1 Korintus 15:1-58

  • Al-Masih dihirupkeun deui (1-11)

  • Dihirupkeunana deui nu maot téh dasarna iman (12-19)

  • Dihirupkeunana deui Al-Masih téh jaminan (20-34)

  • Awak jasmani, awak rohani (35-49)

  • Teu bisa maot jeung teu bisa musna (50-57)

  • Terus sibuk digawé keur Gusti (58)

15  Dulur-dulur, kuring rék ngingetan aranjeun ngeunaan warta hadé nu diuarkeun ka aranjeun, nu ditarima jeung nu bener-bener dipercaya ku aranjeun.  Lamun aranjeun nyekel pageuh warta hadé nu diuarkeun ku kuring ka aranjeun, aranjeun bakal disalametkeun. Tapi lamun henteu, jang naon aranjeun jadi murid Al-Masih?  Hal nu pangpentingna nu ditarima ku kuring geus diajarkeun ogé ka aranjeun, nyaéta Al-Masih maot demi dosa-dosa urang sakumaha nu ditulis dina Kitab Suci.  Tuluy, manéhna dikuburkeun jeung dihirupkeun deui dina poé nu katilu sakumaha ceuk Kitab Suci.  Geus kitu, manéhna manggihan Kéfas,* tuluy manggihan 12 rasul.  Terus, manéhna manggihan leuwih ti 500 dulur sakaligus, lolobana mah masih kénéh bareng jeung urang, tapi aya sababaraha nu geus maot.*  Geus kitu, manéhna manggihan Yakobus, tuluy manggihan sakabéh rasul.  Nu pangpandeurina dipanggihan téh kuring. Éta sababna, kuring téh siga orok nu lahir can waktuna.  Kuring téh nu panghandapna di antara para rasul, malah teu layak disebut rasul, da baheula kuring nganiaya sidang jamaah Allah. 10  Kuring bisa siga ayeuna ku karana welas asih Allah nu taya bandingna.* Welas asih Anjeunna ka kuring henteu cumah, da kuring digawé leuwih beurat tibatan maranéhna kabéh. Kuring bisa kitu téh lain ku kasanggupan sorangan, tapi ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna* ka kuring. 11  Jadi, teu sual kuring atawa maranéhna nu ngawawar, wartana mah sarua, nyaéta nu dipercaya ku aranjeun. 12  Lamun urang ngawawarkeun yén Al-Masih geus dihirupkeun deui tina maot, naha atuh di antara aranjeun bet aya nu ngomong yén nu maot moal dihirupkeun deui? 13  Lamun mémang nu maot teu dihirupkeun deui, nya Al-Masih gé henteu dihirupkeun deui. 14  Tapi lamun Al-Masih teu dihirupkeun deui, pangwawaran urang téh percumah atuh, iman aranjeun gé percumah. 15  Salian ti éta, lamun enya nu maot teu dihirupkeun deui, Allah gé teu ngahirupkeun deui Al-Masih. Éta hartina urang ngabohong atuh ngeunaan Allah, da urang méré kasaksian Al-Masih dihirupkeun deui ku Anjeunna. 16  Lamun nu maot teu dihirupkeun deui, nya tangtu Al-Masih gé teu dihirupkeun deui. 17  Terus, lamun Al-Masih teu dihirupkeun deui, iman aranjeun téh percumah, jeung aranjeun gé tetep boga dosa. 18  Éta gé hartina, murid-murid Al-Masih nu maot* téh geus bener-bener musna. 19  Ari harepan urang ka Al-Masih ngan keur hirup nu ayeuna hungkul, urang téh jalma nu pangwatir-watirna ti sakabéh jalma. 20  Tapi, ayeuna Al-Masih geus dihirupkeun deui, manéhna téh nu mimiti dihirupkeun* ti antara nu maraot.* 21  Sakumaha maot bisa aya ku lantaran saurang jalma, kitu ogé dihirupkeunana deui nu maot bisa aya ku lantaran saurang jalma. 22  Sakumaha kabéh jalma maot ku lantaran Adam, kitu ogé kabéh jalma bakal dihirupkeun ku lantaran Al-Masih. 23  Tapi, masing-masing nurutkeun giliranana: Al-Masih nu mimiti,* geus kitu dina kahadiranana, kakara jalma-jalma milik Al-Masih. 24  Tungtungna, sanggeus ngamusnakeun kabéh pamaréntahan, kakawasaan, jeung kakuatan, manéhna nyerahkeun Pamaréntahanana ka Allah, nyaéta Bapana. 25  Manéhna kudu ngawasa jadi raja nepi ka Allah nalukkeun kabéh musuh di handapeun sukuna. 26  Musuh nu pangpandeurina dimusnakeun téh nyaéta maot. 27  Ku Allah ”kabéhanana disina tunduk di handapeun suku manéhna”. Tapi, waktu nyebutkeun ”kabéhanana disina tunduk”, éta pasti teu kaasup Allah nu ngalantarankeun kabéhanana tunduk ka Al-Masih. 28  Sanggeus kabéhanana disina tunduk ka manéhna, Putra gé bakal tunduk ka Allah nu ngalantarankeun kabéhanana tunduk ka manéhna. Ku kituna, Allah bakal jadi hiji-hijina nu ngawasa sagalana. 29  Jadi, kumaha atuh jeung jalma-jalma nu dibaptis pikeun ngalaman maot? Lamun nu maot teu dihirupkeun deui, jang naon atuh maranéhna dibaptis kawas kitu? 30  Jang naon urang teterusan nyanghareupan bahaya? 31  Unggal poé, kuring mah nyanghareupan maot. Ieu téh bener, dulur-dulur, sarua benerna jeung kekecapan kuring yén kuring téh reueus ka aranjeun, murid-murid Isa Al-Masih Juragan urang. 32  Upama kuring kawas jalma-jalma séjénna* tarung jeung sato-sato galak di Éfésus, naon untungna keur kuring? Lamun nu maot teu dihirupkeun deui, ”hayu urang dahar jeung nginum, da isukan urang paéh”. 33  Ulah kabobodo, pergaulan nu goréng ngaruksak kabiasaan* nu hadé. 34  Sing éling, seug lampahkeun nu bener, ulah teterusan nyieun dosa, sabab sababaraha ti aranjeun teu boga pangaweruh nu bener ngeunaan Allah. Kuring ngomong kieu téh ngarah aranjeun éra. 35  Sanajan kitu, meureun aya nu nanya, ”Kumaha carana nu maot dihirupkeun deui? Engké awakna bakal siga kumaha?” 36  Aranjeun mah teu asup akal! Binih nu dipelak téh kudu paéh heula supaya hirup. 37  Nu dipelak ku aranjeun téh lain pepelakan nu geus jadi, tapi binihna, boh binih gandum boh binih séjénna. 38  Tapi, kawas kumaha jadina, éta mah kumaha Allah. Unggal binih jadina béda-béda. 39  Teu kabéh awak téh sarua. Manusa awakna kieu, sasatoan awakna kitu, manuk jeung lauk awakna béda deui. 40  Awak nu aya di sorga béda jeung awak nu aya di bumi, kaéndahanana gé béda-béda. 41  Kaéndahan panonpoé béda jeung kaéndahan bulan. Béntang-béntang gé boga kaéndahan sorangan, malah unggal béntang téh kaéndahanana béda-béda. 42  Kitu ogé jeung jalma nu dihirupkeun deui, awak nu dikubur* téh bisa musna, ari awak nu dihirupkeun deui moal bisa musna. 43  Nu dikubur téh hina, ari nu dihirupkeun deui mah mulya. Nu dikubur téh lemah, ari nu dihirupkeun deui mah kuat. 44  Nu dikubur téh awak jasmani, ari nu dihirupkeun deui mah awak rohani. Lamun aya awak jasmani, nya aya ogé awak rohani. 45  Éta sababna, ceuk Kitab Suci, ”Manusa nu mimiti, nyaéta Adam, jadi jalma* nu hirup.” Adam nu ahir jadi mahluk roh nu méré kahirupan. 46  Tapi, awak nu mimiti téh lain awak rohani. Nu mimiti mah awak jasmani, ari nu sanggeusna awak rohani. 47  Manusa nu mimiti asalna ti bumi jeung dijieun tina taneuh kebul, ari manusa nu kadua mah asalna ti sorga. 48  Kabéh nu dijieun tina taneuh kebul sarua jeung manusa nu dijieun tina taneuh kebul éta, sarta kabéh nu aya di sorga sarua jeung nu asalna ti sorga éta. 49  Sakumaha urang sarupa jeung manusa nu dijieun tina taneuh kebul, urang gé bakal sarupa jeung nu asalna ti sorga éta. 50  Dulur-dulur, kuring ngabéjaan, daging jeung getih moal bisa ngawaris Pamaréntahan Allah. Kitu ogé, nu bisa musna moal ngawaris nu teu bisa musna. 51  Kuring rék méré nyaho rasiah suci ieu: Urang téh moal maot* kabéh, tapi urang kabéh bakal dirobah sakilat, 52  sakiceup panon, waktu tarompét panungtungan disada. Pas tarompétna disada, nu maot bakal dihirupkeun deui jeung boga awak nu teu bisa musna, sarta urang kabéh bakal dirobah. 53  Nu bisa musna kudu dirobah ku nu teu bisa musna, jeung nu bisa maot kudu dirobah ku nu teu bisa maot. 54  Tapi, waktu nu bisa musna dirobah ku nu teu bisa musna jeung nu bisa maot dirobah ku nu teu bisa maot, ayat ieu laksana, ”Maot dilegleg salilana.” 55  ”Maot, mana kakawasaan manéh? Maot, mana panyeureud manéh?” 56  Panyeureud nu nyababkeun maot téh nyaéta dosa. Dosa boga kawasa téh lantaran aya Torét. 57  Tapi sukur ka Allah, urang dibéré kaunggulan ku jalan Juragan urang Isa Al-Masih. 58  Ku kituna, dulur-dulur nu dipikanyaah, sing pengkuh, ulah oyag, terus sibuk digawé keur Gusti,* lantaran aranjeun apal upaya aranjeun nu satékah polah keur Gusti* téh moal mubadir.

Catetan Tambihan

Ngaran séjénna Pétrus.
As. ”saré”.
As. ”saré”.
As. ”buah nu mimiti”.
As. ”sararé”.
As. ”buah nu mimiti”.
Atawa bisa jadi, ”Upama kuring dina pandangan manusa”.
Atawa ”ahlak”.
As. ”ditebar”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”saré”.
Atawa ”Juragan”. Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Juragan”. Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.