Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kaleungitan Pagawéan—Saran-Saran tina Kitab Suci nu Bisa Ngabantu

Kaleungitan Pagawéan—Saran-Saran tina Kitab Suci nu Bisa Ngabantu

 Waktu kaleungitan pagawéan, meureun Anjeun jadi boga masalah ékonomi. Meureun Anjeun gé jadi strés jeung hariwang. Kitab Suci méré saran-saran nu alus. Mugia saran-saran ieu bisa ngabantu.

  •   Caritakeun parasaan Anjeun ka batur.

     Ceuk Kitab Suci: ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.”​—Siloka 17:17.

     Lamun kaleungitan pagawéan, meureun Anjeun ngarasa sedih, keuheul, atawa bingung. Anjeun gé meureun ngarasa geus gagal. Nah, lamun Anjeun nyaritakeun parasaan Anjeun ka kulawarga atawa sobat, maranéhna téh bisa nguatkeun Anjeun. Maranéhna gé bisa méré saran nu alus supaya Anjeun bisa néangan pagawéan nu anyar.

  •   Ulah hariwang teuing.

     Ceuk Kitab Suci: ”Ulah hariwang poé isukan rék kumaha. Pikiran mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui, da unggal poéna gé aya hariwangna.”​—Matius 6:34.

     Kitab Suci méré saran ka urang pikeun nyieun rencana saacan ngagawékeun hiji hal. (Siloka 21:5) Sanajan kitu, Kitab Suci gé méré saran supaya urang ulah hariwang teuing kana mangsa ka hareup. Biasana, hal-hal nu dihariwangkeun ku urang téh can tangtu kajadian. Ku kituna, leuwih alus lamun urang mikirna téh sapoé demi sapoé.

     Lamun ayeuna Anjeun keur strés, Anjeun bisa maca saran-saran anu alus tina Kitab Suci. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga baca artikel ”Carana Nyanghareupan Strés”.

  •   Ulah ngahambur-hambur duit.

     Ceuk Kitab Suci: ”Kuring geus diajar rasiahna ngarasa puas, . . . boh keur boga sagala boh keur kakurangan.”​—Filipi 4:12.

     Lamun Anjeun can boga pagawéan nu anyar, Anjeun perlu ngatur duit. Ulah balanja leuwih ti kasanggupan Anjeun, sarta sabisa-bisa ulah ngahutang.​—Siloka 22:7.

     Pikeun katerangan leuwih lengkep ngeunaan carana ngatur duit, tingali artikel ”Kumaha Carana Ngirit Lamun Panghasilan Jadi Saeutik?

  •   Gunakeun waktu sahadé-hadéna.

     Ceuk Kitab Suci: ”Kudu bijaksana. Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna.”​—Kolose 4:5.

     Sanajan geus teu digawé, Anjeun tetep kudu boga jadwal pikeun ngalakukeun kagiatan sapopoé. Ku kituna, Anjeun bakal leuwih sumanget jeung percaya diri.

  •   Saluyukeun diri jeung kaayaan ayeuna.

     Ceuk Kitab Suci: ”Mun hayang nyapek kudu ngoprek.”​—Siloka 14:23.

     Ulah pilih-pilih pagawéan. Pék tarima pagawéan naon waé, sanajan pagawéan éta téh teu saalus nu baheula atawa gajihna leuwih leutik.

  •   Ulah nyerah.

     Ceuk Kitab Suci: ”Arek pepelakan mah ceb, ceb bae rek isuk rek sore oge, da moal ngarti ieuh urang mah kumaha pijadieunana.”​—Pandita 11:6.

     Sing leukeun néangan pagawéan. Pék tatanya ngeunaan lowongan kerja ka baraya, babaturan, batur gawé nu baheula, jeung tatangga. Pék téangan lowongan kerja dina koran jeung situs Internét. Anjeun gé kudu getol ngirimkeun lamaran kerja ka pausahaan-pausahaan jeung kudu siap diwawancara.