1 Pétrus 1:1-25

  • Salam (1, 2)

  • Dilahirkeun deui supaya boga harepan (3-12)

  • Aranjeun kudu suci salaku anak-anak nu nurut (13-25)

1  Ti Pétrus, rasulna Isa Al-Masih, keur aranjeun nu nyebar jeung cicing sementara di Pontus, Galatia, Kapadokia, Asia, jeung Bitinia. Aranjeun geus dipilih  sakumaha rencana Allah, Bapa urang, jeung geus disucikeun ku kawasa suci-Na. Ieu téh supaya aranjeun jadi taat jeung bersih ku getihna Isa Al-Masih. Mugia aranjeun narima leuwih loba welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman.  Puji ka Allah, Bapana Juragan urang Isa Al-Masih. Saking welas asihna ka urang, Allah ngalantarankeun urang dilahirkeun deui, supaya urang boga harepan nu teu pernah sirna ku jalan dihirupkeunana Isa Al-Masih ti antara nu maot.  Allah gé méré aranjeun warisan nu teu bisa musna, teu najis, jeung teu bisa ruksak. Éta disimpen di sorga keur aranjeun.  Ku lantaran aranjeun boga iman, Allah ngajaga aranjeun ku kawasa-Na supaya aranjeun disalametkeun. Kasalametan éta bakal disingkabkeun dina ahir jaman.  Éta sababna aranjeun bungah pisan, sanajan keur sementara mah aranjeun kudu susah nyanghareupan rupa-rupa cocoba,  supaya iman aranjeun nu geus diuji* téh ngalantarankeun aranjeun dipuji, dimulyakeun, jeung dihormat waktu Isa Al-Masih némbongkeun dirina. Iman nu siga kitu téh jauh leuwih luhur nilaina tibatan emas nu geus diuji ku seuneu tapi masih kénéh bisa ancur.  Sanajan can pernah ningali Al-Masih, aranjeun nyaah ka manéhna. Ayeuna gé aranjeun teu ningali manéhna, tapi aranjeun boga iman ka manéhna jeung suka bungah pisan, ku suka bungah nu luar biasa nepi ka teu bisa diungkabkeun,  ku sabab yakin iman aranjeun bakal nyalametkeun aranjeun. 10  Nya kasalametan ieu anu bener-bener diulik jeung ditaliti pisan ku nabi-nabi. Maranéhna téh nu baheula ngaramal ngeunaan welas asih nu taya bandingna* nu rék dibikeun ka aranjeun. 11  Saacanna, Allah ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun méré nyaho maranéhna yén Al-Masih téh bakal sangsara tuluy dimulyakeun. Éta sababna maranéhna terus diajar bener-bener supaya nyaho naon nu bakal kaalaman ku Al-Masih jeung iraha kajadianana. 12  Para nabi dibéjaan yén maranéhna téh lain ngalalayanan diri sorangan, tapi ngalalayanan aranjeun. Maranéhna nulis hal-hal nu geus diuarkeun ka aranjeun, nyaéta nu didéngé ku aranjeun ti jalma-jalma nu nguarkeun warta hadé ka aranjeun. Jalma-jalma éta nguarkeunana ku bantuan kawasa suci ti sorga. Hal-hal ieu nu hayang pisan dipikaharti ku para malaikat. 13  Siapkeun pikiran aranjeun pikeun digawé. Jaga diri supaya bener-bener sadar. Terus arep-arep welas asih nu taya bandingna* nu bakal dibikeun ka aranjeun waktu Isa Al-Masih némbongkeun dirina. 14  Salaku anak-anak anu nurut, ulah kabawakeun deui ku kahayang aranjeun nu baheula, basa can nyaho nanaon ngeunaan Allah. 15  Tapi, nu milih aranjeun téh Allah nu suci, jadi aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun, 16  sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Maranéh kudu suci, sabab Kuring téh suci.” 17  Bapa téh tara ngabéda-béda dina ngahakiman unggal jalma, kabéh dihakiman satimpal jeung kalakuanana. Lamun aranjeun sasambat ka Anjeunna, laku lampah aranjeun salila cicing sementara di dunya ieu kudu némbongkeun yén aranjeun sieun ka Allah. 18  Aranjeun apal, aranjeun dibébaskeun* tina cara hirup nu taya paédahna nu diwariskeun ku karuhun aranjeun* téh lain ku hal-hal nu bisa musna, siga pérak atawa emas, 19  tapi ku getih Al-Masih nu luhur nilaina, siga getih anak domba nu mulus jeung taya cacadna. 20  Mémang, kadatangan manéhna téh geus dipikanyaho ti saacan ayana dunya,* tapi manéhna némbongkeun diri dina ahir jaman téh keur kapentingan aranjeun. 21  Ku lantaran manéhna, aranjeun percaya ka Allah nu ngahirupkeun manéhna ti antara nu maot jeung méré kamulyaan ka manéhna. Ku kituna, aranjeun jadi boga iman jeung ngaharep ka Allah. 22  Lantaran taat kana bebeneran, aranjeun geus disucikeun. Jadi, aranjeun boga kanyaah nu teu munapék kawas ka kulawarga sorangan. Ku kituna, aranjeun kudu bener-bener silih pikanyaah ti jero haté. 23  Aranjeun téh geus dilahirkeun deui, lain tina binih nu bisa musna tapi tina binih nu teu bisa musna, nyaéta liwat firman ti Allah nu hirup, nu aya salilana. 24  Kitab Suci nyebutkeun, ”Kabéh jalma téh ibarat jukut jeung kaéndahanana ibarat kembang di tegalan. Jukut jadi layu, kembangna gé ragragan, 25  tapi kekecapan* Yéhuwa aya salilana.” Ari nu disebut ”kekecapan”* téh nyaéta warta hadé nu diuarkeun ka aranjeun.

Catetan Tambihan

Atawa ”dimurnikeun”.
As. ”ditebus”.
Atawa ”ku tradisi”.
Maksudna, ti saacan turunan Adam jeung Hawa dilahirkeun.
Atawa ”firman”.
Atawa ”firman”.