Budalan 40:1-38
40 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa,
2 ”Dina poé kahiji bulan nu kahiji, manéh kudu ngadegkeun tabernakel, nyaéta kémah tepangan.+
3 Teundeun peti perjangjian di jero tabernakel,+ tuluy pasang hordéng pamisah hareupeun éta peti.+
4 Bawa méjana+ ka jero, tata parabotna luhureun méjana. Asupkeun wadah lampuna,+ terus seungeut lampu-lampuna.+
5 Teundeun mézbah emas paranti meuleum dupa+ hareupeun peti perjangjian. Geus kitu pasang hordéng keur lawang asup tabernakel.+
6 ”Teundeun mézbah kurban beuleuman+ hareupeun lawang asup tabernakel, nyaéta kémah tepangan.
7 Teundeun jolang di antara kémah tepangan jeung éta mézbah, tuluy eusian ku cai.+
8 Geus kitu, pasang kaén di sakuriling buruan+ sarta pasang hordéng+ keur lawang asup buruan.
9 Cokot minyak suci.*+ Tabernakel jeung sakabéh nu aya di jerona kudu diminyakan.+ Sucikeun tabernakel jeung sakabéh parabotna, supaya éta jadi suci.
10 Mézbah kurban beuleuman jeung sakabéh parabotna kudu diminyakan. Sucikeun mézbahna, supaya éta jadi kacida sucina.+
11 Jolang jeung panyanggana gé kudu diminyakan jeung disucikeun.
12 ”Bawa Harun jeung anak-anakna nu lalaki ka deukeut lawang kémah tepangan, titah maranéhna mersihan diri ku cai.+
13 Pakékeun baju imam* ka Harun,+ tuluy lantik+ sarta sucikeun manéhna. Ku kituna manéhna bakal jadi imam nu ngalalayanan Kuring.
14 Terus anak-anak Harun nu lalaki sina maju, tuluy pakékeun jubah ka maranéhna.+
15 Lantik maranéhna kawas ngalantik bapana,+ ku kituna maranéhna bakal jadi imam nu ngalalayanan Kuring. Ku lantaran maranéhna geus dilantik, turunanana bakal jadi imam keur sapapanjangna.”+
16 Éta kabéh dilampahkeun ku Musa percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.+
17 Dina poé nu kahiji bulan nu kahiji taun nu kadua, tabernakel diadegkeun.+
18 Waktu Musa ngadegkeun tabernakel, manéhna masang kabéh dadampar nu aya liangan,+ ngadegkeun rangka-rangkana,+ masang palang-palangna,+ sarta ngadegkeun pilar-pilarna.
19 Manéhna ngabéngbréngkeun kaén panutup+ sarta masang kaén panutup séjénna+ di luhureunana, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
20 Sanggeus kitu, manéhna nyokot dua papan batu+ tuluy diasupkeun kana peti perjangjian.+ Tongkat-tongkatna+ diasupkeun kana geulang-geulangna, tuluy tutup petina+ dipasangkeun.
21 Manéhna mawa asup peti perjangjian ka tabernakel sarta masang hordéng+ pamisah hareupeun éta peti,+ sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
22 Geus kitu, manéhna neundeun méja+ di jero kémah tepangan, nyaéta di luareun éta hordéng, di beulah kalér kémah tepangan.
23 Dina éta méja, manéhna neundeun tumpukan roti+ hareupeun Yéhuwa. Éta kabéh dipigawé ku Musa sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
24 Manéhna neundeun wadah lampu+ di jero kémah tepangan, di hareupeun méja di beulah kidul kémah tepangan, nyaéta tabernakel.
25 Lampu-lampuna diseungeut+ ku Musa hareupeun Yéhuwa, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
26 Geus kitu, manéhna neundeun mézbah emas+ di jero kémah tepangan, hareupeun hordéng.
27 Éta mézbah dipaké keur meuleum dupa seungit+ supaya haseupna ngebul,+ sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
28 Terus manéhna masang hordéng+ keur lawang asup tabernakel.
29 Manéhna neundeun mézbah kurban beuleuman+ hareupeun lawang asup tabernakel, nyaéta kémah tepangan. Éta mézbah bakal dipaké pikeun ngabaktikeun kurban beuleuman+ jeung kurban kadaharan, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.
30 Geus kitu, manéhna neundeun jolang di antara kémah tepangan jeung mézbah, tuluy dieusian cai.+
31 Musa, Harun, jeung anak-anak Harun nu lalaki ngumbah leungeun jeung sukuna di dinya.
32 Maranéhna kudu wawasuh+ heula unggal rék asup ka kémah tepangan atawa ngadeukeutan mézbah, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.
33 Sanggeus éta kabéh, manéhna masang kaén di sakuriling buruan+ tabernakel jeung mézbah sarta masang hordéng keur lawang asup buruan.+
Ahirna sagala pagawéan Musa téh bérés.
34 Geus kitu, méga* mulai nutupan kémah tepangan, sarta cahaya kamulyaan Yéhuwa minuhan éta tabernakel.+
35 Musa teu bisa asup ka kémah tepangan, lantaran méga nutupan éta kémah sarta cahaya kamulyaan Yéhuwa minuhan tabernakel.+
36 Waktu méga di tabernakel naék ka luhur, urang Israél bakal ngabongkar kémah tuluy pindah ka tempat séjén, kitu terus salila maranéhna ngumbara di tanah gurun.+
37 Tapi lamun mégana can naék, maranéhna moal waka pindah.+
38 Urang Israél bisa ningali méga ti Yéhuwa di luhureun tabernakel waktu beurang, sarta tihang seuneu waktu peuting, kitu terus salila maranéhna ngumbara di tanah gurun.+

