Kisah Para Rasul 28:1-31

  • Di Pulo Malta (1-6)

  • Bapana Publius dicageurkeun (7-10)

  • Neruskeun perjalanan ka Roma (11-16)

  • Paulus ngomong ka urang Yahudi di Roma (17-29)

  • Paulus teu asa-asa ngawawar salila dua taun (30, 31)

28  Sanggeus kabéh salamet, urang kabéh kakara nyaho éta téh Pulo Malta.  Penduduk di dinya, nu basana béda, meni balageur pisan.* Maranéhna téh arakuan ka urang kabéh jeung mangnyieunkeun durukan keur siduru lantaran harita téh hujan sarta hawana tiris.  Tapi waktu Paulus mulungan suluh jeung ngasupkeun suluhna kana durukan, bijil oray matih anu kapanasan tuluy macok leungeunna Paulus.  Basa penduduk di dinya ningali oray ngagantung dina leungeun Paulus, maranéhna pada ngomong kieu, ”Jelema ieu pasti tukang maéhan. Kajeun manéhna teu paéh di laut, Kaadilan* teu ngantep manéhna hirup.”  Orayna diképrétkeun kana seuneu ku Paulus, tapi manéhna teu ku nanaon.  Disangka maranéhna mah Paulus bakal bareuh atawa ngadadak paéh. Tapi sanggeus lila diperhatikeun, Paulus teu ku nanaon. Jadi, ayeuna maranéhna mikir Paulus téh déwa.  Di daérah dinya, aya tanah nu dipiboga ku jalma penting di daérah éta, ngaranna téh Publius. Manéhna soméah pisan jeung narima urang-urang jadi tamu salila tilu poé.  Ari bapana Publius keur ngagolér dina kasur lantaran muriang jeung diséntri. Jadi Paulus ngalongok manéhna tuluy ngadoa, numpangkeun leungeunna, jeung nyageurkeun manéhna.  Sanggeus kajadian ieu, nu garering di pulo éta daratang ka Paulus jeung dicageurkeun. 10  Lantaran ngahargaan urang-urang, maranéhna méré loba hadiah. Terus waktu urang rék balayar deui, maranéhna mekelan sagala kaperluan urang. 11  Tilu bulan sanggeusna, urang-urang balayar naék kapal nu aya lambangan ”Putra-Putra Zéus”. Kapal ieu asalna ti Aléksandria jeung eureun di pulo éta salila usum tiris. 12  Barang nepi di Sirakusé, kapal balabuh heula tilu poé. 13  Ti dinya, urang-urang balayar deui jeung nepi di Régium. Poé isukna, aya angin kidul, jadi kapalna bisa nepi di Putéoli pagétona. 14  Di dinya, urang panggih jeung dulur-dulur, maranéhna ngadesek urang cicing jeung maranéhna salila tujuh poé. Geus kitu, kakara urang indit ka Roma. 15  Basa ngadéngé béja ngeunaan urang kabéh, dulur-dulur di kota Roma daratang nepi ka Pasar Apius jeung Tilu Tempat Reureuh pikeun panggih jeung urang. Basa nempo maranéhna, Paulus ngucap sukur ka Allah jeung ngarasa dikuatkeun. 16  Waktu ahirna asup ka Roma, Paulus diidinan cicing sorangan bari dijaga ku saurang prajurit. 17  Tilu poé ti harita, Paulus ngageroan jalma-jalma penting di kalangan urang Yahudi. Pas maranéhna karumpul, Paulus ngomong kieu, ”Dulur-dulur, kuring téh teu boga salah ka jalma-jalma. Kuring gé teu ngalanggar kabiasaan karuhun urang. Tapi, kuring kalah ka dipanjarakeun di Yérusalém terus diserahkeun ka urang Romawi. 18  Sanggeus dipariksa, maranéhna hayang ngabébaskeun kuring sabab teu manggihan alesan pikeun ngahukum pati kuring. 19  Ari pék téh urang Yahudi teu satuju, jadi kuring kapaksa naék banding ka Kaisar, tapi lain maksudna kuring rék ngadakwa bangsa sorangan. 20  Kuring diranté siga kieu téh lantaran boga harepan nu sarua jeung urang Israél. Éta sababna kuring ménta aranjeun datang ka dieu supaya bisa ngomong jeung aranjeun.” 21  Ceuk maranéhna, ”Tapi da teu aya surat-surat ti Yudéa nu nyaritakeun sual anjeun, dulur-dulur nu datang ti ditu gé euweuh nu ngalapor atawa ngomong nu goréng ngeunaan anjeun. 22  Sanajan kitu, urang-urang hayang ngadéngé pandangan anjeun, sabab urang apal aliran ieu téh digogoréng di mana-mana.” 23  Geus kitu maranéhna nangtukeun poé pikeun panggih jeung Paulus. Pas poéna, nu daratang ka pamatuhan Paulus téh leuwih loba deui. Ti isuk nepi ka peuting, manéhna méré kasaksian ku cara ngajelaskeun sajéntré-jéntréna ngeunaan Pamaréntahan Allah ti Hukum Musa jeung Kitab Para Nabi supaya maranéhna percaya ka Isa. 24  Aya nu percaya ka omongan manéhna, aya ogé nu henteu. 25  Jadi lantaran teu sapaham, maranéhna bubar. Méméh bubar, Paulus ngomong kieu, ”Omongan Nabi Yésaya ka karuhun aranjeun téh cocog pisan. Ku bingbingan kawasa suci manéhna ngomong kieu, 26  ’Jung indit ka bangsa ieu tuluy béjaan, ”Maranéh mémang ngadéngé tapi teu paham, maranéh mémang ningali tapi teu ngarti. 27  Haté bangsa ieu geus baal. Maranéhna ngadéngé tapi teu nurut, baroga panon tapi dipeureum-peureumkeun jadi teu bisa ningali nanaon, baroga ceuli tapi ditutupan jadi teu bisa ngadéngé nanaon. Balukarna maranéhna teu ngarti naon nu kudu dilakukeun, jeung moal balik ka Kuring tuluy dicageurkeun.”’ 28  Aranjeun kudu apal, warta kasalametan ti Allah ieu geus diuarkeun ka bangsa séjén. Ku maranéhna pasti didéngékeun.” 29  *—— 30  Jadi Paulus cicing di dinya salila dua taun, di imah beunang nyéwa sorangan. Manéhna resep narima saha waé nu nganjang ka manéhna, 31  ngawawar ngeunaan Pamaréntahan Allah, jeung ngajar ngeunaan Juragan Isa Al-Masih ka maranéhna. Manéhna teu asa-asa* ngalakukeun ieu, euweuh halangan naon-naon.

Catetan Tambihan

Atawa ”némbongkeun kahadéan ka sasama”.
Yunani: Dike, bisa jadi ngamaksudkeun Déwi Kaadilan.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
Atawa ”wani pisan”.