Nu Ditulis ku Matius 6:1-34

  • HUTBAH DI GUNUNG (1-34)

    • Ulah ngalampahkeun nu bener ngarah katempo ku batur (1-4)

    • Carana ngadoa (5-15)

    • Puasa (16-18)

    • Harta di dunya jeung di sorga (19-24)

    • Ulah hariwang deui (25-34)

      • Utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah (33)

6  ”Kadé, ulah ngalampahkeun nu bener ngarah katempo ku batur. Mun kitu, maranéh moal meunang ganjaran ti Bapa nu di sorga.  Waktu méré sidekah, ulah sok diuar-uar* siga jalma-jalma nu munapék. Maranéhna osok kitu di tempat-tempat ibadah jeung di jalan-jalan ngarah kapuji ku batur. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna.  Tapi waktu maranéh méré sidekah, leungeun kénca ulah nyaho naon nu dibikeun ku leungeun katuhu,  jadi sidekahna moal kanyahoan ku batur. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana.  ”Salian ti éta, ari ngadoa ulah siga jalma-jalma munapék. Jalma-jalma nu siga kitu mah osok ngadoa bari nangtung di tempat ibadah jeung di péngkolan jalan gedé supaya katempo ku batur. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna.  Tapi, waktu maranéh ngadoa, pék asup ka kamar, tutup pantona, prak ngadoa ka Bapa nu di sorga. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana.  Unggal ngadoa, ulah teterusan maké kekecapan nu sarua kawas jalma-jalma ti bangsa-bangsa séjén. Ceuk pamikirna mah doa nu panjang téh bakal didéngé.  Ulah siga maranéhna. Saacan dipénta gé Bapa maranéh geus nyaho naon nu dibutuhkeun ku maranéh.  ”Jadi kieu carana ngadoa, ”’Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa disucikeun.* 10  Mugia Pamaréntahan Bapa geura ngawasa. Kahoyong Bapa mugia laksana di bumi saperti di sorga. 11  Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun* nu cukup keur poé ieu. 12  Hampura dosa* abdi, sakumaha abdi gé geus ngahampura dosa batur. 13  Tulungan abdi supaya teu nyerah ka* gogoda jeung leupaskeun* abdi ti si jahat.’* 14  ”Lamun maranéh ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé bakal ngahampura maranéh. 15  Tapi lamun maranéh henteu ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé moal ngahampura kasalahan maranéh. 16  ”Mun keur puasa, éta beungeut teu kudu disedih-sedih siga jalma nu munapék. Beungeut maranéhna téh dihaja sina caludih ngarah katempo keur puasa. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 17  Ari maranéh mah lamun keur puasa, pék buuk minyakan, heug sibeungeut, 18  supaya maranéh puasa téh teu katempo ku batur, tapi ngan katempo ku Bapa nu di sorga. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana. 19  ”Ulah ngumpul-ngumpulkeun deui harta di dunya nu bisa dihakan ku ngenget,* bisa taihiangan, jeung bisa dipaok ku bangsat. 20  Tapi, kumpulkeun harta di sorga nu teu bisa dihakan ku ngenget, moal taihiangan, jeung moal dipaok ku bangsat. 21  Sabab di mana aya harta manéh, nya di dinya nyantélna haté manéh. 22  ”Panon téh lampuna awak. Lamun panon manéh ningali hal nu hadé hungkul,* sakujur awak gé bakal cahayaan. 23  Tapi lamun panon manéh sirikan,* sakujur awak gé bakal poék. Lamun nu aya dina diri manéh téh poék, lainna caang, éta kacida pisan poékna. 24  ”Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan, sabab manéhna bakal nyaah ka nu hiji jeung ngéwa ka nu séjén, atawa bakal satia ka nu hiji jeung teu satia ka nu séjén. Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh. 25  ”Ku kituna urang ngabéjaan: Ulah hariwang deui kana kahirupan, mikiran rék dahar naon atawa rék nginum naon, atawa hariwang awak rék dibajuan naon. Kapan kahirupan téh leuwih penting tibatan dahareun, jeung awak téh leuwih penting tibatan baju. 26  Pék sidik-sidik manuk nu keur hiber. Manuk mah tara melak, tara ngala, tara ngumpulkeun dahareun ka lumbung, tapi tetep wéh diparaban ku Bapa maranéh di sorga. Komo deui maranéh, maranéh leuwih penting tibatan manuk, pan? 27  Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik,* kitu? 28  Salian ti éta, ku naon maranéh bet hariwang kana papakéan? Tuh tingali kembang bakung nu jaradi di tegalan, maranéhna tara baranggawé, tara ngaput, 29  tapi urang ngabéjaan, Sulaéman nu kacida beungharna gé teu boga papakéan nu alus siga kitu. 30  Tah, lamun pepelakan nu ayeuna jadi tuluy isukna diduruk ogé dibéré papakéan nu alus ku Allah, komo deui maranéh. Ku naon nepi ka kurang percaya kitu? 31  Jadi, ulah nepi ka hariwang mikiran, ’Naon nu rék didahar?’, ’Naon nu rék diinum?’, atawa ’Naon nu rék dipaké?’ 32  Hal-hal ieu nu diudag-udag ku bangsa-bangsa séjén. Tapi, Bapa maranéh nu di sorga mah nyaho maranéh téh butuh ieu kabéh. 33  ”Ku kituna, utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Engké, sagala pangabutuh maranéh ku Allah dicumponan. 34  Jadi, ulah hariwang poé isukan rék kumaha. Pikiran mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui, da unggal poéna gé aya hariwangna.

Catetan Tambihan

As. ”niup tarompét saméméhna”.
Atawa ”dianggap suci”.
As. ”roti”.
As. ”hutang”.
As. ”Jauhkeun abdi tina”.
Atawa ”salametkeun”.
Maksudna, Sétan.
Serangga nu osok ngahakan kaén.
Atawa ”panon manéh cékas”. As. ”panon manéh saderhana”.
Maksudna, ningali loba hal. As. ”jahat”.
As. ”sahasta”.