Hakim-Hakim 5:1-31
5 Poé éta, Débora+ jeung Barak+ anak Abinoam nyanyi ieu lagu:+
2 ”Puji Yéhuwa!
Lantaran prajurit-prajurit Israél ngarumbaykeun buukna,Lantaran jalma-jalma réla maju perang.+
3 Hé raja-raja, déngékeun! Hé para pangawasa, bandungan!
Kuring rék nyanyi keur Yéhuwa.
Kuring rék ngawihkeun pupujian* kanggo Yéhuwa,+ Allah Israél.+
4 Yéhuwa, waktu Gusti angkat ti Séir,+Waktu Gusti kaluar ti daérah Édom,Bumi oyag, hujan turun ti langit,Jeung cai ngagurujug tina méga-méga.*
5 Gunung-gunung lalééh* payuneun Yéhuwa,+Gunung Sinai gé lééh payuneun Yéhuwa,+ Allah Israél.+
6 Dina jaman Syamgar+ anak Anat,Dina jaman Yaél,+ jalan-jalan molongpong.
Jalma-jalma arindit liwat jalan séjén.
7 Penduduk désa di Israél areuweuh.
Areuweuhna téh nepi ka kuring, Débora,+ datang,Nepi ka kuring datang jadi indungna Israél.+
8 Maranéhna milih allah-allah nu anyar,+Seug aya perang di gerbang-gerbang kota.+
Euweuh taméng jeung euweuh tumbakDi antara 40.000 urang Israél.
9 Haté kuring mihak ka para komandan Israél,+Nu réla indit bareng jeung rahayat.+
Puji Yéhuwa!
10 Maranéh nu tumpak kaldé coklat,Maranéh nu diuk dina karpét méwah,Jeung maranéh nu leumpang di jalan raya,Pikirkeun ieu!
11 Sora jalma nu keur nimba kadéngé di tempat ngala cai.
Maranéhna nyaritakeun kahadéan Yéhuwa,Kahadéan umat-Na nu cicing di désa-désa Israél.
Tuluy, umat Yéhuwa turun ka gerbang-gerbang kota.
12 Cengkat, Débora,+ cengkat!
Cengkat jeung nyanyikeun lagu!+
Nangtung, Barak!+ Giringkeun tawanan anjeun, anak Abinoam!
13 Jalma-jalma nu aya kénéh datang ka para bangsawan.
Umat Yéhuwa datang ka kuring rék ngalawan musuh nu kuat.
14 Jalma-jalma nu aya di lebak datangna ti Éfraim.
Maranéhna nuturkeun manéh, Bényamin, di antara prajurit-prajurit manéh.
Para komandan turun ti Makhir,+Jeung nu ngumpulkeun para prajurit* turun ti Zébulon.
15 Para pajabat Isakhar nyarengan Débora.
Sakumaha Isakhar, nya kitu ogé Barak.+
Manéhna dititah leumpang ka lebak.+
Di antara kelompok-kelompok Rubén loba nu asa-asa.
16 Ku naon manéh bet diuk di antara dua kantong sadel,Rék ngadéngékeun suling nu ditiup ku para pangangon?+
Di antara kelompok-kelompok Rubén loba nu asa-asa.
17 Giléad cicing baé di peuntas Walungan Yordan.+
Ari Dan ku naon ngajentul baé di kapal-kapal?+
Asyér jongjon* baé diuk di basisirJeung cicing di palabuhanana.+
18 Urang Zébulon naruhkeun nyawana nepi ka téréh maot,Kitu ogé jeung Naftali+ di pasir-pasirna.*+
19 Raja-raja daratang jeung perang.
Raja-raja Kanaan perang+Di Taanakh, deukeut walungan di Mégido.+
Maranéhna teu ngajarah pérak.+
20 Ti langit béntang-béntang milu perang,Ti angkasa* maranéhna merangan Siséra.
21 Musuh-musuh palid di Walungan Kisyon,+Walungan Kisyon nu geus aya ti baheula.
Kuring* nincakan musuh nu kuat.
22 Kadéngé sora kuda ngagurudug,Kuda-kuda perangna lalumpat tingberetek.+
23 ’Méroz sing dikutuk,’ ceuk malaikat Yéhuwa,’Pendudukna sing dikutuk,Lantaran maranéhna teu milu mantuan Yéhuwa,Teu milu mantuan Yéhuwa bareng jeung para prajurit nu perkasa.’
24 Wanita nu paling diberkahan téh Yaél,+Pamajikan Hébér,+ urang Kéni.
Di antara wanita nu cicing di kémah, manéhna nu paling diberkahan.
25 Siséra ménta cai, seug dibéré cisusu.
Manéhna mikeun kekentelna cisusu+ dina mangkok nu éndah.
26 Leungeunna ceg kana patok kémah,Leungeun katuhuna ceg kana palu.
Jebrod patok téh ditancebkeun kana sirah Siséra.
Manéhna ngancurkeun sirahna, nobros palipisanana.+
27 Siséra ngagolépak di antara sukuna Yaél, manéhna ngajoprak teu obah.
Siséra ngagolépak di antara sukuna Yaél jeung ngajoprak.
Di dinya ngajoprakna, nya di dinya paéhna.
28 Hiji wanita ningali ka luar tina jandéla,Indungna Siséra melong tina kisi-kisina,’Naha karéta perangna can datang?
Naha sora gurudug kudana can kadéngé waé?’+
29 Para wanita bangsawan nu paling bijaksana ngajawab manéhna,Indungna Siséra gé teterusan ngomong kieu,
30 ’Maranéhna pasti keur ngabagi jarahan,Para prajurit babagi mojang, aya nu hiji aya nu dua.
Siséra meunang kaén jarahan nu diwarnaan.
Keur jalma-jalma nu ngajarah, aya hiji baju nu disulam, kaén nu diwarnaan, jeung dua baju nu disulamJang dipaké dina beuheungna.’
31 Nun Yéhuwa, mugia sakabéh musuh Gusti binasa,+Tapi saha waé nu nyaah ka Gusti, mugia cahayaan lir panonpoé.”
Geus kitu, éta nagri aman* salila 40 taun.+

