Siloka 21:1-31
21 Haté raja téh aya dina panangan Yéhuwa,+Kawas cai walungan nu dikocorkeun ka mana waé sakahoyong Anjeunna.+
2 Aya nu ngarasa sagala lampahna geus bener,+Tapi nu mariksa haté* mah da Yéhuwa.+
3 Tibatan ngabaktikeun kurban,Ngalampahkeun nu bener jeung adil téh leuwih nyenangkeun Yéhuwa.+
4 Panon nu sombong jeung haté nu angkuh téh dosa.
Éta ibarat lampu nu nungtun jalma jahat.+
5 Rencana nu dijieun ku nu getol tangtu nguntungkeun,+Tapi nu gurunggusuh mah pasti malarat.+
6 Kabeungharan beunang teu jujur téhKawas halimun anu les leungit, kawas jiret pipaéheun.*+
7 Nu jahat bakal cilaka ku kajahatanana sorangan,+Sabab maranéhna pantrang kana lampah bener.
8 Jalan hirup jalma doraka téh nyimpang,Tapi nu bersih haténa mah lampahna bener.+
9 Mending kénéh cicing di juru hateup*Tibatan saimah jeung pamajikan anu resep paséa.+
10 Jalma jahat kabeukina téh kajahatan,+Ka batur mani taya karunyana.+
11 Lamun jalma nu sok moyokan dihukum, jalma nu teu boga pangalaman téh bisa mikir jeung beuki bijaksana.
Terus lamun jalma bijaksana narima pangarti, manéhna nyaho naon nu kudu dilampahkeun.+
12 Allah nu adil nilik-nilik rumah tanggana jalma jahat,Seug numpes maranéhna.+
13 Lamun aya jalma nu embung ngadéngé jumeritna jalma leutik,Engké waktu manéhna sasambat ménta tulung, moal aya nu ngajawab.+
14 Hadiah nu dibikeunna susulumputan téh nenangkeun jalma nu keur ambek.+
Panyogok nu dibikeunna cicing-cicing* téh nenangkeun jalma nu amarahna ngagedur.
15 Jalma bener mah mun ngajalankeun kaadilan téh atoh,+Sabalikna keur nu lalampahanana jahat mah éta téh pikasebeleun.
16 Jalma anu pangartina geus tara dipaké mahTungtungna bakal babarengan jeung nu maraot.+
17 Jalma anu karesepna senang-senang bakal malarat,+Nu kabeukina cianggur jeung minyak téh moal beunghar-beunghar.
18 Jalma jahat bakal jadi tebusan keur jalma bener,Tukang ngahianat bakal jadi tebusan keur jalma jujur.+
19 Mending kénéh cicing di tanah gurunTibatan hirup bareng jeung pamajikan anu pundungan jeung resep paséa.+
20 Harta jeung minyak nu mahal ayana di imah jalma bijaksana,+Ari nu bodo mah ngahambur-hambur* pangabogana.+
21 Jalma nu hayangna ngalampahkeun nu bener jeung nunjukkeun kanyaah*Bakal jadi jalma bener, dihormat, jeung terus hirup.+
22 Jalma nu bijaksana bisa nalukkeun* kotana jalma-jalma perkasaJeung ngarugrugkeun bénténg pertahanan andelan maranéhna.+
23 Jalma nu ngajaga biwir jeung létahna téhNyingkahan masalah.+
24 Nu asa aing jeung gagabah téhDisebut jalma lancang nu sombong jeung gedé omong.+
25 Nu kedul bakal dipaéhan ku kahayangna sorangan,Sabab manéhna teu daék digawé.+
26 Sapoé jeput gawéna téh ngan ngalamun hayang boga itu ieu.
Sabalikna, jalma bener mah resep barangbéré.+
27 Kurban nu dibaktikeun ku jalma jahat téh pikageuleuheun,+Komo deui lamun nu méréna téh boga niat goréng.*
28 Saksi nu ngabohong bakal binasa.+
Sabalikna, jalma nu bener-bener ngadéngékeun mah kateranganana moal gagal.
29 Jalma jahat téh kandel kulit beungeut,+Tapi jalma bener mah lalampahanana geus pasti bener.*+
30 Euweuh kabijaksanaan, pangarti, atawa naséhat nu bisa ngalawan kahoyong Yéhuwa.+
31 Kuda disiapkeun pikeun poé peperangan,+Tapi kasalametan mah asalna ti Yéhuwa.+
Catetan Tambihan
^ Atawa ”niat haté”.
^ Atawa bisa jadi ”jiret keur jalma nu néangan pati”.
^ Harita, kalolobaan imah téh hateupna rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
^ As. ”Panyogok nu disumputkeun dina dada”.
^ As. ”neleg”.
^ Atawa ”asih satia”.
^ Atawa ”nérékél kana”.
^ Atawa ”nu méréna téh kalakuanana ngérakeun”.
^ Atawa ”mastikeun lalampahanana téh bener”.

