Hakim-Hakim 17:1-13

  • Patung berhala Mikha jeung imamna (1-13)

17  Aya hiji lalaki di daérah pagunungan Éfraim+ nu ngaranna Mikha. 2  Manéhna ngomong ka indungna, ”Harita pan 1.100 duit pérak Ema dipaok, tuluy abdi ngadéngé nu maokna dikutuk ku Ema. Sabenerna nu nyokotna téh abdi. Ayeuna duit pérakna téh aya di abdi.” Ngadéngé kitu, indungna ngomong, ”Mugia anak Ema diberkahan ku Yéhuwa.” 3  Jadi 1.100 duit pérak téh dipulangkeun ka indungna. Tapi ceuk indungna, ”Pérakna ku Ema rék dibikeun ka* Yéhuwa. Pék éta jieun jadi patung ukiran jeung patung logam.+ Tah ieu pérakna, cokot wéh.” 4  Sanggeus pérakna dipulangkeun ka indungna, indungna nyokot 200 duit pérak, tuluy éta dibikeun ka tukang pérak. Ku tukang pérak dijieun jadi patung ukiran jeung patung logam, tuluy éta diteundeun di imahna Mikha. 5  Mikha boga tempat paranti nyembah ka déwa-déwana. Manéhna gé nyieun éfod+ jeung patung-patung berhala.*+ Seug salah saurang anak lalakina diangkat jadi imam keur manéhna.+ 6  Harita euweuh raja di Israél.+ Unggal jalma ngalampahkeun nu bener ceuk pamikirna* sorangan.+ 7  Aya hiji lalaki ngora di Bétléhém+ di Yéhuda, nu asalna ti kulawarga Yéhuda. Manéhna téh urang Léwi+ nu geus lila cicing di dinya. 8  Manéhna indit ti kota Bétléhém di Yéhuda pikeun néangan pamatuhan. Di perjalanan, manéhna nepi ka imahna Mikha,+ di daérah pagunungan Éfraim. 9  Tuluy Mikha nanya ka manéhna, ”Aa téh asalna ti mana?” Dijawabna, ”Abdi téh urang Léwi ti Bétléhém di Yéhuda, nuju milarian pamatuhan.” 10  Tuluy Mikha ngomong, ”Matuh wéh atuh di dieu bareng jeung Bapa, jadi panaséhat* jeung imam keur Bapa. Engké ku Bapa dibéré sapuluh duit pérak unggal taun, baju sasetél, jeung dahareun.” Seug urang Léwi téh asup ka imah Mikha. 11  Urang Léwi éta daékeun cicing jeung Mikha, sarta dianggap anak ku manéhna. 12  Mikha ngangkat urang Léwi éta jadi imamna.+ Manéhna cicing di imah Mikha. 13  Ceuk Mikha, ”Ayeuna mah Yéhuwa pasti ngaberkahan aing, da aing geus boga imam ti kaom Léwi.”

Catetan Tambihan

^ As. ”disucikeun keur”.
^ Atawa ”déwa-déwa kulawarga”. As. ”térafim”.
^ Atawa ”dina pandanganana”.
^ As. ”bapa”.