Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Salaki pamajikan nu kompak téh ibarat pilot jeung kopilot nu boga tujuan nu sarua

KEUR SALAKI PAMAJIKAN

2: Kakompakan

2: Kakompakan

NAON HARTINA?

Salaki pamajikan nu kompak téh ibarat pilot jeung kopilot nu boga tujuan nu sarua. Jadi, sanajan aya masalah, salaki pamajikan bakal mikirkeun kapentingan duaan lainna kapentingan sorangan.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Duanana geus lain dua deui, tapi hiji.”​—Mateus 19:6.

”Perkawinan teu bisa dijalankeun ku sorangan. Jadi, salaki pamajikan kudu kompak sangkan perkawinanana suksés.”​—Christopher.

KU NAON PENTING?

Waktu keur aya pipaséaeun, salaki pamajikan nu teu kompak bakal silih salahkeun lainna ngaréngsékeun masalah. Masalah nu tadina leutik kalah ka jadi gedé.

”Dina perkawinan, kakompakan téh penting pisan. Lamun teu kompak, abdi jeung salaki ngan siga batur sakamar lain batur hirup. Urang hirup bareng, tapi waktu aya masalah nu penting, abdi duaan teu bisa badami pikeun nyieun hiji putusan.”​—Alexandra.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

PÉK PIKIRKEUN

  • Mun narima gajih, naha abdi nganggap éta téh duit abdi sorangan?

  • Mun keur hayang ngabangbrangkeun pikiran, naha abdi kudu pajauh heula ti batur hirup?

  • Naha abdi ngajaga jarak jeung kulawarga batur hirup, padahal batur hirup akrab jeung kulawargana?

OBROLKEUN JEUNG BATUR HIRUP

  • Dina hal naon waé urang duaan téh kompak?

  • Dina hal naon waé urang duaan kudu leuwih kompak?

  • Naon waé nu bisa dilakukeun ku urang duaan sangkan leuwih kompak?

SARAN-SARAN

  • Bayangkeun Sadérék duaan keur maén ténis. Naon nu kudu diupayakeun ku Sadérék sangkan batur hirup téh jadi balad lainna lawan Sadérék.

  • Ti batan mikir, ’Kumaha nya carana supaya abdi bisa meunang?’ mending mikir, ’Kumaha carana urang duaan bisa meunang?’

”Ulah mikirkeun saha nu bener saha nu salah. Éta mah teu penting. Nu penting mah bisa akur jeung kompak.”​—Ethan.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”​—Pilipi 2:3, 4.