Nu Ditulis ku Yahya 11:1-57

  • Lazarus maot (1-16)

  • Isa negerkeun Marta jeung Maryam (17-37)

  • Isa ngahirupkeun deui Lazarus (38-44)

  • Rencana pikeun maéhan Isa (45-57)

11  Saurang lalaki nu ngaranna Lazarus keur gering. Manéhna téh ti Bétani, lemburna Maryam jeung lanceukna, nyaéta Marta.  Maryam téh nu ngucurkeun minyak seungit ka Juragan jeung nu nyéka suku Juragan ku buukna. Lazarus nu keur gering téh dulurna.  Jadi Maryam jeung Marta ngirim pesen kieu ka Isa, ”Juragan, jalma nu dipikanyaah ku Juragan keur gering.”  Tapi basa ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Panyakitna moal nyababkeun maot, malah Allah bakal dimulyakeun, jeung ku lantaran éta, Putra Allah gé dimulyakeun.”  Isa nyaah ka Marta, ka adina, jeung ka Lazarus.  Sanajan kitu, basa ngadéngé Lazarus gering, Isa teu langsung indit harita kénéh tapi dua poé sanggeusna.  Geus kitu kakara manéhna ngomong ka murid-muridna, ”Hayu urang ka Yudéa deui.”  Ceuk murid-muridna, ”Rabi,* kakara gé urang Yudéa rék malédogan Rabi, maenya rék ka ditu deui?”  Isa ngajawab, ”Beurang téh aya 12 jam, pan? Saha waé nu leumpang beurang-beurang moal titajong, sabab manéhna ningali caangna dunya ieu. 10  Tapi saha waé nu leumpang peuting-peuting bakal titajong, sabab teu aya caang dina dirina.” 11  Sanggeus ngomong kitu, Isa neruskeun, ”Lazarus, sobat urang-urang, keur saré. Tapi, urang rék ka ditu ngahudangkeun manéhna.” 12  Murid-muridna ngomong, ”Juragan, lamun manéhna keur saré mah engké bakal cageur.” 13  Padahal nu dimaksud ku Isa téh Lazarus geus maot. Tapi nu kabayang ku maranéhna mah Lazarus keur saré biasa. 14  Tuluy ku Isa dijéntrékeun, ”Lazarus geus maot. 15  Urang teu di ditu téh alus keur maranéh, sabab iman maranéh bisa beuki kuat. Hayu urang ka ditu.” 16  Jadi, Tomas nu disebut si Kembar* ngomong ka murid-murid séjén, ”Hayu urang milu ngarah bisa paéh bareng jeung manéhna.” 17  Pas Isa geus nepi, Lazarus geus dimakamkeun salila opat poé. 18  Bétani téh deukeut Yérusalém, jarakna kira-kira tilu kilométer.* 19  Loba urang Yahudi daratang rék negerkeun Marta jeung Maryam nu kakara ditinggal maot ku dulurna. 20  Basa Marta ngadéngé Isa datang, manéhna indit manggihan Isa, ari Maryam mah cicing di imah. 21  Marta tuluy ngomong ka Isa, ”Juragan, coba lamun Juragan aya di dieu, dulur abdi moal nepi ka maot. 22  Tapi abdi yakin, naon waé nu dipénta ku Juragan ka Allah, pasti dikabul.” 23  Isa ngajawab, ”Dulur manéh bakal hirup deui.” 24  Ceuk Marta, ”Abdi apal manéhna bakal hirup waktu jalma-jalma nu maot dihirupkeun deui dina poé panungtungan.” 25  Isa ngomong ka manéhna, ”Urang téh nu ngahirupkeun deui jeung nu méré kahirupan. Saha waé nu boga iman ka urang, manéhna bakal hirup deui sanajan geus maot, 26  sarta saha waé nu hirup kénéh jeung boga iman ka urang moal pernah maot. Percaya, teu?” 27  Ceuk manéhna, ”Muhun Juragan, abdi percaya Juragan téh Al-Masih, Putra Allah, nu dijangjikeun datang ka dunya.” 28  Sanggeus ngomong kitu, manéhna indit ngageroan Maryam, adina, tuluy ngaharéwos, ”Guru geus datang, manéh ditéangan.” 29  Ngadéngé kitu, Maryam cengkat tuluy indit manggihan Isa. 30  Isa can asup ka jero kampung, tapi masih kénéh di tempat manéhna panggih jeung Marta. 31  Harita, aya sababaraha urang Yahudi nu aya di imahna Maryam keur negerkeun manéhna. Barang ningali Maryam rurusuhan indit, maranéhna naluturkeun, da disangkana manéhna téh rék ceurik di makam. 32  Waktu Maryam nepi ka tempat Isa jeung ningali Isa, manéhna ngarumpuyuk di sukuna Isa jeung ngomong, ”Juragan, coba lamun Juragan aya di dieu, dulur abdi moal nepi ka maot.” 33  Waktu Isa ningali Maryam ceurik jeung urang Yahudi nu naluturkeun gé careurik, Isa sedih pisan jeung peurih haténa. 34  Ceuk Isa, ”Di mana makamna?” Ceuk maranéhna, ”Hayu tingali, Juragan.” 35  Isa ngeclakkeun cipanon. 36  Ningali kitu, urang Yahudi ngaromong, ”Tuh tingali, manéhna nyaaheun pisan ka Lazarus!” 37  Tapi, aya ogé nu ngomong, ”Manéhna téh pan bisa ngabeuntakeun jalma lolong, kuduna mah bisa atuh nyegah Lazarus maot.” 38  Isa ngarasa sedih deui, tuluy datang ka makam. Makam éta téh sabenerna guha nu lawangna ditutupan ku batu. 39  Ceuk Isa, ”Singkirkeun batuna.” Marta, dulurna almarhum, ngomong ka manéhna, ”Juragan, ayeuna pasti geus bau da geus opat poé.” 40  Isa ngomong, ”Lainna urang geus ngomong, lamun manéh percaya, manéh bakal ningali hébatna kakawasaan Allah?” 41  Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa tanggah jeung ngomong, ”Bapa, nuhun pisan Bapa ngadangu doa abdi. 42  Abdi terang, Bapa pasti ngadangukeun abdi. Tapi abdi ngadoa téh demi jalma réa nu aya di dieu, supaya maranéhna percaya abdi diutus ku Bapa.” 43  Sanggeus ngomong kitu, manéhna ngagorowok, ”Lazarus, geura kaluar!” 44  Kurunyung nu tadina maot téh kaluar. Suku jeung leungeunna masih kénéh kabungkus ku kaén, sarta beungeutna masih kénéh kabulen ku kaén. Ceuk Isa, ”Laanan kaénna, ngarah manéhna bisa leumpang.” 45  Ku kituna, loba urang Yahudi nu ngalayad Maryam jadi boga iman ka Isa sanggeus ningali naon nu dilakukeun ku manéhna. 46  Tapi, aya ogé nu indit jeung ngalaporkeun naon nu dilakukeun ku Isa ka urang Farisi. 47  Jadi, para imam kapala jeung urang Farisi ngumpulkeun kabéh anggota Sanhédrin, ngomong kieu, ”Urang kudu kumaha? Loba pisan mujijat nu dijieun ku jelema éta. 48  Lamun diantep, kabéh jalma bakal boga iman ka manéhna. Tungtungna, bangsa Romawi bakal datang ngarebut tempat ibadah* jeung bangsa urang.” 49  Tapi salah saurang ti maranéhna, nyaéta Kayafas nu jadi imam agung taun éta, ngomong, ”Maranéh mah teu ngalarti. 50  Maranéh teu paham, kitu? Mending kénéh saurang jalma paéh demi jalma-jalma tibatan sabangsa musna.” 51  Manéhna ngomong kitu téh lain tina pikiranana sorangan. Tapi salaku imam agung taun éta, manéhna digunakeun ku Allah pikeun ngaramalkeun maotna Isa demi bangsa éta, 52  jeung lain demi bangsa éta hungkul, tapi ogé keur ngahijikeun anak-anak Allah nu pabalencar. 53  Jadi ti saprak poé éta, maranéhna mupakat rék maéhan Isa. 54  Ku sabab éta, Isa henteu terang-terangan deui némbongkeun diri di hareupeun urang Yahudi, tapi manéhna indit ka daérah deukeut gurun keusik, ka kota nu disebut Éfraim. Manéhna jeung murid-muridna cicing di dinya. 55  Harita, Paskah urang Yahudi geus deukeut. Loba jalma ti pasisian daratang ka Yérusalém saacan Paskah pikeun ngalakonan upacara nyucikeun diri. 56  Maranéhna naréangan Isa, jeung pada ngaromong kieu bari narangtung di bait, ”Ceuk maranéh kumaha? Manéhna datang moal ka parayaan?” 57  Tapi, imam-imam kapala jeung urang Farisi geus méré paréntah supaya saha waé nu nyaho Isa aya di mana kudu ngalapor, jadi Isa bisa ditéwak ku maranéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”Guru”.
Atawa ”Didimus”.
As. ”kira-kira 15 setadi”.
Maksudna, bait.