Kisah Para Rasul 2:1-47

  • Murid-murid narima kawasa suci pas poé Péntakosta (1-13)

  • Hutbah Pétrus (14-36)

  • Hutbah Pétrus keuna kana haté jalma-jalma (37-41)

    • 3.000 jalma dibaptis (41)

  • Urang Kristen silih tulungan (42-47)

2  Dina poé Parayaan Péntakosta, murid-murid karumpul di hiji tempat.  Ujug-ujug aya sora ti langit nu ngaguruh siga angin ribut. Sorana kadéngé saimah-imah.  Geus kitu katémbong seuneu-seuneu nu bentukna siga létah. Seuneu éta nyebar jeung eunteup di luhureun sirah unggal jalma nu aya di dinya.  Maranéhna kabéh pinuh ku kawasa suci, tuluy maranéhna ngomong ku rupa-rupa basa, sakumaha bingbingan kawasa éta.  Harita, loba urang Yahudi nu soléh ti sagala bangsa di dunya keur aya di Yérusalém.  Waktu sora éta kadéngé, jalma-jalma ngagimbung jeung haréraneun, lantaran maranéhna ngadéngé murid-murid ngomong maké basa maranéhna.  Bakating ku tajub-tajubna, maranéhna ngomong, ”Jalma-jalma ieu téh urang Galiléa, pan?  Ku naon maranéhna bet bisa ngomong basa* urang?  Urang téh pan urang Partia, Média, Élam, penduduk Mésopotamia, Yudéa, Kapadokia, Pontus, Propinsi Asia, 10  Frigia, Pamfilia, Mesir, urang daérah Libia deukeut Kiréné, nu daratang ti Roma, urang Yahudi jeung panganut agama Yahudi, 11  urang Kréta, jeung urang Arab. Tapi, urang-urang ngadéngé maranéhna ngomong ku basa urang masing-masing, nyaritakeun hal-hal luar biasa nu dilakukeun ku Allah.” 12  Maranéhna arolohok bakating ku bingung, terus pada ngomong, ”Aya naon ieu téh?” 13  Tapi aya ogé nu ngaléléwé, cenah, ”Ah, maranéhna mah keur marabok, loba teuing nginum cianggur!” 14  Terus Pétrus nangtung bareng jeung 11 rasul. Manéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Urang Yudéa jeung sakabéh penduduk Yérusalém, perhatikeun jeung déngékeun bener-bener omongan urang. 15  Jalma-jalma ieu teu marabok, teu siga sangkaan maranéh. Ayeuna pan kakara jam salapan isuk.* 16  Justru ieu téh cocog jeung nu disebutkeun ku Nabi Yoél, 17  ’Ceuk Allah, ”Dina ahir jaman, Kuring bakal ngucurkeun sabagian kawasa suci ka rupa-rupa jalma. Budak awéwé jeung budak lalaki bakal ngaramal,* budak ngora bakal meunang titingalian, jeung nu kolot bakal meunang impian. 18  Dina mangsa éta gé, Kuring bakal ngucurkeun sabagian kawasa suci ka palayan awéwé jeung palayan lalaki, jeung maranéhna bakal ngaramal. 19  Kuring gé bakal ngayakeun mujijat-mujijat di langit jeung tanda-tanda di bumi, nyaéta getih, seuneu, jeung gumpelan haseup. 20  Panonpoé bakal jadi poék, jeung bulan bakal jadi beureum kawas getih saacan datangna poé Yéhuwa nu hébat jeung mulya. 21  Saha waé nu nyambat ka ngaran Yéhuwa bakal disalametkeun.”’ 22  ”Urang Israél, déngékeun: Isa urang Nazarét jelas-jelas diutus ku Allah, sabab liwat manéhna, Allah ngayakeun tindakan-tindakan nu hébat, mujijat-mujijat, jeung tanda-tanda di antara maranéh. Éta geus kasaksian sorangan ku maranéh. 23  Ku maranéh, manéhna diserahkeun ka jalma-jalma nu daroraka sina dipakukeun dina tihang jeung dipaéhan. Éta mémang geus jadi kahayang Allah, jadi Allah apal éta bakal kaalaman ku Isa. 24  Tapi ku Allah, manéhna dibébaskeun tina kawasa maot* ku cara dihirupkeun deui, sabab mustahil manéhna terus digenggem ku maot. 25  Éta sababna Daud ngomong ngeunaan manéhna, ’Yéhuwa aya terus di hareupeun abdi.* Abdi moal oyag sabab Anjeunna aya di katuhueun abdi. 26  Ku kituna, haté abdi jadi gumbira jeung kekecapan abdi pinuh ku kabungah. Hirup abdi pinuh ku harepan, 27  sabab Gusti moal ninggalkeun abdi di Kuburan.* Gusti gé moal ngantep hamba-Na nu satia musna. 28  Gusti geus nuduhkeun jalan nu brasna kana kahirupan. Di payuneun Gusti,* abdi bungah pisan.’ 29  ”Dulur-dulur, urang rék terus terang nyarita ngeunaan Daud, karuhun urang saréréa. Manéhna maot jeung dikuburkeun, makamna gé aya kénéh nepi ka ayeuna. 30  Manéhna téh nabi jeung apal Allah geus sumpah yén salah saurang turunanana* bakal diuk dina tahtana. 31  Jadi, manéhna nyaho ti saacanna yén Al-Masih bakal dihirupkeun deui. Manéhna gé ngomong yén Al-Masih moal ditinggalkeun di Kuburan* jeung awakna moal musna.* 32  Allah ngahirupkeun deui Isa, jeung éta geus kasaksian ku urang kabéh. 33  Jadi, lantaran manéhna geus diangkat ka katuhueun Allah jeung geus narima kawasa suci nu dijangjikeun ku Bapa, éta gé ku manéhna dikucurkeun ka urang-urang, sakumaha nu ditingali jeung didéngé ku maranéh. 34  Daud teu naék ka sorga, tapi manéhna ngomong, ’Ceuk Yéhuwa ka Juragan abdi, ”Diuk di katuhueun Kuring 35  nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh di handapeun suku manéh.”’ 36  Jadi, kabéh urang Israél kudu yakin yén Isa nu dipaéhan dina tihang ku maranéh téh geus dijadikeun Juragan jeung Al-Masih ku Allah.” 37  Naon nu didéngé téh keuna kana haté maranéhna, tuluy maranéhna ngomong ka Pétrus jeung rasul-rasul séjénna, ”Dulur-dulur, jadi urang kudu kumaha atuh?” 38  Pétrus ngomong ka maranéhna, ”Geura tarobat, jeung masing-masing kudu dibaptis ku ngaran Isa Al-Masih ngarah dosa-dosa maranéh dihampura. Geus kitu, maranéh bakal narima kurnia mangrupa kawasa suci. 39  Jangji éta téh keur kabéh jalma nu dipilih ku Yéhuwa, Allah urang, nyaéta keur maranéh, anak-anak maranéh, jeung jalma-jalma di tempat-tempat nu jauh.” 40  Loba kénéh nu diomongkeun ku Pétrus pikeun méré kasaksian sajéntré-jéntréna. Pétrus gé terus ngadesek maranéhna, ”Pisahkeun diri maranéh ti jalma-jalma jaman ayeuna nu jarahat ngarah maranéh salamet.” 41  Jadi, jalma-jalma nu satuju kana omongan Pétrus dibaptis. Dina poé éta, jumlah murid-murid nambahan kira-kira 3.000 jalma. 42  Maranéhna terus merhatikeun pangajaran rasul-rasul, ngariung sauyunan,* dahar bareng, jeung kumpul ngadoa. 43  Ningali para rasul nyieun loba mujijat jeung tanda, jalma-jalma jadi pada ngahormat ka Allah. 44  Kabéh jalma nu geus palercaya osok ngarumpul jeung sagala pangabogana dipaké keur saréréa. 45  Maranéhna gé ngajual harta banda jeung tanahna, hasilna dibagikeun ka kabéhan, nurutkeun kabutuhan masing-masing. 46  Ti poé ka poé, maranéhna terus ngarumpul di bait, dahar di imah dulur-dulur, jeung bungah bisa babagi dahareun. 47  Maranéhna gé muji Allah jeung dipikaresep ku jalma réa. Unggal poé, jumlahna ku Yéhuwa ditambahan, jadi nu disalametkeun beuki loba.

Catetan Tambihan

Atawa ”basa indung”.
As. ”jam nu katilu [sanggeus meleték panonpoé]”.
Ieu teu ngan saukur méré nyaho naon nu bakal kajadian, tapi ogé nyingkabkeun jeung nguarkeun naon kahayang Allah.
Atawa bisa jadi, ”tali-tali maot”.
Atawa ”panon urang”.
Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”raray Gusti”.
As. ”buah cangkéngna”.
Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”buruk”.
Atawa ”babagi jeung nu séjénna”.