Budalan 33:1-23

  • Allah negor urang Israél (1-6)

  • Kémah tepangan di luar pakémahan (7-11)

  • Musa hayang ningali kamulyaan Yéhuwa (12-23)

33  Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Jung indit, bawa bangsa nu ku manéh dibawa budal ti Mesir. Indit ka tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kuring geus sumpah ka maranéhna, ’Kuring bakal méré ieu tanah ka turunan manéh.’+ 2  Kuring bakal ngutus malaikat heulaeun maranéh.+ Kuring gé bakal ngusir urang Kanaan, urang Amori, urang Hét, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus.+ 3  Jung indit ka tanah nu loba susu jeung maduna.+ Tapi Kuring moal indit bareng jeung maranéh, sabab maranéh téh bangsa nu bedegong,+ bisi maranéh ku Kuring dibinasakeun di tengah jalan.”+ 4  Waktu urang Israél ngadéngé béja goréng éta, maranéhna kacida nalangsana, nepi ka euweuh saurang-urang acan nu daék maké perhiasan. 5  Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Béjakeun ka urang Israél, ’Maranéh téh bangsa anu bedegong.+ Kuring bisa waé datang ka pakémahan maranéh, sarta dina sakiceup gé maranéh bisa dimusnakeun.+ Engké Kuring rék nangtukeun bakal kumaha ka maranéh. Ayeuna ulah aya nu maké perhiasan heula.’” 6  Ku sabab éta, ti saprak di Gunung Horéb, urang Israél geus teu maraké deui perhiasan. 7  Musa mindahkeun kémahna ka luar pakémahan, rada anggang ti dinya. Éta kémah ku Musa disebut kémah tepangan. Unggal jalma nu hayang ménta pituduh ti Yéhuwa+ bakal datang ka éta kémah. 8  Unggal Musa indit ka éta kémah, sakabéh jalma bakal nangtung di lawang kémahna masing-masing. Maranéhna bakal ningalikeun Musa nepi ka Musa asup ka éta kémah. 9  Sanggeus Musa asup ka éta kémah, tihang méga*+ bakal turun. Éta tihang bakal terus aya di lawang kémah salila Allah nyarios jeung Musa.+ 10  Waktu jalma-jalma ningali tihang méga di lawang éta kémah, maranéhna sarujud di lawang kémahna masing-masing. 11  Yéhuwa nyarios langsung* jeung Musa,+ cara hiji jalma ngobrol jeung baturna. Waktu Musa balik ka pakémahan, Yosua+ anak Nun, palayan Musa,+ tetep aya di éta kémah. 12  Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Gusti miwarang abdi mingpin ieu bangsa, tapi Gusti teu ngawartosan saha anu badé nyarengan abdi. Terus Gusti nyarios, ’Kuring kenal pisan ka manéh. Kuring gé resep ka manéh.’ 13  Upami leres Gusti resep ka abdi, tuduhkeun jalan-jalan Gusti,+ supaya abdi tiasa kenal ka Gusti sarta terus dipikaresep ku Gusti. Mugia Gusti gé émut yén ieu bangsa téh umat Gusti.”+ 14  Jadi Allah nyarios, ”Kuring nu bakal nyarengan manéh.+ Kuring gé bakal méré katengtreman ka manéh.”+ 15  Tuluy ceuk Musa, ”Upami Gusti teu ngiring sareng abdi sadaya, abdi sadaya ulah dipiwarang angkat ti dieu. 16  Kumaha nu sanés badé terang yén abdi sareng umat Gusti téh dipikaresep ku Gusti? Upami Gusti angkat sareng abdi sadaya,+ nembé katingali yén abdi sareng umat Gusti téh bénten ti bangsa-bangsa sanés di bumi.”+ 17  Yéhuwa nyarios deui ka Musa, ”Paménta manéh ku Kuring bakal diturut, lantaran Kuring resep ka manéh sarta Kuring kenal pisan ka manéh.” 18  Musa ngajawab, ”Idinan abdi ningal kamulyaan Gusti.” 19  Allah nyarios, ”Kuring bakal ngaliwat hareupeun manéh, supaya manéh nyaho kahadéan Kuring. Kuring gé bakal ngabéwarakeun ngaran Kuring, nyaéta Yéhuwa.+ Kuring bakal bageur ka saha waé nu dipikahayang ku Kuring sarta bakal mikawelas saha waé nu dipikahayang ku Kuring.”+ 20  Tapi Allah nyarios deui, ”Manéh moal ningali raray Kuring, sabab moal aya jalma nu bisa tetep hirup sanggeus ningali Kuring.” 21  Tuluy Yéhuwa nyarios, ”Aya hiji tempat di deukeut Kuring. Sok nangtung dina gunung batu nu aya di dinya. 22  Waktu Kuring ngaliwat jeung némbongkeun kamulyaan Kuring, manéh ku Kuring bakal ditempatkeun di guha di gunung batu éta. Manéh gé bakal ditutupan ku panangan Kuring. 23  Sanggeus Kuring ngaliwat, panangan Kuring bakal diangkat, tuluy tonggong Kuring bakal katempo ku manéh. Tapi raray Kuring teu meunang ditingali ku manéh.”+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”tihang awan”.
^ Atawa ”nyarios pahareup-hareup”.