Roma 14:1-23

  • Ulah silih ngahakiman (1-12)

  • Ulah ngalantarankeun dulur pegat iman (13-18)

  • Lakukeun naon waé supaya rukun jeung ngahiji (19-23)

14  Tarima jalma anu imanna kurang kuat, jeung ulah ngahakiman manéhna lamun pandanganana béda jeung urang.*  Aya jalma nu boga iman yén naon waé gé meunang didahar, tapi jalma nu imanna kurang kuat mah ngan dahar sayur-sayuran.  Anu dahar ulah nyapirakeun anu teu dahar, jeung anu teu dahar ulah ngahakiman anu dahar, sabab manéhna geus ditarima ku Allah.  Saha atuh aranjeun téh bet wani ngahakiman palayanna batur? Dununganana sorangan nu bakal mutuskeun manéhna bener atawa salah. Malah ku bantuan Yéhuwa, manéhna bakal jadi bener.  Aya jalma nu nganggap hiji poé téh leuwih penting tibatan poé séjénna, tapi aya ogé nu nganggap kabéh poé téh sarua. Unggal jalma kudu bener-bener yakin kana putusanana sorangan.  Jalma anu nganggap penting hiji poé ngalakukeunana téh demi Yéhuwa. Jalma anu dahar ogé ngalakukeunana téh demi Yéhuwa, da manéhna nganuhunkeun ka Allah. Jeung jalma anu ngan dahar sayuran ngalakukeunana demi Yéhuwa, lantaran manéhna gé nganuhunkeun ka Allah.  Sabenerna, di antara urang, euweuh nu hirup keur dirina sorangan jeung euweuh nu maot keur dirina sorangan.  Sabab lamun urang hirup, urang hirup demi Yéhuwa, jeung lamun urang maot, urang maot demi Yéhuwa. Jadi, boh hirup boh maot, urang téh milik Yéhuwa.  Sabenerna tujuan Al-Masih maot jeung dihirupkeun deui téh supaya jadi Juraganna nu maot jeung nu hirup. 10  Tapi ku naon aranjeun ngahakiman dulur sorangan? Ku naon aranjeun gé nyapirakeun dulur sorangan? Urang kabéh téh bakal nangtung di hareupeun korsi pangadilan Allah. 11  Sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Ceuk Yéhuwa, ’Kuring sumpah demi diri Kuring, kabéh jalma bakal sujud ka Kuring, jeung kabéh jalma bakal ngaraku yén Kuring téh Allah.’” 12  Jadi, urang masing-masing bakal tanggung jawab ka Allah. 13  Ku kituna, ulah silih ngahakiman deui. Sabalikna, sing boga tékad sangkan henteu ngalantarankeun dulur urang pegat iman* atawa nyimpang. 14  Salaku muridna Juragan Isa, kuring apal jeung yakin yén sabenerna euweuh nu najis. Hiji hal jadi najis téh ceuk jalma nu nganggap éta najis. 15  Lamun ku lantaran dahareun aranjeun nganyerikeun haté dulur, aranjeun henteu némbongkeun deui kanyaah. Ulah ngancurkeun imanna ku lantaran dahareun, sabab Al-Masih téh maot keur manéhna. 16  Ku kituna, laku lampah hadé aranjeun ulah matak jadi piomongeun batur. 17  Saurang jalma asup ka Pamaréntahan Allah téh teu gumantung kana naon nu didahar jeung diinum ku manéhna. Tapi manéhna kudu bener laku lampahna, hirup rukun, jeung suka bungah ku karana kawasa suci. 18  Sing saha anu ngalalayanan Al-Masih ku cara kitu bakal dipikaresep ku Allah jeung ku sasama. 19  Ku kituna, lakukeun naon waé nu bisa ngahasilkeun karukunan jeung nu bisa silih kuatkeun. 20  Mémang, euweuh dahareun nu najis. Tapi ari ngadaharna matak batur pegat iman,* éta jadi salah. 21  Mending ulah dahar daging, atawa nginum cianggur, atawa ngalampahkeun naon waé lamun éta matak dulur aranjeun pegat iman.* 22  Keun wéh iman aranjeun kana hal-hal éta jadi urusan aranjeun jeung Allah. Bagja jalma anu teu nyalahkeun dirina sorangan lantaran ngalakukeun naon nu dianggap bener ku manéhna. 23  Sabalikna lamun manéhna teu yakin ka nu rék didahar tapi tetep ngadahar éta, manéhna salah sabab manéhna can boga iman, na éta téh meunang dilakukeun atawa henteu. Naon waé nu dilakukeun tanpa iman téh dosa.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi, ”haténa cangcaya kénéh”.
As. ”titajong”.
As. ”titajong”.
As. ”titajong”.