Raja-Raja nu Kahiji 21:1-29
21 Sanggeus kajadian-kajadian éta, aya hiji pasualan ngeunaan kebon anggur Nabot urang Yizréél. Kebonna téh aya di Yizréél,+ gigireun istana Ahab raja Samaria.
2 Ahab ngomong ka Nabot, ”Kebon anggur manéh téh pan aya di gigireun istana kuring, geus wéh bikeun ka kuring, rék dipelakan sayuran. Engké digantian ku kebon anggur nu leuwih alus. Atawa lamun embung, ku kuring dibeuli ku harga nu pantes.”
3 Tapi Nabot ngajawab kieu, ”Juragan, abdi teu tiasa masihkeun tanah warisan ti karuhun abdi,+ ku sabab teu diidinan ku Yéhuwa.”
4 Léos Ahab balik ka istanana bari keuheul jeung kuciwa lantaran Nabot urang Yizréél téa ngomong kieu, ”Abdi teu tiasa masihkeun tanah warisan ti karuhun abdi.” Dug baé Ahab ngagolér dina tempat saréna bari malik kana témbok, embung dahar-dahar acan.
5 Jol Izebél+ pamajikanana nyampeurkeun tuluy nanya kieu, ”Ku naon ari Akang mani jamedud kitu, nepi ka teu hayang tuang?”
6 Ahab némbalan, ”Enya, Akang téh ngomong ka Nabot urang Yizréél, kebon anggurna rék dibeuli ku Akang. Lamun embung, ku Akang rék digantian ku kebon anggur séjénna. Tapi manéhna kalah ka ngomong kieu, ’Kebon anggur abdi moal dipasihkeun ka Juragan.’”
7 Izebél ngomong, ”Har, Akang téh raja Israél, lain? Geura gugah, geura tuang. Geus, ulah nguyung baé. Engké kebon anggur si Nabot mah ku Enéng bakal dibikeun ka Akang.”+
8 Seug Izebél nulis sababaraha surat maké ngaran Ahab jeung dicap maké cap karajaan,+ tuluy dikirim ka para kokolot+ jeung para pajabat nu sakota jeung Nabot.
9 Kieu eusina, ”Umumkeun puasa, terus kumpulkeun jalma-jalma. Nabot sina diuk di hareup.
10 Titah dua pangangguran diuk hareupeun manéhna, sina nuduh+ kieu, ’Manéh geus ngutuk Allah jeung Raja!’+ Geus kitu bawa manéhna ka luareun kota, tuluy balédogan ku batu nepi ka paéh.”+
11 Jalma-jalma di éta kota, nyaéta para kokolot jeung para pajabat di dinya, ngalaksanakeun paréntah Izebél, percis sakumaha eusi suratna.
12 Puasa diumumkeun, jalma-jalma dikumpulkeun, Nabot disina diuk di hareup.
13 Seug dua pangangguran téa datang, diuk hareupeun Nabot. Duanana nuduh Nabot hareupeun jalma-jalma, kieu cenah, ”Nabot geus ngutuk Allah jeung Raja!”+ Geus kitu, Nabot digusur ka luareun kota jeung dibalédogan ku batu nepi ka maot.+
14 Tuluy maranéhna ngirim pesen kieu ka Izebél, ”Nabot geus paéh dibalédogan ku batu.”+
15 Barang ngadéngé Nabot geus maot dibalédogan ku batu, Izebél ngomong kieu ka Ahab, ”Geura gugah, sok candak kebon anggur Nabot urang Yizréél téa,+ nu harita teu dijual ka Akang. Si Nabot geus euweuh, geus paéh.”
16 Ngadéngé Nabot geus maot, Ahab buru-buru hudang tuluy indit ka kebon anggur Nabot urang Yizréél téa. Éta kebon rék dipimilik ku manéhna.
17 Tapi Yéhuwa ngucapkeun ieu firman ka Élia+ urang Tisbé,
18 ”Jung panggihan Ahab raja Israél di Samaria.+ Manéhna keur aya di kebon anggurna Nabot, rék ngarampas éta kebon.
19 Béjakeun kieu ka manéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Manéh geus maéhan jalmana,+ ayeuna rék ngarampas lahanna ogé?”’+ Terus béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Di tempat anjing-anjing ngalétakan getih Nabot, di éta tempat ogé anjing-anjing bakal ngalétakan getih manéh.”’”+
20 Ahab ngomong ka Élia, ”Hé musuh, geus aya di dieu geuning?”+ Élia ngajawab, ”Enya, rék mendakan Juragan. Ieu saur Allah, ’Manéh téh sakitu sumangetna* ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa,+
21 jadi Kuring bakal ngadatangkeun musibat ka manéh. Manéh jeung sakabéh turunan manéh nu lalaki* di Israél,+ kaasup nu lemah jeung teu walakaya, ku Kuring bakal dibasmi nepi ka teu nyésa.+
22 Kulawarga manéh bakal diancurkeun kawas kulawarga Yéroboam+ anak Nébat jeung kawas kulawarga Baasya+ anak Ahiya, sabab manéh geus nyundut amarah Kuring jeung nyéréd urang Israél kana dosa.’
23 Sual Izebél, Yéhuwa gé tos nyarios kieu, ’Mayit Izebél bakal dihakan ku anjing-anjing di salah sahiji lahan di Yizréél.+
24 Kulawarga Ahab nu paéh di kota gé bakal dihakanan ku anjing-anjing. Ari nu paéh di luar kota bakal béak ku manuk-manuk nu sok ngahakan bangké.+
25 Euweuh jalma nu kawas Ahab,+ nu sakitu sumangetna* ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, pédah kapangaruhan ku Izebél+ pamajikanana.
26 Kalakuanana téh kacida bejadna. Manéhna nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun,* kawas nu dilampahkeun ku sakabéh urang Amori, nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél.’”+
27 Ngadéngé éta kabéh, béréwék Ahab nyoéhkeun pakéanana, seug diganti ku kaén goni. Manéhna puasa, ngagolér maké kaén goni, jeung leumpang bari nguyung pinuh ku kaduhung.
28 Tuluy Yéhuwa ngucapkeun ieu firman ka Élia urang Tisbé,
29 ”Tuh tingali, Ahab geus ngarendahkeun dirina sanggeus diomongan ku Kuring.+ Ku sabab manéhna geus ngarendahkeun diri, Kuring moal ngadatangkeun bahla salila manéhna hirup. Kuring bakal ngadatangkeun bahla ka kulawargana dina jaman anakna.”+

