KEUR SALAKI PAMAJIKAN
3: Rasa Hormat
NAON HARTINA?
Salaki pamajikan nu silih hormat bakal silih pikanyaah sanajan keur béda pandangan. Buku Ten Lessons to Transform Your Marriage nyebutkeun, ”Maranéhna moal pakeukeuh-keukeuh kana pandanganana, tapi ngabadamikeun masalahna. Maranéhna ngahargaan pandangan batur hirupna, tuluy nyieun putusan nu bisa ditarima ku duaan.”
PRINSIP KITAB SUCI: ”Sipatna kanyaah teh . . . tara mentingkeun maneh.”—1 Korinta 13:4, 5.
”Hormat ka pamajikan téh hartina ngahargaan pandangan manéhna. Abdi embung nganyenyeri manéhna atawa ngalakukeun hal nu bisa ngaruksak perkawinan abdi.”—Micah.
KU NAON PENTING?
Lamun euweuh rasa hormat, salaki pamajikan bakal silih cela, silih sindir, malahan silih hina. Numutkeun para ahli, ieu téh tanda-tanda awal pikeun pepegatan.
”Omongan nu sinis, nu nyindir, nu ngaléléwé téh ngarendahkeun harga diri pamajikan, manéhna gé jadi teu percaya deui ka Sadérék, sarta perkawinan Sadérék bakal ruksak.”—Brian.
NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?
PÉK PIKIRKEUN
Perhatikeun obrolan jeung lalampahan Sadérék salila saminggu. Tuluy pikirkeun:
’Sakumaha sering abdi nyela batur hirup jeung sakumaha sering abdi muji manéhna?’
’Dina hal naon waé abdi geus némbongkeun hormat ka batur hirup?’
OBROLKEUN JEUNG BATUR HIRUP
Lalampahan jeung omongan nu siga kumaha nu ngalantarankeun Sadérék duaan ngarasa dihormat?
Lalampahan jeung omongan nu siga kumaha nu ngalantarankeun Sadérék duaan ngarasa teu dihormat?
SARAN-SARAN
Tulis tilu hal nu bisa ngalantarankeun Sadérék ngarasa dihormat, kitu ogé jeung batur hirup Sadérék. Pék tukeur catetan éta tuluy upayakeun pikeun ngahormat batur hirup sakumaha nu dipikahayang ku manéhna.
Jieun daptar ngeunaan sipat-sipat hadé nu dipikaresep ku Sadérék ti batur hirup. Tuluy, ungkabkeun yén Sadérék ngahargaan pisan sipat-sipat éta.
”Hormat ka salaki téh katingali tina lalampahan yén abdi ngahargaan manéhna jeung hayang manéhna bungah. Éta téh teu kudu ku tindakan nu gedé, tapi ku tindakan-tindakan leutik gé bisa katémbong.”—Megan.
Jadi, nu penting lain urang nu geus ngarasa hormat ka batur hirup, tapi naha batur hirup geus ngarasa dihormat ku urang.
PRINSIP KITAB SUCI: ”Kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.”—Kolosa 3:12.