Budalan 2:1-25
2 Harita, aya hiji lalaki ti kaom Léwi kawin jeung hiji awéwé ti kaom Léwi ogé.+
2 Seug éta awéwé ngandung tuluy ngalahirkeun orok lalaki. Orokna téh mani kasép pisan, jadi ku manéhna disumputkeun salila tilu bulan.+
3 Waktu orokna geus teu bisa disumputkeun deui,+ indungna nyokot karanjang* nu dijieun tina papirus tuluy dilapisan ku aspal jeung tér. Seug éta orok téh diasupkeun ka dinya. Geus kitu, éta karanjang diteundeun di sisi Walungan Nil, dina sela-sela jujukutan nu jarangkung.
4 Ari lanceuk awéwéna+ nangtung ti kajauhan supaya nyaho bakal kumaha kaayaan éta orok.
5 Tuluy, putri Firaun datang ka Walungan Nil rék mandi, ari dayang-dayangna laleumpang di sisi Walungan Nil. Rét manéhna ningali karanjang dina sela-sela jujukutan. Gancang manéhna nitah palayan awéwéna sina nyokot éta karanjang.+
6 Barang dibuka, eusina téh orok lalaki. Éta orok ceurik oa-oaan. Putri ngahelas. Ceuk manéhna, ”Tangtu ieu téh orok urang Ibrani.”
7 Jol lanceukna éta orok datang. Manéhna ngomong kieu ka putri Firaun, ”Putri, kumaha upami ku abdi dipangmilariankeun awéwé Ibrani nu tiasa nyusuan ieu orok?”
8 Putri Firaun némbalan, ”Nya sok atuh.” Geuwat éta budak awéwé téh indit tuluy ngageroan indungna éta orok.+
9 Geus kitu, putri Firaun ngomong ka indungna éta orok, ”Sok bawa orok téh, pangnyusuankeun, engké ku abdi dibayar.” Jadi, orok téh dibawa tuluy disusuan ku manéhna.
10 Sanggeus rada gedé, budak téh dibawa ku indungna ka putri Firaun, tuluy ku putri Firaun diangkat anak.+ Seug budak téh dingaranan Musa,* da ceuk manéhna, ”Urang ngangkat ieu budak tina cai.”+
11 Hiji poé, waktu Musa geus déwasa,* manéhna indit rék manggihan dulur-dulurna, sasama urang Ibrani. Manéhna ningali dulur-dulurna téh sakitu sangsarana sabab kudu digawé paksa.+ Malah, katingalieun aya hiji urang Mesir keur ngagebugan hiji urang Ibrani.
12 Musa luak-lieuk. Sanggeus nyaho euweuh sasaha, manéhna maéhan urang Mesir éta, tuluy dikubur dina keusik.+
13 Isukna, manéhna indit deui. Ari pék téh aya dua urang Ibrani nu keur gelut. Jadi manéhna ngomong ka jalma nu salah, ”Ku naon manéh bet neunggeul batur nu sabangsa jeung manéh?”+
14 Éta jalma némbalan, ”Saha nu ngangkat manéh jadi pamingpin jeung hakim urang? Manéh rék maéhan urang ogé siga manéh maéhan urang Mesir téa?”+ Musa jadi sieuneun. Manéhna mikir, ’Batur pasti geus nyarahoeun masalah ieu!’
15 Éta kadéngéeun ku Firaun, jadi manéhna hayang maéhan Musa. Tapi Musa kabur ti Firaun tuluy indit ka tanah Midian.+ Sanggeus nepi, manéhna diuk di deukeut sumur.
16 Di dinya, aya hiji imam Midian+ nu boga tujuh anak awéwé. Maranéhna datang rék nimba cai tuluy ngareusian tempat nginum ngarah ingon-ingon bapana bisa nginum.
17 Tapi sakumaha biasana, datang pangangon-pangangon ngusiran maranéhna. Ningali kitu Musa cengkat, nulungan* éta awéwé-awéwé, tuluy méré nginum ingon-ingon maranéhna.
18 Barang maranéhna nepi ka imah, Réuél* bapana+ nanya, ”Sinarieun wayah kieu geus baralik?”
19 Maranéhna némbalan, ”Aya urang Mesir+ nu nulungan urang ti pangangon-pangangon, malah mangnimbakeun cai jeung méré nginum ingon-ingon.”
20 Ceuk bapana, ”Ari ayeuna mana jalmana? Ku naon bet diculkeun? Jung téang, ajak ka dieu sina dahar bareng jeung urang.”
21 Sanggeusna, Musa daékeun cicing bareng jeung Yitro. Tuluy Yitro ngawinkeun Zipora+ anakna jeung Musa.
22 Ka dieunakeun, Zipora ngalahirkeun anak lalaki. Ku Musa éta anak dingaranan Gérsyom,*+ da ceuk manéhna, ”Kuring jadi urang asing di ieu tanah.”+
23 Lila ti harita, raja Mesir maot.+ Tapi urang Israél terus tingjarerit jeung udah-aduh lantaran diperbudak. Maranéhna terus sasambat ménta tulung ka Allah nu sajati.+
24 Jumerit maranéhna didéngé ku Allah.+ Allah inget kana perjangjiana-Na jeung Ibrahim, Ishak, sarta Yakub.+
25 Jadi Allah merhatikeun urang Israél sarta ningali kasangsaraan maranéhna.

