Surat keur Sidang Jamaah di Roma 13:1-14

  • Tunduk ka pamaréntah (1-7)

  • Jalma nu boga kanyaah téh geus ngajalankeun hukum (8-10)

  • Jaga laku lampah sakumaha pantesna waktu keur beurang (11-14)

13  Unggal jalma kudu tunduk ka pamaréntah,*+ sabab kabéh kakawasaan téh asalna ti Allah.+ Pamaréntah nu aya téh geus ditetepkeun dina kadudukanana masing-masing ku Allah.+ 2  Jadi, saha waé nu ngalawan ka pamaréntah sarua jeung ngalawan naon nu geus ditetepkeun ku Allah. Jalma-jalma nu ngalawan bakal dihukum. 3  Nu sieun ka pamaréntah mah jalma nu kalakuanana jahat, ari nu kalakuanana hadé mah moal sieun.+ Lamun aranjeun embung ngarasa sieun ka pamaréntah, nya terus wéh pigawé nu hadé,+ jadi aranjeun bakal dipuji ku maranéhna. 4  Maranéhna téh palayan Allah keur kapentingan aranjeun. Lamun aranjeun milampah nu jahat, aranjeun kudu sieun, sabab aya tujuanana maranéhna boga kawasa pikeun ngahukum.* Maranéhna téh palayan Allah pikeun ngahukum* jalma-jalma nu terus ngalampahkeun nu jahat. 5  Jadi, aranjeun boga alesan nu kuat pikeun tunduk, lain pédah sieun dihukum, tapi pangpangna mah hayang ngajaga haté sanubari aranjeun.+ 6  Éta sababna aranjeun mayar pajeg. Maranéhna téh palayan Allah nu terus ngalalayanan masarakat. 7  Bikeun naon nu geus jadi hak maranéhna. Bayar pajeg ka nu ménta pajeg,+ bayar upeti ka nu ménta upeti, ajénan* jalma nu kudu diajénan,*+ jeung sing hormat ka jalma nu kudu dihormat.+ 8  Ka saha baé ulah boga hutang nanaon, tapi aranjeun kudu silih pikanyaah,+ sabab jalma nu nyaah ka batur téh geus ngajalankeun hukum.+ 9  Paréntah nu nyebutkeun, ”Ulah jinah,+ ulah maéhan,+ ulah maok,+ ulah mikahayang milik batur,”+ malahan sakabéh paréntah séjénna, diringkeskeun jadi ieu paréntah: ”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.”+ 10  Jalma nu boga kanyaah mah moal jahat ka batur.+ Jadi, jalma nu boga kanyaah téh geus ngajalankeun hukum.+ 11  Aranjeun kudu ngalampahkeun ieu kabéh téh lantaran aranjeun terang ayeuna geus waktuna hudang.+ Kasalametan urang geus beuki deukeut tibatan waktu urang kakara jadi murid Al-Masih. 12  Peuting geus téréh béak, beurang geus téréh datang. Jadi, hayu urang singkirkeun hal-hal nu dilampahkeun di nu poék+ tuluy paké senjata-senjata nu digunakeun di nu caang.+ 13  Hayu jaga laku lampah urang+ sakumaha pantesna waktu keur beurang. Ulah milu pésta-pésta liar atawa mabok, ulah ngalakukeun hubungan séks nu teu sah atawa hal nu kurang ajar,*+ jeung ulah paséa atawa sirik.+ 14  Sabalikna, tuturkeun tuladan Juragan Isa Al-Masih,+ sarta ulah nyieun rencana pikeun ngumbar kahayang jasmani.+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”ka kalangan nu boga wewenang nu leuwih luhur”.
^ As. ”boga pedang”.
^ As. ”nunjukkeun amarah ka”.
^ As. ”sing sieun ka”.
^ Atawa ”dipikasieun”.
^ Atawa ”atawa teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: aselgeia. Tingali Daptar Istilah.