Roma 2:1-29

  • Allah ngahakiman urang Yahudi jeung Yunani (1-16)

    • Cara haté sanubari ngingetan urang (14, 15)

  • Urang Yahudi jeung Torét (17-24)

  • Sunat haté (25-29)

2  Teu sual saha aranjeun, aranjeun teu meunang ngahakiman batur, sabab lamun ngahakiman batur bari jeung kalakuan sorangan saruana, éta sarua jeung ngahakiman diri sorangan.  Urang apal lamun Allah ngahakiman jalma nu kawas kitu, ngahakimanana téh sajalan jeung hal-hal nu bener.  Ongkoh aranjeun téh ngahakiman batur, tapi kalakuan sorangan gé sarua siga kitu. Disangka aranjeun, aranjeun bisa lolos kitu waktu Allah ngahakiman?  Atawa aranjeun teu nyaho kitu Allah téh bageur lantaran méré kasempetan supaya aranjeun tobat? Meureun éta sababna aranjeun nyapirakeun Allah nu sakitu bageurna, nahan diri, jeung sabar ka aranjeun.  Tapi angger wéh aranjeun téh heuras beuheung jeung embung tobat, jadi Allah beuki ambek ka aranjeun. Ambekna Allah bakal ditunjukkeun dina poéna Allah ngahakiman jalma-jalma ku cara nu adil.  Anjeunna bakal ngabales unggal jalma satimpal jeung kalakuanana:  Ka nu néangan kamulyaan sarta kahormatan, jeung nu terus ngalampahkeun hal-hal nu hadé, Anjeunna bakal méré kahirupan langgeng jeung awak nu teu bisa musna.  Sabalikna ka nu resep paséa, teu nuturkeun nu bener tapi nuturkeun nu salah, Allah bakal bendu jeung ambek.  Unggal jalma nu migawé kajahatan bakal ngalaman kasangsaraan jeung kasusahan, pangheulana urang Yahudi, terus urang Yunani. 10  Ari unggal jalma anu migawé kahadéan mah bakal meunang kamulyaan, kahormatan, jeung katengtreman, pangheulana urang Yahudi, terus urang Yunani. 11  Allah mah teu ngabéda-béda. 12  Kabéh jalma nu nyieun dosa jeung teu nyaho kana hukum bakal maot sanajan manéhna teu nyaho kana hukum. Tapi kabéh jalma nu nyieun dosa jeung nyaho kana hukum bakal dihakiman nurutkeun hukum éta. 13  Nu disebut jalma bener ku Allah mah lain nu ngadéngékeun hukum, tapi nu ngajalankeun hukum. 14  Sanajan jalma-jalma ti bangsa séjén teu nyaho kana hukum, maranéhna ngajalankeun hal-hal nu aya dina hukum. Éta hartina aya hukum dina haté maranéhna. 15  Tina lalampahan maranéhna kaciri hukum téh katulis dina haténa. Haté sanubarina méré nyaho lalampahanana téh bener atawa salah. Pikiranana sorangan gé bisa nyalahkeun atawa ngabenerkeun lalampahanana. 16  Éta nu bakal kajadian dina poé Allah ngagunakeun Isa Al-Masih pikeun ngahakiman hal-hal nu dirasiahkeun ku manusa. Ieu téh sajalan jeung warta hadé nu diuarkeun ku kuring. 17  Aranjeun téh disebut urang Yahudi, percaya kana hukum, jeung aragul pédah jadi umat Allah. 18  Aranjeun nyaho kahayang Allah jeung paham kana hal-hal nu penting lantaran geus diajar* tina Torét. 19  Aranjeun gé yakin bisa nungtun nu lolong, nyaangan nu aya dina poék, 20  ngadidik nu bodo, ngajar budak leutik, jeung paham kana hal-hal dasar sarta hal-hal nu bener dina Torét. 21  Tapi aranjeun nu sok ngajar batur, ngajar diri sorangan teu? Aranjeun nu sok méré nyaho batur, ”Ulah maok,” sok maok teu? 22  Aranjeun nu ngomong, ”Ulah jinah,” sok jinah teu? Aranjeun nu ijid ka berhala, sok ngarampog kuil teu? 23  Aranjeun nu agul ku hukum, sok ngahina Allah teu ku cara ngalanggar Torét? 24  Dina Kitab Suci geus ditulis, ”Gara-gara maranéh, ngaran Allah dihina ku bangsa-bangsa.” 25  Sabenerna, sunat téh aya mangpaatna lamun aranjeun ngajalankeun hukum. Tapi lamun aranjeun ngalanggar hukum, sarua wéh jeung teu disunat. 26  Jadi lamun jalma nu teu disunat ngajalankeun paréntah-paréntah nu bener dina Torét, manéhna bakal dianggap sarua jeung nu disunat, pan? 27  Lantaran ngajalankeun Torét, jalma nu teu disunat bakal némbongkeun yén aranjeun téh salah, sabab aranjeun geus disunat jeung boga hukum tapi ngalanggar hukum éta. 28  Nu disebut urang Yahudi sajati téh lain ti luarna, sunatna gé lain sunat jasmani. 29  Tapi manéhna jadi urang Yahudi sajati téh lantaran haténa, sunatna gé sunat haté nu dilantarankeun ku kawasa suci, lain ku hukum. Jalma nu siga kitu dipujina téh ku Allah, lain ku sasama jalma.

Catetan Tambihan

Atawa ”diajar sacara lisan”.