2 Samuél 21:1-22

  • Urang Gibéon ngabales kulawarga Saul (1-14)

  • Perang-perang ngalawan Filistin (15-22)

21  Dina jaman Daud, aya kalaparan+ nepi ka tilu taun lilana. Jadi Daud ménta pituduh ka Yéhuwa. Ku Yéhuwa dijawab, ”Éta téh lantaran kasalahan Saul jeung kulawargana. Manéhna maéhan urang Gibéon.”+ 2  Jadi Raja ngageroan urang Gibéon,+ tuluy ngomong ka maranéhna. (Urang Gibéon téh lain urang Israél, tapi sésa urang Amori.+ Urang Israél geus sumpah moal maéhan maranéhna,+ tapi Saul kalah ka maéhan maranéhna bakating ku sumanget-sumangetna ngabélaan urang Israél jeung Yéhuda.) 3  Daud ngomong ka urang Gibéon, ”Kuring kudu kumaha? Kumaha carana kuring nebus kasalahan ka aranjeun, supaya aranjeun bisa mangméntakeun berkah keur umat* Yéhuwa?” 4  Ceuk urang Gibéon, ”Naon nu dilampahkeun ku Saul jeung kulawargana téh moal bisa ditebus ku pérak atawa emas.+ Abdi sadaya gé teu bisa maéhan saha waé di Israél.” Jadi ceuk Daud, ”Nya sok, naon waé nu dipénta ku aranjeun bakal dilaksanakeun ku kuring.” 5  Ceuk maranéhna ka Raja, ”Éta jalma téh rék ngabasmi abdi sadaya, sarta nyieun rencana rék ngamusnakeun abdi sadaya ti sakabéh wilayah Israél.+ 6  Jadi, serahkeun tujuh turunanana nu lalaki. Mayit maranéhna rék digantung*+ hareupeun Yéhuwa, di Gibéah+ kotana Saul, jalma pilihan Yéhuwa.”+ Ceuk Raja, ”Heug, engké ku kuring rék diserahkeun.” 7  Tapi Raja nyaaheun ka Méfibosyét,+ anak Yonatan incu Saul, lantaran Daud jeung Yonatan+ anak Saul geus ngucapkeun sumpah hareupeun Yéhuwa. 8  Jadi nu dipilih ku Raja téh Armoni jeung Méfibosyét, dua anak lalaki Saul nu dilahirkeun ku Rizpa+ anak Aya, sarta lima anak lalaki Adriél+ nu dilahirkeun ku Mikhal*+ anak Saul. Adriél téh anak Barzilai urang Méhola. 9  Maranéhna ku Daud diserahkeun ka urang Gibéon. Urang Gibéon ngagantung mayit maranéhna di gunung di hareupeun Yéhuwa.+ Tujuhanana dipaéhan babarengan dina awal usum* panén, nyaéta waktu panén barli dimimitian. 10  Rizpa+ anak Aya nyokot kaén goni, tuluy éta dibéngbréngkeun luhureun batu. Manéhna cicing di dinya ti awal usum panén nepi ka hujan turun ngabaseuhan éta mayit-mayit. Manéhna ngajaga supaya mayit-mayit téh teu dipacokan ku manuk ti beurang atawa dihakan ku sato galak ti peuting. 11  Daud dibéré nyaho ngeunaan naon nu dilampahkeun ku Rizpa anak Aya, selir Saul éta. 12  Jadi, Daud indit tuluy nyokot tulang-taléngna Saul jeung Yonatan anakna ti para pamingpin* Yabés-giléad.+ Baréto maranéhna susulumputan nyokot mayitna Saul jeung Yonatan nu digantung ku urang Filistin di lapangan Bét-syan sanggeus urang Filistin maéhan Saul di Gilboa.+ 13  Daud nyokot tulang-taléngna Saul jeung Yonatan anakna ti dinya. Tulang-taléngna jalma-jalma nu diparaéhan* gé dikumpulkeun.+ 14  Geus kitu, tulang-taléngna Saul jeung Yonatan anakna dikuburkeun di daérah Bényamin di Zéla,+ di makamna Kis+ bapana Saul. Sanggeus sakabéh paréntah Raja dilaksanakeun, Allah ngadéngékeun paménta urang Israél keur éta nagri.+ 15  Sakali mangsa, urang Filistin perang deui jeung urang Israél.+ Ku kituna, Daud jeung para palayanna indit merangan urang Filistin, tapi Daud capéeun. 16  Hiji turunan Réfaim+ nu ngaranna Isbi-bénob rék maéhan Daud. Manéhna mawa pedang anyar jeung tumbak tambaga nu beuratna 3,5 kilogram.*+ 17  Abisyai+ anak Zéruya langsung datang nulungan+ Daud tuluy maéhan urang Filistin éta. Harita, anak buah Daud mamaksa* kieu, ”Raja ulah ngiring perang deui!+ Palita Israél ulah dugi ka pareum!”+ 18  Sanggeus kitu, aya perang deui jeung urang Filistin+ di Gob. Harita, Sibékai+ urang Husya maéhan Saf turunan Réfaim.+ 19  Tuluy, aya perang deui jeung urang Filistin+ di Gob. Élhanan anak Yaaré-orégim urang Bétléhém maéhan Goliat urang Gat, nu gagang tumbakna sagedé kai dina alat tinun.+ 20  Aya perang deui di Gat. Di dinya, aya hiji lalaki nu awakna gedé pisan. Ramo dina leungeun jeung sukuna téh masing-masing aya 6, jadi kabéh ramona aya 24. Manéhna gé turunan Réfaim.+ 21  Manéhna terus nangtang Israél,+ jadi dipaéhan ku Yonatan anak Syiméi,+ lanceukna Daud. 22  Opat jalma éta téh turunan Réfaim nu aya di Gat. Maranéhna dipaéhan ku Daud jeung para palayanna.+

Catetan Tambihan

^ As. ”warisan”.
^ As. ”dijadikeun tongtonan”, nu leungeun jeung sukuna geus diparotongkeun.
^ Atawa bisa jadi ”Mérab”.
^ Atawa ”usim”.
^ Atawa bisa jadi ”nu baroga tanah”.
^ As. ”dijadikeun tongtonan”.
^ As. ”beuratna 300 syékel”. Tingali Lamp. B14.
^ As. ”sumpah”.