Hakim-Hakim 19:1-30
-
Kajahatan séksual urang Bényamin di Gibéah (1-30)
19 Keur jaman Israél can boga raja,+ aya hiji urang Léwi nu cicing di tempat nu mencil di daérah pagunungan Éfraim.+ Manéhna nyokot selir ti Bétléhém+ di Yéhuda pikeun dijadikeun pamajikanana.
2 Tapi, selirna téh teu satia jeung ninggalkeun manéhna, tuluy indit ka imah bapana di Bétléhém di Yéhuda. Éta awéwé cicing di dinya salila opat bulan.
3 Terus, salakina nyusulan rék ngolo manéhna sina balik. Salakina indit dibaturan ku palayan lalakina bari mawa dua kaldé. Barang manéhna nepi, ku éta awéwé dibawa asup ka imah bapana. Bapa éta awéwé atoheun panggih jeung manéhna.
4 Mitohana, nyaéta bapa éta awéwé ngora, keukeuh nitah manéhna mondok tilu poé. Jadi maranéhna dahar, nginum, sarta mondok di dinya.
5 Dina poé nu kaopat, maranéhna hudang isuk-isuk rék indit. Tapi bapa éta awéwé ngomong ka minantuna, ”Sok dahar heula méh kuat di perjalanan, ari geus kitu mah mangga baé indit.”
6 Jadi, maranéhna diuk tuluy dahar nginum babarengan. Geus kitu, bapa éta awéwé ngomong ka minantuna, ”Mondok deui wéh atuh nya jeung senang-senang.”*
7 Waktu éta lalaki rék indit, mitohana teterusan ngolo supaya manéhna mondok deui, jadi manéhna nurut.
8 Dina poé nu kalima, manéhna hudang isuk-isuk rék indit. Tapi bapa éta awéwé ngomong, ”Sok dahar heula méh kuat di perjalanan.” Jadi maranéhna duaan jongjon* wéh dahar nepi ka soré.
9 Tuluy, éta lalaki cengkat rék indit bareng jeung selirna sarta palayanna. Tapi mitohana, bapa éta awéwé, ngomong kieu, ”Ayeuna geus soré, sakeudeung deui gé poék. Mondok wéh di dieu senang-senang. Isukan maranéh bisa hudang isuk-isuk jeung balik ka imah.”*
10 Tapi éta lalaki teu daékeun mondok deui. Jadi, manéhna indit bareng jeung selir sarta palayanna bari mawa dua kaldé. Maranéhna indit nepi ka Yébus, nyaéta Yérusalém.+
11 Harita téh geus téréh peuting basa maranéhna geus deukeut ka Yébus. Jadi éta palayan ngomong ka dununganana, ”Kumaha lamun urang eureun heula jeung mondok di kota urang Yébus ieu?”
12 Tapi dununganana ngajawab, ”Ulah eureun di kotana urang asing nu lain urang Israél. Urang teruskeun wéh nepi ka Gibéah.”+
13 Terus dununganana ngomong deui, ”Hayu urang indit ka Gibéah atawa Rama.+ Urang mondok di salah sahiji tempat éta.”
14 Jadi maranéhna neruskeun perjalanan. Waktu maranéhna rék nepi ka Gibéah, daérahna urang Bényamin, panonpoé geus téréh surup.
15 Jadi, maranéhna eureun pikeun mondok di Gibéah. Maranéhna asup tuluy diuk di lapangan kota, tapi euweuh nu ngajak maranéhna mondok di imahna.+
16 Ahirna waktu geus peuting, aya lalaki nu geus kolot balik digawé ti kebon. Manéhna téh asalna ti daérah pagunungan Éfraim+ jeung keur cicing di Gibéah. Ari penduduk éta kota mah urang Bényamin.+
17 Barang ningali aya jalma di lapangan kota, lalaki nu geus kolot éta nanya, ”Akang téh rék ka mana? Asal ti mana?”
18 Dijawab, ”Abdi sadaya ti Bétléhém di Yéhuda rék balik ka tempat nu mencil di daérah pagunungan Éfraim, tempat asal abdi. Abdi tas ti Bétléhém di Yéhuda,+ jeung ayeuna rék ka bumina Yéhuwa,* tapi euweuh saurang-urang acan nu ngajak mondok.
19 Sabenerna, abdi sadaya teu kakurangan nanaon, da boga cukup jarami jeung parab kaldé.+ Roti+ jeung cianggur gé aya keur abdi, ieu awéwé, jeung palayan abdi.”
20 Tapi ceuk lalaki nu geus kolot éta, ”Hayu atuh ka bumi Bapa.* Ulah meuting di lapangan kota. Engké sagala kaperluan aranjeun disadiakeun ku Bapa.”
21 Jadi, maranéhna dibawa ka imahna, jeung kaldé-kaldéna diparaban. Geus kitu maranéhna ngumbah suku, tuluy dahar jeung nginum.
22 Maranéhna keur galumbira waktu jalma-jalma bejad di éta kota ngepung éta imah jeung ngagedoran panto. Éta jalma-jalma tinggorowok ka lalaki kolot nu boga imah, ”Bawa kaluar lalaki nu nganjang ka imah manéh, rék disaréan* ku urang.”+
23 Ngadéngé kitu, nu boga imah kaluar jeung ngomong ka maranéhna, ”Ulah kitu, dulur-dulur. Éta lalaki téh tamu di imah kuring. Ulah jahat kitu atuh, nu kitu téh mawa aéb.
24 Di dieu, aya anak parawan kuring jeung selir éta lalaki. Maranéhna ku kuring rék dibawa kaluar. Pék rék dikukumaha*+ gé kumaha karep maranéh, tapi ulah ngalampahkeun nu siga kitu ka éta lalaki. Éta téh mawa aéb.”
25 Éta jalma-jalma embung ngadéngékeun. Jadi, urang Léwi éta nyekel selirna,+ tuluy dibawa kaluar ka maranéhna. Éta awéwé ku maranéhna disiksa jeung diperkosa sapeupeuting nepi ka isuk. Sanggeus panonpoé medal, kakara manéhna dititah indit.
26 Isuk-isuk pisan, éta awéwé nepi ka imah tempat dununganana mondok. Bruk manéhna ngarumpuyuk hareupeun panto, jeung ngagolér di dinya nepi ka bray panonpoé.
27 Dununganana hudang isuk-isuk. Ari waktu muka panto rék kaluar neruskeun perjalanan, manéhna nempo éta awéwé, nyaéta selirna, ngagolér di dinya, bari leungeunna ngalempréh hareupeun panto.
28 Jadi ceuk manéhna ka éta awéwé, ”Hudang, hayu urang indit.” Tapi euweuh jawaban. Ku manéhna éta awéwé ditaékkeun kana kaldé tuluy dibawa balik.
29 Barang nepi ka imah, manéhna nyokot péso, tuluy mayit selirna dipotongan jadi 12 potong. Geus kitu, unggal potonganana dikirimkeun ka unggal daérah Israél.
30 Ari ceuk nu narempona téh, ”Urang can pernah ningali kajadian siga kieu, ti saprak urang Israél kaluar ti Mesir nepi ka kiwari. Sok pikirkeun bener-bener,* badamikeun,+ ngarah urang nyaho kudu kumaha.”

