Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Daptar Istilah Kitab Suci

A B C D E F G H I J K L M N P R S T U W Y Z

A

  • Abyssos.

    Kecap Yunani nu hartina ”jero pisan” atawa ”teu kaduga jerona, euweuh tungtungna”. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ieu téh ngamaksudkeun tempat atawa kaayaan dikerem, contona kuburan jeung nu séjénna.​—Luk 8:31; Rm 10:7; Why 20:3.

  • Ahir jaman.

    Dina ramalan Kitab Suci, istilah ieu ngamaksudkeun hiji mangsa waktu kajadian-kajadian penting di dunya ieu téréh anggeusan. (Yeh 38:16; Dan 10:14; Kis 2:17) Gumantung ramalanana, mangsa ieu lilana bisa sababaraha taun atawa leuwih lila. Nu paling sering disebutkeun dina Kitab Suci, ”ahir jaman” ieu téh maksudna ahir keur jaman urang kiwari, nyaéta salila kahadiran Isa nu teu katingali.—2Tim 3:1; Yak 5:3; 2Pét 3:3.

  • Ahli béntang.

    Jalma nu ngulik gerakna panonpoé, bulan, jeung béntang pikeun ngaramal mangsa ka hareup.—Mat 2:1.

  • Ahli Torét.

    Tukang nyalin Kitab-Kitab Ibrani. Waktu Isa aya di bumi, ieu sebutan keur golongan jalma nu nyaho pisan kana Torét. Maranéhna nentang Isa.—Esra 7:6, 7; Mar 12:38, 39; 14:1.

  • Akhaya.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Akhaya téh ngaran propinsi Romawi, nu aya di Yunani beulah kidul. Ibu kotana téh Korintus. Daérah Akhaya téh kaasup sakabéh Péloponésus jeung bagian tengah daratan Yunani.​—Kis 18:12.

  • Alfa jeung Oméga.

    Aksara nu mimiti jeung nu pangahirna dina abjad Yunani. Alfa jeung Oméga tilu kali disebutkeun babarengan dina buku Wahyu, nu ngamaksudkeun gelar keur Allah. Dina buku Wahyu, ieu téh hartina ”nu mimiti jeung nu panungtungan” sarta ”nu awal jeung nu ahir”.​—Why 1:8; 21:6; 22:13.

  • Al-Masih.

    Sarua jeung Kristus, gelar keur Isa tina kecap Yunani Khristos, nu sarua jeung kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”Mésias” atawa ”Nu Dilantik”.—Mat 1:16; Yah 1:41.

  • Amin.

    ”Sing jadi”, atawa ”pasti”. Asalna tina kecap Ibrani nyaéta aman, nu hartina ”satia; bisa dipercaya”. ”Amin” diucapkeun téh tanda satuju kana hiji sumpah, doa, atawa ucapan. Dina buku Wahyu, ”Amin” téh jadi gelar keur Isa.​—Pam 27:26; 1Bab 16:36; Rm 1:25; Why 3:14.

  • Anak cikal.

    Biasana ngamaksudkeun anak lalaki nu mimiti ti bapana. Dina jaman Kitab Suci, anak cikal nu lalaki dibéré kadudukan jeung kahormatan di kulawargana. Lamun bapana maot, manéhna jadi kapala rumah tangga. Salian ti anak cikal Yéhuwa, Isa téh nu mimiti diciptakeun jeung nu mimiti dihirupkeun deui.—Kaj 25:33; Bud 11:5; Kol 1:15; Why 1:5.

  • Anggota partéy Hérodés.

    Maranéhna téh anggota partéy nasionalistis nu ngadukung tujuan pulitik Hérodés waktu ngawasa di bawah kakawasaan Roma. Sababaraha urang Saduki bisa jadi anggota partéy ieu. Anggota partéy ieu ngahiji jeung urang Parisi pikeun nentang Isa.—Mar 3:6.

  • Antikristus.

    Istilah Yunanina boga dua harti. Harti nu kahiji nyaéta anti atawa nentang Al-Masih. Harti nu kadua nyaéta Al-Masih palsu, nu ngagantikeun Al-Masih. Kabéh jalma, organisasi, atawa kelompok nu ngaku-ngaku wakil Al-Masih atawa ngaku dirina téh Mésias padahal lain, atawa nu nentang Al-­Masih jeung murid-muridna, bisa ogé disebut antikristus atawa musuh Al-Masih.​—1Yah 2:22, cth.

  • Aram.

    Salah sahiji basa nu dipaké ku turunan Sém nu ampir sarua jeung basa Ibrani, abjadna gé sarua. Mimitina mah basa ieu téh dipaké ku bangsa Aram, tapi ka dieunakeun, ieu jadi basa nu umum dipaké ku bangsa-bangsa dina urusan dagang jeung komunikasi waktu pamaréntahan Asiria jeung Babilonia ngawasa. Basa Aram gé jadi basa resmi pamaréntahan Pérsia. (Esra 4:7) Sabagian buku Ésra, Yérmia, jeung Daniél ditulis maké basa Aram. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen gé aya kecap-kecap basa Aram nu dipaké.​—Esra 4:8–6:18; 7:12-26; Yer 10:11; Dan 2:4b–7:28; Mar 14:36; Kis 9:36.

  • Aréopagus.

    Daérah pasir nu luhur di Athé­na, beulah kulon-kalér Akropolis. Ngaran ieu gé dipaké ngaran mahkamah (pangadilan) nu aya di dinya. Paulus pernah dibawa ka dinya ku sababaraha jalma ti golongan Épikuros jeung Stoa pikeun ngajelaskeun kapercayaanana.​—Kis 17:19.

  • Armagédon.

    Kecap Ibrani Har Méghiddohn hartina ”Gunung Mégido”. Digunakeun pikeun ngamaksudkeun ”perang dina poé agung Allah Nu Mahakawasa”, nyaéta waktu ”raja-raja di sakuliah bumi” ngahiji merangan Yéhuwa. (Why 16:14, 16; 19:11-21)​—Tingali KASANGSARAAN NU KACIDA HÉBATNA.

  • Asélgéia.​—

    Tingali TEU ÉRA NYIEUN KAGORÉNGAN.

  • Asia.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Asia téh salah sahiji propinsi Romawi, nu ibu kotana Éfésus. Daérahna téh kaasup sababaraha pulo, saperti Samos jeung Patmos, sarta daérah nu ayeuna mah aya di bagian kulon Turki.—Kis 20:16; Why 1:4.

B

  • Baal.

    Déwa urang Kanaan nu dianggap ngapimilik langit sarta nu méré hujan jeung kasuburan. ”Baal” gé dipaké jadi gelar keur déwa-déwa nu leuwih rendah di daérah éta. Dina basa Ibrani, kecap ieu téh hartina ”Nu Ngapimilik; Dunungan”.—1Rja 18:21; Rm 11:4.

  • Bait.

    Bangunan nu jadi pusat ibadah urang Israél di Yérusalém, nu ngagantikeun tabernakel nu pundah-pindah. Bait nu kahiji dibangun ku Sulaéman, tapi diancurkeun ku urang Babilonia. Bait nu kadua dibangun ku Zérubabél sanggeus urang Israél dibébaskeun ti pangbuangan di Babilonia. Ka dieunakeun, bait éta dibangun deui ku Hérodés Agung. Sakapeung, bait sok disebut ”imah” atawa ”gedong”.—Mat 21:13; 1Bab 29:1; 2Bab 2:4; Mat 24:1; Luk 11:51.

  • Baju karung; Kaén karung.

    Kaén kasar nu dijadikeun karung, kantong, atawa nu sarupa kitu paranti ngawadahan sisikian. Biasana kaén ieu ditinun tina bulu embé nu warnana kolot sarta sok dijadikeun baju waktu keur sungkawa.—Kaj 37:34; Luk 10:13.

  • Baptisan; Ngabaptis.

    Ngabaptis téh hartina ”neuleumkeun”, atawa ngalelepkeun kana jero cai. Isa nitah saha waé nu hayang jadi muridna pikeun dibaptis. Kitab Suci gé nyebutkeun ngeunaan baptisan Yahya, baptisan ku kawasa suci, baptisan ku seuneu, jeung sajabana.—Mat 3:11, 16; 28:19; Yah 3:23; 1Pét 3:21.

  • Batu gilingan.

    Batu nu bentukna bunder nu diteundeun di luhureun batu nu sarupa paragi ngagiling sisikian nu rék dijadikeun tipung. Dina batu bagian handap, di tengah-tengahna téh aya paseuk nu dipasang supaya batu nu di luhur bisa muter. Dina jaman Kitab Suci, para wanita di imah-imah maké gilingan nu leuwih leutik nu bisa diputer ku leungeun. Batu gilingan ieu unggal poé dipaké keur nyieun roti ku kulawarga-kulawarga. Éta sababna Hukum Musa ngalarang batu gilingan ieu disita atawa batu bagian luhurna dijadikeun jaminan. Aya ogé batu gilingan nu leuwih gedé nu diputerna ku sato.—Pam 24:6; Mar 9:42.

  • Batu utama.

    Batu nu ditunda di juru bangunan, tempat napelna dua témbok. Batu ieu téh penting pikeun ngahubungkeun jeung ngahijikeun témbok. Batu utama nu pangpentingna téh nyaéta batu pondasi nu aya di juru, lantaran éta téh batu nu pangkuatna nu biasana dipilih keur gedong-gedong atawa témbok-témbok kota. Pikeun nyiptakeun bumi, saolah-olah kudu aya batu nu di juru, jeung Isa disebut ”batu pondasi nu utama” keur sidang jamaah Kristen, nu disaruakeun jeung imah rohani.—Éf 2:20; Ayub 38:6.

  • Béélzébul.

    Gelarna Sétan, nyaéta pangawasa roh-roh jahat. Kecap ieu gé dipaké keur ngaran déwa nu disembah ku urang Pélisti di Ékron.—2Rja 1:3; Mat 12:24.

  • Bener.

    Dina Kitab Suci, nu disebut bener téh nurutkeun patokan Allah ngeunaan nu bener jeung nu salah.—Kaj 15:6; Pam 6:25; Sep 2:3; Mat 6:33.

  • Béntang isuk.

    Béntang nu pangahirna muncul di wétan saacan panonpoé medal, ku kituna jadi ciri datangna poé nu anyar.—Why 22:16; 2Pét 1:19.

  • Berhala.

    Patung atawa lambang, titironan tina sagala hal nu nyata atawa hayalan, nu disembah ku jalma-jalma. Nu dimaksud nyembah berhala téh lamun saurang jalma muja, nyaah, jeung ngugung-ngugung berhala.—Jab 115:4; Kis 17:16; 1Kor 10:14.

  • Bersih.

    Dina Kitab Suci, kecap ieu teu ngamaksudkeun bersih awak hungkul, tapi ogé ngajaga atawa mulihkeun kaayaan nu tanpa cacad, teu kotor, jeung bébas tina hal-hal nu bisa ngotoran atawa ngaruksak moral atawa karohanian. Dina Hukum Torét, kecap ieu ngamaksudkeun bersih pikeun ibadah.—Ima 10:10; Jab 51:9; Mat 8:2; 1Kor 6:11.

  • Buah nu mimiti.

    Buah-buah nu mimiti salila usum panén atawa hasil nu mimiti tina naon waé. Yéhuwa ngawajibkeun bangsa Israél pikeun nyanggakeun buah nu mimiti ka Anjeunna, teu sual éta téh manusa, sato, atawa hasil pepelakan. Salaku hiji bangsa, urang Israél nyanggakeun buah nu mimiti ka Allah dina Parayaan Roti nu Teu Diragian jeung Parayaan Péntakosta. Istilah ”buah nu mimiti” gé ngibaratkeun Al-Masih jeung murid-muridna nu dilantik pikeun hirup di sorga.—1Kor 15:23, cth.; Bil 15:21; Sil 3:9; Why 14:4, cth.

  • Bulan anyar.

    Poé nu kahiji unggal bulan dina kalénder Yahudi nu dijadikeun waktu keur ngumpul babarengan, dahar babarengan, jeung méré kurban nu istiméwa. Ka dieunakeun, poé éta jadi parayaan nasional nu penting, jeung jalma-jalma teu digawé dina poé éta.—Bil 10:10; 2Bab 8:13; Kol 2:16.

  • Buruan.

    Daérah di luareun tabernakel nu dikurilingan ku pager, jeung ka dieunakeun, daérah di luareun bangunan utama bait nu dikurilingan ku témbok. Mézbah keur ngaduruk kurban aya di buruan tabernakel sarta aya di buruan bait beulah jero. Kitab Suci gé nyebutkeun ngeunaan buruan imah jeung buruan istana.—Bud 8:13; 27:9; 1Rja 7:12; Mat 26:3; Mar 15:16; Why 11:2.

C

  • Cangkang.

    Cangkang téh bagian nu dipisahkeun tina siki nu bisa didahar. Cangkang sok dipaké pikeun ngibaratkeun hal-hal nu euweuh gunana jeung nu teu dipikahayang.—Jab 1:4; Mat 3:12.

D

  • Dékapolis.

    Kota-kota di Yunani nu jadi pusat perdagangan jeung kabudayaan Yunani (Hélenistik), tadina mah aya sapuluh kota (tina kecap Yunani déka, nu hartina ”sapuluh”, jeung polis, nu hartina ”kota”). Ieu gé ngaran pikeun daérah di beulah wétan Situ Galiléa jeung Walungan Yordan, lantaran lolobana kota éta aya di dinya. Isa pernah ngaliwatan daérah éta, tapi teu disebutkeun yén manéhna nganjangan kota-kota éta.—Mat 4:25; Mar 5:20.

  • Dihirupkeunana deui nu maot.

    Kecap Yunanina téh anastasis nu hartina ”dihudangkeun; ditangtungkeun”. Kitab Suci nyebutkeun salapan jalma nu dihirupkeun deui, kaasup Isa nu dihirupkeun deui ku Allah Yéhuwa. Sanajan nu séjénna dihirupkeun deui ku Élia, Élisa, Isa, Pétrus, jeung Paulus, mujijat ieu bisa kajadian lantaran kawasa Allah. ”Boh jalma bener boh jalma teu bener” perlu dihirupkeun deui di bumi téh supaya tujuan Allah laksana. (Kis 24:15) Dina Kitab Suci gé aya jalma-jalma nu dihirupkeun deui ka sorga. Maranéhna téh disebut nu ”dihirupkeun ti heula” atawa nu ”mimiti dihirupkeun deui”, kaasup dulur-dulur Isa nu dilantik ku kawasa suci.—Flp 3:11; Why 20:5, 6; Yah 5:28, 29; 11:25.

  • Dinar.

    Koin pérak Romawi nu beuratna 3,85 g, jeung dina salah sahiji sisina aya gambar Kaisar. Ieu téh buruh digawé sapoé jeung ”pajeg” nu dipénta ku urang Romawi ti urang Yahudi.—Mat 22:17; Luk 20:24.

  • Disunat.

    Miceun kulit bagian luar alat kelamin lalaki. Ieu wajib dilakukeun ku Ibrahim jeung turunanana, tapi teu wajib keur urang Kristen. Dina sababaraha ayat, istilah ieu dipaké keur ibarat.—Kaj 17:10; 1Kor 7:19; Flp 3:3.

  • Drakhma.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun koin pérak Yunani nu harita mah beuratna 3,4 g.—Mat 17:24, cth.

  • Dupa.

    Campuran geutah seungit jeung balsem nu diduruk lalaunan, nu kaambeuna seungit. Aya opat bahan husus dina dupa nu dipaké di tabernakel jeung bait. Ieu diduruk unggal isuk jeung peuting dina mézbah dupa nu aya di Rohangan Suci. Dina Poé Pangampura Dosa, dupa ieu diduruk di jero Rohangan Mahasuci. Ieu ngalambangkeun doa hamba-hamba Allah nu boga iman nu ditarima ku Allah. Urang Kristen teu kudu ngaduruk dupa ieu.—Bud 30:34, 35; Ima 16:13; Why 5:8.

É

  • Éfrat.

    Walungan nu pangpanjangna jeung pangpentingna di Asia beulah kulon-kidul, sarta salah sahiji ti dua walu­ngan utama di Mésopotamia. Walu­ngan ieu mimiti disebutkeun dina Kajadian 2:14, nyaéta salah sahiji ti opat walungan nu aya di Taman Éden. Ieu téh wates daérah urang Israél beulah kalér.—Kaj 15:18; Why 9:14; 16:12.

  • Emur.

    Geutah seungit tina jujukutan nu aya cucukan atawa tina tangkal leutik génus Commiphora. Emur téh salah sahiji bahan minyak suci nu digunakeun pikeun ngalantik. Emur dipaké supaya baju atawa kasur jadi seungit. Emur gé osok ditambahkeun kana minyak keur mijet atawa keur parawatan kulit. Campuran emur jeung cianggur éfékna siga narkotik. Emur gé sok dipaké keur nyiapkeun mayit nu rék dikubur.—Bud 30:23; Sil 7:17; Mar 15:23; Yah 19:39.

  • Épikuros.

    Épikuros téh ahli pilsapat Yunani nu hirup taun 341-​270 SM. Dasar pangajaran manéhna téh nyaéta unggal jalma kudu boga tujuan pikeun hirup senang.—Kis 17:18.

  • Étiopia.

    Bangsa dina jaman baheula nu aya di beulah kidul Mesir. Mun ayeuna mah daérah éta téh di bagian paling kidul Mesir jeung satengah ti bagian kalér Sudan.—Kis 8:27.

F

  • Farisi.

    Sékte agama Yahudi nu kasohor dina abad kahiji M. Maranéhna téh lain turunan imam, tapi bener-bener ngajalankeun Torét nepi ka rincian nu pangleutikna, sarta nganggap tradisi nu teu dicatet gé sarua pentingna jeung Torét. (Mat 23:23) Maranéhna nolak pangaruh budaya Yunani. Salaku jalma-jalma nu ahli kana Torét jeung tradisi, maranéhna boga kawasa nu gedé ka jalma-jalma. (Mat 23:2-6) Sababaraha ti maranéhna gé anggota Sanhédrin. Maranéhna sering teu sajalan jeung Isa ngeunaan ngajalankeun Sabat jeung tradisi, kitu ogé ngeunaan gaul jeung jalma dosa sarta tukang mulung pajeg. Aya sababaraha nu jadi urang Kristen, saperti Saul ti Tarsus.—Mat 9:11; 12:14; Mar 7:5; Luk 6:2; Kis 26:5.

  • Firaun.

    Gelar pikeun raja-raja di Mesir. Aya lima firaun nu disebutkeun ngaranna dina Kitab Suci (Syisak, So, Tirhaka, Nékho, jeung Hofra), tapi nu séjénna mah teu disebutkeun, kaasup firaun nu pernah panggih jeung Ibrahim, Musa, sarta Yusuf.—Bud 15:4; Rm 9:17.

G

  • Géhéna.

    Ngaran Yunanina Lebak Hinom nu aya di beulah kidul jeung kulon-kidul Yérusalém kuno. (Yer 7:31) Dina ramalan, lebak ieu téh jadi tempatna mayit-mayit tinggolépak. (Yer 7:32; 19:6) Euweuh bukti yén sasatoan atawa manusa dialungkeun ka Géhéna pikeun diduruk hirup-hirup atawa disiksa. Jadi, lebak ieu téh teu ngalambangkeun hiji tempat nu dipaké pikeun nyiksa jiwa manusa ku seuneu salilana. Sabalikna, Isa jeung murid-muridna ngagunakeun istilah ieu téh pikeun ngalambangkeun hukuman abadi, nyaéta ”maot nu kadua”, maksudna binasa atawa musna salilana.—Why 20:14; Mat 5:22; 10:28.

  • Gulungan.

    Lambaran panjang perkamén atawa papirus, nu ditulisan dina hiji sisina jeung biasana digulung dina tongkat pondok. Dina jaman Kitab Suci ditulis, can aya buku, jadi ayat-ayat ditulis jeung disalin téh dina gulungan.—Luk 4:17-20; 2Tim 4:13.

H

  • Hadés.

    Kecap Yunani nu hartina sarua jeung kecap Ibrani ”Syéol”. Ieu ditarjamahkeun jadi ”Kuburan” (hurup mimitina gedé), nu ngamaksudkeun tempatna nu maraot.—Tingali KUBURAN.

  • Hasta.

    Ukuran panjang ti siku nepi ka tungtung ramo jajangkung. Ukuran hasta nu biasa dipaké ku urang Israél téh nyaéta 44,5 cm. Tapi, aya ogé ukuran hasta nu leuwih panjang, nyaéta 51,8 cm, bédana jeung hasta biasa téh satapak leungeun.—Kaj 6:15; Mat 6:27; Luk 12:25; Why 21:17.

  • Hérmés.

    Déwa Yunani, anakna déwa Zéus. Di Listra, Paulus disangka déwa Hérmés pédah déwa ieu téh pinter ngomong jeung jadi utusan déwa-déwa séjén.—Kis 14:12.

  • Hérodés.

    Ngaran kulawarga nu jadi raja-raja urang Yahudi nu dilantik ku Roma. Hérodés Agung téh kasohor lantaran ngabangun deui bait di Yérusalém sarta maréntahkeun barudak leutik diparaéhan supaya bisa maéhan Isa. (Mat 2:16; Luk 1:5) Anak-anakna Hérodés Agung, nyaéta Hérodés Arkhélaus jeung Hérodés Antipas, dilantik pikeun ngawasaan bagian-bagian daérah nu dikawasaan ku bapana. (Mat 2:22) Antipas téh pangawasa daérah nu sering disebut ”raja”. Manéhna ngawasa salila Al-Masih ngalalayanan tilu satengah taun, jeung terus ngawasa nepi ka mangsa nu dicatet dina Kisah pasal 12. (Mar 6:14-17; Luk 3:1, 19, 20; 13:31, 32; 23:6-15; Kis 4:27; 13:1) Tuluy, incuna Hérodés Agung, nyaéta Hérodés Agripa I, dipaéhan ku malaikat Allah sanggeus ngawasa sakeudeung. (Kis 12:1-6, 18-23) Anak manéhna nyaéta Hérodés Agripa II, ngawasa waktu urang Yahudi barontak ka Roma.—Kis 23:35; 25:13, 22-27; 26:1, 2, 19-32.

  • Hisop.

    Pepelakan nu dahan jeung daunna alus nu sok dipaké keur ngéprét-ngéprétkeun getih atawa cai dina upacara nyucikeun diri. Bisa jadi ieu téh pepelakan Origanum maru jeung Origanum syriacum. ”Hisop” nu disebut dina Yahya 19:29 bisa jadi jinis pepelakan nu jangkung. Ku kituna, dahanna bisa dipaké keur ngasongkeun sepon ka bahamna Isa.—Ibr 9:19.

  • Hordén.

    Kaén alus nu ditinun jeung disulam gambar kérub-kérub. Kaén ieu misahkeun Rohangan Suci jeung Rohangan Mahasuci, boh di tabernakel boh di bait.—Bud 26:31; 2Bab 3:14; Mat 27:51; Ibr 9:3.

  • Hukum.

    Lamun hurup mimitina gedé, ieu biasana ngamaksudkeun Hukum Musa atawa lima buku mimiti dina Kitab Suci. Lamun hurup mimitina leutik, ieu ngamaksudkeun unggal hukum nu aya dina Hukum Musa atawa prinsip tina hukum éta.—Bil 15:16; Pam 4:8; Mat 7:12; Gal 3:24.

  • Hukum Musa.

    Hukum nu dibikeun ku Yéhuwa ka bangsa Israél liwat Musa di Gurun Keusik Sinai taun 1513 SM. Lima buku nu mimiti dina Kitab Suci, nu ngamuat Hukum Musa, osok disebut Torét.—Mat 5:17; Luk 24:44.

I

  • Iblis.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu téh sebutan keur Sétan, nu hartina ”Tukang Mitnah”. Sétan disebut Iblis lantaran manéhna téh gegedugna tukang mitnah sarta nu nuduh Yéhuwa, firman-Na nu hadé, jeung ngaran-Na nu suci.—Mat 4:1; Yah 8:44; Why 12:9.

  • Ibrani.

    Mimitina, Abram (Ibrahim) disebut ”urang Ibrani” pikeun ngabédakeun manéhna jeung urang Amori nu aya di sakurilingeunana. Ka dieunakeun, ieu ngamaksudkeun turunan Ibrahim liwat incuna, Yakub, sarta ngamaksudkeun basa nu dipaké ku maranéhna. Waktu jaman Isa, basa Ibrani boga loba ungkapan nu asalna ti basa Aram. Basa ieu gé dipaké ku Al-Masih jeung murid-muridna.—Kaj 14:13; Bud 5:3; Kis 26:14.

  • Ikrar.

    Jangji nu bener-bener ka Allah pikeun ngalakukeun hiji hal, méré kurban, ngajalankeun palayanan, atawa pantrang kana hiji hal nu teu dilarang ku hukum. Ikrar téh sérius siga sumpah.—Mat 5:33.

  • Ilirikum.

    Propinsi Romawi nu aya di beulah kulon-kalér Yunani. Dina palayananana, Paulus indit nepi ka Ilirikum, tapi teu disebutkeun manéhna ngawawar di dinya atawa ngan nepi ka wates propinsi éta.—Rm 15:19.

  • Imam.

    Priya nu boga tugas ngawakilan Allah, nu ngalalayanan umat jeung méré nyaho ngeunaan Allah sarta hukum-­hukum-Na. Imam ogé ngawakilan umat di hareupeun Allah. Manéhna nyanggakeun kurban, jadi perantara, jeung mangméntakeun ka Allah demi kapentingan umat. Saacan aya Hukum Musa, nu jadi imam kulawarga téh kapala kulawargana. Sanggeus aya Hukum Musa, nu jadi imam téh priya-priya ti kulawarga Harun ti kaom Léwi. Priya séjénna ti kaom Léwi ngabantuan maranéhna. Dina perjangjian anyar, Israél rohani jadi hiji bangsa imam, sarta Isa Al-Masih jadi Imam Agungna.—Bud 28:41; Ibr 9:24; Why 5:10.

  • Imam agung.

    Dina Hukum Musa, manéhna téh kapala para imam nu ngawakilan jalma-jalma di hareupeun Allah sarta nu ngawaskeun imam-imam séjénna. Ngan manéhna nu meunang asup ka Rohangan Mahasuci, nyaéta rohangan pangjerona di tabernakel, jeung ka dieunakeun di bait. Manéhna asup ka dinya ngan sataun sakali dina Poé Pangampura Dosa. Isa Al-Masih gé disebut ”imam agung”.—Ima 16:2, 17; 21:10; Mat 26:3; Ibr 4:14.

  • Imam kapala.

    Ieu téh istilah séjén pikeun ”imam agung” dina Kitab-Kitab Ibrani. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, istilah ”imam kapala” ngamaksudkeun jalma-jalma penting di antara imam, bisa jadi kaasup mantan imam agung jeung para kapala ti 24 golongan imam.—2Bab 26:20; Esra 7:5; Mat 2:4; Mar 8:31.

  • Israél.

    Ngaran nu dibikeun ku Allah ka Yakub. Ka dieunakeun, ieu ngamaksudkeun kabéh turunan Yakub. Turunan ti 12 anak Yakub biasana disebut putra-putra Israél, umat Israél, atawa bangsa Israél. Israél gé dipaké keur ngaran karajaan sapuluh kaom di kalér nu misah jeung karajaan di kidul. Ka dieunakeun, istilah ieu téh ngamaksudkeun urang Kristen nu dilantik ku kawasa suci, nyaéta ”Israél milik Allah”.—Gal 6:16; Kaj 32:28; Kis 4:10; Rm 9:6.

J

  • Jabur.

    Lagu pupujian keur Allah. Jabur diiring ku alat musik jeung dikawihkeunana waktu keur ibadah, kaasup ibadah ka Allah Yéhuwa di bait di Yérusalém.—Luk 20:42; Kis 13:33; Yak 5:13.

  • Jalan Juragan.

    Murid-murid Isa Al-Masih disebut panganut ”Jalan Juragan” lantaran maranéhna nyonto Isa sarta jalan hirup maranéhna téh sajalan jeung iman ka Isa Al-Masih.—Kis 19:9.

  • Jalma bébas; Jalma nu dibébaskeun.

    Dina pamaréntahan Romawi, ”jalma bébas” téh jalma nu bébas ti barang lahir. Manéhna boga kabéh hak-hak warga nagara. Sabalikna, ”jalma nu dibébaskeun” mah pernah diperbudak. Jalma nu geus resmi dibébaskeun bisa jadi warga nagara Romawi, tapi manéhna teu boga hak jadi pajabat pamaréntah. Jalma nu teu resmi dibébaskeun tina perbudakan teu narima kabéh hak-hak warga nagara.—1Kor 7:22.

  • Jamuan Wengi Isa Al-Masih.

    Acara pikeun miéling maotna Isa. Dina acara ieu biasana aya roti nu teu diragian jeung cianggur nu ngalambangkeun awak jeung getih Al-Masih. Kitab Suci nyebutkeun urang Kristen kudu terus ngayakeun acara ieu. Éta sababna acara ieu gé disebut ”Pangéling-ngéling”.—1Kor 11:20, 23-26.

  • Jinah.

    Hubungan séks nu dihaja antara saurang lalaki atawa awéwé nu geus kawin jeung jalma nu lain batur hirupna.​—Bud 20:14; Mat 5:27; 19:9.

  • Jiwa.

    Ieu téh tarjamahan umum tina kecap Ibrani néfés jeung kecap Yunani psykhé. Sanggeus dipariksa kumaha kecap ieu digunakeun dina Kitab Suci, jelas kecap ieu ngamaksudkeun (1) jalma, (2) sato, atawa (3) kahirupan jalma atawa sato. (Kaj 1:20; 2:7; Bil 31:28; 1Pét 3:20, cth.) Kecap ”jiwa” nu digunakeun ku loba agama béda hartina jeung nu digunakeun dina Kitab Suci. Dina Kitab Suci, kecap néfés jeung psykhé mun dipaké keur manusa atawa sato ngamaksudkeun yén éta téh aya wujudna, bisa dicabak, bisa ditingali, jeung bisa maot. Dina tarjamahan ieu, kecap néfés jeung psykhé lolobana mah ditarjamahkeun gumantung kana makna ayatna, aya nu ditarjamahkeun jadi ”kahirupan”, ”nyawa”, ”jalma”, atawa jadi sebutan keur jalma (contona, ”kuring” pikeun ”jiwa kuring”). Waktu kecap ”jiwa” digunakeun dina ayat atawa catetan handap, maknana sarua jeung nu saacanna geus dijelaskeun. Ngalakukeun hiji hal ku sapinuh jiwa téh hartina ngalakukeunana ku sagemblengna diri, sapinuh haté, atawa ku sakabéh kahirupan saurang jalma. (Pam 6:5; Mat 22:37, cth.) Dina sababaraha ayat, kecap basa aslina bisa ngamaksudkeun kahayang atawa napsu nu dipiboga ku mahluk hirup. Éta gé bisa ngamaksudkeun jalma nu maot atawa mayit.—Bil 6:6; Sil 23:2; Yes 56:11; Hag 2:13.

  • Juragan; Gusti.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, dua kecap ieu ditarjamahkeun tina kecap Kyrios, nu hartina dunungan, nu ngapimilik, atawa kapala. Kecap Yunani ieu ditarjamahkeun jadi ”Gusti” lamun nu dimaksud téh Yéhuwa.—Yah 13:13; Ibr 1:10.

K

  • Kahadiran.

    Dina sababaraha kontéks dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ieu ngamaksudkeun kahadiran Isa Al-Masih jadi raja, nyaéta ti saprak manéhna ditahtakeun di sorga jadi rajana Pamaréntahan Allah nepi ka saterusna, salila ahir jaman. Dina kahadiranana, Al-­Masih lain saukur datang tuluy gancang indit deui. Sabalikna, kahadiranana téh lumangsung dina hiji mangsa.—Mat 24:3.

  • Kaisar.

    Ngaran salah sahiji kulawarga urang Romawi nu dijadikeun gelar pangawasa Romawi. Gelar ieu dipaké ku Agustus, Tibérius, jeung Klaudius nu disebutkeun ngaranna dina Kitab Suci. Gelar ieu gé dipaké ku Néro sanajan ngaranna teu disebutkeun dina Kitab Suci. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ”Kaisar” gé ngamaksudkeun pamaréntah daérah, atawa Nagara.—Mar 12:17; Kis 25:12.

  • Kai tanggungan.

    Kai panjang nu ditanggung dina taktak jalma, nu dina unggal tungtungna sok digantungan beban, atawa rangka kai nu dipasang dina beuheung dua sato nu sok mawa beban (biasana sapi) pikeun narik alat tani atawa karéta. Lantaran budak beulian osok manggul kai tanggungan pikeun mawa beban nu beurat, kai ieu osok ngagambarkeun kaayaan jalma nu diperbudak atawa nu kudu tunduk ka jalma séjén, sarta ngagambarkeun kaayaan jalma nu ditindes jeung sangsara. Nyingkirkeun atawa motongkeun kai tanggungan maksudna téh ngabébaskeun saurang jalma nu tadina dicangcang, ditindes, jeung dimangpaatkeun.—Ima 26:13; Mat 11:29, 30.

  • Kantong kulit.

    Kantong nu dijieun tina kulit sato weuteuh, saperti embé atawa domba, paranti nyimpen cianggur. Cianggur disimpenna dina kantong kulit nu anyar lantaran lamun éta ngahasilkeun alkohol, gas karbon dioksidana bakal neken kantong kulit éta. Kantong nu anyar mah bisa meral, ari nu heubeul mah heuras, jadi lamun aya nu neken téh bakal bucat.—Yos 9:4; Mat 9:17.

  • Karéta.

    Kandaraan roda dua nu ditarik ku kuda nu sok dipaké keur iinditan atawa perang.—Bud 14:23; Hak 4:13; Kis 8:28; Why 9:9.

  • Kasangsaraan nu kacida hébatna.

    Kecap Yunani pikeun ”kasangsaraan” boga harti nalangsa lantaran kaayaan nu susah. Isa nyebutkeun bakal aya ”kasangsaraan nu kacida hébatna” nu can pernah kajadian. Ieu bakal kajadian di Yérusalém jeung utamana bakal kajadian dina mangsa ka hareup waktu manéhna ’datang ku kamulyaan’. (Mat 24:21, 29-31) Paulus ngajelaskeun yén Allah adil waktu méré kasangsaraan ka ”jalma-jalma nu teu kenal ka Allah jeung nu teu nurut kana warta hadé” ngeunaan Isa Al-Masih. Dina Wahyu pasal 19, Isa bakal mingpin pasukan sorga pikeun ngalawan ”sato galak éta, raja-raja di bumi, jeung pasukanna”. (2Tés 1:6-8; Why 19:11-21) ”Sakumpulan jalma nu kacida lobana” bakal salamet tina kasangsaraan éta. (Why 7:9, 14)​—Tingali ARMAGÉDON.

  • Kawasa suci.

    Kawasa Allah nu teu katingali nu digunakeun keur ngawujudkeun kahayang-Na. Kawasa ieu téh suci lantaran asalna ti Yéhuwa, nu mahasuci jeung paling bener, sarta lantaran ieu digunakeun ku Allah pikeun ngalaksanakeun hal-hal nu suci.—Luk 1:35; Kis 1:8.

  • Kérub.

    Malaikat nu kadudukanana luhur jeung boga tugas husus. Kérub béda jeung sérafim.—Kaj 3:24; Bud 25:20; Yes 37:16; Ibr 9:5.

  • Kokolot.

    Dina Kitab Suci, ieu ngamaksudkeun jalma nu boga wewenang jeung tanggung jawab di masarakat atawa bangsa. Dina buku Wahyu, kecap ieu dipaké keur mahluk-mahluk nu aya di sorga. Kecap Yunani présbytéros ditarjamahkeun jadi ”kokolot” lamun ngamaksudkeun jalma-jalma nu boga tanggung jawab mingpin di sidang jamaah.—Bud 4:29; Sil 31:23; 1Tim 5:17; Why 4:4.

  • Kor.

    Ukuran keur bahan padet atawa cair. Hiji kor sarua jeung 220 L. Ukuran ieu ditangtukeun tina takeran bat.—1Rja 5:11; Luk 16:7, cth.

  • Korsi pangadilan.

    Biasana ieu téh panggung di luar rohangan nu aya tanggaan, tempat para pajabat diuk pikeun ngomong ka jalma réa jeung ngumumkeun putusanana. Istilah ”korsi pangadilan Allah” jeung ”korsi pangadilan Al-Masih” ngalambangkeun pangaturan Yéhuwa pikeun ngahakiman manusa.—Rm 14:10; 2Kor 5:10; Yah 19:13.

  • Kristen.

    Ngaran nu dibikeun ku Allah keur murid-muridna Isa Al-Masih.—Kis 11:26; 26:28.

  • Kuburan.

    Lamun hurup nu mimitina leutik, éta ngamaksudkeun kuburan saurang jalma. Lamun hurup nu mimitina gedé, éta ngamaksudkeun tempatna nu maraot, dina basa Ibranina ”Syéol” jeung Yunanina ”Hadés”. Dina Kitab Suci, ieu téh ngalambangkeun hiji tempat atawa kaayaan di mana saurang jalma teu sadar jeung teu bisa ngalakukeun nanaon.—Kaj 47:30; Pan 9:10; Mat 27:61; Kis 2:31.

  • Kurban.

    Sagala nu disanggakeun ka Allah pikeun nganuhunkeun, ngaku salah, sarta mulihkeun deui hubungan jeung Anjeunna. Ti saprak Habil, manusa méré rupa-rupa kurban sukaréla kaasup sasatoan. Sanggeus aya Hukum Musa, méré kurban téh diwajibkeun. Sanggeus Isa ngorbankeun hirupna jadi korban nu sampurna, kurban sasatoan geus teu dibutuhkeun deui. Sanajan kitu, urang Kristen terus méré korban-korban rohani ka Allah.—Kaj 4:4; Ibr 13:15, 16; 1Yah 4:10.

  • Kurban beuleuman.

    Kurban sato nu kabéhanana diduruk dina mézbah pikeun disanggakeun ka Allah. Euweuh bagian sato (sapi jalu, domba jalu, embé jalu, tikukur, atawa japati ngora) nu dicokot ku nu méréna.—Bud 29:18; Ima 6:9; Mar 12:33; Ibr 10:6.

  • Kurban keur dosa.

    Kurban keur dosa nu teu dihaja lantaran kalemahan atawa kateusampurnaan. Nu dikurbankeun téh sasatoan, ti sapi jalu nepi ka japati. Ieu gumantung kana kadudukan jeung kaayaan jalma nu rék dihampura dosana.—Ima 4:27, 29; Ibr 10:8.

  • Kusta.

    Panyakit kulit nu bahaya. Kusta nu disebutkeun dina Kitab Suci béda jeung jaman ayeuna, lantaran baheula mah kusta téh teu ngan saukur keuna ka manusa tapi ogé ka papakéan jeung imah.—Ima 14:54, 55; Luk 5:12.

  • Kutuk.

    Ngutuk hartina ngucapkeun hal-hal goréng nu bakal kajadian ka jalma atawa nu séjénna. Éta béda jeung omongan kasar saurang jalma nu keur ambek. Kutukan téh biasana ucapan atawa ramalan ngeunaan hal-hal goréng nu bakal kajadian. Lamun kutukan asalna ti Allah atawa ti jalma nu boga wewenang, éta téh ramalan nu pasti kajadian.—Kaj 12:3; Bil 22:12; Mar 11:21; Kis 23:12; Rm 12:14; Gal 3:10.

L

  • Lampah cabul.

    Tina kecap Yunani pornéia. Istilah ieu biasana digunakeun dina Kitab Suci pikeun ngamaksudkeun tindakan-tindakan séksual nu dilarang ku Allah. Ieu kaasup jinah, palacuran, hubungan séks antara jalma-jalma nu can kawin, homoséksualitas, sarta hubungan séks jeung sato. Dina buku Wahyu, ”Babilon Gedé” digambarkeun ngalakukeun palacuran agama jeung para pangawasa dunya ieu demi meunangkeun kakawasaan jeung kakayaan. (Why 14:8; 17:2; 18:3; Mat 5:32; Kis 15:29; Gal 5:19)​—Tingali PALACUR.

  • Lantik; Ngalantik.

    Dina basa Ibrani, kecap ieu hartina téh ”ngoléskeun cairan”. Minyak dioléskeun ka saurang jalma atawa hiji barang pikeun ngalambangkeun yén éta dibaktikeun keur tujuan husus. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ieu gé digunakeun waktu kawasa suci dibikeun ka jalma-jalma nu dipilih pikeun hirup di sorga.​—Bud 28:41; 1Sam 16:13; Luk 4:18; Kis 10:38; 2Kor 1:21.

  • Lépton.

    Dina jaman Kitab-Kitab Yunani Kristen, lépton téh duit kencring Yahudi tina tambaga atawa parunggu nu nilaina pangleutikna. Sababaraha Kitab Suci narjamahkeunana jadi ”récéh”.—Mar 12:42; Luk 21:2 (cth.).

  • Léwi.

    Ngaran anak katilu Yakub ti Léa. Ka dieunakeun, ieu jadi ngaran salah sahiji kaom. Ngaran tilu budakna jadi ngaran tilu kelompok utama urang Léwi. Seringna mah istilah ”urang Léwi” ngamaksudkeun sakabéh kaom Léwi, tapi biasana teu kaasup kulawarga imam Harun. Kaom Léwi teu dibéré tanah warisan di Tanah Perjangjian, tapi maranéhna dibéré 48 kota di daérah kaom-kaom séjén.—Pam 10:8; 1Bab 6:1; Ibr 7:11.

  • Lorong Sulaéman.

    Ieu téh jalan nu aya hateupna di beulah wétan buruan luar bait dina jaman Isa. Loba jalma percaya ieu téh sésa-sésa bait Sulaéman. Isa pernah leumpang di dinya dina ”usum tiris”, sarta urang Kristen nu mimiti gé osok kumpul di dinya pikeun ibadah.—Yah 10:22, 23; Kis 5:12.

M

  • Makédonia.

    Daérah di beulah kalér Yunani nu jadi kasohor basa Aléksander Agung maréntah. Daérah éta teu dikawasaan ku sasaha nepi ka ditalukkeun ku urang Romawi. Basa Rasul Paulus mimiti datang ka Éropa, Makédonia geus jadi propinsi Romawi. Paulus ngadatangan Makédonia tilu kali.—Kis 16:9.

  • Malaikat.

    Tina kecap Ibrani malakh jeung kecap Yunani aggélos. Dua kecap éta hartina téh ”utusan”, tapi ditarjamahkeun jadi ”malaikat” lamun ngamaksudkeun mahluk roh nu diutus. (Kaj 16:7; 32:3; Yak 2:25; Why 22:8) Malaikat téh mahluk roh nu kuat, nu diciptakeun ku Allah jauh saacan manusa diciptakeun. Malaikat diciptakeun hiji-hiji jeung teu dibéré kasanggupan pikeun boga turunan. Jumlah maranéhna téh leuwih ti saratus juta. (Dan 7:10) Kitab Suci nunjukkeun unggal malaikat téh boga ngaran jeung kapribadianana masing-masing. Maranéhna rendah haté jeung embung disembah. Kalolobaan malaikat embung méré nyaho ngaranna. (Kaj 32:29; Luk 1:26; Why 22:8, 9) Kadudukan jeung tugas malaikat téh béda-béda, saperti ngalalayanan di hareupeun tahta Yéhuwa, nepikeun warta-Na, ngabantu hamba-hamba Yéhuwa nu aya di bumi, ngalaksanakeun hukuman ti Allah, sarta ngadukung pangwawaran warta hadé. (2Rja 19:35; Jab 34:8; Mat 4:11; Luk 1:30, 31; Why 5:11; 14:6) Dina mangsa ka hareup, maranéhna bakal ngadukung Isa dina perang Armagédon.​—Why 19:14, 15.

  • Manna.

    Dahareun poko urang Israél waktu maranéhna di gurun keusik salila 40 taun. Éta disadiakeun ku Yéhuwa. Roti ieu muncul sacara mujijat dina taneuh di handapeun lapisan ciibun. Ieu muncul unggal isuk kajaba poé Sabat. Waktu mimiti nempo roti ieu, urang Israél pada ngaromong, ”Naon éta?” atawa dina basa Ibranina ”man hu?” (Bud 16:13-15, 35) Isa ogé pernah diibaratkeun siga manna.—Yah 6:49, 50.

  • Marmer.

    Botol leutik paranti minyak seungit dijieun tina batu marmer. Batu ieu asalna ti deukeut Alabastron, Mesir. Biasana mah beuheung botol ieu téh leutik jeung bisa ditutup ngarah minyak seungit nu mahal teu bahé.—Mar 14:3.

  • Média.

    Urang Média téh turunan Madai anakna Yafét. Maranéhna matuh di pagunungan nu aya di dataran luhur Iran. Ka dieunakeun éta jadi nagri Média. Aya sababaraha urang Média nu hadir dina Péntakosta 33 M di Yérusalém.—Kis 2:9.

  • Menyan.

    Geutah garing tina sababaraha tangkal jeung jujukutan génus Boswellia. Mun diduruk, kaambeuna seungit. Me­nyan téh salah sahiji campuran dupa nu suci nu dipaké di tabernakel jeung bait. Dupa ieu disanggakeun bareng jeung kurban dahareun, sarta diteundeun dina unggal tumpukan roti nu dibaktikeun nu aya di Rohangan Suci.—Bud 30:34-36; Ima 2:1; 24:7; Mat 2:11, cth.

  • Mésias.

    Asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”dilantik” atawa ”nu dilantik”. Kecap ieu sarua hartina jeung kecap ”Al-Masih”.—Dan 9:25; Yah 1:41.

  • Mézbah.

    Batu, taneuh, atawa kai nu dilapis ku logam, nu ditumpuk atawa disusun, paranti nyanggakeun kurban atawa dupa. Di rohangan hareup tabernakel jeung bait, aya mézbah emas leutik paranti nyanggakeun dupa. Mézbah ieu téh dijieunna tina kai nu dilapis ku emas. Di bagian luar, di buruan, aya mézbah tambaga nu leuwih gedé paranti nyanggakeun kurban beuleuman. Aya ogé mézbah nu biasa dipaké keur ibadah palsu.​—Bud 39:38, 39; 1Rja 6:20; Mat 5:23, 24; Luk 1:11; Kis 17:23.

  • Mina.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, hiji mina téh sarua nilaina jeung 100 drakhma. Beuratna 340 g.—Luk 19:13.

  • Molokh.

    Déwana urang Amon, bisa jadi ieu téh sarua jeung Malkam, Milkom, sarta Molékh.—Kis 7:43.

  • Mujijat; Tindakan nu hébat.

    Tindakan atawa kajadian nu hébat di luar kasanggupan manusa jeung asalna téh ti sumber-sumber séjén nu hébat pisan. Dina Kitab Suci, istilah ”tanda” sakapeung boga harti nu sarua.—Mat 11:20; Kis 4:22; Ibr 2:4.

  • Murtad.

    Istilah Yunanina (apostasia) asalna tina kecap nu hartina ”nangtung ngajauhan” jeung kecap nu boga makna ”ninggalkeun, ngabaékeun, atawa ngabarontak”. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ”murtad” utamana dipaké keur jalma-jalma nu nyimpang tina ibadah nu sajati.​—Sil 11:9; Kis 21:21; 2Tés 2:3.

N

  • Najis.

    Ieu bisa ngamaksudkeun kotor sacara jasmani atawa ngalanggar hukum moral. Sanajan kitu dina Kitab Suci, kecap ieu sering ngamaksudkeun hiji hal nu teu sajalan jeung Hukum Musa atawa nu teu bersih nurutkeun hukum éta. (Ima 5:2; 13:45; Mat 10:1; Kis 10:14; Éf 5:5)​—Tingali BERSIH.

  • Narwastu.

    Minyak seungit mahal nu warnana semu beureum. Asalna tina pepelakan nu ngaranna narwastu (Nardostachys jatamansi). Lantaran mahal, narwastu osok dicampur ku minyak nu leuwih murah. Narwastu gé osok dipalsukeun. Tapi, Markus jeung Yahya nyebutkeun yén nu dikucurkeun ka Isa téh ”narwastu murni”.—Mar 14:3; Yah 12:3.

  • Ngirik.

    Prosés misah-misahkeun gandum tina cangkangna. Ngirik digawékeunana maké leungeun bari nyekel tongkat. Lamun jumlah gandumna loba, ngagawékeunana maké alat husus, saperti papan paranti ngirik atawa ngagiling, nu ditarik ku sato. Alat-alat éta ngagiling gandum nu diamparkeun di tempat ngirik. Tempatna téh datar jeung bentukna lingkaran, sarta biasana aya di daérah nu luhur nu gampang katebak ku angin.—Ima 26:5; Yes 41:15; Mat 3:12; 1Kor 9:9.

  • Nisan.

    Sanggeus urang Yahudi kaluar ti pangbuangan di Babilon, Nisan dijadikeun ngaran anyar keur bulan Abib, nyaéta bulan nu kahiji dina kalénder agama Yahudi jeung bulan nu katujuh dina kalénder umum Yahudi. Ieu téh antara tengah bulan Maret nepi ka tengah bulan April. (Neh 2:1) Paskah urang Yahudi dirayakeun dina tanggal 14 Nisan. Jamuan wengi ogé mimiti diayakeun ku Isa Al-Masih dina poé éta. (Luk 22:15, 19, 20) Manéhna gé dipakukeun dina tihang dina poé nu sarua.—Luk 23:44-46.

  • Numpangkeun leungeun.

    Numpangkeun leungeun ka saurang jalma téh maksudna manéhna dilantik pikeun tugas husus, atawa diberkahan, atawa dicageurkeun, atawa dibéré kawasa suci.—Bil 27:18; Kis 19:6; 1Tim 5:22.

P

  • Pajabat kota.

    Di daérah-daérah jajahan Romawi, pajabat kota digawé keur pamaréntah. Tugasna téh nyaéta ngajaga katartiban, ngatur kauangan, ngahakiman nu ngalanggar hukum, sarta mutuskeun jeung ngalaksanakeun hukuman.—Kis 16:20.

  • Pakarang perang.

    Pakarang nu dipaké ku prajurit, saperti panutup sirah, baju beusi, beubeur, panutup suku, jeung taméng.—1Sam 31:9; Éf 6:13-17.

  • Palacur.

    Jalma nu ngalakukeun hubungan séksual jeung jalma nu lain batur hirupna, utamana ngarah meunang duit. (Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”palacur”, porné, asalna tina kecap nu hartina ”ngajual”.) Istilah ieu biasana keur awéwé, sanajan lalaki nu ngalacur gé disebutkeun dina Kitab Suci. Dina Hukum Musa, palacuran téh dikutuk. Duit hasil ngalacur teu meunang disumbangkeun ka tempat suci Yéhuwa. Sabalikna, urang kapir mah ngajadikeun palacur kuil sumber panghasilan. (Pam 23:17, 18; 1Rja 14:24) Dina Kitab Suci, istilah ieu ogé ngibaratkeun jalma, bangsa, atawa organisasi nu ngakuna nyembah Allah, tapi nyembah berhala ogé. Misalna dina buku Wahyu, kumpulan agama-agama nu disebut ”Babilon Gedé” digambarkeun siga palacur, lantaran nyobat jeung para pangawasa dunya pikeun meunangkeun kakawasaan jeung harta banda.—Why 17:1-5; 18:3; 1Bab 5:25.

  • Palayan sidang.

    Tina kecap Yunani diakonos nu sering ditarjamahkeun jadi ”hamba” atawa ”palayan”. ”Palayan sidang” téh jalma nu ngabantu badan kokolot di sidang jamaah. Manéhna kudu nyumponan patokan Kitab Suci ngarah bisa narima tugas palayanan ieu.—1Tim 3:8-10, 12.

  • Palayanan suci.

    Pagawéan atawa tugas suci nu aya hubungan langsung jeung ibadah ka Allah.—Rm 12:1; Why 7:15.

  • Pamaréntahan Allah.

    Istilah ieu utamana ngamaksudkeun kakawasaan Allah nu pangluhurna, nu ditémbongkeun liwat pamaréntahan Putra-Na, Isa Al-­Masih.—Mat 12:28; Luk 4:43; 1Kor 15:50.

  • Pamingpin malaikat.

    Dina Kitab Suci, istilah ieu téh aya dina bentuk tunggal. Ieu hartina ngan aya hiji pamingpin malaikat. Kitab Suci nyebutkeun ngaran pamingpin malaikat, nyaéta Mikail.​—Dan 12:1; Yud 9; Why 12:7.

  • Pamingpin Utama.

    Ieu ngamaksudkeun tugas penting Isa Al-Masih pikeun ngabébaskeun jalma-jalma nu satia tina maot lantaran boga dosa, ku kituna maranéhna bisa hirup langgeng.—Kis 3:15; 5:31; Ibr 2:10; 12:2.

  • Pangabdian ka Allah.

    Ngahormat, nyembah, jeung ngalalayanan Allah Yéhuwa bari tetep satia ngadukung hak-Na pikeun ngawasa jagat raya.—1Tim 4:8; 2Tim 3:12.

  • Pangawal Istana.

    Sakelompok prajurit Romawi nu jadi pangawal pribadina kaisar Romawi. Para pangawal ieu boga pangaruh nu gedé dina urusan pulitik. Maranéhna bisa ngadukung atawa ngagulingkeun kaisar.—Flp 1:13.

  • Pangawas.

    Saurang priya nu tanggung jawab utamana téh ngawaskeun jeung ngangon sidang jamaah. Kecap Yunanina épiskopos, jeung makna utamana téh ngawaskeun pikeun ngalindungan. Istilah ”pangawas” jeung ”kokolot” (présbytéros) ngamaksudkeun kadudukan nu sarua di sidang jamaah Kristen. Istilah ”kokolot” nunjukkeun yén jalma nu dilantik téh boga sipat-sipat nu hadé. Ari istilah ”pangawas” nandeskeun tugas-tugas manéhna.—Kis 20:28; 1Tim 3:2-7; 1Pét 5:2.

  • Panjaga.

    Jalma nu ngajaga jalma-jalma atawa harta banda ngarah tetep aman, biasana ngajagana peuting-peuting. Lamun aya bahaya, manéhna bakal méré tanda. Biasana para panjaga cicingna téh di témbok kota jeung munara. Maranéhna merhatikeun ti kajauhan saha waé nu rék datang. Dina widang militér, panjaga sok disebut prajurit.—Mat 27:65; 28:4.

  • Panungtungan jaman.

    Ieu téh mangsa saacan dunya nu dikawasaan ku Sétan dibinasakeun. Mangsa ieu gé bareng jeung mangsa kahadiran Al-Masih. Isa bakal maréntahkeun para malaikat pikeun ”misah-misahkeun jalma jahat ti jalma bener” jeung ngabinasakeun maranéhna. (Mat 13:40-42, 49) Murid-murid Isa hayang nyaho iraha ”panungtungan jaman” téh. (Mat 24:3) Saacan balik ka sorga, manéhna jangji ka murid-muridna bakal terus nyarengan nepi ka panungtungan jaman.—Mat 28:20.

  • Parayaan Pangresmian Bait.

    Parayaan taunan pikeun miéling dibersihkeunana bait nu dinajiskeun ku Antiokhus Épifanés. Parayaan ieu dimimitian tanggal 25 Kisléw salila dalapan poé.—Yah 10:22.

  • Parayaan Roti nu Teu Diragian.

    Ieu téh parayaan nu mimiti tina tilu parayaan utama urang Israél. Ieu dimimitian dina tanggal 15 Nisan, sapoé sanggeus Paskah, sarta dirayakeunana salila tujuh poé. Dina parayaan ieu, ngan roti nu teu diragian nu meunang didahar. Ieu téh pikeun miéling budalna urang Israél ti Mesir.—Bud 23:15; Mar 14:1.

  • Parayaan Tabernakel.

    Disebut ogé Parayaan Saung Daun atawa Parayaan Ngumpulkeun. Ieu dirayakeun dina tanggal 15-21 Étanim pikeun ngarayakeun panén dina ahir taun tani urang Israél. Maranéhna kudu suka bungah jeung nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran hasil tanina diberkahan. Salila parayaan, jalma-jalma cicing di saung-saung atawa tempat-tempat sementara pikeun miéling budalna urang Israél ti Mesir. Ieu téh salah sahiji ti tilu parayaan nu wajib dirayakeun ku para priya. Maranéhna kudu indit ka Yérusalém.—Ima 23:33, 34; Esra 3:4; Yah 7:2.

  • Paribasa.

    Ucapan nu bijaksana atawa carita singget nu aya palajaranana atawa bisa ngajelaskeun bebeneran nu jero maké saeutik kekecapan. Paribasa dina Kitab Suci bisa mangrupa teteguhan atawa kekecapan nu kudu dipikirkeun hartina. Paribasa bisa ngajelaskeun bebeneran maké kekecapan nu pikaresepeun, seringna mah ibarat. Aya paribasa nu sering dipaké pikeun ngaléléwé atawa ngahina sababaraha jalma.—Pan 12:9; 2Pét 2:22.

  • Parousia.​—

    Tingali KAHADIRAN.

  • Paskah.

    Parayaan taunan dina tanggal 14 Abib (ka dieunakeun disebut Ni­san) pikeun miéling bébasna urang Israél ti Mesir. Dina parayaan ieu, anak domba (atawa embé) dipeuncit jeung dibeuleum, geus kitu didahar bareng jeung sayur pait sarta roti nu teu diragian.—Bud 12:27; Yah 6:4; 1Kor 5:7.

  • Pasung.

    Alat paranti ngahukum. Aya pasung nu dipasang ngan dina suku, aya ogé pasung nu dipasang sakaligus dina suku, leungeun, jeung beuheung nepi ka korbanna kudu bengkung tonggongna.—Yer 20:2; Kis 16:24.

  • Pecut.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, pecut téh osok dijieun tina tali nu ditali-talikeun ngarah ngajarendul atawa tali nu dicucukan.—Yah 19:1.

  • Péntakosta.

    Nu kadua ti tilu parayaan utama nu ngawajibkeun kabéh priya Yahudi indit ka Yérusalém pikeun ngarayakeunana. Péntakosta téh hartina ”(Poé) Kalima Puluh”. Istilah ieu dipaké dina Kitab-Kitab Yunani Kristen pikeun ngamaksudkeun Parayaan Panén atawa Parayaan Minggu-Minggu nu aya dina Kitab-Kitab Ibrani. Ieu dirayakeun dina poé nu ka-50 ti saprak 16 Nisan.—Bud 23:16; 34:22; Kis 2:1.

  • Pepelakan pait.

    Rupa-rupa tatangkalan nu rasana pait jeung bauna nyegak. Dina Wahyu 8:11, ”pepelakan pait” téh jat nu rasana pait jeung aya racunan, sok disebut ogé absinthé.

  • Perantara.

    Jalma nu aya di antara dua pihak nu boga tujuan pikeun ngarukunkeun. Dina Kitab Suci, Musa téh per­antarana perjangjian Torét, ari Isa per­antarana perjangjian anyar.—Gal 3:19; 1Tim 2:5; Ibr 12:24.

  • Perjangjian.

    Hal-hal nu disatujuan atawa kontrak resmi antara Allah jeung manusa atawa manusa jeung manusa pikeun ngalakukeun atawa henteu ngalakukeun hiji hal. Sakapeung ngan hiji pihak nu boga tanggung jawab pikeun ngalaksanakeun aturan dina perjangjian. Ieu disebut perjangjian sapihak (unilateral), nu sarua jeung jangji. Perjangjian séjén mah kudu dilaksanakeun ku dua pihak (bilateral). Salian ti perjangjian antara Allah jeung manusa, Kitab Suci gé nyebutkeun perjangjian antara manusa, suku bangsa, bangsa, atawa kelompok. Perjangjian nu pangaruhna gedé pisan téh nyaéta perjangjian antara Allah jeung Ibrahim, Daud, bangsa Israél (perjangjian Hukum), sarta Israél milik Allah (perjangjian anyar).—Kaj 9:11; 15:18; 21:27; Bud 24:7; 2Bab 21:7; Luk 22:29; Kis 3:25; 2Kor 3:6; Ibr 8:6.

  • Perkamén.

    Kulit domba, embé, atawa sapi ngora nu dijadikeun alat tulis. Ieu leuwih awét tibatan papirus, jeung dijadikeun gulungan-gulungan Kitab Suci. Waktu Paulus nitah Timotius mawa perkamén, bisa jadi éta téh bagian tina Kitab-Kitab Ibrani. Sababaraha Gulu­ngan Laut Paéh ditulisna dina perkamén.—2Tim 4:13.

  • Perpuluhan.

    Sapersapuluh bagian (10 persén) nu kudu dibayarkeun, utamana pikeun tujuan ibadah. (Mal 3:10; Pam 26:12; Mat 23:23; Ibr 7:5) Dina Hukum Musa, sapersapuluh tina hasil panén jeung jumlah ingon-ingon nu nambahan dibikeun ka urang Léwi unggal taunna pikeun nunjang maranéhna. Urang Léwi gé méré sapersapuluh tina perpuluhan ieu ka imam-imam turunan Harun pikeun nunjang maranéhna. Aya ogé perpuluhan-perpuluhan séjénna. Urang Kristen teu kudu méré perpuluhan.

  • Persiapan.

    Sebutan keur hiji poé, nyaéta poé saacan Sabat. Dina poé éta, urang Yahudi siap-siap keur Sabat. Poé éta anggeusna téh pas panonpoé surup, nyaéta pas poé Sabat dimimitian, mun ayeuna mah éta téh poé Jumaah. Poéna urang Yahudi téh dimimitian ti panonpoé surup nepi ka panonpoé surup.—Mar 15:42; Luk 23:54.

  • Peti perjangjian.

    Peti nu dijieun tina kai akasia nu dilapis ku emas. Peti éta diteundeun di Rohangan Mahasuci di tabernakel, tuluy ka dieunakeun di Rohangan Mahasuci di bait nu dibangun ku Sulaéman. Panutupna dijieun tina emas jeung di luhurna aya dua kérub nu pahareup-hareup. Eusi nu paling penting dina peti éta téh nyaéta papan-pa­pan batu nu ditulisan Sapuluh Paréntah.​—Pam 31:26; 1Rja 6:19; Ibr 9:4.

  • Pirdaus.

    Taman nu éndah atawa kebon nu siga taman. Taman mimiti nu siga kieu téh Taman Éden, nu dijieun ku Yéhuwa keur pasangan manusa nu mimiti. Waktu ngomong ka penjahat di gigireunana dina tihang siksaan, Isa nunjukkeun yén bumi bakal jadi pirdaus. Dina 2 Korintus 12:4, kecap ieu ngamaksudkeun pirdaus dina mangsa ka hareup, ari dina Wahyu 2:7, ngamaksudkeun pirdaus di sorga.—Kid 4:13; Luk 23:43.

  • Poé Pangadilan.

    Poé atawa mangsana Allah ngahakiman sababaraha kelompok, sababaraha bangsa, atawa kabéh umat manusa. Bisa jadi, éta téh waktuna jalma-jalma nu pantes dihukum pati dipaéhan, ari jalma-jalma séjénna dibéré kasempetan pikeun disalametkeun jeung narima hirup langgeng. ”Poé Pangadilan” dina mangsa ka hareup, nu disebutkeun ku Isa Al-Masih jeung para rasulna, teu ngan saukur keur jalma-jalma nu hirup, tapi ogé keur jalma-jalma nu geus maot.—Mat 12:36.

  • Poé Pangampura Dosa.

    Poé suci nu pangpentingna keur urang Israél, nu disebut ogé Yom Kippur (tina kecap Ibrani yohm hakkippurim, ”poé panutupan”), nu diayakeun tanggal 10 Étanim. Dina Kitab-Kitab Ibrani, éta disebut Poé Pang­ampura Dosa. Ngan dina poé ieu, sakali sataun, imam agung asup ka Rohangan Mahasuci di tabernakel jeung ka dieunakeun di bait. Di dinya, manéhna nyanggakeun getih kurban keur dosana, dosa urang Léwi séjénna, jeung dosa kabéh jalma. Kurban ieu ngagambarkeun kor­ban Isa. Ku korban Isa, dosa manusa bisa bener-bener dihampura sakali keur salilana. Ku kituna, jalma-jalma bisa rukun deui jeung Yéhuwa. Poé ieu téh waktuna ngumpul pikeun ibadah jeung puasa. Poé ieu gé poé sabat, waktuna eureun tina pagawéan.—Ima 23:27, 28; Kis 27:9; Kol 1:20; Ibr 9:12.

  • Pornéia.​—

    Tingali LAMPAH CABUL.

  • Prokonsul.

    Gubernur nu ngapalaan hiji propinsi, nu diawaskeun ku Sénat Romawi. Manéhna boga kawasa dina pang­adilan jeung militér. Sanajan diawaskeun ku Sénat, manéhna nyekel kawasa nu pangluhurna di propinsi.—Kis 13:7; 18:12 (cth.).

  • Puasa.

    Teu dahar nanaon salila waktu nu ditangtukeun. Urang Israél puasa dina Poé Pangampura Dosa, waktu ngalaman kasusah, jeung waktu butuh bingbingan Allah. Urang Yahudi ngayakeun puasa opat kali sataun pikeun miéling kajadian-kajadian goréng dina sajarah bang­sana. Puasa teu diwajibkeun keur urang Kristen.—Esra 8:21; Yes 58:6; Mat 4:2; 9:14; Luk 18:12; Kis 13:2, 3; 27:9.

  • Putra Daud.

    Isa sering disebut kitu. Ieu nandeskeun yén manéhna téh Ahli Waris perjangjian pikeun Pamaréntahan. Nurutkeun ramalan, ahli waris ieu téh salah saurang turunan Daud.—Mat 12:23; 21:9.

  • Putra manusa.

    Dina Injil, istilah ieu disebutkeun kira-kira 80 kali. Sebutan ieu téh keur Isa Al-Masih jeung némbongkeun yén manéhna téh bener-bener dilahirkeun jadi manusa, lainna mahluk roh nu ngajirim. Sebutan ieu gé nunjukkeun yén Isa bakal ngalaksanakeun ramalan nu dicatet dina Daniel 7:​13, 14. Dina Kitab-Kitab Ibrani, Yéhéskél jeung Daniél disebut putra manusa, pikeun nunjukkeun maranéhna téh manusa nu bisa maot, béda jeung Allah nu jadi Sumber ti warta nu kudu ditepikeun ku maranéhna.—Yeh 3:17; Dan 8:17; Mat 19:28; 20:28.

R

  • Ragi.

    Bahan nu ditambahkeun kana adonan ngarah beukah, atawa kana cairan ngarah ngahasilkeun alkohol. Ieu gé ngamaksudkeun bagian adonan nu geus beukah nu dicokot tina adonan nu geus dijieun saacanna. Kitab Suci biasana maké istilah ieu pikeun ngibaratkeun dosa jeung karuksakan, atawa pikeun nunjukkeun kamajuan nu teu katingali.—Bud 12:19, 20; Mat 13:33; Gal 5:9.

  • Ramalan.

    Warta ti Allah nu nyingkabkeun atawa méré nyaho naon kahayang Allah. Ramalan bisa mangrupa pangajaran ti Allah ngeunaan hal-hal hadé, paréntah atawa hukuman ti Allah, atawa warta ngeunaan naon nu bakal kajadian.—Mat 13:14; 2Pét 1:20, 21.

  • Rasiah suci.

    Ieu téh sumberna ti Allah jeung bagian tina tujuan Allah. Ieu disingkabkeun dina waktu nu geus ditangtukeun ku Allah ka jalma-jalma pilihana-Na.—Mar 4:11; Kol 1:26.

  • Rasul.

    Makna dasar kecap ieu téh ”nu diutus”. Kecap ieu gé dipaké keur Isa sarta jalma-jalma nu diutus keur ngalalayanan batur. Seringna mah kecap ieu téh dipaké keur 12 murid nu dipilih langsung ku Isa sarta nu dilantik pikeun jadi wakilna.​—Mar 3:14; Kis 14:14.

  • Roh.

    Kecap Ibrani ruakh jeung kecap Yunani pnéuma, nu sering ditarjamahkeun jadi ”roh”, boga sababaraha harti. Kabéh­anana ngamaksudkeun sagala nu teu bisa ditingali ku manusa jeung nunjukkeun ayana kakuatan nu bisa gerak. Kecap Ibrani jeung Yunani ieu ngamaksudkeun (1) angin, (2) daya kahirupan nu dipiboga ku mahluk hirup, (3) kahayang haté saurang jalma atawa sumanget nu ngagerakkeun manéhna pikeun ngomong atawa ngalakukeun hiji hal, (4) kekecapan nu diilhamkeun nu asalna ti sumber nu teu katingali, (5) mahluk roh, jeung (6) kawasa suci Allah.—Bud 35:21; Jab 104:29; Mat 12:43; Luk 11:13.

  • Rohangan Mahasuci.

    Rohangan pangjerona di tabernakel jeung bait, tempatna peti perjangjian. Nurutkeun Hukum Musa, hiji-hijina jalma nu meunang asup ka Rohangan Mahasuci téh ngan imam agung. Manéhna asup ngan sataun sakali dina Poé Pangampura Dosa.—Bud 26:33; Ima 16:2, 17; 1Rja 6:16; Ibr 9:3.

  • Rohangan Suci.

    Rohangan nu mimiti jeung nu panggedéna di tabernakel atawa bait. Éta béda jeung rohangan pangjerona, Rohangan Mahasuci. Di Rohangan Suci di tabernakel aya tempat lampu emas, mézbah dupa emas, méja roti nu dibaktikeun, jeung pakakas emas. Di Rohangan Suci di bait aya mézbah emas, sapuluh tempat lampu emas, jeung sapuluh méja roti nu dibaktikeun.—Bud 26:33; Ibr 9:2.

  • Roh jahat.

    Mahluk roh nu jahat nu teu katingali jeung jauh leuwih kuat ti manusa. Dina Kajadian 6:2, maranéhna disebut ”putra-putra surgawi”, sarta dina Yudas 6 disebut ”malaikat”, jadi teu diciptakeun jadi mahluk nu jahat. Maranéhna téh malaikat nu ngajadikeun dirina sorangan musuh Allah, ku cara teu taat ka Allah dina jaman Nuh tuluy ngagabung jeung Sétan barontak ka Yéhuwa.—Pam 32:17; Luk 8:30; Kis 16:16; Yak 2:19.

  • Roti nu dibaktikeun.

    Dua belas roti nu ditumpuk jadi dua susun, unggal susunna téh aya genep roti. Roti-roti ieu diteun­deun dina méja di Rohangan Suci di tabernakel jeung bait. Roti nu disanggakeun ka Allah ieu diganti ku roti anyar unggal poé Sabat. Biasana roti nu lila didahar ngan ku para imam.—2Bab 2:4; Bud 25:30; Ima 24:5-9; Mat 12:4; Ibr 9:2.

S

  • Sabat.

    Tina kecap Ibrani nu hartina ”reureuh; eureun”. Ieu téh poé nu katujuh dina mingguna urang Yahudi (ti panonpoé surup poé Jumaah nepi ka panonpoé surup poé Saptu). Poé-poé parayaan séjénna, kaasup taun ka-7 jeung taun ka-50, disebut ogé sabat. Dina poé Sabat, teu meunang aya nu digawé, kajaba imam nu ngalalayanan di tempat suci. Dina taun Sabat, lahan teu meunang dipelakan sarta sasama urang Ibrani teu meunang dipaksa mayar hutang. Dina Hukum Musa, aturan-aturan Sabat téh asup akal, tapi para pamingpin agama nambah-nambahkeun aturan éta, matakna jalma-jalma dina jaman Isa ngarasa beurat ngajalankeunana.—Bud 20:8; Ima 25:4; Luk 13:14-16; Kol 2:16.

  • Saduki.

    Sékte agama Yahudi nu kasohor, nu anggotana téh jalma-jalma beunghar jeung imam-imam nu boga wewenang gedé kana kagiatan di bait. Maranéhna nolak loba tradisi nu euweuh dina Torét nu dijalankeun ku urang Farisi, sarta nolak loba kapercayaan urang Farisi. Maranéhna teu percaya nu maot bisa dihirupkeun deui jeung teu percaya ayana malaikat. Maranéhna nentang Isa.—Mat 16:1; Kis 23:8.

  • Samaria.

    Ibu kota ti karajaan Israél sapuluh kaom di kalér salila kira-kira 200 taun. Daérah kakawasaanana gé ngaranna Samaria. Kota éta dibangun di luhureun gunung nu ngaranna gé sarua. Dina jaman Isa, Samaria téh daérah nu aya di antara Galiléa di beulah kalér jeung Yudéa di beulah kidul. Dina perjalananana, biasana Isa teu ngawawar di daérah dinya, tapi sakapeung manéhna osok ngaliwat ka dinya sarta ngobrol jeung pendudukna. Pétrus ngagunakeun konci Pamaréntahan nu ­kadua waktu urang Samaria narima kawasa suci.—1Rja 16:24; Yah 4:7; Kis 8:14.

  • Sanhédrin.

    Mahkamah agung Yahudi di Yérusalém. Dina jaman Isa, anggotana téh aya 71 urang, éta kaasup imam agung, mantan imam agung, kulawargana imam agung, kokolot, kapala kaom sarta kulawarga, jeung ahli Torét.—Mar 15:1; Kis 5:34; 23:1, 6.

  • Ségel.

    Dina jaman baheula, ieu téh cap dina taneuh liket atawa lilin. Dicapna téh maké bahan nu teuas (batu, gading, atawa kai) nu diukiran hurup atawa gambar nu tibalik. Ségel sok dipaké dina perjangjian, sarta sok dicapkeun kana dokumén atawa barang-barang séjén, misalna panto atawa makam. Ieu téh pikeun nunjukkeun saha nu bogana, ngabuktikeun asli henteuna, jeung ngarah teu diruksak. Sacara kiasan, barang nu diségel ngamaksudkeun hiji hal téh asli, aya nu bogana, atawa dirasiahkeun.—Mat 27:66; Yah 6:27; Éf 1:13; Why 5:1; 9:4.

  • Sékte.

    Sakumpulan jalma nu nuturkeun hiji pangajaran atawa pamingpin, jeung boga kapercayaanana sorangan. Aya dua sékte utama agama Yahudi, nyaéta sékte Farisi jeung Saduki. Jalma-jalma nu lain Kristen ogé nyebutkeun agama Kristen téh ”sékte” atawa ”aliran urang Nazarét”, bisa jadi lantaran dianggap nyimpang tina agama Yahudi. Dina sidang jamaah Kristen gé ahirna aya sékte-sékte, misalna ”sékte Nikolaus” disebutkeun dina buku Wahyu.—Kis 5:17; 15:5; 24:5; 28:22; Why 2:6; 2Pét 2:1.

  • Sétan.

    Tina kecap Ibrani nu hartina ”Nu Nentang”. Manéhna téh musuh utama Allah, nu disebut ogé Iblis.—Ayub 1:6; Mat 4:10; Why 12:9.

  • Sidang jamaah.

    Sakelompok jalma nu ngumpul babarengan lantaran boga tujuan atawa kagiatan nu sarua. Dina Kitab-Kitab Ibrani, ieu biasana ngamaksudkeun bangsa Israél. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun unggal sidang jamaah Kristen, tapi seringna mah ngamaksudkeun kabéh sidang jamaah Kristen.—1Rja 8:22; Kis 9:31; Rm 16:5.

  • Sidekah.

    Bantuan nu dibikeun pikeun nulungan jalma nu ngabutuhkeun. Kitab-Kitab Ibrani teu nyebutkeun langsung ngeunaan hal ieu, tapi aya pituduh nu rinci dina Torét ngeunaan tanggung jawab urang Israél ngabantu nu miskin.—Mat 6:2.

  • Si jahat.

    Sebutan keur Sétan si Iblis, nu nentang Allah jeung patokan-patokana-Na nu bener.—Mat 6:13; 1Yah 5:19.

  • Simeut.

    Salah sahiji jenis serangga. Waktu keur migrasi, jumlahna téh loba pisan. Nurutkeun Hukum Musa simeut meunang didahar. Simeut nu loba pisan osok dianggap wabah lantaran ngagalaksak jeung ngadahar naon waé nu diliwatan ku maranéhna.—Bud 10:14; Mat 3:4.

  • Siria.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Siria téh salah sahiji propinsi Roma nu ibu kotana téh Antiokhia. Wilayahna kurang leuwih sarua jeung Siria (disebut ogé Aram) nu aya dina Kitab-Kitab Ibrani. Gubernur Siria boga wewenang ogé ka sakuliah Palestina.—Luk 2:2; Kis 18:18; Gal 1:21.

  • Sirtis.

    Dua teluk gedé nu déét di basisir Libia, Afrika Utara. Dina dasarna téh loba gundukan keusik nu gusar-gésér lantaran kabawa ku ombak. Éta sababna para palaut sarieuneun, da tempat éta téh bahaya.—Kis 27:17.

  • Sistim dunya.

    Tina kecap Yunani aion. Ngamaksudkeun kaayaan atawa kajadian dina hiji mangsa atawa jaman, nu ngabédakeun mangsa atawa jaman éta ti nu séjénna. Dina Kitab Suci, istilah ”sistim dunya” ngamaksudkeun kaayaan dunya sacara umum sarta jalan hirup dunya ieu. (2Tim 4:10, cth.) Waktu perjangjian Torét dibikeun, Allah ngenalkeun sistim anyar nu disebut jamanna urang Israél atawa urang Yahudi. Waktu Isa Al-Masih jadi korban tebusan, Allah ngenalkeun deui sistim anyar séjénna. Sistim ieu utamana ngalibetkeun sidang jamaah urang Kristen nu dilantik ku kawasa suci. Ieu ngamimitian jaman nu anyar. Dina jaman éta, naon nu digambarkeun ku perjangjian Torét téh laksana. Lamun disebut ”sistim-sistim”, ieu ngamaksudkeun sagala sistim atawa kaayaan, nu geus aya atawa nu bakal aya. Dina sababaraha ayat, sistim-sistim nu dimaksud téh nyaéta sakabéh ciptaan, kaasup panonpoé, béntang, jeung bumi.​—Mat 24:3; Mar 4:19; Rm 12:2; 1Kor 10:11; Ibr 11:3 (cth.).

  • Situ seuneu.

    Tempat nu mangrupa lambang ”nu seuneuna ngagedur ku walirang”. Ieu gé ngamaksudkeun ”maot nu kadua”. Jalma nu teu daék tobat, ­Iblis, malahan maot sarta Kuburan (Hadés) dibalangkeun ka dinya. Mahluk roh, kitu ogé maot jeung Hadés, teu bisa diduruk ku seuneu. Ieu hartina situ éta téh ngan saukur lambang, lain siksaan abadi, tapi ngamaksudkeun binasa salilana.—Why 19:20; 20:14, 15; 21:8.

  • Spiritisme.

    Kapercayaan yén roh saurang jalma masih hirup kénéh sanggeus awakna maot sarta bisa ngomong jeung nu hirup, biasana liwat perantara (dukun) nu boga hubungan jeung roh-roh jahat. Kecap Yunani pikeun spiritisme nyaéta farmakia, nu hartina ”obat bius”. Ieu téh lantaran dina jaman baheula, obat bius osok dipaké waktu ménta kawasa roh-roh jahat pikeun nyieun sihir.—Gal 5:20; Why 21:8.

  • Stoa.

    Maranéhna téh ahli pilsapat Yunani. Maranéhna percaya, lamun hayang bagja, saurang jalma hirupna kudu asup akal sarta sajalan jeung alam. Ceuk maranéhna mah, jalma nu bener-bener bijaksana téh jalma nu teu kapangaruhan ku kanyeri atawa kasenangan.—Kis 17:18.

  • Suci; Kasucian.

    Sipat ieu teu bisa dipisahkeun ti Yéhuwa. Suci téh hartina boga moral nu bersih jeung murni. (Bud 28:36; 1Sam 2:2; Yah 17:11) Lamun nu disebut suci téh manusa (Mar 6:20; Kis 3:21), barang-barang (Rm 7:12; 11:16; 2Tim 3:15), tempat (Mat 4:5; Kis 7:33; Ibr 9:1), jeung kagiatan (Bud 36:4), kecap aslina dina basa Ibrani jeung Yunani boga harti dipisahkeun atawa disucikeun keur Allah nu suci sarta dipisahkeun pikeun ngalalayanan Yéhuwa. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ieu ditarjamahkeun jadi ”suci” jeung ”kasucian” sarta dipaké keur saurang jalma nu laku lampahna murni.—2Kor 7:1; 1Pét 1:15, 16.

  • Sumpah.

    Kekecapan nu neguhkeun yén hiji hal téh bener, atawa jangji nu sérius yén saurang jalma rék ngalakukeun atawa teu ngalakukeun hiji hal. Biasana ieu téh jangji ka pribadi nu leuwih luhur, hususna ka Allah. Yéhuwa nyieun sumpah pikeun neguhkeun perjangjiana-Na jeung Ibrahim.—Kaj 14:22; Ibr 6:16, 17.

T

  • Talénta.

    Ukuran beurat jeung nilai duit Ibrani nu panggedéna. Beuratna téh sarua jeung 34,2 kg. Talénta Yunani beuratna leuwih leutik, kira-kira 20,4 kg.—1Bab 22:14; Mat 18:24.

  • Tanda.

    Barang, tindakan, kaayaan, atawa titingalian nu teu biasa jeung boga makna pikeun nunjukkeun hiji hal, boh nu aya ayeuna boh nu aya dina mangsa ka hareup.—Mat 24:3; Why 1:1, cth.

  • Tanduk.

    Ieu téh tanduk sato nu dipaké keur wadah nginum, wadah minyak, wadah tinta jeung kosmétik, sarta alat musik atawa alat keur méré tanda. (1Sam 16:1, 13; 1Rja 1:39; Yeh 9:2) ”Tanduk” sering dipaké keur ngibaratkeun kakuatan jeung kaunggulan.—Pam 33:17; Mika 4:13; Luk 1:69.

  • Tanduk dina mézbah.

    Di sababaraha mézbah, aya bagian nu siga tanduk di opat juruna nu arahna ka luar.—Ima 8:15; 1Rja 2:28; Why 9:13, cth.

  • Tangkal kahirupan.

    Tangkal nu aya di Taman Éden. Kitab Suci teu ngamaksudkeun yén buah tina tangkal éta téh bisa méré kahirupan, tapi éta ngalambangkeun jaminan Allah yén saha waé nu diidinan ngadahar buahna bakal hirup abadi. Dina buku Wahyu, tangkal éta ngalambangkeun kabéh nu disadiakeun ku Allah sangkan urang bisa hirup.—Kaj 2:9; 3:22; Why 2:7; 22:19.

  • Tarompét.

    Alat tiup nu dijieun tina logam, biasana dipaké keur méré tanda atawa maén musik. Pangumuman panghakiman ti Yéhuwa atawa kajadian-kajadian séjén nu asalna ti Allah saolah-olah di­iring ku sora tarompét.—1Kor 15:52; Why 8:7–11:15.

  • Tartarus.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun kaayaan direndahkeun saperti dikerem di panjara. Malaikat-malaikat nu teu taat dina jaman Nuh saolah-olah dibalangkeun ka dinya. Dina 2 Pétrus 2:4, kecap pagawéan tartaroo (”dibalangkeun ka Tartarus”) lain ngamaksudkeun yén ”para malaikat nu nyieun dosa” dibalangkeun ka tempat nu disebut Tartarus dina kapercayaan urang kapir (nyaéta, panjara di jero taneuh nu poék, tempat déwa-déwa nu kadudukanana leuwih rendah). Sabalikna, ieu hartina maranéhna direndahkeun ku Allah tina kadudukan maranéhna nu istiméwa di sorga, saolah-olah maranéhna aya dina kaayaan nu poék mongkléng, teu bisa nempo tujuan Allah nu gumilang. Mangsa ka hareup maranéhna gé saolah-olah poék, lantaran ceuk Kitab Suci, maranéhna bakal dibinasakeun bareng jeung pamingpin maranéhna, Sétan si Iblis. Jadi, Tartarus téh ngamaksudkeun kaayaan nu pangrendahna pikeun para malaikat nu ngabarontak éta. Ieu béda jeung ”lombang nu kacida jerona” nu disebutkeun dina Wahyu 20:1-3.

  • Tebusan.

    Harga nu dibayarkeun pikeun ngabébaskeun saurang jalma nu ditawan, rék dihukum, keur sangsara, keuna ku dosa, atawa boga kawajiban. Nu kudu dibayarkeun téh can tangtu duit. (Yes 43:3) Tebusan dibutuhkeun dina rupa-rupa kaayaan. Misalna, sakabéh anak cikal lalaki ti manusa jeung sato téh milik Yéhuwa, jadi kudu ditebus supaya dibébaskeun tina palayanan di tempat suci. (Bil 3:45, 46; 18:15, 16) Lamun aya sapi jalu nu galak maéhan jalma lantaran teu dikandangan, nu bogana kudu mayar tebusan supaya manéhna teu dihukum pati sakumaha nu geus ditangtukeun ku hukum. (Bud 21:29, 30) Tapi, teu aya tebusan pikeun jalma nu ngahaja maéhan. (Bil 35:31) Nu pangpentingna, Kitab Suci nandeskeun tebusan nu dibayarkeun ku Al-Masih ku cara ngorbankeun nyawana. Ieu téh supaya manusa nu taat bisa bébas tina dosa jeung maot.—Jab 49:8, 9; Mat 20:28; Éf 1:7.

  • Tempat pameresan anggur.

    Biasana, ieu téh dua lombang gedé nu dijieun tina batu kapur, nu hiji leuwih luhur tiba­tan nu hijina deui, jeung disambungkeun ku saluran leutik. Waktu anggur diperes dina lombang nu luhur, sarina nyurulung kana lombang nu handap. Istilah ieu ngalambangkeun panghakiman Allah.—Why 19:15.

  • Tempat suci.

    Tempat nu dihususkeun keur ibadah. Seringna mah nu disebut tempat suci téh tabernakel atawa bait di Yérusalém. Istilah ieu gé bisa ngamaksudkeun tempat Allah di sorga.—Bud 25:8, 9; 2Rja 10:25; 1Bab 28:10; Why 11:19.

  • Teu éra nyieun kagoréngan.

    Tina kecap Yunani asélgéia. Nu kaasup asélgéia téh tindakan nu bener-bener ngalanggar hukum Allah, jeung teu éra nyieun kagoréngan atawa wani ngahina. Sikep nu siga kitu téh kurang ajar, ngarendahkeun, malahan ngahina wewenang, hukum, jeung patokan. Istilah ieu lain pikeun kasalahan leutik.—Gal 5:19; 2Pét 2:7.

  • Tihang.

    Ieu digunakeun ku sababaraha bangsa pikeun ngahukum pati jeung/atawa némbongkeun mayit ngarah batur sieuneun, atawa pikeun ngahina jalma nu dihukumna. Bangsa Asiria nu katelah kejem dina perang, ngagunakeun tihang nu tungtungna seukeut jang nojos beuteungna para tawanan nepi ka tembus kana rongga dadana, tuluy tawanan éta diantep sina ngagantung dina tihangna. Ari dina hukum Yahudi mah jalma nu ngalakukeun kajahatan parah, saperti ngahina Allah atawa nyembah berhala, dipaéhan heula ku cara dibalédogan ku batu atawa ku cara séjénna, tuluy mayitna digantung dina tihang atawa tatangkalan supaya jadi pépéling keur batur. (Pam 21:22, 23; 2Sam 21:6, 9) Sakapeung, bangsa Romawi ngan nalian nu dihukum dina tihang. Ku kituna, jalma éta bakal maot dina sababaraha poé lantaran ngarasa nyeri, haus, lapar, jeung kapanasan ku panonpoé. Dina sababaraha kajadian, saperti hukuman keur Isa, leungeun jeung suku nu dihukum dipakukeun kana tihang. (Luk 24:20; Yah 19:14-16; 20:25; Kis 2:23, 36)​—Tingali TIHANG SIKSAAN.

  • Tihang siksaan.

    Tina kecap Yunani stauros, nu hartina tihang nu ditangtungkeun, saperti nu dipaké pikeun maéhan Isa. Euweuh bukti yén kecap Yunani ieu téh hartina salib, sakumaha nu dipaké ku urang kapir pikeun lambang kaagamaan ratusan taun saacan aya Al-Masih. Istilah ”tihang siksaan” cocog jeung maksud kecap aslina, lantaran kecap stauros bisa ogé ngamaksudkeun siksaan, kasangsaraan, jeung hinaan nu bakal kaalaman ku murid-muridna. (Mat 16:24; Ibr 12:2)​—Tingali TIHANG.

  • Tobat.

    Dina Kitab Suci, ieu ngamaksudkeun parobahan pikiran bari bener-bener ngarasa kaduhung lantaran cara hirup nu baheula, tindakan nu salah, atawa hal-hal nu gagal dilakukeun. Jalma nu bener-bener tobat bakal némbongkeunana dina tindakan sarta nyieun parobahan.—Mat 3:8; Kis 3:19; 2Pét 3:9.

  • Tukang nyieun garabah.

    Tukang nyieun wadah, piring, mangkok, jeung sajabana tina taneuh liket. Kecap Ibranina hartina ”nu ngabentuk”. Wewenang tukang nyieun garabah kana taneuh liket sering digunakeun pikeun ngagambarkeun wewenang Yéhuwa ka unggal jalma jeung bangsa.—Yes 64:8; Rm 9:21.

  • Tukang sihir.

    Jalma nu dikenal ngagunakeun kakuatan ti roh-roh jahat.—Kis 13:6.

  • Tutup peti.

    Ieu téh tutup peti perjangjian. Di hareupeunana, imam agung ngéprétkeun getih kurban keur dosa dina Poé Pangampura Dosa. Istilah Ibrani ieu asalna tina kecap pagawéan nu hartina ”nutupan (dosa)” atawa bisa jadi ”mupus (dosa)”. Ieu dijieun tina emas, nu di luhureunana aya dua kérub. Masing-masing kérub aya di tungtung tutupna.—Bud 25:17-22; 1Bab 28:11; Ibr 9:5.

U

  • Undi.

    Batu-batu leutik atawa potongan kai nu dipaké waktu rék nyieun putusan. Carana nyaéta, éta kabéh diteun­deun dina lipetan pakéan atawa wadah tuluy dikocok. Undi nu kaluar atawa nu dicokot, éta nu dipilih. Mun rék ngundi biasana dibarengan ku doa.—Mat 27:35; Kis 1:26.

  • Upeti.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun pajeg keur saurang jalma.—Neh 5:4; Rm 13:7.

  • Urang Khaldéa.

    Jalma-jalma nu cicingna di daérah délta Walungan Tigris jeung Éfrat. Baheula pisan, kota nu pangpentingna di daérah urang Khaldéa téh kota Ur, lemburna Ibrahim.—Kis 7:4.

  • Urang Nazarét.

    Sebutan keur Isa, lantaran asalna ti kota Nazarét. Ieu bisa jadi aya hubunganana jeung kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”sirung” dina Yesaya 11:1. Ka dieunakeun, murid-murid Isa gé dikait-kaitkeun jeung sebutan ieu.—Mat 2:23; Kis 24:5.

  • Urang Samaria.

    Istilah ieu mimitina mah ngamaksudkeun urang Israél ti karajaan Israél sapuluh kaom di kalér. Tapi sanggeus Samaria ditalukkeun ku bangsa Asiria taun 740 SM, istilah ieu téh kaasup bangsa asing nu dibawa ku bangsa Asiria ka dinya. Dina jaman Isa, urang Samaria teu ngamaksudkeun suku bangsa atawa wilayah Samaria, tapi ngamaksudkeun sékte agama nu aya di wilayah Syikhém jeung Samaria jaman baheula. Kapercayaan sékte ieu teu sarua jeung kapercayaan agama Yahudi.—Yah 8:48.

  • Urang Yahudi.

    Sebutan keur saurang jalma ti kaom Yéhuda sanggeus runtuhna karajaan Israél sapuluh kaom. (2 Rja 16:6) Sanggeus kaluar ti pangbuangan di Babilon, sebutan ieu dipaké keur urang Israél ti kabéh kaom nu balik deui ka Israél. (Esra 4:12) Ka dieunakeun, ieu dipaké keur ngabédakeun urang Israél ti bangsa séjén. (Est 3:6) Istilah ieu gé dijadikeun ibarat ku Rasul Paulus waktu manéhna ngajelaskeun yén sidang jamaah Kristen mah teu ngabéda-béda bangsa.—Rm 2:28, 29; Gal 3:28.

  • Urang Yunani.

    Urang Yunani asli atawa jalma nu kulawargana asalna ti ditu. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, hartina lain éta hungkul. Ieu bisa ngamaksudkeun kabéh jalma nu lain urang Yahudi atawa jalma-jalma nu kapangaruhan ku basa jeung budaya Yunani.—Yoel 3:6; Yah 12:20.

W

  • Wabah panyakit.

    Rupa-rupa panyakit nu gancang pisan népana nepi ka jadi épidémi jeung nyababkeun maot.—Luk 21:11.

  • Wadah paranti ngaduruk dupa.

    Wadah ieu dijieun tina emas, pérak, atawa tambaga. Wadah ieu dipaké di tabernakel jeung bait pikeun ngaduruk dupa, mindahkeun areng tina mézbah kurban, jeung mindahkeun sumbu nu geus kaduruk tina tempat lampu emas. Ieu gé sok disebut tatadah.—Bud 37:23; 2Bab 26:19; Ibr 9:4.

  • Warta hadé.

    Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, warta hadé téh ngeunaan Pamaréntahan Allah jeung kasalametan lantaran boga iman ka Isa Al-Masih.—Luk 4:18, 43; Kis 5:42; Why 14:6.

  • Welas asih nu taya bandingna.

    Kecap Yunani nu makna utamana téh hiji hal nu nyenangkeun jeung pikaresepeun. Kecap ieu sering ngamaksudkeun hadiah nu dibikeun lantaran welas asih. Lamun nu disebutkeun téh welas asih nu taya bandingna ti Allah, ieu ngamaksudkeun kurnia ti Allah nu béréhan, nu teu ngarepkeun balesan. Ieu nunjukkeun, waktu Allah méré, méréna téh limpah. Salian ti éta, kanyaah jeung kahadéana-Na téh gedé ka manusa. Istilah Yunani ieu gé osok ditarjamahkeun jadi ”kahadéan” jeung ”sumbangan sukaréla”. Ieu dibikeun lain lantaran nu narimana layak dibéré imbalan, tapi lantaran nu méréna béréhan.—2Kor 6:1; Éf 1:7.

Y

  • Yakub.

    Anakna Ishak jeung Ribka. Ka dieunakeun, manéhna dingaranan Israél ku Allah, jeung jadi karuhunna bangsa Israél (nu disebut ogé urang Israél, jeung ka dieunakeun, urang Yahudi). Manéhna boga 12 budak lalaki. Maranéhna jeung turunanana jadi 12 kaom ti bangsa Israél. Ngaran Yakub terus dipaké keur bangsa atawa umat Israél.—Kaj 32:28; Mat 22:32.

  • Yéhuda.

    Anak kaopatna Yakub ti Léa. Saacan maot, Yakub ngaramal yén ti turunan Yéhuda bakal aya pangawasa nu agung jeung ngawasa salilana. Basa jadi manusa, Isa téh turunan Yéhuda. Yéhuda gé ngaran kaom, jeung ka dieunakeun, dijadikeun ngaran karajaan.—Kaj 29:35; 49:10; Ibr 7:14.

  • Yéhuwa.

    Dina Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar, ngaran ”Yéhuwa” muncul 237 kali dina bagian Kitab-­Kitab Yunani Kristen. Putusan dimunculkeunana ngaran Allah téh dumasar kana bukti-bukti ieu:1. Dina salinan Kitab-Kitab Ibrani nu dipaké dina jaman Isa jeung para rasulna, aya Tétragramaton (opat hurup Ibrani keur ngaran Allah, nyaéta יהוה) di sakabéh téks.2. Dina jaman Isa jeung para rasulna, Tétragramaton gé muncul dina Kitab-­Kitab Ibrani nu ditarjamahkeun ka basa Yunani.3. Kitab-Kitab Yunani Kristen nyebutkeun yén Isa sering nyebut ngaran Allah jeung ngenalkeun ngaran Allah ka batur.—Yah 17:6, 11, 12, 26.4. Lantaran Kitab-Kitab Yunani Kristen gé diilhamkeun ku Allah siga Kitab-Kitab Ibrani, teu asup akal lamun ngaran Yéhuwa leungit tina téksna.5. Ngaran pondokna Yéhuwa muncul dina Kitab-Kitab Yunani Kristen.—Why 19:1, 3, 4, 6.6. Tulisan-tulisan urang Yahudi dina jaman baheula nunjukkeun yén urang Kristen Yahudi maké ngaran Allah dina tulis­anana.7. Sababaraha ahli Kitab Suci nyebutkeun yén bisa jadi ngaran Allah muncul dina Kitab-Kitab Yunani Kristen téh lantaran ngutip kekecapan Kitab-Kitab Ibrani nu aya ngaran Allahna.8. Dina ratusan tarjamahan Kitab Suci, muncul ngaran Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen.Jadi jelas, ngaran Allah, nyaéta Yéhuwa, dimunculkeun deui dina Kitab-Kitab Yunani Kristen téh aya alesan nu kuat. Ieu nu dilakukeun ku para panarjamah Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar. Maranéhna ngahargaan pisan ngaran Allah jeung sieun lamun aya nu leungit tina naskah aslina.—Why 22:18, 19.

Z

  • Zéus.

    Déwa nu kadudukanana pangluhurna di antara déwa-déwa nu disembah ku urang Yunani. Di Listra, Barnabas pernah disangka Zéus. Tulisan kuno nu kapanggih di deukeut Listra, nyebutkeun ngeunaan ”imam-imam Zéus” jeung ”Zéus déwa panonpoé”. Kapal nu ditumpakan ku Paulus ti Pulo Malta aya lambangan ”Putra-Putra Zéus”, nyaéta anak kembar nu ngaranna Kastor jeung Poluks.—Kis 14:12; 28:11.

  • Zion; Gunung Zion.

    Ngaran kota urang Yébus nu aya bénténgan di pasir beulah wétan-kidul Yérusalém. Sanggeus Daud nalukkeun kota éta, manéhna ngabangun istana di dinya, jeung kota éta disebut ”Kota Daud”. (2Sam 5:7, 9) Zion jadi gunung nu suci keur Yéhuwa waktu Daud mindahkeun Peti Perjangjian ka dinya. Ka dieunakeun, Zion kaasup bait di daérah Gunung Moria, jeung sakapeung ngamaksudkeun sakabéh kota Yérusalém. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Zion sok dipaké jadi lambang.—Jab 2:6; 1Pét 2:6; Why 14:1.