Nu Ditulis ku Markus 9:1-50

  • Rupa Isa barobah (1-13)

  • Nyageurkeun budak nu kasurupan roh jahat (14-29)

    • Euweuh nu mustahil keur nu boga iman (23)

  • Isa méré nyaho deui bakal dipaéhan (30-32)

  • Murid-murid ngaributkeun saha nu pangpunjulna (33-37)

  • Nu teu ngalawan urang, aya di pihak urang (38-41)

  • Ngalantarankeun labuh kana dosa (42-48)

  • ”Maranéh kudu siga uyah” (49, 50)

9  Isa ngomong deui ka maranéhna, ”Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Pamaréntahan Allah maréntah ku kakawasaan nu gedé.”+ 2  Genep poé ti harita, Isa ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yahya ka gunung nu luhur, ngan opatan baé. Tuluy, rupa Isa barobah di hareupeun maranéhna.+ 3  Baju luarna jadi bodas gugurilapan. Di dunya, moal aya nu bisa nyeuseuh baju jadi sakitu bodasna. 4  Katempo ogé ku maranéhna aya Musa jeung Élia keur ngobrol jeung Isa. 5  Tuluy Pétrus ngomong ka Isa, ”Rabi,* urang resep pisan bisa aya di dieu. Ku urang dipangmasangkeun tilu kémah nya, keur Rabi, Musa, jeung Élia.” 6  Sabenerna, Pétrus bingung rék ngomong naon, da maranéhna sarieuneun pisan. 7  Tuluy aya méga* nu mayungan maranéhna, sarta aya sora+ nu kaluar ti dinya, ”Tah ieu Putra Kuring nu dipikanyaah.+ Sing nurut ka manéhna.”+ 8  Maranéhna luak-lieuk, tapi teu nempo sasaha iwal ti Isa. 9  Basa maranéhna turun gunung, Isa ngomat-ngomat supaya maranéhna ulah nyaritakeun ka sasaha naon nu geus ditingali+ ku maranéhna nepi ka Anak manusa dihirupkeun deui.+ 10  Éta pesen ku maranéhna teu dipopohokeun.* Tapi, maranéhna tiluan ngabahas naon hartina Isa dihirupkeun deui. 11  Terus, maranéhna naranya kieu ka Isa, ”Ku naon para ahli Torét ngomong Élia+ kudu datang ti heula?”+ 12  Isa ngajawab, ”Élia mémang datang ti heula jeung nyiapkeun sagalana.+ Tapi, ku naon aya ayat nu nyebutkeun Anak manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan+ jeung dihina-hina?+ 13  Urang ngabéjaan, sabenerna Élia+ geus datang, tapi jalma-jalma kalah ka sakarep-karep ka manéhna, sakumaha nu geus ditulis ngeunaan manéhna.”+ 14  Basa maranéhna nyampeurkeun murid-murid séjén, katempo éta murid-murid keur diriung ku jalma réa sabab keur débat jeung ahli-ahli Torét.+ 15  Tapi barang jalma réa nempo Isa, maranéhna rareuwaseun tuluy lalumpatan mapagkeun anjeunna. 16  Isa nanya ka maranéhna, ”Maranéh téh keur débat naon?” 17  Salah saurang ti jalma réa ngajawab, ”Guru, abdi mawa putra abdi ka dieu lantaran kasurupan roh jahat+ nepi ka jadi pireu. 18  Unggal diganggu, manéhna dibuntang-banting kana taneuh, sungutna ngabudah, huntuna tingkereket, jeung awakna jadi leuleus. Abdi geus ménta ka murid-murid Guru supaya roh jahatna diusir, tapi teu barisaeun.” 19  Isa ngajawab, ”Jalma-jalma nu teu boga iman,+ rék nepi ka iraha urang kudu babarengan jeung maranéh? Rék nepi ka iraha urang kudu sabar ka maranéh? Bawa ka dieu budakna.”+ 20  Jadi, éta budak dibawa ka anjeunna. Barang nempo anjeunna, roh jahat téh nyababkeun éta budak kejang-kejang. Sanggeus tibeubeut kana taneuh, éta budak gugulitikan, sungutna ngabudah. 21  Tuluy Isa nanya ka bapana, ”Ti iraha budak téh kieu?” Dijawabna, ”Ti leuleutik. 22  Manéhna sering dibeubeutkeun kana seuneu jeung digejeburkeun kana cai, rék dipaéhan. Lamun Guru bisa nyageurkeun, sing karunya jeung tulungan abdi duaan.” 23  Isa ngomong ka manéhna, ”Ku naon bet ngomong, ’Lamun Guru bisa nyageurkeun?’ Keur jalma nu boga iman+ mah euweuh nu mustahil.” 24  Bapana éta budak langsung ngomong ku sora nu tarik, ”Abdi boga iman! Bantuan supaya iman abdi beuki kuat!”+ 25  Waktu ningali jalma-jalma daratang lalumpatan, Isa ngabentak éta roh jahat, ”Éh roh jahat nu nyababkeun torék jeung pireu, kaluar ti ieu budak, ulah nyurup-nyurup deui ka manéhna!”+ 26  Sanggeus ngagorowok jeung nyababkeun éta budak kejang-kejang, éta roh kaluar. Budak téh kacirina siga geus paéh. Kalolobaan jalma gé ngomong, ”Budak téh maot!” 27  Tapi ku Isa dicekel leungeunna, dihudangkeun, seug budak téh nangtung. 28  Sanggeus asup ka imah jeung euweuh sasaha, murid-muridna nanya, ”Ku naon urang-urang mah teu bisa ngusir éta roh?”+ 29  Isa ngajawab, ”Nu siga kieu mah ngan bisa diusir ku doa.” 30  Ti dinya, anjeunna indit ngaliwatan Galiléa. Tapi, anjeunna embung kanyahoan ku sasaha, 31  sabab anjeunna rék ngajar murid-muridna. Ceuk anjeunna, ”Anak manusa bakal dihianatan, diserahkeun ka leungeun musuh, tuluy dipaéhan.+ Sanajan dipaéhan, manéhna bakal dihirupkeun deui tilu poé sanggeusna.”+ 32  Tapi, maranéhna teu ngartieun naon maksudna sarta teu wani nanya. 33  Geus kitu, maranéhna nepi ka Kapernaum. Basa keur di imah, maranéhna ditanya ku Isa, ”Tadi di jalan, maranéh ngaributkeun naon?”+ 34  Maranéhna teu ngajawab, sabab di jalan maranéhna ngaributkeun saha nu pangpunjulna. 35  Isa diuk tuluy ngumpulkeun 12 rasul, seug ngomong kieu, ”Lamun hayang jadi nu kahiji, kudu jadi nu pangpandeurina jeung kudu daék ngaladénan saréréa.”+ 36  Terus anjeunna mawa hiji budak leutik, sina nangtung di tengah. Bari ngarangkul éta budak, anjeunna ngomong kieu, 37  ”Saha waé nu narima salah sahiji budak leutik+ kawas kieu demi urang,* éta sarua jeung narima urang. Saha waé nu narima urang, teu ngan saukur narima urang, tapi ogé narima Pribadi nu ngutus urang.”+ 38  Yahya ngomong ka anjeunna, ”Guru, urang ningali aya nu ngusir roh jahat maké ngaran Guru, tapi ku urang dilarang lantaran manéhna téh lain ti antara urang.”+ 39  Tapi ku Isa dijawab, ”Tong diulah-ulah, sabab jalma nu nyieun mujijat maké ngaran urang moal ujug-ujug ngagogoréng urang. 40  Saha waé nu teu ngalawan maranéh, aya di pihak maranéh.+ 41  Sing percaya, saha waé nu nyuguhan cai sagelas ka maranéh lantaran maranéh téh muridna Al-Masih+ bakal meunang ganjaran.+ 42  Tapi, saha waé nu nyababkeun jalma nu siga budak leutik ieu pecat iman, leuwih hadé beuheungna dikalungan ku batu panggilingan* tuluy dialungkeun ka laut.+ 43  ”Lamun leungeun manéh ngalantarankeun manéh labuh kana dosa, mending teukteuk. Leuwih hadé manéh buntung tapi meunang kahirupan, tibatan manéh boga dua leungeun tapi dialungkeun ka Géhéna,* nu seuneuna teu bisa dipareuman.+ 44 * —— 45  Lamun suku manéh ngalantarankeun manéh labuh kana dosa, mending teukteuk. Leuwih hadé manéh pincang tapi meunang kahirupan, tibatan manéh boga dua suku tapi dialungkeun ka Géhéna.*+ 46 * —— 47  Kitu ogé, lamun panon manéh ngalantarankeun manéh labuh kana dosa, piceun.+ Leuwih hadé manéh boga panon sabeulah tapi asup kana Pamaréntahan Allah, tibatan manéh boga dua panon tapi dialungkeun ka Géhéna,*+ 48  nu bilatungna teu paéh-paéh jeung seuneuna teu pareum-pareum.+ 49  ”Siga dahareun dibéré uyah, unggal jalma* gé bakal dibéré seuneu.+ 50  Uyah téh alus, tapi lamun uyahna geus teu asin deui, kumaha diasinkeunana?+ Maranéh kudu siga uyah,+ sarta sing rukun jeung batur.”+

Catetan Tambihan

Atawa ”Guru”.
Atawa ”awan”.
Atawa bisa jadi ”ku maranéhna dirasiahkeun”.
Atawa ”ngaran urang”.
Tingali Lamp. A3.
Tingali Lamp. A3.
Maksudna, jalma-jalma nu dialungkeun ka Géhéna.