Kisah Para Rasul 5:1-42

  • Ananias jeung Safira (1-11)

  • Para rasul nyieun loba mujijat (12-16)

  • Dipanjarakeun tuluy dibébaskeun (17-21a)

  • Dibawa deui ka Sanhédrin (21b-32)

    • ’Kudu leuwih taat ka Allah tibatan ka manusa’ (29)

  • Naséhat Gamaliél (33-40)

  • Ngawawar ti imah ka imah (41, 42)

5  Aya saurang lalaki nu ngaranna Ananias, pamajikanana téh Safira. Manéhna ngajual tanahna.  Duit beubeunanganana disumputkeun sawaréh keur sorangan, pamajikanana gé nyahoeun. Ari nu sawaréhna deui dibawa jeung diserahkeun ka para rasul.  Tapi ceuk Pétrus, ”Ananias, ku naon manéh kapangaruhan ku Sétan nepi ka wani ngabohongan kawasa suci jeung nyumputkeun sawaréh duit hasil ngajual tanah?  Lamun teu dijual pan tanahna milik manéh kénéh? Sanggeus dijual gé duitna pan hak manéh rék dikumahakeun? Ku naon bet kapikir ku manéh ngalakukeun nu jahat siga kieu? Manéh téh ngabohong lain ka manusa, tapi ka Allah.”  Barang ngadéngé kitu, bluk Ananias tibeubeut tuluy paéh. Kabéh nu ngadéngé kajadian éta jadi sarieuneun pisan.  Geus kitu ku barudak ngora, manéhna dibulen ku kaén, digotong, tuluy dikuburkeun.  Kira-kira tilu jam sanggeusna, pamajikanana datang bari teu nyahoeun naon nu kakara kajadian.  Pétrus nanya ka manéhna, ”Cik, bener teu maranéh duaan ngajual tanah sakieu hargana?” Ceuk manéhna, ”Bener, sakitu.”  Jadi ceuk Pétrus, ”Ku naon maranéh duaan bet sakongkol ngadoja ka kawasa suci Yéhuwa? Tuh di lawang, jalma-jalma nu bieu nguburkeun salaki manéh ayeuna rék ngagotong manéh ogé.” 10  Harita kénéh, bluk manéhna tibeubeut tuluy paéh. Barudak ngora téa arasup jeung ningali manéhna geus paéh, jadi ku maranéhna digotong jeung dikuburkeun di gigireun salakina. 11  Ku kituna, sidang jamaah jeung kabéh nu ngadéngé kajadian ieu sarieuneun pisan. 12  Para rasul terus nyieun loba tanda jeung mujijat di antara jalma-jalma. Maranéhna kabéh osok kumpul di Lorong Sulaéman. 13  Mémang jalma-jalma séjén teu wanieun ngagabung jeung maranéhna, tapi jalma-jalma éta muji-muji maranéhna. 14  Salian ti éta, aya loba pisan lalaki jeung awéwé nu jadi percaya ka Juragan. 15  Jalma-jalma mawa nu garering ka jalan-jalan gedé terus digolérkeun dina balé-balé atawa samak, maksudna supaya keuna ku kalangkangna* Pétrus lamun manéhna ngaliwat. 16  Loba jalma ti kota-kota sakurilingeun Yérusalém gé terus datang marawa nu garering sarta nu kasurupan ku roh jahat, kabéh dicalageurkeun. 17  Tapi, imam agung jeung jalma-jalma nu ngadukungna ti golongan Saduki narangtung bari ambek jeung sirik. 18  Para rasul ditéwak jeung diasupkeun ka panjara ku maranéhna. 19  Tapi peutingna, malaikat Yéhuwa muka panto-panto panjara, mawa maranéhna kaluar, tuluy ngomong, 20  ”Jung indit ka bait, caritakeun warta hadé ngeunaan kahirupan dina mangsa ka hareup.” 21  Sanggeus ngadéngé kitu, isuk-isuk maranéhna indit ka bait jeung ngajar di dinya. Harita, imam agung jeung jalma-jalma nu ngadukungna ngumpulkeun sakabéh anggota Sanhédrin jeung sakabéh pamingpin bangsa Israél. Maranéhna nitah para panjaga ka panjara sina mawa para rasul ka hareupeun maranéhna. 22  Waktu para panjaga nepi ka panjara, ari pék téh para rasul euweuh. Jadi maranéhna balik jeung méré laporan kieu, 23  ”Panjarana aman, dikonci kénéh, nu ngajagana gé narangtung di hareupeun panto, tapi pas dibuka, euweuh sasaha di jerona.” 24  Waktu kapala panjaga bait jeung imam-imam kapala ngadéngé laporan ieu, maranéhna bingung, engké bakal aya kajadian naon deui. 25  Tapi aya nu datang ngalapor kieu, ”Tuh, jalma-jalma nu dipanjarakeun ku aranjeun aya di bait keur ngajar jalma-jalma.” 26  Kapala panjaga jeung anak buahna mawa para rasul, tapi teu dikasaran da sieun dibalédogan ku jalma-jalma. 27  Maranéhna dibawa jeung dititah nangtung di hareupeun Sanhédrin. Imam agung tatanya ka maranéhna 28  tuluy ngomong, ”Maranéh geus dilarang keras teu meunang ngajar mamawa ngaran jelema éta, tapi angger wéh maranéh minuhan Yérusalém ku pangajaran maranéh, malah hayang nyalahkeun urang-urang ku paéhna jelema éta!” 29  Pétrus jeung rasul-rasul némbalan, ”Urang kabéh kudu leuwih taat ka Allah salaku pangawasa tibatan ka manusa. 30  Allah karuhun urang geus ngahirupkeun deui Isa nu dipaéhan ku aranjeun, digantung dina tihang.* 31  Allah ngajungjung manéhna di katuhueuna-Na jeung ngajadikeun manéhna Pamingpin Utama sarta Jurusalamet, supaya urang Israél tarobat jeung dihampura dosa-dosana. 32  Urang-urang téh saksina, jeung urang gé dibantuan ku kawasa suci pikeun méré kasaksian ngeunaan hal-hal ieu. Kawasa ieu dibikeun ku Allah ka jalma-jalma nu taat ka Anjeunna salaku pangawasa.” 33  Ngadéngé kitu, maranéhna kacida ambekna jeung hayang maéhan para rasul. 34  Tapi, urang Farisi nu ngaranna Gamaliél nangtung di hareupeun Sanhédrin. Manéhna téh guru Torét nu dihormat ku kabéh jalma. Manéhna nitah para rasul sina kaluar heula sakeudeung, 35  tuluy manéhna ngomong, ”Sadérék-sadérék urang Israél, ulah gagabah mutuskeun perkara jelema-jelema éta. 36  Misalna, baheula aya jelema nu ngaranna Téudas, nu ngaku-ngaku jelema hébat. Jumlah jalma nu ngagabung jeung manéhna téh kira-kira 400 urang. Tapi manéhna dipaéhan, tuluy para panganutna paburencay, teu aya deui. 37  Geus kitu pas sénsus penduduk, aya Yudas urang Galiléa. Loba jalma naluturkeun manéhna. Jalma ieu gé ngaleungit, para panganutna paburencay. 38  Jadi ningali kaayaan ayeuna, ceuk urang mah ulah pipilueun kana urusan jelema-jelema ieu, keun baé antepkeun. Sabab lamun ieu rencana atawa pagawéan manusa, tangtu gagal. 39  Tapi lamun ieu ti Allah, moal bisa digagalkeun ku maranéh. Bisa waé maranéh kalah ka ngalawan Allah.” 40  Saran ieu ku maranéhna ditarima. Jadi para rasul digeroan, dipecutan,* jeung dititah ulah nyarita deui mamawa ngaran Isa, tuluy dibébaskeun. 41  Jadi para rasul indit ti hareupeun Sanhédrin bari bungah, lantaran dianggap layak ku Allah meunang hinaan demi ngaran Isa. 42  Saban poé, di bait jeung ti imah ka imah, maranéhna teu eureun-eureun ngajar jeung nguarkeun warta hadé ngeunaan Al-Masih, nyaéta Isa.

Catetan Tambihan

Atawa ”bayanganana”.
Atawa ”tangkal”.
Atawa ”diteunggeulan”.