Nu Ditulis ku Markus 4:1-41

  • IBARAT NGEUNAAN PAMARÉNTAHAN (1-34)

    • Nu nebar binih (1-9)

    • Alesan Isa maké ibarat (10-12)

    • Ibarat ngeunaan nu nebar binih dijelaskeun (13-20)

    • Lampu moal dituruban ku karanjang (21-23)

    • Sabaraha loba nu dibikeun ku maranéh (24, 25)

    • Jalma nu ngawurkeun binih tuluy saré (26-29)

    • Siki sasawi (30-32)

    • Maké ibarat (33, 34)

  • Isa ngeureunkeun angin ribut (35-41)

4  Isa ngajar deui di sisi situ, jalma-jalma ngagimbung kacida lobana. Jadi, anjeunna naék kana parahu tuluy diuk. Parahuna rada maju ka tengah situ, ari jalma réa mah caricing di sapanjang basisir.+ 2  Anjeunna ngajarkeun loba hal maké ibarat.+ Anjeunna ngajar kieu,+ 3  ”Déngékeun. Aya patani nu keur nebarkeun binih.+ 4  Waktu keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan. Tuluy manuk daratang, maracokan éta binih nepi ka béak. 5  Aya ogé nu ragragna dina taneuh nu batuan. Lantaran taneuhna ngan saeutik, binihna gancang jadi.+ 6  Tapi barang kasebrot ku panonpoé, éta binih jadi garing lantaran teu akaran. 7  Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, tuluy kagencét ku rungkun cucuk nu ngagedéan, ku kituna teu buahan.+ 8  Tapi, aya ogé nu ragrag kana taneuh nu subur. Binihna jadi, ngagedéan, tuluy baruahan, aya nu 30, 60, jeung 100 kalieun.”+ 9  Tuluy anjeunna ngomong, ”Saha waé nu baroga ceuli, sok déngékeun bener-bener.”+ 10  Basa Isa keur sorangan, sababaraha murid jeung 12 rasul nanyakeun hartina éta ibarat.+ 11  Isa ngajawab, ”Maranéh geus dibéré rasiah suci+ ngeunaan Pamaréntahan Allah, tapi nu séjén mah ngan ngadéngé ibaratna wungkul.+ 12  Jadi sanajan ningali, maranéhna teu ngarti, sanajan ngadéngé, maranéhna teu paham. Maranéhna ogé moal balik ka Allah tuluy dihampura.”+ 13  Anjeunna neruskeun, ”Lamun maranéh teu ngarti ieu ibarat, kumaha bisa ngarti ibarat-ibarat séjénna? 14  ”Nu ditebarkeun ku patani téh warta ti Allah.+ 15  Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé éta warta, tapi teu lila, Sétan datang+ tuluy nyokot warta nu ditebar dina haténa.+ 16  Taneuh nu batuan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu sanggeus ngadéngé éta warta, langsung bungah narimana.+ 17  Tapi lantaran wartana teu akaran dina haténa, percayana ngan saheulaanan. Waktu aya kasangsaraan atawa panganiayaan lantaran éta warta, maranéhna langsung teu percaya deui. 18  Ari rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé éta warta,+ 19  tapi wartana kagencét jeung teu buahan, lantaran maranéhna hariwang kana hirupna di ieu dunya,*+ katipu ku kabeungharan,+ jeung haténa kapangaruhan ku rupa-rupa kahayang.+ 20  Nu pandeuri, taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé éta warta, ngarasa bungah narimana jeung buahan, aya nu 30, 60, jeung 100 kalieun.”+ 21  Anjeunna gé ngomong kieu ka maranéhna, ”Lampu moal dituruban ku karanjang* atawa diteundeun di kolong kasur, pan? Sabalikna, éta diteundeun di tempat nu luhur.+ 22  Sabab naon waé nu disumputkeun bakal kanyahoan, sarta naon waé nu ditutup rapet bakal kabuka.+ 23  Saha waé nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.”+ 24  Anjeunna ngomong deui, ”Perhatikeun naon nu didéngé ku maranéh.+ Sabaraha loba nu dibikeun, nya sakitu ogé nu bakal ditarima ku maranéh, malahan bakal meunang leuwih loba. 25  Sabab saha waé nu geus boga bakal ditambahan,+ tapi saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot.”+ 26  Anjeunna neruskeun, ”Pamaréntahan Allah téh siga jalma nu keur ngawurkeun binih kana taneuh. 27  Manéhna saré ti peuting tuluy isukna hudang. Binihna jaradi jeung ngagedéan. Kumaha bisa kitu, manéhna teu nyahoeun. 28  Binih dina taneuh téh jadi sorangan. Mimitina ngajangkungan, tuluy ranggeuyan, nepi ka sikina arasak. 29  Sanggeus gandumna asak, manéhna mawa arit tuluy ngala gandumna, sabab geus usum* panén.” 30  Anjeunna ngomong deui, ”Pamaréntahan Allah téh bisa diupamakeun siga naon, atawa ku ibarat naon urang bisa nerangkeunana? 31  Éta téh saupama siki sasawi.* Waktu dipelak dina taneuh, éta téh siki nu pangleutikna di antara sisikian di bumi.+ 32  Tapi waktu geus jadi, éta bakal ngagedéan, jauh leuwih gedé tibatan sayur-sayuran séjénna. Dahan-dahanna gé galedé, jadi manuk bisa nyayang jeung ngiuhan di dinya.” 33  Anjeunna ngajarkeun firman Allah maké loba ibarat+ siga kitu, diluyukeun jeung kanyaho jalma-jalma. 34  Malah anjeunna moal ngajar mun teu maké ibarat, tapi anjeunna ngajelaskeun sagalana ngan ka murid-muridna.+ 35  Poé éta kénéh, waktu geus peuting, anjeunna ngomong ka murid-murid, ”Hayu urang meuntas ka beulah ditu.”+ 36  Jadi, sanggeus ngabubarkeun jalma réa, anjeunna dibawa naék parahu ku murid-murid. Aya ogé parahu-parahu séjén nu nuturkeun.+ 37  Ari pék téh gelebug aya angin ribut. Parahuna kabuntang-banting ku ombak, nepi ka téréh pinuh ku cai.+ 38  Ari Isa keur saré di beulah tukang maké bantal. Jadi maranéhna ngahudangkeun Isa, ”Guru, teu terang kitu urang téh téréh paéh?” 39  Anjeunna hudang, nyentak angin jeung ngomong ka situ, ”Jep! Eureun!”+ Rep wéh anginna jempé, kaayaanana jadi tenang. 40  Ceuk anjeunna, ”Ku naon sarieun? Maranéh téh can boga iman kénéh?” 41  Maranéhna sarieuneun pisan, tuluy pada ngomong kieu, ”Saha sabenerna anjeunna téh? Angin jeung situ nepi ka nurut kitu.”+

Catetan Tambihan

Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”karanjang paranti naker”.
Atawa ”usim”.
Tingali cth. dina Mat 13:31.