Budalan 20:1-26

  • Sapuluh Paréntah (1-17)

  • Urang Israél tingdarégdég (18-21)

  • Aturan pikeun ibadah (22-26)

20  Tuluy Allah nepikeun sakabéh paréntah ieu,+ 2  ”Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu ngabudalkeun maranéh ti Mesir, tempat maranéh diperbudak.+ 3  Maranéh teu meunang nyembah ka allah-allah séjén, kudu nyembah ka Kuring wungkul.+ 4  ”Ulah nyieun patung ukiran atawa titironan naon waé nu aya di langit, di bumi, atawa di jero cai.+ 5  Ulah sujud atawa kagoda pikeun nyembah ka éta kabéh,+ sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. Jadi, maranéh kudu ngabdi ngan ka Kuring wungkul.+ Lamun aya jalma nu ngéwa ka Kuring, engké anak incu jeung buyutna bakal ngarasakeun balukarna. 6  Sabalikna, ka jalma nu nyaah ka Kuring jeung ngajalankeun paréntah Kuring,+ Kuring bakal némbongkeun asih satia ka manéhna, malahan nepi ka turunanana nu kasarébu. 7  ”Ulah sambarangan nyebut nami Yéhuwa Allah maranéh,+ sabab Yéhuwa pasti bakal ngahukum saha waé nu sambarangan nyebut nami-Na.+ 8  ”Ulah poho ngajalankeun Sabat. Poé éta kudu dianggap suci.+ 9  Maranéh meunang digawé salila genep poé.+ 10  Tapi dina poé nu katujuh, maranéh teu meunang digawé, kitu ogé jeung anak-anak, palayan, ingon-ingon maranéh, jeung urang asing nu matuh di kota maranéh.+ Poé éta téh sabat keur Yéhuwa Allah maranéh. 11  Salila genep poé, Yéhuwa nyiptakeun langit, bumi, laut, jeung sagala eusina, tuluy reureuh dina poé nu katujuh.+ Ku sabab kitu, Yéhuwa ngaberkahan poé Sabat jeung nganggap poé éta suci. 12  ”Maranéh kudu hormat ka indung bapa,+ supaya maranéh panjang umur di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.+ 13  ”Ulah maéhan.+ 14  ”Ulah jinah.+ 15  ”Ulah maok.+ 16  ”Ulah méré katerangan palsu ngeunaan batur.+ 17  ”Ulah mikahayang imah batur. Ulah mikahayang pamajikan batur,+ palayanna, sapina, kaldéna, atawa naon waé pangabogana.”+ 18  Tuluy, jalma-jalma ngadaréngé sora guludug tinggulugur jeung sora tarompét tanduk. Maranéhna gé ningali kilat tingjorélat sarta gunung kabulen ku haseup. Ningali kitu, maranéhna tingdarégdég bari narangtung ti kajauhan.+ 19  Jadi maranéhna ngomong ka Musa, ”Tos, anjeun wéh nu nyarios ka abdi sadaya, pasti didangukeun. Ulah Allah nu nyarios, bilih abdi sadaya maraot.”+ 20  Musa ngajawab, ”Ulah sieun. Allah nu sajati datang téh rék mariksa maranéh.+ Anjeunna hoyong maranéh terus hormat* ka Anjeunna sarta teu ngalampahkeun dosa.”+ 21  Éta bangsa tetep narangtung ti kajauhan, ari Musa mah ngadeukeutan méga* hideung, tempat Allah nu sajati.+ 22  Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Béjaan urang Israél, ’Maranéh geus nyaksian sorangan Kuring ngomong ka maranéh ti sorga.+ 23  Maranéh teu meunang nyieun aallahan tina pérak atawa emas pikeun disembah, lantaran ngan Kuring nu kudu disembah.+ 24  Pék jieun mézbah keur Kuring tina taneuh. Dina éta mézbah, baktikeun kurban beuleuman, kurban karukunan, embé, domba, jeung sapi maranéh. Kuring bakal milih tempat-tempat pikeun ibadah ka Kuring.*+ Kuring bakal datang ka unggal tempat éta sarta ngaberkahan maranéh. 25  Upama maranéh rék nyieun mézbah tina batu, batuna teu meunang dibeulah, batuna gé teu meunang dipahat.+ Sabab lamun kitu, mézbahna bakal jadi najis. 26  Upama rék naék ka mézbah Kuring, maranéh teu meunang maké tangga, supaya aorat maranéh teu katingali.’

Catetan Tambihan

^ As. ”sieun”.
^ Atawa ”awan”.
^ As. ”tempat-tempat supaya ngaran Kuring teu dipopohokeun”.