Hakim-Hakim 13:1-25
13 Urang Israél ngalampahkeun nu jahat deui dina pandangan Yéhuwa,+ jeung ku Yéhuwa diserahkeun ka urang Filistin+ salila 40 taun.
2 Harita, aya lalaki urang Zora+ ti kaom Dan+ nu ngaranna Manoah.+ Pamajikanana mandul.+
3 Hiji waktu, malaikat Yéhuwa datang ka pamajikan Manoah, seug ngomong kieu, ”Sanajan ayeuna mandul, manéh bakal ngandung jeung bakal ngalahirkeun budak lalaki.+
4 Kadé nya, ulah nginum cianggur atawa naon waé nu aya alkoholan,+ jeung ulah ngadahar naon waé anu haram.+
5 Manéh bakal ngandung jeung ngalahirkeun budak lalaki. Buukna ulah dicukuran,+ sabab ti barang lahir,* manéhna bakal jadi jalma Nazir nu diabdikeun ka Allah. Manéhna nu bakal nyalametkeun urang Israél ti urang Filistin.”+
6 Tuluy pamajikan Manoah indit jeung bébéja ka salakina, ”Tadi abdi didatangan ku hamba Allah nu sajati. Katingalina téh mani luar biasa, siga malaikat Allah nu sajati. Tapi, abdi teu nanyakeun manéhna téh asalna ti mana. Manéhna gé teu méré nyaho saha ngaranna.+
7 Ceuk manéhna, abdi bakal ngandung tuluy ngalahirkeun budak lalaki. Abdi teu meunang nginum cianggur atawa naon waé nu aya alkoholan, jeung teu meunang ngadahar naon waé anu haram, sabab ti barang lahir,* budak téh bakal jadi jalma Nazir nu diabdikeun ka Allah nepi ka maotna.”
8 Manoah ménta kieu ka Yéhuwa, ”Punten Yéhuwa, tiasa teu hamba Allah nu sajati téa diutus deui ka abdi duaan, sangkan tiasa ngawartosan kumaha sakedahna abdi duaan ngurus budak nu bakal lahir éta?”
9 Paménta Manoah didéngé ku Allah nu sajati. Malaikat Allah nu sajati datang deui ka pamajikanana Manoah nu keur diuk di tegalan. Ari Manoah keur teu bareng jeung manéhna.
10 Pamajikan Manoah buru-buru lumpat ka salakina, seug ngomong kieu, ”Itu, lalaki nu harita ngadatangan abdi téh datang deui.”+
11 Seug Manoah indit bareng jeung pamajikanana. Manéhna nyampeurkeun éta lalaki tuluy ngomong, ”Anjeun téh nu nyarios ka pun bojo?” Dijawabna, ”Enya.”
12 Ceuk Manoah, ”Mugia naon nu dicarioskeun ku anjeun téh jadi kanyataan! Ari budak téh bakal siga kumaha hirupna, jeung naon nu bakal dipigawé ku manéhna?”+
13 Malaikat Yéhuwa ngajawab Manoah, ”Pamajikan manéh kudu pantrang tina hal-hal nu geus disebutkeun ku kuring harita.+
14 Manéhna teu meunang ngadahar naon waé nu asalna tina tangkal anggur, teu meunang nginum cianggur atawa naon waé nu aya alkoholan,+ jeung teu meunang ngadahar naon waé anu haram.+ Sagala nu diparéntahkeun ku kuring kudu dijalankeun ku manéhna.”
15 Geus kitu, Manoah ngomong ka malaikat Yéhuwa, ”Antosan heula atuh nya, abdi badé nyiapkeun embé ngora kanggo anjeun.”+
16 Tapi malaikat Yéhuwa ngomong kieu ka Manoah, ”Najan kuring ngadagoan gé, éta moal didahar ku kuring. Tapi lamun éta rék dijadikeun kurban beuleuman keur Yéhuwa, nya pék waé.” Manoah teu nyahoeun éta lalaki téh malaikat Yéhuwa.
17 Ceuk Manoah ka malaikat Yéhuwa éta, ”Ari nami téh saha?+ Ngarah abdi tiasa ngahormat anjeun waktu cariosan anjeun jadi kanyataan.”
18 Tapi malaikat Yéhuwa némbalan, ”Ulah nanyakeun ngaran kuring, da éta ngaran téh luar biasa.”
19 Geus kitu, Manoah ngurbankeun embé ngora jeung kurban kadaharan ka Yéhuwa di luhur batu. Terus, bari disaksian ku Manoah jeung pamajikanana, Allah ngalampahkeun hal nu luar biasa.
20 Waktu seuneu tina éta mézbah naék ka luhur, Manoah jeung pamajikanana ningali malaikat Yéhuwa naék ka langit di jero éta seuneu. Bruk maranéhna langsung sujud.
21 Manoah kakara sadar éta lalaki téh malaikat Yéhuwa.+ Geus kitu, malaikat Yéhuwa teu datang deui ka Manoah jeung pamajikanana.
22 Tuluy ceuk Manoah ka pamajikanana, ”Nu ditingali ku urang téh Allah. Urang tangtu paéh!”+
23 Tapi ceuk pamajikanana, ”Lamun mémang Yéhuwa hayang urang paéh, Anjeunna tangtu moal narima kurban beuleuman+ jeung kurban kadaharan ti urang. Anjeunna gé moal némbongkeun ieu kabéh atawa méré nyaho sagala hal tadi ka urang.”
24 Ka dieunakeun, pamajikan Manoah ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Simson.+ Budak téh beuki gedé jeung terus diberkahan ku Yéhuwa.
25 Waktu keur aya di Mahané-dan,+ nyaéta di antara Zora jeung Éstaol,+ manéhna narima kawasa suci Yéhuwa.+

