Nu Ditulis ku Markus 14:1-72

  • Imam-imam nyieun siasat rék maéhan Isa (1, 2)

  • Minyak seungit dikucurkeun ka Isa (3-9)

  • Yudas ngahianat ka Isa (10, 11)

  • Paskah panungtungan (12-21)

  • Jamuan Wengi Isa Al-Masih dimimitian (22-26)

  • Pétrus diramalkeun bakal ngaku teu wawuh ka Isa (27-31)

  • Isa ngadoa di Gétsemani (32-42)

  • Isa ditéwak (43-52)

  • Isa diadilan ku Sanhédrin (53-65)

  • Pétrus ngaku teu wawuh ka Isa (66-72)

14  Dua poé deui+ bakal aya Paskah+ jeung Perayaan Roti nu Teu Diragian.+ Para imam kapala jeung ahli Torét nyieun siasat licik pikeun néwak jeung maéhan Isa.+ 2  Tapi ceuk maranéhna, ”Ulah waktu perayaan, bisi aya karusuhan.” 3  Basa keur di Bétani, Isa dahar di imahna Simon nu barétona boga panyakit kusta. Torojol datang hiji awéwé mawa botol marmer nu eusina minyak seungit tina narwastu murni nu mahal pisan. Manéhna muka botolna tuluy ngucurkeun minyakna kana sirah Isa.+ 4  Ningali kitu, aya nu arambekeun jeung pada ngomong kieu, ”Ku naon minyak seungit téh bet dihambur-hambur kitu? 5  Mun dijual pan hargana leuwih ti 300 dinar,* duitna bisa disidekahkeun ka nu mariskin!” Jadi, maranéhna jéngkél ka* éta awéwé. 6  Tapi ceuk Isa, ”Keun antepkeun. Ku naon maranéh bet ngomongkeun éta awéwé siga kitu? Manéhna téh keur nyieun kahadéan ka urang.+ 7  Nu mariskin mah aya waé di antara maranéh.+ Iraha waé gé maranéh bisa nulungan maranéhna, ari urang mah moal salilana babarengan jeung maranéh.+ 8  Éta nu mampuh dilampahkeun ku manéhna. Manéhna ngucurkeun minyak seungit kana awak urang téh keur nyiapkeun pamakaman urang engké.+ 9  Sing percaya, di mana waé warta hadé diuarkeun di sakuliah dunya,+ naon nu dilampahkeun ku ieu awéwé ogé bakal dicaritakeun supaya manéhna teu dipopohokeun.”+ 10  Salah saurang ti 12 rasul, nyaéta Yudas Iskariot, indit manggihan imam-imam kapala rék nyerahkeun Isa ka maranéhna.*+ 11  Ngadéngé omongan Yudas, maranéhna atoheun pisan sarta ngajangjikeun méré duit pérak.+ Ti harita, manéhna néangan waktu nu cocog pikeun nyerahkeun Isa. 12  Dina poé kahiji Perayaan Roti nu Teu Diragian,+ nyaéta waktu keur ngurbankeun sato Paskah,+ murid-murid nanya ka Isa, ”Di mana urang kudu nyiapkeun jamuan Paskah?”+ 13  Anjeunna ngutus dua muridna jeung ngomong kieu, ”Pék indit ka kota, engké di ditu hiji lalaki nu mawa kendi cai bakal manggihan maranéh. Tuturkeun manéhna+ 14  nepi ka asup ka jero imah. Tuluy tanyakeun ka nu boga imahna, ’Guru nanya, ”Di mana rohangan nu bisa dipaké keur dahar jamuan Paskah bareng jeung murid-murid?”’ 15  Manéhna bakal nuduhkeun hiji rohangan nu lega di loténg nu geus diatur jeung siap dipaké. Sok siapkeun jamuanana di dinya.” 16  Jadi murid-muridna arindit, asup ka kota. Naon nu diucapkeun ku Isa téh bener kajadian, tuluy maranéhna nyiapkeun Paskah. 17  Barang geus peuting, anjeunna datang bareng jeung 12 rasulna.+ 18  Basa maranéhna diuk ngurilingan méja bari dahar, Isa ngomong, ”Sing percaya, salah saurang ti maranéh nu dahar bareng jeung urang bakal ngahianat ka urang.”+ 19  Maranéhna jadi sedih, tuluy saurang-saurang nanya ka anjeunna, ”Lain urang, pan?” 20  Ceuk Isa, ”Manéhna téh salah saurang ti 12 rasul nu bareng jeung urang nganclomkeun roti kana mangkok.+ 21  Mémang, Anak manusa bakal maot, sakumaha nu geus ditulis ngeunaan manéhna. Tapi, cilaka jalma nu ngahianat ka Anak manusa!+ Leuwih hadé lamun éta jalma teu lahir ka dunya.”+ 22  Bari dahar bareng, anjeunna nyokot roti, ngadoa, tuluy rotina disemplékan jeung dibikeun ka maranéhna. Ceuk anjeunna, ”Tampanan, ieu ngalambangkeun awak urang.”+ 23  Terus anjeunna nyokot cianggur sagelas, ngucap sukur, tuluy mikeun éta ka murid-murid. Maranéhna kabéh nginum tina éta gelas.+ 24  Isa ngomong ka maranéhna, ”Ieu ngalambangkeun getih urang,+ nyaéta ’getih pikeun ngukuhkeun perjangjian’+ nu bakal dikucurkeun pikeun nyalametkeun loba jalma.+ 25  Sing percaya, urang moal nginum cianggur deui nepi ka urang nginum cianggur anyar bareng jeung maranéh dina Pamaréntahan Allah.” 26  Ahirna, sanggeus ngawihkeun pupujian,* maranéhna indit ka Gunung Zaitun.+ 27  Isa ngomong ka maranéhna, ”Iman maranéh kabéh bakal goncang sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Kuring bakal nyerang éta pangangon,+ domba-dombana bakal paburencay.’+ 28  Tapi sanggeus urang dihirupkeun deui, urang bakal miheulaan maranéh ka Galiléa.”+ 29  Tapi Pétrus ngomong, ”Sanajan kabéh goncang iman, urang mah moal!”+ 30  Ku Isa ditémbalan, ”Sing percaya, poé ieu, peuting ieu kénéh saacan hayam jago kongkorongok dua kali, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+ 31  Tapi manéhna keukeuh, ”Sanajan kudu paéh bareng jeung Guru gé, urang moal ngaku teu wawuh ka Guru.” Kabéh gé mulai ngaromong kitu.+ 32  Geus kitu, maranéhna datang ka taman nu disebut Gétsemani. Isa ngomong ka murid-muridna, ”Sok dariuk dagoan di dieu, urang rék ngadoa.”+ 33  Anjeunna ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yahya.+ Harita, anjeunna ngarasa sieun, hariwang, jeung guligah pisan. 34  Anjeunna ngomong, ”Urang téh mani nalangsa pisan,+ asa rék paéh. Dagoan di dieu nya, ulah saré.”+ 35  Isa maju saeutik, bruk sujud jeung ngadoa, ménta supaya mun bisa mah anjeunna ulah nepi ka ngalaman kaayaan nu susah éta. 36  Anjeunna ngadoa, ”Abba,* Bapa,+ teu aya nu mustahil kanggo Bapa. Abdi ulah disina nginum tina ieu gelas.* Tapi, keun kahoyong Bapa nu laksana, lain kahayang abdi.”+ 37  Waktu anjeunna nyampeurkeun murid-muridna, kasampak maranéhna téh keur sararé. Jadi, anjeunna ngomong ka Pétrus, ”Simon, saré manéh téh? Manéh teu kuat kitu teu saré barang sajam?+ 38  Maranéh kudu waspada bari terus ngadoa, supaya maranéh teu kagoda.+ Mémang haté mah sumanget, tapi awak lemah.”+ 39  Anjeunna indit deui jeung ngadoakeun hal nu sarua.+ 40  Isa nyampeurkeun deui murid-muridna. Maranéhna sararé kénéh waé da tarunduheun pisan, jadi maranéhna teu nyaho rék ngajawab naon. 41  Katilu kalina, anjeunna balik deui tuluy ngomong, ”Dina kaayaan siga kieu maranéh ngadon sararé jeung istirahat! Tong saré deui! Ieu geus waktuna!+ Anak manusa rék diserahkeun ka jalma-jalma dosa. 42  Cengkat, hayu indit. Tuh, nu rék ngahianat ka urang geus deukeut.”+ 43  Isa keur ngomong kénéh, torojol Yudas, salah saurang ti 12 rasul, datang bareng jeung gorombolan titahan imam-imam kapala, ahli-ahli Torét, jeung para kokolot éta bangsa.+ Maranéhna marawa pedang jeung pepentung. 44  Nu rék ngahianat ka Isa geus méré tanda ka maranéhna, ”Saha nu dicium ku urang, éta jalmana. Téwak manéhna tuluy bawa bari dikawal.” 45  Yudas langsung nyampeurkeun Isa bari ngomong, ”Rabi!”* tuluy Isa dicium. 46  Geus kitu, maranéhna néwak Isa. 47  Tapi, salah saurang nu aya di dinya nyabut pedangna jeung nyabet palayan imam agung, beunang ceulina nepi ka sapat.+ 48  Tuluy, Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang téh rampog kitu, maké mamawa pedang jeung pepentung sagala keur néwak urang?+ 49  Unggal poé gé urang aya di antara maranéh, ngajar di bait,+ tapi ku maranéh teu ditéwak. Tapi da mémang kudu kitu, supaya nu ditulis dina Kitab Suci jadi kanyataan.”+ 50  Kabéh murid kalabur ninggalkeun anjeunna.+ 51  Tapi, aya hiji lalaki ngora nu nuturkeun ti deukeut. Manéhna ngan maké kaén linén lemes wungkul. Ku jalma-jalma rék ditéwak, 52  tapi manéhna ngaleupaskeun kaén linénna tuluy kabur bari taranjang.* 53  Maranéhna mawa Isa ka imam agung.+ Di dinya, geus karumpul imam-imam kapala, para kokolot, jeung ahli-ahli Torét.+ 54  Ari Pétrus nuturkeun ti kajauhan nepi ka buruan imahna imam agung. Manéhna diuk bareng jeung para palayan imah bari milu siduru.+ 55  Para imam kapala jeung kabéh anggota Sanhédrin néangan jalma-jalma nu bakal méré katerangan ngeunaan Isa supaya anjeunna bisa dihukum pati, tapi teu hasil.+ 56  Mémang, aya loba nu méré katerangan palsu ngeunaan anjeunna,+ tapi kabéh papalingpang. 57  Aya ogé sababaraha urang nu nangtung méré katerangan palsu, cenah, 58  ”Ceuk manéhna, ’Urang bisa ngaruntuhkeun bait nu diwangun ku leungeun manusa, tapi dina tilu poé ku urang bakal diwangun deui, lain ku leungeun manusa.’”+ 59  Tapi ngeunaan hal ieu ogé katerangan maranéhna téh papalingpang. 60  Geus kitu, imam agung nangtung di tengah-tengah maranéhna tuluy nanya ka Isa, ”Manéh teu daék ngabantah? Teu kadéngé kitu tuduhan maranéhna?”+ 61  Tapi Isa cicing waé, teu ngajawab sakecap-kecap acan.+ Imam agung nanya deui ka anjeunna, ”Bener manéh téh Al-Masih, Putra Allah Nu Mahasuci?” 62  Isa ngajawab, ”Bener, aranjeun bakal nempo Anak manusa+ diuk katuhueun+ Nu Kawasa* sarta datang dina méga-méga* di langit.”+ 63  Ngadéngé kitu, béréwék imam agung nyoéhkeun baju luarna jeung ngomong, ”Keur naon aya saksi-saksi deui?+ 64  Geus kadéngé pan manéhna ngahina Allah? Naon putusan maranéh?”* Kabéh mutuskeun Isa kudu dihukum pati.+ 65  Tuluy anjeunna diciduhan,+ ditutupan rarayna, jeung ditonjok. Ceuk maranéhna, ”Lamun manéh nabi, saha yeuh nu neunggeul manéh?” Geus kitu, anjeunna ditampiling ku patugas pangadilan tuluy dibawa.+ 66  Basa Pétrus aya di handap, di buruan, aya awéwé palayanna imam agung nyampeurkeun.+ 67  Ningali Pétrus keur siduru, manéhna neuteup Pétrus bari ngomong, ”Anjeun téh babaturanana Isa urang Nazarét téa, pan?” 68  Tapi Pétrus mungkir, ngomong kieu, ”Urang mah teu wawuh. Ngomong naon sih manéh téh?” Manéhna leumpang ka luar ka arah gerbang. 69  Di dinya, éta palayan awéwé nempo manéhna deui, tuluy ngomong ka nu narangtung di dinya, ”Si éta téh muridna Isa.” 70  Pétrus mungkir deui. Teu lila, jalma-jalma nu narangtung éta ngomong ka Pétrus, ”Moal salah deui, anjeun téh salah saurang ti maranéhna, da anjeun téh urang Galiléa.” 71  Terus, manéhna ngajawab, ”Urang teu wawuh ka jalma nu diomongkeun ku maranéh!” bari sumpah jeung ngomong daék dikutuk lamun ngabohong. 72  Harita kénéh, kadéngé sora hayam jago kongkorongok kadua kalina.+ Ras baé Pétrus ingeteun kana omongan Isa, ”Saacan hayam jago kongkorongok dua kali, manéh bakal ngaku teu wawuh ka urang tilu kali.”+ Manéhna teu tahan deui, segruk baé ceurik.

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. B14.
Atawa ”nyarékan; ngabentak”.
Atawa ”rék ngahianat ka Isa”.
Atawa ”himne; jabur”.
Gelas di dieu téh ngagambarkeun kahayang Allah, nyaéta ngidinan Isa maot lantaran dituduh ngahina ka Allah.
Ieu téh kecap basa Ibrani atawa basa Aram nu hartina ”Bapa”, biasana diucapkeun ku budak leutik waktu ngageroan bapana.
Atawa ”Guru”.
Atawa ”maké pakéan jero wungkul”.
As. ”katuhueun kawasa”.
Atawa ”awan-awan”.
Atawa ”Kumaha ceuk maranéh?”