Nu Ditulis ku Markus 11:1-33

  • Isa disambut waktu asup ka Yérusalém (1-11)

  • Tangkal ara dikutuk (12-14)

  • Isa ngusiran nu jual beuli di bait (15-18)

  • Palajaran tina tangkal ara nu garing (19-26)

  • Isa ditanya saha nu nitah anjeunna (27-33)

11  Waktu geus deukeut ka Yérusalém, maranéhna nepi ka Bétfagé jeung Bétani,+ di Gunung Zaitun, tuluy Isa ngutus dua muridna.+ 2  Anjeunna nitah kieu, ”Pék indit ka kampung hareup. Waktu asup, maranéh bakal ningali anak kaldé nu keur dicangcang, nu can pernah ditumpakan ku sasaha. Leupaskeun talina tuluy bawa ka dieu. 3  Lamun aya nu nanya, ’Ku naon bet dileupaskeun?’ béjakeun kieu, ’Dipénta ku Juragan, engké langsung dipulangkeun deui.’” 4  Maranéhna indit sarta manggih anak kaldé keur dicangcang hareupeun panto imah nu aya di sisi jalan, tuluy ku maranéhna dileupaskeun.+ 5  Tapi sababaraha jalma nu nangtung di dinya nanya kieu, ”Ku naon anak kaldé téh bet dileupaskeun?” 6  Maranéhna ngajawab sakumaha pesen Isa, tuluy anak kaldéna meunang dibawa. 7  Anak kaldéna+ dibawa ku maranéhna ka Isa, terus tonggongna ditilaman ku baju luar maranéhna, clak ku Isa ditumpakan.+ 8  Loba jalma ngamparkeun baju luarna di jalan, nu séjénna neukteukan palapah-palapah palem di sisi jalan.+ 9  Jalma-jalma nu leumpang hareupeun jeung tukangeunana tinggarero, ”Mugia disalametkeun!+ Mugia jalma nu datang mawa nami Yéhuwa* diberkahan!+ 10  Mugia diberkahan Pamaréntahan nu bakal ngadeg, Pamaréntahan Daud bapa urang!+ Allah nu aya di sorga, salametkeun anjeunna!” 11  Anjeunna asup ka Yérusalém tuluy asup ka bait jeung ningalian sakabéh nu aya di sakurilingna. Tapi lantaran geus soré, anjeunna indit ka Bétani bareng jeung 12 rasulna.+ 12  Isukna, waktu maranéhna indit ti Bétani, Isa lapareun.+ 13  Ti kajauhan, anjeunna nempo tangkal ara nu geus daunan, seug ku anjeunna disampeurkeun bisi geus buahan. Ari pék téh euweuh buahna, ngan daun wungkul, lantaran can usum buah ara. 14  Jadi, anjeunna ngomong ka éta tangkal, ”Moal aya deui nu dahar buah manéh salilana.”+ Ieu kadéngé ku murid-muridna. 15  Waktu nepi ka Yérusalém, Isa asup ka bait jeung ngusiran nu jual beuli di bait. Méja-méja tukang nukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati diguling-gulingkeun ku anjeunna.+ 16  Anjeunna gé ngalarang jalma-jalma nu mawa barang motong jalan ngaliwatan bait, 17  terus anjeunna ngajar kieu, ”Terang teu aya ayat nu nyebutkeun, ’Imah Kuring bakal disebut imah doa keur kabéh bangsa’?+ Tapi ku maranéh kalah ka dijadikeun sayang bégal.”+ 18  Éta kadéngéeun ku para imam kapala jeung ahli Torét. Jadi, maranéhna nyusun rencana rék maéhan Isa,+ tapi teu wanieun da jalma-jalma tarajubeun kana pangajaran anjeunna.+ 19  Waktu geus soré, maranéhna indit ti éta kota. 20  Tapi isuk-isuk kénéh waktu keur di jalan, maranéhna ningali tangkal ara téa geus garing nepi ka akar-akarna.+ 21  Ras Pétrus ingeteun terus ngomong, ”Rabi,* tuh tingali! Tangkal ara nu dikutuk téa geus garing.”+ 22  Isa ngomong, ”Maranéh kudu boga iman ka Allah. 23  Sing percaya, saha waé nu ngomong ka ieu gunung, ’Pindah ka ditu, ka laut,’ éta bakal jadi kanyataan. Asal manéhna teu cangcaya dina haténa sarta boga iman yén nu diucapkeunana bakal kajadian.+ 24  Éta sababna urang ngabéjaan, maranéh kudu boga iman yén maranéh bakal narima sagala nu didoakeun jeung dipénta ku maranéh, éta tangtu ditarima.+ 25  Salian ti éta, waktu maranéh nangtung ngadoa, hampura sagala kasalahan batur ngarah kasalahan maranéh gé dihampura ku Bapa maranéh nu di sorga.”+ 26 * —— 27  Tuluy maranéhna balik deui ka Yérusalém. Basa anjeunna keur leumpang di bait, para imam kapala, para ahli Torét, jeung para kokolot nyampeurkeun 28  tuluy ngomong ka anjeunna, ”Naon wewenang manéh ngalampahkeun ieu kabéh? Saha nu nitah manéh ngalampahkeun ieu kabéh?”+ 29  Isa ngajawab, ”Abdi rék nanya heula ka aranjeun, sok jawab, engké ku abdi dibéré nyaho saha nu nitah abdi. 30  Nu nitah Yahya+ ngabaptis téh Allah di sorga atawa manusa? Sok jawab.”+ 31  Jadi maranéhna badami heula, cenah, ”Mun urang ngajawab, ’Allah di sorga,’ atuh engké manéhna ngomong, ’Naha atuh aranjeun bet teu percaya ka manéhna?’ 32  Tapi, wani kitu urang ngajawab, ’Manusa’?” Maranéhna sieun ka jalma réa sabab kabéh jalma nganggap Yahya téh bener-bener nabi.+ 33  Jadi maranéhna ngajawab, ”Urang-urang teu nyaho.” Isa némbalan, ”Mun kitu, abdi gé moal méré nyaho saha nu nitah abdi ngalampahkeun ieu kabéh.”

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. A5.
Atawa ”Guru”.
Tingali Lamp. A3.