Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 5

”Kristus teh Sirah Sakabeh Lalaki”

”Kristus teh Sirah Sakabeh Lalaki”

”Kristus teh sirah sakabeh lalaki.”​—1 KOR. 11:3.

KAWIH 12 Yéhuwa Nu Maha Agung

NU DIBAHAS *

1. Hal naon waé anu bisa mangaruhan tindakan saurang priya ka pamajikan jeung barudakna?

KEUR Sadérék, wewenang téh naon? Misalna sabagé kapala kulawarga, kumaha Sadérék ngagunakeun wewenang? Tindakan sababaraha priya ka pamajikan jeung barudakna biasana kapangaruhan ku kabudayaan atawa kabiasaan dina kulawargana baheula. Yanita, saurang sadérék istri anu cicing di Eropa, ngomong, ”Di daérah abdi mah wanita téh dianggap leuwih rendah tibatan priya, jeung dianggap sabagé palayan.” Terus Luke, saurang sadérék pameget anu cicing di Amerika Serikat, nyebutkeun, ”Aya bapa anu ngajarkeun ka barudak lalakina yén omongan awéwé mah teu penting. Jadi mun awéwé ngomong, teu kudu didéngékeun.” Tapi, sikep jiga kitu téh lain anu dipiharep ku Yéhuwa ti para kapala kulawarga. (Bandingkeun Markus 7:13, Sunda Formal [SF].) Jadi, kumaha carana supaya saurang priya bisa jadi kapala kulawarga anu hadé?

2. Kapala kulawarga kudu apal kana hal naon waé, jeung ku naon?

2 Supaya bisa jadi kapala kulawarga anu hadé, saurang priya kudu paham naon anu dipikahayang ku Yéhuwa ti manéhna. Manéhna gé kudu apal ku naon Yéhuwa méré wewenang ka jalma-jalma, jeung kumaha carana pikeun nyonto tuladan Yéhuwa sarta Yésus. Ku naon penting pikeun apal kana hal-hal éta? Sabab Yéhuwa geus méré wewenang ka kapala kulawarga, jeung Mantenna hayang maranéhna ngajalankeun wewenangna ku cara nu bener.​—Luk. 12:48b, SF.

KUMAHA YÉHUWA NGATUR KULAWARGANA?

3. Tina 1 Korinta 11:3, urang diajar naon ngeunaan wewenang?

3 Baca 1 Korinta 11:3. Ayat ieu ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngatur kulawarga-Na nu aya di sawarga jeung di bumi. Yéhuwa téh kapalana, jadi Mantenna boga wewenang anu pangluhurna. Najan kitu, Mantenna gé méré wewenang ka batur. Tapi, anu dibéré wewenang kudu tanggung jawab ka Yéhuwa waktu maranéhna ngagunakeun wewenangna. (Rum 14:10; Epe. 3:14-16) Yéhuwa geus méré wewenang ka Yésus pikeun jadi kapala sidang. Jadi, Yésus kudu tanggung jawab ka Yéhuwa waktu ngajalankeun wewenangna. (1 Kor. 15:27) Yéhuwa gé méré tanggung jawab ka para salaki pikeun jadi kapala kulawarga. Waktu ngurus kulawargana, salaki kudu tanggung jawab ka Yéhuwa jeung Yésus.​—1 Pet. 3:7.

4. Yéhuwa jeung Yésus boga wewenang naon?

4 Sabagé Kapala pikeun jagat raya, Yéhuwa boga wewenang pikeun nyieun aturan keur barudak-Na, sarta mastikeun maranéhna nuturkeun aturan éta. (Yes. 33:22, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Yésus gé sabagé kapala sidang Kristen, boga wewenang pikeun nyieun aturan, sarta mastikeun aturanana dijalankeun.​—Gal. 6:2; Kol. 1:18, 19; Kol. 1:20, NW.

5. Para kapala kulawarga boga wewenang naon? Tapi, naon anu teu bisa dilakukeun ku maranéhna?

5 Jiga Yéhuwa jeung Yésus, kapala kulawarga gé boga wewenang pikeun nyieun aturan keur kulawargana. (Rum 7:2; Epe. 6:4) Tapi, wewenangna téh aya watesna. Misalna, waktu kapala kulawarga nyieun aturan, aturanana téh kudu dumasar kana prinsip-prinsip dina Firman Allah. (Sil. 3:5, 6) Kapala kulawarga gé teu boga wewenang pikeun nyieun aturan keur jalma nu lain anggota kulawargana. (Rum 14:4) Terus, mun barudak geus gedé jeung geus teu saimah deui, maranéhna téh geus lain tanggung jawab bapana. Najan kitu, barudak kudu tetep hormat ka bapana.​—Mat. 19:5.

KU NAON YÉHUWA MÉRÉ WEWENANG?

6. Ku naon Yéhuwa méré wewenang?

6 Yéhuwa méré wewenang lantaran nyaah ka kulawarga-Na. Éta téh kurnia ti Mantenna. Ku ayana aturan ngeunaan wewenang ieu, unggal anggota kulawarga Yéhuwa bisa ngajalankeun bagianana sacara tartib. (1 Kor. 14:33, 40) Lamun teu aya wewenang anu jelas, kulawarga Yéhuwa bakal kacow jeung teu bagja. Misalna, engké bakal hésé pikeun nangtukeun saha nu kudu nyieun putusan jeung saha nu boga tanggung jawab pikeun ngajalankeunana.

7. Ceuk Epesus 5:25, 28, Yéhuwa hayang salaki kumaha ka pamajikanana?

7 Lamun aturan ti Allah ngeunaan wewenang téh hal nu alus, ku naon atuh loba wanita ngabatin jeung ngarasa diatur teuing ku salakina? Éta téh lantaran loba salaki nu ngabaékeun patokan ti Yéhuwa. Maranéhna leuwih resep nuturkeun adat jeung kabiasaan di daérahna. Maranéhna gé meureun kasar ka pamajikan supaya kahayangna diturutan. Misalna, aya salaki anu ngatur-ngatur teuing pamajikanana supaya manéhna katingali boga kawasa atawa supaya batur nganggap manéhna téh ”priya sajati”. Manéhna meureun mikir, teu bisa maksa pamajikanana pikeun nyaah ka manéhna, tapi bisa nyieun pamajikanana sieun ka manéhna. Rasa sieun ieu dimangpaatkeun pikeun ngawasaan pamajikanana. * Cara pikir sarta tindakan jiga kitu téh bener-bener salah. Jalma nu kitu téh teu ngahargaan wanita sakumaha mistina. Tindakanana teu sajalan jeung kahayang Yéhuwa.​—Baca Epesus 5:25, 28.

KUMAHA SUPAYA PRIYA BISA JADI KAPALA KULAWARGA NU HADÉ?

8. Kumaha carana supaya priya bisa jadi kapala kulawarga nu hadé?

8 Saurang priya bisa jadi kapala kulawarga nu hadé mun manéhna nyonto carana Yéhuwa jeung Yésus ngagunakeun wewenang. Perhatikeun dua sipat anu ditunjukkeun ku Yéhuwa jeung Yésus, sarta kumaha kapala kulawarga bisa nunjukkeun sipat-sipat éta ka pamajikan jeung barudakna.

9. Naon buktina Yéhuwa rendah haté?

9 Karendahan haté. Yéhuwa téh Pribadi nu paling bijaksana. Najan kitu, Mantenna daék ngadéngékeun hamba-Na. (Kaj. 18:23, 24, 32) Yéhuwa gé daék narima saran ti pribadi anu kadudukanana leuwih rendah. (1 Raj. 22:19-22) Terus najan sampurna, Yéhuwa teu ngarepkeun urang ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan urang. Justru Yéhuwa daék ngabantu manusa anu teu sampurna supaya suka bungah ngalayanan Mantenna. (Jab. 113:6, 7) Dina Alkitab gé, Yéhuwa disebut ”Panulung”. (Jab. 27:9; Ibr. 13:6) Raja Daud apal, manéhna bisa suksés téh lantaran Yéhuwa rendah haté sarta daék nulungan manéhna.​—2 Sam. 22:36.

10. Naon buktina Yésus rendah haté?

10 Perhatikeun tuladan Yésus. Yésus téh Jungjunan, tapi anjeunna daék ngumbah suku murid-muridna. Ku naon Yéhuwa nyatet kisah ieu dina Alkitab? Salah sahiji alesanana téh supaya bisa diconto ku jalma-jalma, kaasup ku kapala kulawarga. Yésus gé ngomong, ”Kami teh mere tuladan, supaya maraneh oge milampah sakumaha anu ku Kami dipilampah ka maraneh.” (Yoh. 13:12-17) Sanajan Yésus boga wewenang anu luhur, anjeunna henteu hayang dilayanan. Justru, anjeunna anu ngalayanan batur.​—Mat. 20:28.

Kapala kulawarga nu rendah haté jeung nyaah ka kulawarga téh daék ngagawékeun pagawéan imah jeung ngabantu kulawargana ngadeukeut ka Yéhuwa (Tingali paragrap 11, 13)

11. Kapala kulawarga bisa diajar naon tina karendahan haté Yéhuwa jeung Yésus?

11 Palajaranana keur urang. Kapala kulawarga bisa nunjukkeun karendahan haté ku loba cara. Misalna, manéhna moal ngarepkeun pamajikan jeung barudakna ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan maranéhna. Manéhna gé daék ngadéngékeun saran ti anggota kulawargana, najan saranna béda jeung pamikiran manéhna. Marley anu cicing di Amerika Serikat ngomong, ”Kadang, abdi jeung salaki sok béda pamikiran. Tapi abdi ngarasa dihargaan pisan sabab saacan salaki nyieun putusan, manéhna sok nanyakeun heula pandangan abdi jeung bener-bener mikirkeunana.” Terus, salaki nu rendah haté gé daék ngagawékeun pagawéan rumah tangga, najan ku jalma-jalma di lingkunganana, éta téh dianggap pagawéan awéwé. Ieu téh teu gampang. Ku naon? Sadérék Rachel nyarita, ”Di tempat asal abdi mah, mun salaki mantuan pamajikanana kukumbah piring atawa bebersih imah, tatangga jeung baraya bakal nganggap manéhna lain ’priya sajati’. Dianggapna salaki téh teu bisa ngatur pamajikanana.” Mun jalma-jalma di daérah Sadérék boga pamikiran jiga kitu, sing inget, baheula Yésus gé daék ngumbah suku murid-muridna, padahal éta téh dianggap pagawéan palayan. Kapala kulawarga nu hadé moal mikirkeun kumaha supaya manéhna katingali hébat, tapi bakal mikirkeun kumaha supaya kulawargana bagja. Salian ti karendahan haté, sipat naon deui nu kudu ditunjukkeun ku kapala kulawarga nu hadé?

12. Lantaran nyaah ka urang, naon nu Yéhuwa jeung Yésus lakukeun?

12 Kanyaah. Kabéh hal nu dilakukeun ku Yéhuwa téh dijurung ku kanyaah. (1 Yoh. 4:7, 8) Lantaran nyaah, Yéhuwa nyumponan pangabutuh rohani urang liwat Alkitab jeung organisasi-Na. Yéhuwa gé nyumponan pangabutuh émosi urang ku cara ngayakinkeun yén urang téh dipikanyaah ku Mantenna. Ari pangabutuh jasmani urang kumaha? Yéhuwa ”maparin sagala kagenahan”. (1 Tim. 6:17) Waktu urang nyieun salah, urang mémang dikoréksi ku Yéhuwa, tapi Mantenna tetep nyaah ka urang. Bakating ku nyaah, Yéhuwa nyadiakeun tebusan keur urang. Yésus gé nyaah pisan ka urang nepi ka réla ngorbankeun nyawana demi urang. (Yoh. 3:16; 15:13) Euweuh nu bisa megatkeun kanyaah Yéhuwa jeung Yésus keur jalma-jalma nu satia ka Aranjeunna.​—Yoh. 13:1; Rum 8:35, 38, 39.

13. Ku naon kapala kulawarga kudu nyaah ka kulawargana? (Tingali ogé kotak ”Kumaha Supaya Priya nu Kakara Nikah Bisa Dihormat ku Pamajikanana?”)

13 Palajaranana keur urang. Kabéh tindakan kapala kulawarga kudu dijurung ku kanyaah. Ku naon kudu kitu? Rasul Yohanes méré jawabanana, ”Lamun ka dulur [atawa kulawarga] anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.” (1 Yoh. 4:11, 20) Kapala kulawarga nu nyaah ka kulawarga sarta hayang nyonto Yéhuwa jeung Yésus bakal nyadiakeun pangabutuh rohani, émosi, jeung jasmani kulawargana. (1 Tim. 5:8) Manéhna gé bakal ngabingbing jeung ngadidik barudakna. Terus, manéhna gé bakal nyieun putusan nu ngamulyakeun Yéhuwa jeung aya mangpaatna keur kulawarga. Hayu urang bahas hiji-hiji, sarta tingali kumaha kapala kulawarga bisa nyonto Yéhuwa jeung Yésus.

TANGGUNG JAWAB KAPALA KULAWARGA

14. Kumaha carana kapala kulawarga ngabantu kulawargana ngadeukeut ka Yéhuwa?

14 Nyumponan pangabutuh rohani kulawarga. Jiga Bapana, Yésus ngabantu murid-muridna supaya boga iman nu kuat. (Mat. 5:3, 6; Mar. 6:34) Kitu ogé, tanggung jawab utama kapala kulawarga téh nyaéta pikeun ngabantu kulawargana ngadeukeut ka Yéhuwa. (Pam. 6:6-9) Kumaha carana? Ku cara mastikeun yén manéhna sakulawarga rutin maca sarta diajar Firman Allah, masamoan, ngawawar, sarta terus nyobat jeung Yéhuwa.

15. Naon nu bisa dilakukeun ku kapala kulawarga pikeun nunjukkeun kanyaahna ka kulawarga?

15 Nyumponan pangabutuh émosi kulawarga. Yéhuwa ngungkabkeun kanyaah-Na ka Yésus di hareupeun umum. (Mat. 3:17) Yésus gé ngungkabkeun kanyaahna ka murid-murid liwat kekecapan jeung tindakanana. Terus, murid-muridna gé ngomong yén maranéhna nyaah ka anjeunna. (Yoh. 15:9, 12, 13; 21:16) Kapala kulawarga bisa nunjukkeun kanyaahna ka pamajikan jeung barudakna liwat tindakan, misalna ku cara diajar Alkitab babarengan. Manéhna gé bisa ngomong yén manéhna nyaah jeung ngahargaan kulawargana. Terus mun kaayaanana cocog, manéhna bisa muji kulawargana di hareupeun batur.​—Sil. 31:28, 29.

Mun hayang nyenangkeun Yéhuwa, kapala kulawarga kudu nyadiakeun pangabutuh jasmani kulawarga (Tingali paragrap 16)

16. Naon deui nu kudu dilakukeun ku kapala kulawarga, jeung kumaha carana supaya manéhna bisa tetep saimbang?

16 Nyumponan pangabutuh jasmani kulawarga. Yéhuwa nyumponan pangabutuh jasmani bangsa Israil. Malah waktu maranéhna keur dihukum gara-gara teu taat gé, Yéhuwa masih ngurus maranéhna. (Pam. 2:7; 29:5) Ayeuna, Mantenna gé nyadiakeun pangabutuh jasmani urang. (Mat. 6:31-33; 7:11) Jiga Bapana, Yésus méré dahar murid-muridna. (Mat. 14:17-20) Terus, anjeunna gé nyageurkeun nu gering. (Mat. 4:24) Mun kapala kulawarga hayang nyenangkeun Yéhuwa, manéhna kudu nyadiakeun pangabutuh jasmani kulawargana. Tapi manéhna kudu saimbang. Ulah dur-duran teuing digawé, nepi ka pangabutuh rohani jeung émosi kulawargana teu kacumponan.

17. Urang diajar naon tina carana Yéhuwa jeung Yésus ngabingbing jeung ngalatih urang?

17 Méré bingbingan. Yéhuwa ngabingbing jeung ngalatih urang demi kapentingan urang. (Ibr. 12:7-9) Jiga Bapana, Yésus gé ngalatih murid-muridna. (Yoh. 15:14, 15) Anjeunna teges, tapi bageur. (Mat. 20:24-28) Yésus paham, urang téh teu sampurna sarta sering nyieun kasalahan.​—Mat. 26:41.

18. Kapala kulawarga kudu inget kana hal naon?

18 Kapala kulawarga nu nyonto Yéhuwa jeung Yésus bakal inget yén pamajikan jeung barudakna téh teu sampurna. Jadi, manéhna moal ”ngumbar amarah” atawa kasar ka maranéhna. (Epe. 4:31; Kol. 3:19) Justru manéhna bakal nuturkeun naséhat dina Galata 6:1, nyaéta ’mepelingan sing leuleuy’, sabab manéhna sadar yén manéhna sorangan gé teu sampurna. Jiga Yésus, kapala kulawarga paham yén cara panghadéna pikeun ngajar téh nyaéta liwat tuladan.​—1 Pet. 2:21.

19-20. Waktu nyieun putusan, kumaha kapala kulawarga bisa nyonto Yéhuwa jeung Yésus?

19 Nyieun putusan nu teu mentingkeun diri. Unggal nyieun putusan, Yéhuwa téh mikirkeun kapentingan batur. Misalna, Mantenna nyieun putusan keur nyiptakeun kahirupan. Éta téh lain keur kapentingan Mantenna, tapi supaya nu séjén ogé bisa ngarasakeun bungahna hirup. Terus, Mantenna gé nyieun putusan pikeun ngorbankeun Putra-Na demi nutupan dosa-dosa urang. Euweuh nu maksa Yéhuwa ngalakukeun éta, tapi Mantenna réla méré tebusan demi urang. Yésus gé nyieun putusan-putusan demi kapentingan batur. (Rum 15:3) Misalna, sanajan capé pisan, anjeunna ngabélaan ngajar jalma réa jeung teu istirahat.​—Mar. 6:31-34.

20 Kapala kulawarga nu hadé apal yén nyieun putusan nu bijaksana keur kulawargana téh salah sahiji hal anu panghéséna. Manéhna gé apal, éta téh tanggung jawab nu gedé pisan. Jadi manéhna moal asal nyieun putusan, atawa nyieun putusan anu ngan dumasar kana parasaanana wungkul. Justru manéhna bakal néangan bingbingan ti Yéhuwa. * (Sil. 2:6, 7) Ku kituna, waktu nyieun putusan, kapala kulawarga moal ngan mikirkeun dirina sorangan, tapi bakal mikirkeun kulawargana ogé.​—Pil. 2:4.

21. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

21 Yéhuwa téh méré tugas nu gedé ka kapala kulawarga. Kapala kulawarga kudu tanggung jawab dina ngajalankeunana. Tapi mun manéhna sabisa-bisa nuturkeun Yéhuwa jeung Yésus, manéhna bisa jadi kapala kulawarga nu hadé. Terus mun pamajikan ngajalankeun bagianana, perkawinan téh bakal bagja. Kumaha sakuduna pandangan pamajikan kana wewenang salakina, jeung naon waé tangtanganana? Pananya-pananya éta bakal dijawab dina artikel saterusna.

KAWIH 16 Puji Yéhuwa jeung Putra-Na

^ par. 5 Sanggeus saurang priya nikah, manéhna jadi kapala kulawarga. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa ngatur kulawarga-Na, ku naon Yéhuwa méré wewenang, sarta para priya bisa diajar naon tina tuladan Yéhuwa jeung Yésus. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha salaki jeung pamajikan bisa diajar ti Yésus jeung ti conto-conto séjénna nu aya dina Alkitab. Terus dina artikel anu katilu, urang bakal ngabahas kumaha sakuduna sadérék-sadérék pameget ngagunakeun wewenangna di sidang.

^ par. 7 Film, drama, jeung carita-carita bodor osok némbongkeun yén salaki meunang sangeunahna ka pamajikan, malah nyiksa gé teu nanaon. Ku kituna, loba nu mikir, salaki téh meunang ngalakukeun naon waé ka pamajikanana.

^ par. 20 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan carana nyieun putusan nu alus, tingali artikel ”Buatlah Keputusan yang Menghormati Allah” dina Menara Pengawal 15 April 2011, kaca 13-17.