Nu Ditulis ku Markus 9:1-50

  • Rupa Isa barobah (1-13)

  • Nyageurkeun budak nu kasurupan roh jahat (14-29)

    • Euweuh nu mustahil keur nu boga iman (23)

  • Isa méré nyaho deui bakal dipaéhan (30-32)

  • Murid-murid ngaributkeun saha nu pangpunjulna (33-37)

  • Nu teu ngalawan urang, aya di pihak urang (38-41)

  • Nu matak pidosaeun (42-48)

  • ”Maranéh kudu siga uyah” (49, 50)

9  Isa ngomong deui ka maranéhna, ”Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Pamaréntahan Allah datang dibarengan ku kakawasaanana.”  Genep poé ti harita, Isa ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yahya ka gunung nu luhur, ngan opatan baé. Tuluy rupa Isa barobah* di hareupeun maranéhna.  Baju luarna jadi bodas gugurilapan. Di dunya moal aya nu bisa nyeuseuh baju jadi sakitu bodasna.  Katempo ogé ku maranéhna aya Musa jeung Élia keur ngobrol jeung Isa.  Tuluy Pétrus ngomong ka Isa, ”Rabi,* urang resep pisan bisa aya di dieu. Ku urang dipangmasangkeun tilu kémah nya, keur Rabi, keur Musa, jeung keur Élia.”  Sabenerna, Pétrus bingung rék ngomong naon da maranéhna sarieuneun pisan.  Tuluy aya awan nu mayungan maranéhna, jeung aya sora nu kaluar ti dinya, ”Tah ieu Putra Kuring, nu dipikanyaah. Sing nurut ka manéhna.”  Maranéhna luak-lieuk, tapi teu nempo sasaha iwal ti Isa.  Basa maranéhna turun gunung, Isa ngomat-ngomat supaya maranéhna ulah bébéja ka sasaha naon nu geus ditingali ku maranéhna nepi ka Putra manusa dihirupkeun deui. 10  Pesen éta ku maranéhna diinget,* tapi maranéhna tiluan ngabahas naon hartina Isa dihirupkeun deui. 11  Terus, maranéhna naranya kieu ka Isa, ”Ku naon ceuk para ahli Torét, Élia kudu datang ti heula?” 12  Isa ngajawab, ”Élia mémang datang ti heula jeung nyiapkeun sagalana. Tapi, ku naon aya ayat nu nyebutkeun Putra manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan jeung dihina-hina? 13  Urang ngabéjaan, sabenerna Élia geus datang, tapi kalah ka sangeunahna dijahatan ku jalma-jalma, sakumaha nu geus ditulis ngeunaan manéhna.” 14  Basa maranéhna nyampeurkeun murid-murid séjén, katempo murid-murid éta keur diriung ku jalma réa sabab keur débat jeung ahli-ahli Torét. 15  Tapi barang Isa katempo ku jalma réa, maranéhna rareuwaseun tuluy lalumpatan mapagkeun manéhna. 16  Isa nanya ka maranéhna, ”Maranéh téh keur débat naon?” 17  Salah saurang ti jalma réa ngajawab, ”Guru, abdi mawa putra abdi ka dieu lantaran manéhna kasurupan roh jahat nepi ka jadi pireu. 18  Unggal diganggu, manéhna dibuntang-banting kana taneuh, sungutna ngabudah, huntuna tingkereket, jeung awakna jadi laleuleus. Abdi geus ménta ka murid-murid supaya roh jahatna diusir, tapi teu barisaeun.” 19  Isa ngajawab, ”Jalma-jalma nu teu boga iman, rék nepi ka iraha urang kudu babarengan jeung maranéh? Rék nepi ka iraha urang kudu sabar ka maranéh? Bawa ka dieu jalmana.” 20  Jadi, budak éta dibawa ka manéhna. Barang nempo manéhna, roh éta nyababkeun budak éta kejang-kejang. Sanggeus tibeubeut kana taneuh, budak éta gugulitikan, sungutna ngabudah. 21  Tuluy Isa nanya ka bapana, ”Ti iraha budak téh kieu?” Dijawabna, ”Ti leuleutik, 22  manéhna sering dibeubeutkeun kana seuneu jeung digejeburkeun kana cai, rék dipaéhan. Lamun Guru bisa nyageurkeun, sing karunya atuh jeung tulungan abdi duaan.” 23  Isa ngomong ka manéhna, ”Ku naon bet ngomong, ’Lamun Guru bisa nyageurkeun?’ Keur jalma nu boga iman mah, euweuh nu mustahil.” 24  Bapana budak éta langsung ngomong ku sora nu tarik, ”Abdi boga iman! Bantuan supaya iman abdi beuki kuat!” 25  Waktu ningali jalma-jalma daratang lalumpatan, Isa ngabentak roh jahat éta, ”Éh, roh jahat nu nyababkeun torék jeung pireu, kaluar ti budak ieu, ulah nyurup-nyurup deui ka manéhna!” 26  Sanggeus ngagorowok jeung nyababkeun budak éta kejang-kejang, roh éta kaluar. Budak téh kacirina siga geus paéh. Kalolobaan jalma gé ngomong, ”Budak téh maot!” 27  Tapi ku Isa, leungeunna dicekel, dihudangkeun, tuluy budak éta nangtung. 28  Sanggeus asup ka imah jeung euweuh sasaha, murid-muridna nanya, ”Ku naon urang-urang mah teu bisa ngusir roh éta?” 29  Isa ngajawab, ”Nu siga kieu mah ngan bisa diusir ku doa.” 30  Ti dinya, manéhna indit liwat Galiléa. Tapi, manéhna embung kanyahoan ku sasaha, 31  sabab manéhna rék ngajar murid-muridna. Ceuk manéhna, ”Putra manusa bakal dihianatan, disérénkeun ka leungeun musuh, tuluy dipaéhan. Sanajan dipaéhan, manéhna bakal dihirupkeun deui tilu poé sanggeusna.” 32  Tapi, maranéhna teu ngartieun omongan éta jeung teu wani nanya. 33  Geus kitu, maranéhna nepi di Kapernaum. Basa keur di imah, maranéhna ditanya ku Isa, ”Tadi di jalan, maranéh ngaributkeun naon?” 34  Maranéhna teu ngajawab, sabab di jalan maranéhna ngaributkeun sual saha nu pangpunjulna. 35  Isa diuk tuluy ngumpulkeun ka-12 rasulna, jeung ngomong kieu, ”Lamun hayang jadi nu kahiji, kudu jadi nu pangpandeurina jeung kudu daék ngaladénan saréréa.” 36  Terus manéhna mawa budak leutik, sina nangtung di tengah-tengah maranéhna. Bari ngarangkul éta budak, manéhna ngomong kieu, 37  ”Saha waé nu narima salah sahiji budak leutik kawas kieu demi urang,* éta sarua jeung narima urang, jeung saha waé nu narima urang, teu ngan saukur narima urang, tapi ogé narima Pribadi nu ngutus urang.” 38  Yahya ngomong ka manéhna, ”Guru, urang ningali aya nu ngusir roh jahat maké ngaran Guru, tapi ku urang dilarang lantaran manéhna lain ti antara urang.” 39  Tapi ku Isa dijawab, ”Tong diulah-ulah, sabab jalma nu nyieun mujijat maké ngaran urang moal ujug-ujug ngagogoréng urang. 40  Saha waé nu teu ngalawan maranéh, aya di pihak maranéh. 41  Jeung saha waé nu méré cai sagelas ka maranéh lantaran maranéh téh muridna Al-Masih, sing percaya, manéhna tangtu meunang ganjaran. 42  Tapi saha waé nu nyababkeun jalma nu siga budak leutik ieu pegat iman,* leuwih hadé lamun beuheungna dikalungan ku batu gedé* tuluy dialungkeun ka laut. 43  ”Lamun leungeun manéh matak pidosaeun,* mending teukteuk. Leuwih hadé manéh buntung tapi meunangkeun kahirupan, tibatan manéh boga dua leungeun tapi dialungkeun ka Géhéna,* nu seuneuna teu bisa dipareuman. 44  *—— 45  Jeung lamun suku manéh matak pidosaeun,* mending teukteuk. Leuwih hadé manéh pincang tapi meunangkeun kahirupan, tibatan manéh boga dua suku tapi dialungkeun ka Géhéna.* 46  *—— 47  Kitu ogé, lamun panon manéh matak pidosaeun,* piceun. Leuwih hadé manéh boga panon sabeulah tapi asup ka Pamaréntahan Allah, tibatan manéh boga dua panon tapi dialungkeun ka Géhéna,* 48  nu bilatungna teu paéh-paéh jeung seuneuna teu pareum-pareum. 49  ”Siga dahareun dibéré uyah, unggal jalma* gé bakal dibéré seuneu. 50  Uyah téh alus, tapi lamun uyahna geus teu asin deui, kumaha diasinkeunana? Maranéh kudu siga uyah, sarta sing rukun jeung batur.”

Catetan Tambihan

Atawa ”ditransfigurasi”.
Atawa ”Guru”.
Atawa bisa jadi, ”dirasiahkeun”.
Atawa ”ngaran urang”.
As. ”titajong”.
Atawa ”batu gilingan gandum nu ditarik ku kaldé”.
As. ”titajong”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
As. ”titajong”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
As. ”titajong”.
Maksudna, jalma-jalma nu dialungkeun ka Géhéna.