Kisah Para Rasul 8:1-40

  • Saulus tukang nganiaya (1-3)

  • Palayanan Filipus nu suksés di Samaria (4-13)

  • Pétrus jeung Yahya diutus ka Samaria (14-17)

  • Simon hayang meuli kawasa suci (18-25)

  • Pajabat luhur ti Étiopia (26-40)

8  Ari Saulus satuju Stéfanus dipaéhan. Harita, sidang jamaah di Yérusalém mulai dikaniaya kacida parahna. Kabéh malencar ka daérah Yudéa jeung Samaria, kajaba para rasul.  Tapi, jalma-jalma soléh nguburkeun Stéfanus. Maranéhna nyeungceurikan manéhna bakating ku sedih-sedihna.  Ari Saulus mulai nganiaya sidang jamaah. Manéhna ngontrog imah-imah, nyéréd boh awéwé boh lalaki, tuluy dijarebloskeun ka panjara.  Tapi, kabéh nu malencar nguarkeun warta hadé ngeunaan firman Allah ka mana-mana di nagri éta.  Salah sahijina téh Filipus, manéhna indit ka kota* Samaria jeung ngawawar ngeunaan Al-Masih di dinya.  Jalma réa bener-bener merhatikeun Filipus bari ngadéngékeun omonganana jeung ningali mujijat-mujijatna.  Loba roh jahat dialusiran, maranéhna kalaluar ti jalma-jalma nu diasupanana bari tingjarerit. Loba ogé jalma nu lumpuh jeung pincang nu dicalageurkeun.  Ku kituna, jalma-jalma di kota éta gumbira pisan.  Di kota éta, aya lalaki nu ngaranna Simon. Manéhna ngaku-ngaku jelema hébat pédah ti baheulana bisa sihir, nu matak penduduk Samaria tarajubeun ka manéhna. 10  Kabéh jalma, ti jalma biasa nepi ka jalma penting, osok merhatikeun manéhna jeung ngomong, ”Manéhna téh Kawasa Allah, nu disebut si Hébat.” 11  Salila ieu, jalma-jalma osok merhatikeun manéhna lantaran tarajubeun ku élmu sihirna. 12  Tapi, sanggeus ku Filipus diwawaran warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah jeung ngaran Isa Al-Masih, jalma-jalma jadi palercaya, boh awéwé boh lalaki dibaraptis. 13  Simon ogé jadi jelema percaya. Sanggeus dibaptis, manéhna terus babarengan jeung Filipus. Manéhna tajubeun nempo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat nu dijieun ku Filipus. 14  Basa para rasul di Yérusalém ngadéngé urang Samaria narima firman Allah, maranéhna ngutus Pétrus jeung Yahya ka ditu. 15  Jadi, dua rasul ieu indit ka Samaria, jeung ngadoa sangkan jalma-jalma di ditu dibéré kawasa suci, 16  sabab saurang gé can aya nu nampa kawasa suci, kakara dibaptis hungkul ku ngaran Juragan Isa. 17  Jadi dua rasul éta numpangkeun leungeun ka maranéhna, tuluy maranéhna narima kawasa suci. 18  Sanggeus ningali jalma-jalma nu ditumpangan leungeun ku para rasul narima kawasa suci, Simon nawaran duit, 19  jeung ngomong, ”Pasihan abdi kabisa siga kitu, supaya jalma-jalma nu ditumpangan leungeun ku abdi bisa narima kawasa suci.” 20  Tapi ceuk Pétrus, ”Manéh sing binasa jeung duit manéh. Disangka manéh kurnia ti Allah téh bisa dibeuli ku duit? 21  Manéh moal meunang bagian dina hal ieu, sabab haté manéh teu lempeng dina pandangan Allah. 22  Geura tobat tina kasalahan manéh jeung sasambat ka Yéhuwa, sugan niat jahat manéh dihampura, 23  sabab urang ningali manéh siga racun jeung hayangna téh nyieun salah waé.” 24  Simon ngajawab, ”Pangnyambatkeun ka Yéhuwa atuh, supaya naon nu diucapkeun ku anjeun téh ulah aya nu kajadian ka abdi.” 25  Sanggeus méré kasaksian nu jéntré ka mamana jeung nepikeun firman Yéhuwa, maranéhna balik ka Yérusalém bari nguarkeun warta hadé ka désa-désa urang Samaria nu kaliwatan ku maranéhna. 26  Terus, aya malaikat Yéhuwa nu ngomong kieu ka Filipus, ”Geura indit ka béh kidul, ka jalan nu mudun ti Yérusalém ka Gaza.” (Jalan ieu téh aya di gurun keusik.) 27  Bral Filipus indit, ari pék téh panggih jeung pajabat luhur ti Étiopia, bawahanana Kandaké, ratu nagri Étiopia. Manéhna nu ngurus sakabéh harta bandana ratu. Harita, manéhna tas ti Yérusalém pikeun ibadah 28  jeung ayeuna rék balik. Manéhna keur diuk dina karéta kuda bari maca tulisan Nabi Yésaya ku sora nu tarik. 29  Liwat kawasa suci, Filipus dibéré nyaho, ”Jung sampeurkeun, deukeutan karétana.” 30  Filipus lumpat di gigireunana jeung ngadéngé manéhna maca tulisan Nabi Yésaya. Filipus nanya, ”Bapa ngartos teu nu dibaca?” 31  Ceuk manéhna, ”Rék ngarti kumaha lamun teu aya nu nerangkeun?” Jadi, manéhna nitah Filipus naék jeung diuk di gigireunana. 32  Ayat nu dibaca ku manéhna téh ieu, ”Ibarat domba nu ditungtun rék dipeuncit, jeung ibarat anak domba nu rék dicukur buluna, manéhna gé tetep balem. 33  Waktu dihina-hina, manéhna teu meunang kaadilan. Lantaran manéhna bakal dimusnakeun ti bumi, saha nu bakal nyaritakeun asal-usulna?” 34  Pajabat éta tuluy ngomong ka Filipus, ”Punten pangnerangkeun, saha nu dimaksud ku nabi ieu? Dirina sorangan atawa nu lian?” 35  Jadi, ku Filipus diterangkeun. Manéhna nyaritakeun warta hadé ngeunaan Isa mimiti ti ayat éta. 36  Tuluy maranéhna nepi di tempat nu loba caina. Pajabat éta ngomong, ”Tuh, di ditu aya cai. Mun teu aya nu ngahalangan deui mah kumaha lamun abdi dibaptis ayeuna?” 37  *—— 38  Karétana dititah eureun, tuluy Filipus jeung pajabat éta alancrub kana cai. Manéhna dibaptis ku Filipus. 39  Barang maranéhna kaluar tina cai, Filipus teu katingali deui ku pajabat éta lantaran langsung dibawa indit ku kawasa suci Yéhuwa. Tapi éta pajabat neruskeun perjalananana bari jeung bungah. 40  Ari Filipus mah nepi di Asdod. Manéhna ngurilingan daérah éta jeung terus nguarkeun warta hadé ka kabéh kota nepi ka Kaisaréa.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi, ”ka salah sahiji kota di”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.