Kisah Para Rasul 4:1-37

  • Pétrus jeung Yahya ditéwak (1-4)

    • Jumlah murid ayeuna jadi 5.000 urang (4)

  • Diadilan ku Sanhédrin (5-22)

    • ’Urang mah moal eureun nyarita’ (20)

  • Doa ménta kawani (23-31)

  • Murid-murid babagi harta bandana (32-37)

4  Waktu ngomong di hareupeun loba jalma, Pétrus jeung Yahya didatangan ku imam-imam, kapala panjaga bait, jeung urang Saduki.  Maranéhna jéngkél lantaran para rasul ngajar jalma-jalma jeung terang-terangan nguarkeun yén Isa geus dihirupkeun deui.  Jadi, maranéhna duaan ditéwak tuluy dipanjarakeun nepi ka poé isukna, sabab harita téh geus peuting.  Sanajan kitu, loba jalma nu ngadéngékeun maranéhna jadi percaya. Ayeuna, jumlah murid nu lalakina hungkul jadi kira-kira 5.000 urang.  Isukna, para pangawasa urang Yahudi, pamingpin, jeung ahli Torét karumpul di Yérusalém,  bareng jeung Hanas nu jadi imam kapala, Kayafas, Yahya, Aléksander, jeung kabéh barayana imam kapala.  Pétrus jeung Yahya dititah nangtung di tengah-tengah maranéhna tuluy ditanya kieu, ”Maranéh ngalakukeun ieu téh meunang kawasa ti saha atawa mawa ngaran saha?”  Tuluy Pétrus, nu pinuh ku kawasa suci, ngajawab maranéhna, ”Para pangawasa jeung pamingpin,  lamun poé ieu urang diadilan lantaran nulungan saurang lalaki cacad, jeung aranjeun hayang nyaho saha nu nyageurkeun lalaki éta, 10  urang ngabéjaan aranjeun kabéh jeung kabéh urang Israél, lalaki éta bisa jagjag jeung nangtung di hareupeun aranjeun téh ku lantaran ngaran Isa Al-Masih urang Nazarét, nu dipaéhan ku aranjeun dina tihang tapi geus dihirupkeun deui ku Allah. 11  Manéhna téh ’batu nu teu dihargaan ku aranjeun tukang bangunan, nu ayeuna geus jadi batu nu utama’.* 12  Salian ti éta, euweuh nu bisa nyalametkeun manusa iwal ti manéhna, sabab ngaran manéhna hungkul nu dipilih ku Allah ti antara manusa di bumi pikeun nyalametkeun urang kabéh.” 13  Basa ningali Pétrus jeung Yahya wani* ngomong siga kitu padahal maranéhna téh jalma biasa nu teu nyakola,* para pangawasa jeung pamingpin haréraneun. Maranéhna kakara engeuh dua rasul éta téh sok babarengan jeung Isa. 14  Maranéhna gé teu bisa ngabantah deui sabab ningali lalaki nu dicageurkeun éta nangtung bareng jeung dua rasul. 15  Jadi maranéhna nitah tilu jelema éta kaluar ti rohangan Sanhédrin, geus kitu maranéhna barempug, 16  ngomong kieu, ”Jelema-jelema ieu téh kudu dikumahakeun? Sabab jelas-jelas maranéhna nyieun mujijat nu hébat, disaksian deuih ku sakabéh penduduk Yérusalém. Urang geus teu bisa mungkir. 17  Tapi ngarah ieu teu beuki nyebar, urang ancam wéh maranéhna supaya ulah nyarita deui ka sasaha mamawa ngaran éta.” 18  Ku kituna, maranéhna digeroan jeung dititah ulah nyarita nanaon atawa ngajar mamawa ngaran Isa. 19  Tapi Pétrus jeung Yahya ngajawab, ”Mangga timbang-timbang, mana nu bener dina pandangan Allah: Nurut ka aranjeun atawa nurut ka Allah. 20  Ari urang mah moal eureun nyaritakeun sagala nu ditingali jeung didéngé ku urang.” 21  Sanggeus diancam deui, dua rasul éta dibébaskeun, sabab euweuh alesan pikeun ngahukum maranéhna. Salian ti éta, para pangawasa jeung pamingpin sieun ku jalma réa sabab jalma-jalma nu ningali kajadianana pada ngamulyakeun Allah. 22  Lalaki nu dicageurkeun ku mujijat éta téh umurna 40 taun leuwih. 23  Sanggeus dibébaskeun, dua rasul éta manggihan murid-murid séjén tuluy nyaritakeun naon nu diomongkeun ku para imam kapala jeung para pamingpin ka maranéhna. 24  Ngadéngé kitu, maranéhna ngadoa babarengan, ”Gusti Nu Maha Agung, Gusti nu nyiptakeun langit, bumi, laut, jeung sagala eusina, 25  Gusti masihan kawasa suci ka hamba Gusti, nyaéta Daud karuhun urang, pikeun ngomong kieu, ’Ku naon bangsa-bangsa bet jadi kareuheul jeung jalma-jalma mikirkeun hal-hal nu mubadir? 26  Raja-raja di bumi geus siap-siap jeung para pangawasa geus karumpul rék ngalawan Yéhuwa jeung pribadi nu dilantik ku Anjeunna.’* 27  Ieu téh bener sabab Hérodés jeung Pontius Pilatus, bareng jeung bangsa Israél sarta bangsa-bangsa séjén, ngarumpul di kota ieu pikeun ngalawan hamba nu suci nu dilantik ku Gusti, nyaéta Isa. 28  Maranéhna ngalaksanakeun naon nu geus diramalkeun saacanna. Ieu bisa kajadian lantaran Gusti boga kawasa jeung lantaran éta téh kahoyong Gusti. 29  Ku kituna Yéhuwa, tingali ancaman maranéhna, jeung pasihan kawani ka hamba-hamba Gusti ieu supaya bisa terus nyaritakeun firman Gusti. 30  Mugia Gusti terus ngagunakeun kawasa Gusti pikeun nyageurkeun jeung terus nyieun tanda sarta mujijat liwat ngaran Isa, hamba Gusti nu suci.” 31  Sanggeus maranéhna husu ngadoa, tempat maranéhna kumpul jadi eundeur. Tuluy, maranéhna kabéh pinuh ku kawasa suci jeung jadi wani nyaritakeun firman Allah. 32  Salian ti éta, jalma réa nu percaya jadi sahaté sapikiran.* Harta bandana gé teu diaku milikna sorangan, tapi sagalana dipaké keur saréréa. 33  Para rasul gé jadi tarampil pisan nyaritakeun Juragan Isa nu dihirupkeun deui. Kabéhanana meunang welas asih Allah nu taya bandingna.* 34  Di antara maranéhna, euweuh saurang-urang acan nu kakurangan, sabab saha waé nu boga lahan atawa imah ngajualan éta kabéh, tuluy hasilna dibawa 35  jeung diserahkeun ka para rasul. Geus kitu, ku para rasul dibagikeun ka unggal jalma nurutkeun kabutuhanana. 36  Aya urang Léwi nu asalna ti Siprus, nu ngaranna Yusuf tapi ku para rasul disebut Barnabas (nu hartina ”Jalma nu Sok Nguatkeun Batur”). 37  Manéhna gé ngajual tanahna, tuluy duitna dibawa jeung diserahkeun ka para rasul.

Catetan Tambihan

As. ”batu nu di juru”.
Atawa ”terus terang”.
Maksudna, teu diajar di sakola para rabi, lain hartina teu bisa maca jeung nulis.
Atawa ”jeung Al-Masih-Na”.
Atawa ”sajiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.