Nu Ditulis ku Markus 15:1-47

  • Isa di hareupeun Pilatus (1-15)

  • Diléléwé ku jalma réa (16-20)

  • Dipaku dina tihang di Golgota (21-32)

  • Maotna Isa (33-41)

  • Dimakamkeunana Isa (42-47)

15  Isuk-isuk kénéh, para imam kapala, para kokolot, jeung para ahli Torét nu jadi anggota Sanhédrin, kabéh karumpul rék badami. Tuluy Isa ditalian leungeunna jeung dibawa pikeun diserahkeun ka Pilatus.+ 2  Jadi, Pilatus nanya ka anjeunna, ”Bener manéh téh Raja Urang Yahudi?”+ Ceuk Isa, ”Bener, sakumaha omongan Bapa.”+ 3  Tapi, para imam kapala ngadakwa anjeunna ku rupa-rupa tuduhan. 4  Isa ditanya deui ku Pilatus, ”Manéh teu daék ngabantah?+ Teu kadéngé kitu loba nu nuduh manéh?”+ 5  Tapi Isa teu ngajawab deui, nu matak Pilatus héraneun.+ 6  Unggal Perayaan Paskah, biasana Pilatus ngabébaskeun hiji tahanan nu dipénta ku rahayat.+ 7  Harita, aya lalaki nu ngaranna Barabas. Manéhna jeung nu séjén dipanjarakeun lantaran barontak ka pamaréntah jeung maéhan jalma. 8  Jadi, jalma réa datang jeung ménta supaya éta kabiasaan dijalankeun. 9  Ku kituna, Pilatus nanya ka maranéhna, ”Maranéh hayang urang ngabébaskeun Raja Urang Yahudi?”+ 10  Pilatus nyaho Isa diserahkeun téh lantaran para imam kapala sirik ka Isa.+ 11  Tapi, para imam kapala ngojok-ngojok jalma réa supaya nu dibébaskeun téh Barabas.+ 12  Pilatus nanya deui ka maranéhna, ”Jadi, jalma nu disebut Raja Urang Yahudi ku maranéh téh kudu dikumahakeun?”+ 13  Maranéhna ngagorowok deui, ”Paéhan dina tihang!”+ 14  Tapi Pilatus nanya, ”Ku naon? Manéhna salah naon?” Jalma réa kalah ka gogorowokan beuki tarik, ”Paéhan dina tihang!”+ 15  Lantaran hayang nyenangkeun jalma réa, Pilatus ngabébaskeun Barabas. Sanggeus nitah Isa dipecutan,+ manéhna nitah Isa dihukum pati dina tihang.+ 16  Para prajurit mawa Isa ka buruan imahna gubernur. Maranéhna nyalukan kabéh prajurit sina kumpul.+ 17  Maranéhna ngabajuan Isa ku jubah ungu tuluy nyieun mamakutaan nu dianyam tina cucuk, rap diterapkeun kana sirahna. 18  Terus, maranéhna ngomong ka Isa, ”Salam, Raja Urang Yahudi!”+ 19  Maranéhna ogé ngababukan sirah Isa ku kai bari nyariduhan. Tuluy maranéhna sideku jeung pura-pura nyembah ka anjeunna. 20  Tungtungna sanggeus diléléwé, jubah unguna dilaan, diganti ku baju luarna. Geus kitu, anjeunna dibawa ka luar rék dipakukeun kana tihang.+ 21  Maranéhna gé maksa hiji jalma nu keur ngaliwat sina manggul tihang siksaan* Isa.+ Manéhna téh Simon urang Kiréné nu datang ti padésaan, bapana Aléksander jeung Rufus. 22  Maranéhna mawa Isa ka tempat nu disebut Golgota, nu hartina ”Tempat Tangkorék”.+ 23  Di dinya, maranéhna rék méré cianggur nu dicampur ku emur,*+ tapi Isa embungeun. 24  Geus kitu, maranéhna makukeun Isa kana tihang jeung ngabagi-bagikeun baju luarna ku cara diundi pikeun nangtukeun bagian masing-masing.+ 25  Isa dipaku dina tihang téh jam salapan isuk.* 26  Di luhureun sirahna aya tulisan nu eusina tuduhan, nyaéta, ”Raja Urang Yahudi”.+ 27  Salian ti éta, aya dua rampog nu dipaku gigireunana, hiji di kénca hiji di katuhu.+ 28 * —— 29  Nu laliwat gogodeg+ jeung ngahina, ”Éh, manéh nu cenah bisa ngaruntuhkeun bait jeung ngawangunna deui dina tilu poé,+ 30  sok salametkeun diri sorangan, geura turun tina tihang siksaan!”* 31  Kitu ogé, para imam kapala jeung para ahli Torét ngahina anjeunna, ”Batur disalametkeun, ari nyalametkeun dirina sorangan teu bisa!+ 32  Keun éta Al-Masih, Raja Israél, sina turun tina tihang siksaan.* Lamun katingali ku urang, kakara urang percaya.”+ Malah, nu dipaku gigireun anjeunna gé pipilueun ngahina.+ 33  Kira-kira jam 12 beurang,* reup baé éta daérah jadi poék nepi ka jam 3 soré.*+ 34  Kira-kira jam 3 soré, Isa ngagero tarik, ”Éli, Éli, lama sabakhtani?” nu hartina, ”Allah abdi, Allah abdi, ku naon bet ninggalkeun abdi?”+ 35  Waktu ngadéngé éta, sababaraha jalma nu narangtung di dinya ngomong, ”Tuh manéhna ngageroan Élia.” 36  Geus kitu, aya nu lumpat nganclomkeun sepon* kana cianggur haseum, tuluy digagangan jeung disodorkeun ka Isa sina diinum.+ Manéhna ngomong, ”Keun antepkeun! Cik urang tingali, Élia bakal datang nurunkeun manéhna teu.” 37  Isa ngagorowok deui ku sora nu tarik, geus kitu les maot.+ 38  Tuluy, hordéng bait+ soéh jadi dua, ti luhur nepi ka handap.+ 39  Basa perwira nu nangtung di hareupeun Isa ningali kabéh kajadianana jeung ningali Isa maot, manéhna ngomong, ”Bener, ieu jalma téh Putra Allah.”+ 40  Di dinya gé aya awéwé-awéwé nu ningali ti kajauhan, di antarana aya Maryam Magdaléna, Maryam indungna Yakobus Leutik jeung Yosés, sarta Salomé,+ 41  nu osok milu jeung ngaladénan Isa+ basa anjeunna keur di Galiléa. Loba awéwé nu milu jeung Isa ka Yérusalém ogé aya di dinya. 42  Harita téh geus soré. Lantaran éta téh poé Persiapan, nyaéta poé saacan Sabat, 43  Yusuf ti Arimatéa ngawanikeun diri ngadep Pilatus ménta jasadna Isa.+ Manéhna téh anggota Mahkamah Agung Yahudi nu dihormat, nu ngadagoan datangna Pamaréntahan Allah. 44  Tapi, Pilatus hayang nyaho Isa téh geus maot atawa acan. Jadi, manéhna ngageroan perwira pikeun nanyakeun hal éta. 45  Sanggeus dipastikeun ku perwira, manéhna ngidinan Yusuf mawa jasadna Isa. 46  Yusuf meuli linén lemes, terus nurunkeun jasadna Isa. Jasadna dibulen ku linén lemes éta, tuluy digolérkeun dina makam+ nu dibobok dina gunung cadas. Geus kitu, manéhna ngagulingkeun batu pikeun nutupan lawang makam.+ 47  Tempat Isa digolérkeun téh terus ditempo ku Maryam Magdaléna jeung Maryam indungna Yosés.+

Catetan Tambihan

^ Campuran ieu téh épékna siga narkotik. Tingali ”Emur” dina Daptar Istilah.
^ As. ”jam nu katilu [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ Tingali Lamp. A3.
^ As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ Sajinis kembang karang laut.