Pindah kana eusi

Saha Maria Magdaléna téh?

Saha Maria Magdaléna téh?

Jawaban Alkitab

 Maria Magdaléna téh salah sahiji murid Yésus Kristus anu satia. Ngaran Magdaléna téh katingalina asalna tina ngaran kota Magdala (atawa meureun Magadan), nu aya di deukeut Laut Galiléa. Jigana Maria ogé pernah tinggal di ditu.

 Maria Magdaléna téh salah sahiji awéwé nu ngabaturan Yésus jeung murid-muridna waktu iinditan. Maria mantuan ngurus pangabutuh sapopoé maranéhna. (Lukas 8:1-3) Waktu Yésus dihukum pati, Maria gé nyaksian sorangan di ditu. Sanggeus Yésus dihirupkeun deui, manéhna gé salah sahiji jalma nu mimiti ningali Yésus.—Markus 15:40; Yohanes 20:11-18.

 Na Maria Magdaléna téh saurang awéwé bangor?

 Alkitab teu pernah nyebutkeun Maria Magdaléna téh awéwé bangor. Alkitab ngan nyebutkeun Maria téh baheulana pernah kasurupan ku tujuh roh jahat. Tuluy, roh-roh jahat éta diusir ku Yésus.—Lukas 8:2.

 Jadi, ku naon aya nu nyebutkeun manéhna téh awéwé bangor? Ratusan taun sanggeus manéhna maot, aya nu nyebutkeun Maria Magdaléna téh sarua jeung awéwé nu maseuhan suku Yésus ku cipanonna jeung nyéka maké buukna. Katingalina éta awéwé téh saurang awéwé bangor. (Lukas 7:36-38) Tapi, euweuh ayat dina Alkitab nu nyebutkeun Maria Magdaléna téh jiga kitu.

 Maria Magdaléna téh kaasup para rasul lain?

 Henteu. Garéja Katolik nganggap Maria Magdaléna téh sabagé Santa jeung salah saurang rasul, ku sabab manéhna nu mimiti méré nyaho para rasul mun Yésus téh geus dihirupkeun deui. (Yohanes 20:18) Tapi, éta téh lain hartina Maria jadi bisa dianggap sabagé salah saurang rasul. Alkitab gé teu pernah nyebutkeun hal éta.—Lukas 6:12-16.

 Alkitab téh bérés ditulis dina ahir abad kahiji M. Tapi garéja kakara nyebut Maria Magdaléna sabagé Santa dina abad kagenep M. Salian éta, aya ogé catetan nu nyebutkeun para rasul téh sirik ka Maria. Tapi catetan éta téh lain bagian tina Alkitab, jeung ditulisna gé kira-kira dina abad kadua jeung katilu M. Carita-carita éta gé teu aya dasarna tina ayat-ayat Alkitab.

 Na Maria Magdaléna téh pamajikanana Yésus Kristus?

 Henteu. Alkitab jelas-jelas nunjukkeun Yésus téh teu pernah nikah. a

a Tingali artikel ”Apakah Yesus Menikah? Apakah Yesus Punya Adik-Adik?”