Nu Ditulis ku Markus 2:1-28
2 Sanggeus sababaraha poé, Isa balik deui ka Kapernaum. Jalma-jalma nyarahoeun anjeunna keur aya di imah.+
2 Jadi, loba jalma tumplek ka éta imah nepi ka pajejel, lawang panto gé heurin ku jalma. Tuluy, anjeunna nyaritakeun warta hadé ka maranéhna.+
3 Geus kitu, datang opat jalma ngagotong jalma nu lumpuh.+
4 Tapi ku sabab kahalangan ku jalma réa, maranéhna teu bisa mawa éta jalma ka Isa. Jadi maranéhna ngaliangan hateup tuluy nurunkeun jalma nu lumpuh éta maké tandu.
5 Ningali kitu, Isa nyaho maranéhna boga iman.+ Jadi, anjeunna ngomong ka nu lumpuh éta, ”Jang, dosa-dosa Ujang geus dihampura.”+
6 Di dinya, aya sababaraha ahli Torét nu keur diuk. Maranéhna mikir kieu dina haténa,+
7 ’Wawanianan éta jalma ngomong kitu! Ngahina Allah éta téh. Nu bisa ngahampura dosa mah ngan Allah, pan?’+
8 Tapi, Isa langsung nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna. Jadi, anjeunna ngomong kieu, ”Ku naon aranjeun mikir siga kitu?+
9 Cik, mana nu leuwih gampang, ngomong ka nu lumpuh éta, ’Dosa Ujang geus dihampura,’ atawa, ’Geura nangtung, bawa éta tandu, sok leumpang’?
10 Tapi, supaya aranjeun nyaho yén Anak manusa+ boga kawasa ngahampura dosa di dunya . . .”+ Tuluy anjeunna ngomong ka nu lumpuh éta,
11 ”Sok nangtung, bawa éta tandu, jung geura balik.”
12 Nu lumpuh éta nangtung, langsung mawa tanduna tuluy leumpang hareupeun kabéh jalma. Kabéhanana tajub jeung muji sukur ka Allah. Ceuk maranéhna, ”Saumur-umur, kakara ayeuna ningali nu siga kieu.”+
13 Anjeunna indit deui ka basisir Situ Galiléa. Jalma réa terus daratang, tuluy Isa ngajar maranéhna.
14 Basa keur leumpang, anjeunna nempo Léwi, anak Alféus, keur diuk di kantor pajeg. Isa ngomong ka manéhna, ”Hayu jadi murid urang.” Manéhna langsung cengkat nuturkeun Isa.+
15 Ka dieunakeun, Isa dahar di imahna Léwi. Loba tukang narik pajeg jeung jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa ngariung milu dahar jeung Isa sarta murid-muridna, sabab ti antara maranéhna loba nu jadi muridna.+
16 Basa ahli Torét ti kaom Farisi nempo anjeunna dahar jeung jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa sarta tukang narik pajeg, maranéhna ngomong ka murid-murid Isa, ”Ku naon manéhna bet dahar jeung tukang narik pajeg sarta jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa?”
17 Ngadéngé kitu, Isa ngajawab, ”Nu butuh dokter mah lain jalma jagjag, tapi jalma gering. Abdi datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa.”+
18 Murid-muridna Yahya jeung urang Farisi osok puasa. Jadi, maranéhna datang jeung nanya kieu ka Isa, ”Murid-murid Yahya jeung murid-murid urang Farisi mah osok puasa. Ari murid-murid anjeun naha tara puasa?”+
19 Isa ngajawab, ”Mun pangantén lalaki+ babarengan kénéh jeung sobat-sobatna, jang naon sobat-sobatna puasa? Salila masih kénéh babarengan jeung pangantén lalaki mah teu mungkin maranéhna puasa.
20 Tapi engké, waktu pangantén lalakina dibawa,+ kakara sobat-sobatna paruasa.
21 Moal aya nu nambal baju butut ku kaén anyar. Mun kitu mah kaén anyarna bakal murengked, sarta soéhna kalah ka ngagedéan.+
22 Kitu ogé, moal aya nu nyicikeun cianggur anyar kana kantong kulit nu heubeul. Mun kitu, kantong kulitna bakal bucat, jadi cianggurna kapiceun, kantongna gé dipiceun. Sabalikna, cianggur anyar mah dicicikeun kana kantong kulit nu anyar.”
23 Basa anjeunna ngaliwatan lahan gandum dina poé Sabat, murid-muridna maretik gandum bari leumpang.+
24 Jadi, urang Farisi ngomong ka anjeunna, ”Tuh tingali! Ku naon murid-murid manéh ngalanggar aturan poé Sabat?”
25 Anjeunna ngajawab, ”Aranjeun teu pernah maca naon nu dilampahkeun ku Daud basa keur teu boga dahareun, sarta basa manéhna jeung baladna lapar?+
26 Dina carita ngeunaan Imam Kapala Abiatar,+ Daud asup ka bumina Allah tuluy ngadahar roti nu dibaktikeun, malah dibikeun ogé ka baladna, padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?”+
27 Geus kitu, anjeunna ngomong kieu, ”Allah ngayakeun Sabat téh keur manusa,+ lain ngayakeun manusa keur Sabat.
28 Tah, Anak manusa téh Dununganana poé Sabat.”+

