Hakim-Hakim 7:1-25
7 Geus kitu Yérubaal, nyaéta Gidéon,+ jeung sakabéh pasukanna hudang isuk-isuk tuluy masang kémah di Cinyusu Harod. Ari pakémahanana urang Midian mah kaléreunana, di lebak Pasir* Moré.
2 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka Gidéon, ”Pasukan manéh téh loba teuing. Engké lamun Kuring nyerahkeun urang Midian ka urang Israél,+ maranéhna bakal ngagulkeun diri jeung ngomong ka Kuring, ’Urang salamet téh ku kakuatan urang sorangan.’+
3 Ayeuna mah sok béjaan jalma-jalma, ’Lamun aya nu sieun jeung geumpeur, pék balik ka imah.’”+ Jadi maranéhna diuji ku Gidéon. Ahirna, aya 22.000 urang nu balik ka imahna, sésana 10.000.
4 Yéhuwa nyarios deui ka Gidéon, ”Sakitu gé masih loba kénéh. Sok titah maranéhna turun ka walungan, ku Kuring rék diuji di dinya. Engké mun ceuk Kuring, ’Manéhna meunang milu’, nya meunang milu. Tapi mun ceuk Kuring, ’Manéhna teu meunang milu’, nya teu meunang milu.”
5 Jadi jalma-jalma téh dibawa turun ka walungan.
Tuluy Yéhuwa nyarios ka Gidéon, ”Jalma anu nginumna tina leungeun cara anjing ngalétakan cai kudu dipisahkeun ti jalma nu nginumna bari sideku.”
6 Aya 300 urang anu nginumna tina leungeun, ari nu séjénna nginumna bari sideku.
7 Geus kitu Yéhuwa nyarios ka Gidéon, ”Kuring bakal nyalametkeun maranéh ku 300 jalma nu ngarinumna tina leungeun. Kuring bakal nyerahkeun urang Midian ka manéh.+ Nu séjénna mah sina baralik.”
8 Maranéhna ku Gidéon dititah balik, kajaba anu 300 urang. Ari bekel jeung tarompét tanduk ti nu baralik téa dicokot. Harita, pakémahan urang Midian téh aya di handapeun pakémahan Gidéon, nyaéta di lebak.+
9 Peutingna, Yéhuwa nyarios ka Gidéon, ”Cengkat, serang pakémahan Midian, sabab Kuring geus nyerahkeun maranéhna ka manéh.+
10 Bisi manéh sieun, jig turun heula ka ditu bareng jeung Pura palayan manéh.
11 Déngékeun obrolan maranéhna, tangtu manéh jadi wani* nyerang éta pakémahan.” Ti dinya, Gidéon jeung Pura palayanna turun ka sisi pakémahan pasukan musuh.
12 Urang Midian, urang Amalék, jeung jalma-jalma ti Wétan+ minuhan éta lebak siga simeut. Onta-ontana gé teu kaitung lobana+ siga keusik di basisir.
13 Barang nepi, Gidéon ngadéngé aya nu keur nyaritakeun impianana ka baturna. Kieu cenah, ”Urang ngimpi, aya roti barli bunder nu ngagorolong ka pakémahan Midian. Jedak éta roti téh neunggar hiji kémah tarik pisan.+ Brug kémahna rugrug, tiguling nepi ka rata jeung taneuh.”
14 Baturna némbalan, ”Moal salah deui, éta mah pedang Gidéon+ anak Yoas, urang Israél. Allah geus nyerahkeun Midian jeung sakabéh pakémahan ieu ka manéhna.”+
15 Barang ngadéngé éta impian jeung hartina,+ bruk Gidéon sembah sujud ka Allah. Geus kitu, manéhna balik ka pakémahan Israél tuluy ngomong, ”Cengkat, Yéhuwa geus nyerahkeun pakémahan Midian ka maranéh.”
16 Seug 300 prajurit téh dibagi jadi tilu kelompok. Masing-masing dibéré tarompét tanduk+ jeung kendi gedé nu eusina obor.
17 Ceuk Gidéon, ”Sok perhatikeun urang jeung lampahkeun percis siga urang. Waktu urang nepi ka sisi pakémahan, sok turutan naon nu dilampahkeun ku urang.
18 Waktu urang jeung kelompok urang niup tarompét, maranéh gé kudu niup tarompét di sakuriling pakémahan tuluy surak, ’Pedang Yéhuwa jeung pedang Gidéon!’”
19 Gidéon jeung 100 prajurit ti kelompok manéhna nepi ka sisi pakémahan méméh tengah peuting,* waktu tukang-tukang jaga kakara ganti giliran jaga. Maranéhna tuluy nariup tarompét tanduk+ jeung mareupeuskeun kendi gedé nu dibawa téa.+
20 Jadi, tilu kelompok éta nariup tarompétna jeung mareupeuskeun kendina. Leungeun kéncana nyekel obor, ari leungeun katuhuna nyekel tarompét. Tarompétna ditiup, tuluy maranéhna sarurak, ”Pedang Yéhuwa jeung pedang Gidéon!”
21 Unggal prajurit narangtung di tempatna masing-masing di sakuriling pakémahan, ari pasukan musuh patinggurubug lalumpatan bari tinggorowok.+
22 Ka-300 prajurit éta terus nariup tarompétna, ari musuhna ku Yéhuwa disina silih serang ku pedang di sakuliah pakémahan.+ Maranéhna kalabur nepi ka Bét-syita, ka Zéréra, jeung nepi ka pasisian Abél-méhola+ di deukeut Tabat.
23 Kabéh urang Israél ti kaom Naftali, kaom Asyér, jeung kabéh kaom Manasyé+ dikumpulkeun, tuluy maranéhna ngudag urang Midian.
24 Gidéon ngirim utusan ka sakuliah daérah pagunungan Éfraim mawa pesen ieu, ”Geura tarurun, serang urang Midian. Piheulaan maranéhna ka Bét-bara jeung Walungan Yordan. Jagaan éta tempat-tempat ngarah maranéhna teu bisa meuntasan walungan.” Jadi, kabéh urang Éfraim karumpul jeung ngajaga walungan-walungan leutik nepi ka Bét-bara jeung Walungan Yordan.
25 Maranéhna gé néwak dua gegedug urang Midian, nyaéta Oréb jeung Zééb. Geus kitu, maranéhna maéhan Oréb di Cadas Oréb+ jeung Zééb di Tempat Pameresan Anggur Zééb. Maranéhna terus ngudag urang Midian.+ Sirah Oréb jeung Zééb dibawa tuluy dibikeun ka Gidéon di daérah Walungan Yordan.

