Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Pepegatan?

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Pepegatan?

 Urang nuturkeun pandangan Alkitab ngeunaan perkawinan jeung pepegatan. Allah nyiptakeun perkawinan pikeun ngahijikeun lalaki jeung awéwé salalanggengna. Hiji-hijina dasar Alkitab pikeun pepegatan nyaéta lampah cabul.—Mateus 19:5, 6, 9.

Naha para Saksi méré bantuan lamun aya perkawinan nu loba masalah?

 Tangtu, ku sababaraha cara saperti:

Lamun aya nu rék pepegatan, naha kudu disatujuan heula ku kokolot sidang?

 Henteu. Sanajan para kokolot bisa ngabantu salaki pamajikan nu keur aya masalah, maranéhna teu boga hak pikeun nyieun putusan keur pasangan éta. (Galata 6:5) Lamun aya nu pepegatan tapi euweuh dasar Alkitabna, manéhna moal meunang hak istiméwa di sidang. Numutkeun Alkitab, manéhna ogé teu meunang kawin deui.—1 Timoteus 3:1, 5, 12.

Kumaha pandangan Saksi Yéhuwa ngeunaan pipisahan?

 Alkitab ngajurung pasangan nu geus kawin pikeun tetep ngahiji sanajan aya masalah. (1 Korinta 7:10-16) Loba masalah bisa diréngsékeun ku cara husu ngadoa, ngalarapkeun prinsip Alkitab, jeung nunjukkeun kanyaah.—1 Korinta 13:4-8; Galata 5:22.

 Tapi, urang Kristen bisa mutuskeun pikeun pipisahan lamun nyanghareupan kaayaan nu parah pisan saperti:

  •   Ngahaja teu méré napkah.—1 Timoteus 5:8.

  •   Panganiayaan fisik nu parah.—Siloka 3:31.

  •   Bener-bener ngabahayakeun hubungan jeung Yéhuwa. Misalna, saurang Saksi dipaksa pikeun ngalanggar paréntah Allah ku batur hirupna. Manéhna bisa jadi ngarasa pipisahan téh hiji-hijina cara pikeun ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”.—Rasul 5:29.