Raja-Raja nu Kadua 21:1-26

  • Manasyé raja Yéhuda jeung dosa-dosana (1-18)

    • Yérusalém bakal diancurkeun (12-15)

  • Amon raja Yéhuda (19-26)

21  Basa jadi raja, Manasyé+ téh umur 12 taun. Manéhna maréntah salila 55 taun di Yérusalém.+ Ngaran indungna téh Héfziba. 2  Manasyé milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa. Manéhna nurutan kabiasaan nu pikaijideun ti bangsa-bangsa+ nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél.+ 3  Tempat-tempat pamujaan nu baheula diancurkeun ku Hizkia bapana,+ ayeuna diwangun deui. Mézbah-mézbah keur Baal jeung tihang berhala+ gé diadegkeun deui, sakumaha nu dilampahkeun ku Ahab raja Israél.+ Malah, manéhna sujud nyembah ka béntang-béntang nu aya di langit.+ 4  Manéhna gé ngawangun mézbah-mézbah keur aallahan di bumina Yéhuwa,+ padahal Yéhuwa geus méré nyaho kieu, ”Kuring bakal nempatkeun ngaran Kuring di Yérusalém.”+ 5  Geus kitu, di dua buruan bumina Yéhuwa,+ manéhna ngawangun mézbah-mézbah keur béntang-béntang di langit.+ 6  Malah, budakna sorangan gé diduruk dijadikeun kurban. Salian ti éta, manéhna maké élmu gaib jeung néangan tanda-tanda.+ Manéhna ngadatangkeun tukang manggil arwah jeung tukang ramal+ sina digawé keur manéhna. Manasyé ngalampahkeun loba hal jahat dina pandangan Yéhuwa. Éta téh nganyenyeri haté Anjeunna. 7  Patung ukiran, nyaéta tihang berhala,+ nu dijieun ku manéhna téa diteundeun di bumina Allah, padahal Yéhuwa geus ngabéjaan kieu ka Daud jeung Sulaéman anakna, ”Kuring bakal nempatkeun ngaran Kuring pikeun salilana di ieu imah jeung di Yérusalém, nyaéta tempat nu dipilih ku Kuring ti antara sakabéh daérah kaom Israél.+ 8  Urang Israél moal nepi ka diusir ti tanah nu geus dibikeun ku Kuring ka karuhun maranéhna,+ asal maranéhna bener-bener nurut kana sakabéh paréntah Kuring,+ nyaéta sakabéh Torét nu ditepikeun ku Musa hamba Kuring pikeun dijalankeun ku maranéhna.” 9  Tapi maranéhna teu narurut. Manasyé kalah ka teterusan nyasabkeun maranéhna, nepi ka lalampahan maranéhna jadi leuwih jahat tibatan bangsa-bangsa nu geus dimusnakeun ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél.+ 10  Ku perantaraan para nabi-Na,+ Yéhuwa terus ngomong kieu, 11  ”Manasyé raja Yéhuda geus ngalampahkeun hal nu pikaijideun. Malah, kalakuan manéhna leuwih jahat tibatan sakabéh urang Amori+ nu aya saacan manéhna.+ Manéhna geus ngadosakeun Yéhuda ku berhala-berhala nu pikageuleuheun.* 12  Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Kuring rék ngadatangkeun bahla ka Yérusalém+ jeung Yéhuda. Saha waé nu ngadéngéna bakal rareuwaseun.+ 13  Kuring bakal ngahakiman Yérusalém ku patokan*+ nu dipaké keur ngahukum Samaria+ jeung kulawarga Ahab.+ Yérusalém ku Kuring bakal dibasmi nepi ka béak bersih, kawas hiji jalma ngelap mangkok nepi ka bersih, tuluy ditangkubkeun.+ 14  Kuring bakal ninggalkeun umat Kuring+ nu nyésa kénéh di éta tanah sarta nyerahkeun maranéhna ka musuh-musuhna. Maranéhna bakal dijarah jeung diboyong ku musuh-musuhna,+ 15  lantaran maranéhna ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Kuring jeung teterusan nganyenyeri haté Kuring ti saprak karuhunna budal ti Mesir nepi ka ayeuna.’”+ 16  Manasyé maéhan kacida lobana jalma nu teu salah. Ti tungtung nepi ka tungtung, Yérusalém banjir ku getih.+ Salian ti éta, manéhna ngadosakeun Yéhuda nepi ka maranéhna ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa. 17  Riwayat Manasyé, kaasup sagala nu dilampahkeunana jeung dosa-dosana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 18  Ahirna, Manasyé maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di taman istana, nyaéta taman Uza.+ Geus kitu, Amon anakna ngaganti manéhna jadi raja. 19  Basa jadi raja, Amon+ téh umur 22 taun. Manéhna maréntah salila dua taun di Yérusalém.+ Ngaran indungna téh Mésyulémét anak Haruz, asalna ti Yotba. 20  Amon terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Manasyé bapana.+ 21  Manéhna terus nurutan kalakuan bapana sarta sembah sujud ka berhala-berhala nu pikageuleuheun nu sarua disembah ku bapana.+ 22  Manéhna gé ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhunna jeung teu daék nuturkeun jalan nu dituduhkeun ku Yéhuwa.+ 23  Ka dieunakeun, palayan-palayan Amon sakongkol tuluy maéhan manéhna di istanana sorangan. 24  Tapi, kabéh nu sakongkol éta téh dipaéhan ku rahayat, tuluy rahayat ngangkat Yosia anakna jadi raja gaganti manéhna.+ 25  Riwayat Amon, kaasup nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 26  Manéhna dikuburkeun di taman Uza.+ Yosia+ anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.
Kecap Ibranina némbongkeun yén Allah ngagunakeun alat ukur tukang wangunan pikeun ngahakiman umat-Na.