuring pasti nyarengan manéh.+ Kuring jangji, sanggeus manéh mawa umat Kuring budal ti Mesir, maranéh bakal ibadah ka Kuring, Allah nu sajati, di ieu gunung.+ Ku kituna, manéh bakal yakin nu ngutus manéh téh Kuring.” 13  Tapi Musa ngomong ka Allah nu sajati, ”Misalna abdi pendak sareng urang Israél sarta nyarios, ’Allah karuhun maranéh geus ngutus urang ka maranéh,’ terus mun maranéhna nanya, ’Saha nami-Na?’+ Kedah dijawab naon ku abdi?” 14  Saur Allah, ”Kuring Bakal Jadi Naon Waé anu Dipikahayang* ku Kuring.”+ Terus Allah nyarios, ”Manéh kudu ngomong kieu ka urang Israél, ’Urang diutus ku Allah nu harti ngaranna téh ”Kuring Bakal Jadi Naon Waé anu Dipikahayang ku Kuring”.’”+ 15  Sakali deui Allah nyarios ka Musa, ”Manéh kudu ngomong kieu ka urang Israél, ’Yéhuwa Allah karuhun maranéh, Allahna Ibrahim,+ Allahna Ishak,+ jeung Allahna Yakub,+ geus ngutus urang ka maranéh.’ Ieu ngaran Kuring keur salalanggengna.+ Kuring bakal dikenal ku ieu ngaran ti jaman ka jaman. 16  Ayeuna jung indit, kumpulkeun para kokolot Israél, tuluy béjaan kieu, ’Yéhuwa Allah karuhun maranéh, nyaéta Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, geus némbongan ka urang. Anjeunna ngomong, ”Kuring geus merhatikeun maranéh+ jeung ningali naon nu kaalaman ku maranéh di Mesir. 17  Ku kituna, Kuring jangji bakal ngabébaskeun maranéh ti urang Mesir nu nyangsarakeun maranéh.+ Maranéh bakal dibawa ka tanah nu loba susu jeung maduna,+ nyaéta tanahna urang Kanaan, urang Hét, urang Amori,+ urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus.”’+ 18  ”Para kokolot Israél pasti ngadéngékeun omongan manéh.+ Tuluy manéh jeung para kokolot Israél kudu ngadep ka raja Mesir bari ngomong kieu, ’Yéhuwa, Allahna urang Ibrani,+ tos nyarios ka abdi sadaya. Jadi, abdi sadaya ménta idin badé angkat tilu dinten ka tanah gurun pikeun nyanggakeun kurban ka Yéhuwa Allah abdi sadaya.’+ 19  Tapi, Kuring mah nyaho raja Mesir moal ngidinan maranéh indit, kajaba lamun dipaksa.+ 20  Jadi, Kuring rék ngagunakeun kawasa Kuring pikeun ngahukum Mesir. Kuring rék nyieun rupa-rupa tindakan nu hébat di ditu, geus kitu kakara maranéh bakal diidinan indit ku raja Mesir.+ 21  Ku Kuring urang Mesir bakal disina balageur ka maranéh. Jadi waktu maranéh indit, maranéh bakal loba babawaan.+ 22  Unggal awéwé kudu ménta barang-barang tina pérak jeung emas sarta papakéan ka awéwé Mesir nu saimah jeung maranéhna, kitu deui ka urang Mesir nu jadi tatanggana. Pakékeun éta kabéh ka anak-anak maranéh. Maranéh bakal ngajarah urang Mesir.”+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”Dipilih”. Tingali Lamp. A4.