Nu Ditulis ku Markus 10:1-52
-
Kawin jeung pepegatan (1-12)
-
Isa ngaberkahan barudak leutik (13-16)
-
Pananya ti lalaki beunghar (17-25)
-
Pangorbanan demi Pamaréntahan Allah (26-31)
-
Isa méré nyaho deui yén anjeunna bakal dipaéhan (32-34)
-
Paménta ti Yakobus jeung Yahya (35-45)
-
Isa jadi tebusan keur loba jalma (45)
-
-
Bartiméus nu lolong dicageurkeun (46-52)
10 Ti dinya, Isa indit tuluy nepi ka wates daérah Yudéa di peuntaseun Walungan Yordan. Di dinya gé jalma-jalma daratang ka anjeunna. Sakumaha biasana, anjeunna ngajar éta jalma-jalma.+
2 Jol sababaraha urang Farisi datang rék ngadoja anjeunna. Maranéhna nanyakeun meunang atawa henteu hiji lalaki nyerahkeun pamajikanana.+
3 Ceuk anjeunna, ”Naon nu diparéntahkeun ku Musa ka aranjeun?”
4 Maranéhna ngajawab, ”Musa ngidinan salaki nyerahkeun pamajikanana asal méré surat talak.”+
5 Isa ngomong, ”Musa nulis paréntah+ kitu téh lantaran aranjeun heuras beuheung.+
6 Tapi, ti mimiti Allah nyiptakeun manusa, ’Anjeunna nyiptakeun lalaki jeung awéwé.+
7 Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana,+
8 seug duanana jadi satunggal’,*+ jadi maranéhna lain dua deui, tapi satunggal.
9 Ku kituna, naon nu geus dihijikeun* ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”+
10 Basa geus nepi ka imah, murid-muridna nanya ngeunaan hal éta.
11 Anjeunna ngomong, ”Saha waé nu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui, manéhna téh jinah+ jeung geus salah ka pamajikanana.
12 Kitu ogé lamun hiji awéwé nyerahkeun salakina tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.”+
13 Jalma-jalma marawa barudak leutik sina ditumpangan leungeun jeung diberkahan ku Isa, tapi dicarékan ku murid-muridna.+
14 Ningali kitu, Isa teu resepeun tuluy ngomong ka maranéhna, ”Antepkeun barudak téh sina daratang ka urang, ulah dihalang-halang, sabab Pamaréntahan Allah téh keur jalma nu siga maranéhna.+
15 Sing percaya, saha waé nu teu daék narima Pamaréntahan Allah cara budak leutik moal bakal asup ka dinya.”+
16 Geus kitu, barudak téh ku Isa dirangkul, ditumpangan leungeun, jeung diberkahan.+
17 Waktu anjeunna keur di jalan, aya hiji lalaki nu lumpat tuluy sideku hareupeun anjeunna. Éta lalaki nanya kieu, ”Guru nu Hadé, abdi kedah kumaha supaya tiasa ngawaris hirup langgeng?”+
18 Ceuk Isa, ”Ku naon bet nyebut urang hadé? Euweuh nu hadé salian ti Allah.+
19 Anjeun terang pan kana paréntah-paréntah ieu, ’Ulah maéhan,+ ulah jinah,+ ulah maok,+ ulah jadi saksi palsu,+ ulah nipu,+ jeung kudu hormat ka indung bapa’?”+
20 Éta lalaki ngomong ka anjeunna, ”Guru, éta sadaya tos dijalankeun ku abdi ti ngongora.”
21 Isa neuteup jeung nyaaheun ka manéhna. Ceuk Isa, ”Aya hiji nu kurang: Pék jual pangaboga anjeun, bikeun hasilna ka nu miskin, ku kituna anjeun bakal boga harta di sorga. Geus kitu, hayu jadi murid urang.”+
22 Ngadéngé jawaban Isa, manéhna ngarasa susah haté, tuluy indit bari jeung sedih lantaran harta bandana loba pisan.+
23 Isa ningali ka sakuriling tuluy ngomong ka murid-muridna, ”Kacida héséna jalma nu loba duit asup kana Pamaréntahan Allah!”+
24 Ngadéngé kitu, murid-muridna reuwas. Tuluy Isa ngomong deui, ”Barudak, asup kana Pamaréntahan Allah téh kacida héséna!
25 Leuwih gampang onta moncor kana liang jarum tibatan jalma beunghar asup kana Pamaréntahan Allah.”+
26 Maranéhna beuki reuwas jeung ngomong ka anjeunna,* ”Mun kitu mah saha nu bisa salamet atuh?”+
27 Bari neuteup murid-muridna, Isa ngomong, ”Keur manusa mah éta mustahil, tapi keur Allah mah henteu, euweuh nu mustahil keur Allah.”+
28 Ceuk Pétrus ka anjeunna, ”Urang kabéh geus ninggalkeun sagalana supaya bisa nuturkeun Guru.”+
29 Ceuk Isa, ”Sing percaya, saha waé nu geus ninggalkeun imah, atawa dulur lalaki, atawa dulur awéwé, atawa indung, atawa bapa, atawa budak, atawa tanah demi urang jeung demi warta hadé,+
30 dina jaman ayeuna gé bakal narima 100 kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awéwé, indung, budak, jeung tanah, bari ngalaman panganiayaan.+ Dina jaman* nu bakal datang gé manéhna bakal narima hirup langgeng.
31 Tapi, loba nu tadina ti heula jadi pandeuri, nu tadina pandeuri jadi ti heula.”+
32 Waktu keur indit ka Yérusalém, Isa leumpang hareupeun murid-muridna. Maranéhna tarajubeun, tapi jalma-jalma nu naluturkeun mah sarieuneun. Terus, anjeunna ngajak deui 12 rasulna misah ti nu séjén, sarta ngabéjaan naon nu bakal kaalaman ku anjeunna,+
33 ”Daréngékeun, ayeuna urang rék ka Yérusalém. Di ditu, Anak manusa bakal diserahkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét, tuluy bakal dihukum pati ku maranéhna. Anak manusa gé bakal disérénkeun ka jalma-jalma ti bangsa séjén.
34 Maranéhna bakal moyok, nyiduhan, mecutan, jeung maéhan manéhna, tapi tilu poé sanggeusna manéhna bakal dihirupkeun deui.”+
35 Yakobus jeung Yahya, anak-anak Zébédéus,+ nyampeurkeun anjeunna tuluy ngomong, ”Guru, urang hayang Guru nyumponan naon waé paménta urang.”+
36 Ceuk anjeunna, ”Rék ménta naon?”
37 Maranéhna ngajawab, ”Urang ménta diidinan diuk gigireun Guru waktu engké Guru maréntah, hiji di kénca hiji deui di katuhu.”+
38 Tapi ceuk Isa, ”Maranéh teu ngarti naon nu dipénta. Maranéh sanggup kitu nginum naon nu rék diinum ku urang, sarta dibaptis ku baptisan nu sarua jeung urang?”+
39 Dijawab ku maranéhna, ”Sanggup.” Terus Isa ngomong, ”Maranéh mémang bakal nginum naon nu rék diinum ku urang, sarta bakal dibaptis ku baptisan nu sarua jeung urang.+
40 Tapi, sual diuk di katuhu atawa kéncaeun urang mah lain urang nu nangtukeun. Éta geus disiapkeun keur jalma-jalma nu ditangtukeun ku Bapa urang.”
41 Basa hal éta kadéngé ku nu sapuluh deui, maranéhna keuheul ka Yakobus jeung Yahya.+
42 Jadi, Isa ngumpulkeun maranéhna jeung ngomong kieu, ”Maranéh nyaho pan jalma-jalma nu dianggap pangawasa bangsa-bangsa mah maréntah rahayatna, sarta para pajabat ngawasaan maranéhna.+
43 Tapi maranéh mah ulah kitu. Saha waé nu hayang jadi nu pangpunjulna kudu daék ngaladénan batur,+
44 sarta saha waé nu hayang jadi nu kahiji kudu daék ngalalayanan saréréa.
45 Malah Anak manusa ogé datang téh lain rék diladénan tapi rék ngaladénan+ jeung ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma.”+
46 Tuluy maranéhna nepi ka Yérikho. Tapi waktu anjeunna, murid-muridna, jeung loba jalma kaluar ti Yérikho, aya tukang ménta-ménta nu lolong diuk di sisi jalan, ngaranna téh Bartiméus (anak Timéus).+
47 Waktu nyahoeun Isa urang Nazarét keur ngaliwat, manéhna gogorowokan, ”Isa, Putra Daud,+ sing karunya ka abdi!”+
48 Loba nu nyarékan sina jempé. Tapi, manéhna kalah ka beuki tarik ngagorowokna, ”Putra Daud, sing karunya ka abdi!”
49 Jadi, Isa eureun jeung ngomong kieu, ”Geroan ka dieu.” Jalma lolong éta digeroan ku maranéhna, cenah, ”Sing gedé haté! Cengkat, manéh digeroan.”
50 Bari ngalungkeun baju luarna, manéhna langsung nangtung terus nyampeurkeun Isa.
51 Isa ngomong ka manéhna, ”Akang téh hoyong naon?” Ceuk jalma nu lolong éta, ”Rabuni,* abdi hoyong tiasa ningal deui.”
52 Isa ngomong, ”Jung balik. Akang cageur lantaran gaduh iman.”+ Manéhna langsung bisa ningali+ tuluy nuturkeun Isa.
Catetan Tambihan
^ As. ”sadaging”.
^ As. ”dihijikeun maké kai tanggungan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
^ Atawa bisa jadi ”di antara maranéhna”.
^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
^ Hartina ”Guru”.

