Pindah kana eusi

Naon Baptisan téh?

Naon Baptisan téh?

Jawaban Alkitab

 Waktu hiji jalma dibaptis, a sakujur awakna kudu diteuleumkeun kana cai tuluy diangkat kaluar. Dina Alkitab, aya loba catetan ngeunaan baptisan. (Kisah 2:41) Salah sahijina nyaéta baptisan Isa. Manéhna diteuleumkeun di Walungan Yordan. (Matius 3:13, 16) Sababaraha taun sanggeusna, aya saurang priya ti Étiopia anu dibaptis di ”tempat nu loba caina”, di deukeut jalan anu keur diliwatan ku manéhna.​—Kisah 8:36-40.

 Isa ngajarkeun yén baptisan téh hal nu kudu dilakukeun ku murid-muridna. (Matius 28:19, 20) Rasul Pétrus gé ngajarkeun hal nu sarua.​—1 Pétrus 3:21.

Dina artikel ieu

 Naon hartina baptisan?

 Baptisan téh nyaéta hiji hal anu dilakukeun ku saurang jalma pikeun nunjukkeun ka batur yén manéhna geus tobat tina dosa-dosana, sarta geus ikrar ka Allah yén manéhna bakal ngalakukeun pangersa-Na saumur hirup. Éta téh kaasup taat ka Allah jeung Isa dina sagala hal. Baptisan téh mangrupakeun léngkah awal pikeun meunangkeun kahirupan abadi.

 Diteuleumkeun kana cai téh cocog pikeun ngagambarkeun parobahan nu geus dilakukeun ku saurang jalma. Naon maksudna? Alkitab nyaruakeun dibaptis jeung dikubur. (Roma 6:4; Kolose 2:12) Ku cara diteuleumkeun kana cai, saurang jalma saolah-olah geus maot ninggalkeun cara hirupna nu baheula. Waktu manéhna kaluar tina cai, éta hartina ngamimitian kahirupan nu anyar sabagé urang Kristen.

 Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan baptisan orok?

 Alkitab teu pernah nyebutkeun ngeunaan baptisan orok. b Alkitab gé teu pernah ngajarkeun yén orok kudu dibaptis.

 Baptisan orok teu sajalan jeung Firman Allah. Alkitab ngajarkeun yén saurang jalma nu rék dibaptis kudu minuhan sababaraha sarat. Contona, manéhna kudu boga pamahaman ngeunaan pangajaran dasar Firman Allah jeung ngalampahkeunana. Manéhna gé kudu tobat tina dosa-dosana jeung geus ngabaktikeun diri ka Allah dina doa. (Kisah 2:38, 41; 8:12) Orok mah can bisa ngalakukeun hal-hal éta.

 Naon hartina dibaptis ku ngaran Bapa, Putra, jeung kawasa suci?

 Nabi Isa méré paréntah ka murid-muridna, ”Jaradikeun murid, baptis maranéhna ku ngaran Bapa jeung Putra jeung kawasa suci, ajar maranéhna ngajalankeun kabéh nu geus diparéntahkeun ku urang ka maranéh.” (Matius 28:19, 20) Istilah ”ku ngaran” hartina saurang jalma nu dibaptis téh ngakukeun wewenang sarta kakawasaan Bapa jeung Putra, sarta ngakukeun andil ti kawasa suci Allah. Sabagé gambaran: Rasul Pétrus pernah ngomong kieu ka jalma nu lumpuh ti barang lahir, ”Ku ngaran Isa Al-Masih urang Nazarét, geura leumpang!” (Kisah 3:6) Ieu hartina Pétrus téh ngakukeun wewenang ti Isa Al-Masih. Manéhna gé sadar yén nu kudu dimulyakeun ku lantaran éta mujijat téh nyaéta Isa Al-Masih.

  •   Istilah ”Bapa” ngamaksudkeun Allah Yéhuwa. c Yéhuwa téh Nu Nyipta, Nu Méré Kahirupan, jeung Allah Nu Mahakawasa. Anjeunna boga wewenang nu pangluhurna.​—Kajadian 17:1; Wahyu 4:11.

  •   Istilah ”Putra” ngamaksudkeun Isa Al-Masih nu geus ngurbankeun kahirupanana demi urang. (Roma 6:23) Urang moal bisa disalametkeun lamun teu ngakukeun sarta ngahargaan andil penting Isa Al-Masih dina ngajalankeun rencana Allah pikeun manusa.​—Yahya 14:6; 20:31; Kisah 4:8-12.

  •   ”Kawasa suci” téh nyaéta tanaga atawa kawasa nu digunakeun ku Allah pikeun ngalakukeun loba hal. d Allah ngagunakeun kawasa suci pikeun nyipta, méré kahirupan, nepikeun pesen ka para nabi jeung nu séjénna, sarta méré kakuatan nu dibutuhkeun ku maranéhna pikeun ngalakukeun pangersa-Na. (Kajadian 1:2; Ayub 33:4; Roma 15:18, 19) Allah gé ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun nepikeun eusi pikirana-Na ka jalma-jalma nu nulis Alkitab.​—2 Pétrus 1:21.

 Dibaptis deui téh dosa kitu?

 Aya loba jalma anu ngaganti agamana. Tah, kumaha mun aya nu geus dibaptis di garéja saacanna? Mun manéhna dibaptis deui, manéhna bakal dianggap nyieun dosa atawa henteu? Sababaraha jalma ngajawab éta téh dosa. Meureun lantaran aya ayat dina Éfésus 4:5 nu nyebutkeun, ”Ngan aya hiji Juragan, hiji iman, hiji baptisan”. Tapi ieu lain hartina saurang jalma teu bisa dibaptis deui. Ku naon?

 Kontéks. Dina Éfésus 4:5, Rasul Paulus rék nunjukkeun yén urang Kristen nu sajati kudu ngahiji dina kapercayaan jeung iman. (Éfésus 4:1-3, 16) Maranéhna kakara bisa ngahiji lamun nuturkeun Juragan nu sarua nyaéta Isa Al-Masih, boga iman jeung pamahaman Alkitab nu sarua, sarta boga sarat-sarat baptisan nu sarua nu dumasar kana Alkitab.

 Rasul Paulus ngajurung jalma-jalma nu geus dibaptis pikeun dibaptis deui. Ku sabab waktu maranéhna dibaptis, maranéhna can bener-bener paham kana pangajaran Kristen.​—Kisah 19:1-5.

 Dasar nu bener pikeun dibaptis. Supaya ditarima ku Allah, baptisan téh kudu dumasar kana pangaweruh nu bener ngeunaan Alkitab. (1 Timotius 2:3, 4) Lamun hiji jalma dibaptis, tapi baptisanana dumasar kana pangajaran agama nu teu sajalan jeung Alkitab, baptisanana téh moal ditarima ku Allah. (Yahya 4:23, 24) Éta jalma meureun bener-bener tulus hayang dibaptis, tapi cara manéhna dibaptis téh teu nurutkeun pangaweruh nu bener. (Roma 10:2) Supaya ditarima ku Allah, manéhna kudu diajar jeung ngalarapkeun pangajaran nu bener tina Alkitab, ngabaktikeun hirupna ka Allah, jeung dibaptis deui. Dina kaayaanana siga kitu, mun manéhna dibaptis deui, éta téh lain dosa. Malahan, éta téh tindakan nu bener.

 Baptisan-baptisan séjén nu disebutkeun dina Alkitab

 Dina Alkitab, aya ogé baptisan-baptisan séjénna anu boga harti nu béda jeung baptisan cai nu dilakukeun ku murid-murid Isa Al-Masih. Ieu sababaraha contona.

 Baptisan nu dilakukeun ku Yahya Jurubaptis. e Urang Yahudi jeung proselit Yahudi nu dibaptis ku Yahya téh némbongkeun yén maranéhna geus tobat tina palanggaran Torét, nyaéta hukum nu dibikeun ku Allah ka urang Israél ku jalan Musa. Baptisan Yahya téh ngabantu jalma-jalma pikeun kenal jeung narima Mésias, nyaéta Isa ti Nazarét.​—Lukas 1:13-17; 3:2, 3; Kisah 19:4.

 Baptisan Isa. Waktu Isa dibaptis ku Yahya Jurubaptis, éta téh béda jeung baptisan-baptisan séjénna. Nabi Isa téh manusa nu sampurna jeung teu boga dosa. (1 Pétrus 2:21, 22) Jadi baptisan Isa téh lain ngalambangkeun yén Isa tobat atawa ”ménta haté sanubari nu bersih ka Allah”. (1 Pétrus 3:21) Baptisan Nabi Isa téh nunjukkeun yén manéhna siap ngajalankeun kahoyong Allah pikeun jadi Mésias, atawa Al-Masih nu geus dijangjikeun. Ieu téh kaasup nunjukkeun yén Isa réla maot demi urang.​—Ibrani 10:7-10.

 Baptisan ku kawasa suci. Yahya Jurubaptis jeung Isa Al-Masih pernah nyebutkeun ngeunaan baptisan ku kawasa suci. (Matius 3:11; Lukas 3:16; Kisah 1:1-5) Baptisan éta téh teu sarua jeung dibaptis ku ngaran kawasa suci. (Matius 28:19) Naon bédana?

 Murid-murid Nabi Isa nu dibaptis ku kawasa suci téh jumlahna ngan saeutik. Maranéhna téh diistrénan ku kawasa suci lantaran maranéhna dipilih pikeun jadi raja jeung imam sarta bakal maréntah bumi ti sorga bareng jeung Isa Al-Masih. f (1 Pétrus 1:3, 4; Wahyu 5:9, 10) Nu bakal jadi rahayatna téh nyaéta jutaan murid-murid Nabi Isa nu boga harepan pikeun hirup salilana di bumi nu sampurna jeung éndah.​—Matius 5:5; Lukas 23:43.

 Dibaptis pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih sarta pikeun maot kawas manéhna. Jalma nu dibaptis ku kawasa suci gé ”dibaptis pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih”. (Roma 6:3) Ku kituna, baptisan ieu téh ngan keur jalma-jalma nu bakal maréntah bareng jeung Isa Al-Masih di sorga. Ku cara dibaptis pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih, maranéhna jadi bagian ti sidang jamaah nu anggotana téh kaom nu diistrénan. Nabi Isa sabagé Kapalana, ari kaom nu diistrénan sabagé awakna.​—1 Korintus 12:12, 13, 27; Kolose 1:18.

 Urang Kristen anu diistrénan ”dibaptis ogé pikeun maot kawas [Isa]”. (Roma 6:3, 4) Sarua siga Nabi Isa, maranéhna réla ngurbankeun kahirupanana pikeun terus taat ka Allah. Maranéhna ogé réla ngurbankeun harepanana pikeun hirup langgeng di bumi. Baptisan ieu kakara rengse waktu maranéhna maot tuluy dihirupkeun deui sabagé mahluk roh di sorga.​—Roma 6:5; 1 Korintus 15:42-44.

 Baptisan ku seuneu. Yahya Jurubaptis pernah ngomong kieu, ”Nu datang sanggeus urang mah [Isa Al-Masih] bakal ngabaptis maranéh ku kawasa suci jeung seuneu. . . . Di tempat misahkeun gandum, manéhna nyekel sekop keur misahkeun gandum jeung cangkangna. Terus manéhna bakal ngabersihan tempat éta. Gandumna dikumpulkeun ka lumbung, ari cangkangna diduruk ku seuneu nu moal pareum.” (Matius 3:11, 12) Baptisan ku seuneu béda jeung baptisan ku kawasa suci. Jadi naon harti kekecapan Yahya dina ayat tadi?

 Gandum ngalambangkeun jalma-jalma nu daék ngadéngékeun jeung taat ka Nabi Isa. Maranéhna boga harepan pikeun dibaptis ku kawasa suci. Ari cangkang gandum mah ngalambangkeun jalma-jalma nu teu daék ngadéngékeun Nabi Isa. Maranéhna bakal dibaptis ku seuneu, nu hartina maranéhna bakal dibinasakeun pikeun salilana.​—Matius 3:7-12; Lukas 3:16, 17.

a Ceuk Vine’s Complete Expository Dictionary of Old and New Testament Words, kecap Yunani anu ditarjamahkeun jadi ”baptisan” ngamaksudkeun ”asup ka cai, diteuleumkeun ka cai tuluy kaluar ti cai”.

b Baptisan orok téh nyaéta upacara nu sok dilakukeun ku sababaraha garéja pikeun ngabaptis orok. Éta orok dibéré ngaran baptis, tuluy dibaptis ku cara dikucurkeun atawa diképrét-képrétkeun ku cai kana sirahna.

c Yéhuwa téh ngaran Allah. (Jabur 83:18) Mangga tingali artikel ”Saha Yéhuwa téh?

d Mangga tingali artikel ”Naon Roh Suci téh?

e Mangga tingali artikel ”Saha Yahya Jurubaptis téh?

f Mangga tingali artikel ”Saha nu Bakal ka Sorga?

g Dina Alkitab, istilah ”baptisan” ogé ngamaksudkeun upacara pikeun ngabersihan hiji hal. Misalna ku cara ngucurkeun cai kana paparabotan. (Markus 7:4; Ibrani 9:10) Tangtu hal itu téh béda jeung baptisan Nabi Isa jeung murid-muridna nu saawak-awak diteuleumkeun kana cai.