Nu Ditulis ku Markus 16:1-8
-
Isa dihirupkeun deui (1-8)
16 Jadi sanggeus liwat poé Sabat,+ Maryam Magdaléna, Maryam+ indungna Yakobus, jeung Salomé meuli rempah-rempah seungit pikeun dibalurkeun kana jasadna Isa+ waktu maranéhna datang ka makam.
2 Dina poé nu kahiji minggu éta, isuk-isuk pisan waktu meleték panonpoé, maranéhna datang ka makam.+
3 Maranéhna pada ngomong kieu, ”Engké saha atuh nu manggulingkeun batu tutup makamna?”
4 Tapi barang ditingali, batuna geus digulingkeun padahal batuna gedé pisan.+
5 Waktu asup ka jero makam, maranéhna ningali aya lalaki ngora nu diuk di beulah katuhu maké jubah bodas. Atuh maranéhna rareuwaseun.
6 Éta lalaki ngomong ka maranéhna, ”Ulah reuwas.+ Aranjeun pasti rék ngalongok Isa urang Nazarét nu geus dihukum pati dina tihang. Anjeunna geus dihirupkeun deui,+ teu aya di dieu. Sok tingali tempat anjeunna digolérkeun.+
7 Ayeuna jung indit, béjaan murid-muridna jeung Pétrus, ’Anjeunna geus indit ti heula ka Galiléa.+ Engké aranjeun bakal panggih di ditu, sakumaha pesen anjeunna.’”+
8 Jadi, maranéhna kaluar jeung lalumpatan ti éta makam bari ngadégdég lantaran tarajubeun pisan. Maranéhna gé teu ngomongkeun ieu ka sasaha da sarieuneun.*+

