Ayub 2:1-13
2 Dina poé nu geus ditangtukeun, putra-putra ti Allah nu sajati*+ ngadep ka Yéhuwa.+ Sétan gé milu ngadep ka Yéhuwa.+
2 Terus Yéhuwa nanya ka Sétan, ”Manéh tas ti mana?” Sétan ngajawab Yéhuwa, ”Tas ngideran jeung nilik-nilik bumi.”+
3 Yéhuwa ngomong deui ka Sétan, ”Manéh merhatikeun hamba Kuring Ayub teu? Di bumi euweuh nu kawas manéhna. Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.*+ Manéhna gé hormat* ka Kuring jeung nyingkahan lampah goréng. Manéhna tetep satia+ ka Kuring, najan manéh nyoba ngahasud Kuring pikeun teu pupuguh nyilakakeun manéhna.”+
4 Tapi Sétan némbalan Yéhuwa, ”Mun hiji jalma nyawana kaancam, manéhna bakal masrahkeun sagalana demi ngabélaan nyawana.
5 Sok ayeuna mah coba paké kakuatan Gusti, terapan awakna ku kanyeri. Manéhna pasti nyumpahan Gusti hareupeun Gusti.”+
6 Tuluy Yéhuwa ngajawab Sétan, ”Heug! Manéhna aya dina kakawasaan manéh, asal ulah maéhan manéhna!”
7 Léos Sétan indit ti hareupeun Yéhuwa tuluy nerapkeun ka Ayub bisul nu nyeri pisan,*+ ti sirah nepi ka dampal suku.
8 Seug Ayub nyokot sesemplékan kendi keur ngerokan kulitna. Manéhna diuk dina lebu.+
9 Pamajikanana Ayub ngomong, ”Nepi ka iraha rék terus satia ka Allah? Sok geura sumpahan Allah, tuluy maot!”
10 Tapi Ayub ngajawab, ”Ngomong téh mani teu dipikir heula. Maenya urang ngan daék narima hal hadé wungkul ti Allah nu sajati, tapi ari nu goréngna mah embung?”+ Sanajan ngalaman éta kabéh, Ayub teu nyieun dosa ku ucapanana.+
11 Tilu babaturan Ayub, nyaéta Élifaz+ urang Téman, Bildad+ urang Syuah,+ jeung Zofar+ urang Naama, ngadéngé béja yén Ayub katarajang ku musibat. Maranéhna indit ti tempatna masing-masing. Maranéhna jangjian rék babarengan ngalongok jeung nguatkeun Ayub.
12 Barang ningali Ayub ti kajauhan, maranéhna panglingeun ka Ayub. Maranéhna careurik tingsalegruk, nyoéhkeun pakéanana, tuluy ngawur-ngawurkeun kekebul ka awang-awang jeung kana sirah maranéhna.+
13 Brek maranéhna diuk dina taneuh tujuh poé tujuh peuting. Tapi, maranéhna teu ngomong sakecap-kecap acan ka Ayub lantaran ningali manéhna sakitu sangsarana.+

