1 Timotius 5:1-25

  • Sikep ka nu ngora jeung ka nu kolot (1, 2)

  • Ngabantu randa-randa (3-16)

    • Nyadiakeun pangabutuh kulawarga sorangan (8)

  • Hormat ka kokolot nu digawé satékah polah (17-25)

    • ’Saeutik cianggur keur lambung’ (23)

5  Ari negor ka priya nu geus kolot mah ulah kasar. Sabalikna, lamun ngomong ka manéhna téh kudu siga ka bapa sorangan, ka priya nu ngora kudu siga ka adi atawa lanceuk,  ka wanita nu geus kolot kudu siga ka indung sorangan, ka wanita nu ngora kudu siga ka adi atawa lanceuk, bari boga haté nu murni.  Perhatikeun* randa nu geus teu boga sasaha.*  Tapi lamun éta randa boga anak atawa incu, keun sina maranéhna heula nu ngajalankeun pangabdian ka Allah ku cara ngurus kulawargana. Maranéhna kudu mulang tarima ka kolot jeung aki ninina, sabab ieu téh dipikaresep ku Allah.  Randa nu geus teu boga sasaha jeung teu boga nanaon miharepna ka Allah jeung terus sasambat sarta ngadoa beurang peuting.  Tapi, randa nu resepna téh muaskeun napsu* sabenerna mah geus maot sanajan hirup kénéh.  Jadi, terus béjakeun pituduh-pituduh* ieu ngarah euweuh nu ngagogoréng maranéhna.  Lamun aya nu teu nyadiakeun pangabutuh jalma-jalma nu jadi tanggung jawabna, utamana anggota kulawargana sorangan, manéhna téh ingkar tina iman jeung leuwih parah tibatan jalma nu teu boga iman.  Nu bisa didaptarkeun téh randa nu umurna leuwih ti 60 taun, nu baheulana boga hiji salaki 10  jeung dikenal osok nyieun kahadéan, misalna alus ngurus budakna, béréhan,* osok ngumbah suku* jalma-jalma suci, osok tutulung ka nu keur susah, sarta ngabdikeun diri pikeun ngalakukeun sagala hal nu hadé. 11  Ari randa nu ngarora mah ulah didaptarkeun, sabab lamun hasrat séksualna muncul, maranéhna leuwih milih kawin tibatan ngalalayanan Al-Masih. 12  Maranéhna bakal dianggap salah lantaran ngalanggar jangji maranéhna nu saacanna.* 13  Salian ti éta, maranéhna jadi euweuh gawé, ngadon ulin ka imah-imah. Lain saukur euweuh gawé, maranéhna gé kalah ka ngomongkeun batur jeung pipilueun urusan batur, ngobrolkeun hal-hal nu teu sakuduna. 14  Kahayang kuring mah geus wéh randa nu ngarora téh kawin, ngalahirkeun budak, ngurus rumah tangga, ngarah teu dikiritik ku jalma-jalma nu nentang. 15  Sabenerna, geus aya randa-randa nu nyimpang jeung nuturkeun Sétan. 16  Lamun saurang sadérék istri boga dulur nu jadi randa, manéhna heula nu kudu nulungan randa éta ngarah teu jadi beban keur sidang jamaah. Ku kituna, sidang jamaah bisa nulungan randa-randa nu geus teu boga sasaha.* 17  Para kokolot nu mingpinna hadé kudu dihormat dua kali lipet, komo deui ka nu geus satékah polah nepikeun jeung ngajarkeun firman Allah, 18  sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Sapi nu keur ngirik* gandum ulah ditutupan* sungutna,” sarta, ”Jalma nu digawé mah pantes diburuhan.” 19  Lamun aya nu nuduh kokolot, ulah didéngé, kajaba aya bukti ti dua atawa tilu saksi. 20  Jalma nu terus nyieun dosa kudu ditegor di hareupeun jalma-jalma, ngarah nu séjénna sarieuneun nyieun dosa. 21  Di hareupeun Allah, Isa Al-Masih, jeung para malaikat nu kapilih, kuring méré paréntah ka manéh supaya ngajalankeun pituduh-pituduh ieu, tapi ngajalankeunana ulah bari goréng sangka atawa beurat sabeulah. 22  Ulah buru-buru ngalantik* saurang jalma, jeung ulah nepi ka kabawakeun ku dosa batur. Jaga diri sangkan tetep murni. 23  Ku lantaran manéh sering gering, ulah nginum cai hungkul, nginum cianggur saeutik mah. Éta téh keur lambung manéh. 24  Aya jalma nu dosana téh kanyahoan ku loba jalma, ku kituna manéhna langsung dihukum, tapi nu séjénna mah dosana téh kakara kanyahoan ka dieunakeun. 25  Tah, kahadéan ogé kitu, aya nu kanyahoan ku loba jalma, aya nu henteu. Sanajan kitu, éta moal bisa disumput-sumput.

Catetan Tambihan

As. ”Sing hormat ka”.
As. ”nu bener-bener randa”.
Bisa jadi ngamaksudkeun napsu séksual.
Atawa ”paréntah-paréntah”.
Atawa ”akuan ka batur”.
Dina jaman Alkitab, ngumbah suku tamu téh bukti akuan ka batur jeung bageur.
As. ”imanna nu mimiti”.
As. ”nu bener-bener randa”.
Misahkeun gandum tina cangkangna.
Atawa ”diborongsongan”.
Atawa ”numpangkeun leungeun ka”.