Nu Ditulis ku Markus 10:1-52

  • Kawin jeung pepegatan (1-12)

  • Isa ngaberkahan barudak leutik (13-16)

  • Pananya ti lalaki beunghar (17-25)

  • Pangorbanan demi Pamaréntahan Allah (26-31)

  • Isa méré nyaho deui bakal dipaéhan (32-34)

  • Paménta ti Yakobus jeung Yahya (35-45)

    • Isa jadi tebusan keur loba jalma (45)

  • Bartiméus nu lolong dicageurkeun (46-52)

10  Ti dinya, Isa indit jeung nepi ka wates daérah Yudéa di peuntaseun Walungan Yordan. Di dinya gé, jalma-jalma daratang ka manéhna, jeung sakumaha biasana manéhna ngajar jalma-jalma éta.  Sababaraha urang Farisi datang rék ngadoja manéhna. Maranéhna nanyakeun meunang atawa henteu saurang lalaki megatkeun pamajikanana.  Ceuk manéhna, ”Naon nu diparéntahkeun Musa ka maranéh?”  Maranéhna ngajawab, ”Musa ngidinan salaki megatkeun pamajikanana asal méré surat talak.”  Isa ngomong, ”Musa nulis paréntah kitu téh lantaran maranéh heuras beuheung.  Tapi, ti mimiti Allah nyiptakeun manusa, ’Anjeunna nyiptakeun lalaki jeung awéwé.  Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana,  jeung duanana jadi satunggal,’* jadi maranéhna téh lain dua deui, tapi satunggal.  Ku kituna, naon nu geus dihijikeun* ku Allah, teu meunang dipisahkeun ku manusa.” 10  Basa geus aya deui di imah, murid-muridna nanya ngeunaan hal éta. 11  Manéhna ngomong, ”Saha waé nu megatkeun pamajikanana, tuluy kawin deui, manéhna téh jinah jeung geus salah ka pamajikanana, 12  kitu ogé lamun saurang awéwé megatkeun salakina, tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.” 13  Jalma-jalma marawa barudak leutik sina ditumpangan leungeun jeung diberkahan ku Isa, tapi dicarékan ku murid-muridna. 14  Isa teu resepeun ningali éta, tuluy ngomong ka maranéhna, ”Antepkeun barudak téh sina daratang ka urang, ulah dihalang-halang, sabab Pamaréntahan Allah téh keur jalma nu siga maranéhna. 15  Sing percaya, saha waé nu teu daék narima Pamaréntahan Allah siga budak leutik, moal bakal asup ka dinya.” 16  Geus kitu, barudak téh ku Isa dirangkul, ditumpangan leungeun, jeung diberkahan. 17  Pas manéhna keur di jalan, aya saurang lalaki nu lumpat tuluy sideku di hareupeun manéhna, nanya kieu, ”Guru Nu Hadé, abdi kudu kumaha supaya bisa ngawaris hirup langgeng?” 18  Ceuk Isa, ”Ku naon manéh bet nyebut urang hadé? Euweuh deui nu hadé mah, ngan Allah. 19  Manéh apal pan paréntah-paréntah ieu: ’Ulah maéhan, ulah jinah, ulah puak-paok, ulah jadi saksi palsu, ulah nipu, kudu hormat ka indung bapa.’” 20  Éta lalaki ngomong ka manéhna, ”Guru, éta kabéh geus dijalankeun ku abdi ti ngongora.” 21  Isa neuteup jeung nyaaheun ka manéhna. Ceuk Isa, ”Aya hiji nu kurang: Pék jual pangaboga manéh, bikeun hasilna ka nu miskin, ku kituna manéh bakal boga harta di sorga. Geus kitu, hayu jadi murid urang.” 22  Ngadéngé jawabanana, manéhna ngarasa susah haté, tuluy indit bari jeung sedih lantaran harta bandana loba pisan. 23  Isa ningali ka sakuriling tuluy ngomong ka murid-muridna, ”Kacida héséna jelema nu loba duit asup ka Pamaréntahan Allah!” 24  Ngadéngé kitu, murid-muridna reuwas. Tuluy Isa ngomong deui, ”Barudak, asup ka Pamaréntahan Allah téh kacida héséna! 25  Leuwih gampang onta moncor kana liang jarum, tibatan jelema beunghar asup ka Pamaréntahan Allah.” 26  Maranéhna beuki reuwas jeung ngomong ka manéhna,* ”Mun kitu, saha nu bisa salamet?” 27  Bari neuteup murid-muridna, Isa ngomong, ”Keur manusa mah éta mustahil, tapi keur Allah mah henteu, euweuh nu mustahil keur Allah.” 28  Ceuk Pétrus ka manéhna, ”Urang kabéh geus ninggalkeun sagalana supaya bisa nuturkeun Guru.” 29  Ceuk Isa, ”Sing percaya, saha waé nu geus ninggalkeun imah, atawa dulur lalaki, atawa dulur awéwé, atawa indung, atawa bapa, atawa budak, atawa tanah demi urang jeung demi warta hadé, 30  dina jaman ayeuna gé bakal narima 100 kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awéwé, indung, budak, jeung tanah, bari ngalaman panganiayaan. Dina jaman* nu bakal datang gé manéhna bakal narima hirup langgeng. 31  Tapi loba nu tadina ti heula, jadi pandeuri, nu tadina pandeuri jadi ti heula.” 32  Waktu keur indit ka Yérusalém, Isa leumpang di hareupeun murid-muridna. Maranéhna tarajubeun, tapi jalma-jalma nu naluturkeun mah sarieuneun. Terus, manéhna ngajak deui ka-12 rasulna misah ti nu séjén, jeung ngabéjaan naon nu bakal kaalaman ku manéhna, 33  ”Daréngékeun, ayeuna urang rék ka Yérusalém, di ditu Putra manusa bakal diserahkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét, tuluy bakal dihukum pati ku maranéhna. Putra manusa gé bakal disérénkeun ka jalma-jalma ti bangsa séjén. 34  Maranéhna bakal ngaléléwé, nyiduhan, mecutan, jeung maéhan manéhna, tapi tilu poé sanggeusna manéhna bakal hirup deui.” 35  Yakobus jeung Yahya, anak-anakna Zébédéus, ngadeukeutan manéhna jeung ngomong, ”Guru, urang hayang Guru nyumponan naon waé paménta urang.” 36  Ceuk manéhna, ”Rék ménta naon?” 37  Maranéhna ngajawab, ”Urang ménta diidinan diuk di gigireun Guru waktu engké Guru maréntah, hiji di kénca hiji deui di katuhu.” 38  Tapi ceuk Isa, ”Maranéh teu ngarti naon nu dipénta. Maranéh sanggup kitu nginum naon nu rék diinum ku urang, jeung dibaptis ku baptisan nu sarua jeung urang?” 39  Dijawab ku maranéhna, ”Sanggup.” Terus Isa ngomong, ”Maranéh bakal nginum naon nu rék diinum ku urang, jeung bakal dibaptis ku baptisan nu sarua jeung urang. 40  Tapi sual diuk di katuhu atawa kéncaeun urang mah lain urang nu nangtukeun. Éta geus disiapkeun keur jalma-jalma nu ditangtukeun.” 41  Basa hal éta kadéngé ku nu sapuluhna deui, maranéhna keuheul ka Yakobus jeung Yahya. 42  Tapi, Isa ngumpulkeun maranéhna jeung ngomong kieu, ”Maranéh nyaho pan jalma-jalma nu dianggap pangawasa bangsa-bangsa mah maréntah rahayatna, jeung para pajabat ngawasaan maranéhna. 43  Tapi maranéh mah ulah kitu, saha waé nu hayang jadi nu pangpunjulna kudu daék ngaladénan batur, 44  jeung saha waé nu hayang jadi nu kahiji kudu daék ngalalayanan saréréa. 45  Malah Putra manusa ogé datang téh lain rék diladénan tapi rék ngaladénan jeung ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma.” 46  Tuluy maranéhna nepi ka Yérikho. Tapi waktu manéhna, murid-muridna, jeung loba jalma kaluar ti Yérikho, aya tukang ménta-ménta nu lolong, nu ngaranna Bartiméus (anakna Timéus), diuk di sisi jalan. 47  Waktu nyahoeun Isa urang Nazarét keur ngaliwat, manéhna gogorowokan, ”Isa, Putra Daud, sing karunya ka abdi!” 48  Loba nu nyarékan sina jempé. Tapi, manéhna kalah ka beuki tarik ngagorowokna, ”Putra Daud, sing karunya ka abdi atuh!” 49  Jadi Isa eureun, jeung ngomong kieu, ”Geroan ka dieu.” Jelema lolong éta digeroan ku maranéhna, cenah, ”Sing gedé haté! Cengkat, manéh digeroan.” 50  Bari ngalungkeun baju luarna, manéhna langsung nangtung terus nyampeurkeun Isa. 51  Isa ngomong ka manéhna, ”Akang téh hayang naon?” Ceuk jalma nu lolong éta, ”Rabuni,* abdi hayang bisa ningali deui.” 52  Isa ngomong, ”Jung balik. Akang cageur lantaran boga iman.” Manéhna langsung bisa ningali deui tuluy nuturkeun Isa.

Catetan Tambihan

As. ”sadaging”.
As. ”dihijikeun maké kai tanggungan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
Atawa bisa jadi, ”di antara maranéhna”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Hartina ”Guru”.