Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pangéling-ngéling Nyatunggalkeun Umat Allah

Pangéling-ngéling Nyatunggalkeun Umat Allah

”Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!”​—JAB. 133:1.

KAWIH: 18, 14

1, 2. Dina taun 2018, acara naon nu bakal nyatunggalkeun urang, jeung naon tujuanana? (Tingali gambar dina awal artikel.)

DINA 31 Maret 2018, jutaan jalma di sakuliah dunya bakal datang ka hiji acara nu diayakeun sakali sataun. Sanggeus panonpoé surup, Saksi-Saksi Yéhuwa jeung nu séjénna bakal masamoan bareng pikeun miéling pangorbanan Yésus keur urang. Unggal taun, Pangéling-ngéling pupusna Kristus nyatunggalkeun jalma-jalma ku cara nu luar biasa, leuwih ti acara séjénna.

2 Yéhuwa jeung Yésus tangtu bungah pisan ningali jutaan jalma hadir di acara éta unggal jamna, ti hiji nagri ka nagri séjén. Alkitab ngajelaskeun yén aya ”jelema [nu] kacida lobana nepi ka moal kaitung. Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana”. Maranéhna nyoara tarik, ”Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!” (Wahyu 7:9, 10) Hadé pisan yén unggal taun dina Pangéling-ngéling, aya kacida lobana jalma nu ngamulyakeun Yéhuwa jeung Yésus lantaran sagala nu geus dilampahkeun ku Aranjeunna!

3. Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Artikel ieu bakal ngabahas jawaban ti opat pananya: (1) Kumaha abdi bisa nyiapkeun diri sangkan meunang mangpaat ti Pangéling-ngéling? (2) Kumaha Pangéling-ngéling bisa nyatunggalkeun umat Allah? (3) Kumaha abdi bisa ngupayakeun kasatunggalan umat Allah? (4) Naha bakal aya Pangéling-ngéling nu pamungkas? Lamun aya, iraha?

KUMAHA URANG BISA NYIAPKEUN DIRI SANGKAN MEUNANG MANGPAAT?

4. Ku naon hadir di Pangéling-ngéling téh penting?

Yéhuwa jeung Yésus merhatikeun saha waé nu upaya pikeun hadir di Pangéling-ngéling

4 Ku naon hadir di Pangéling-ngéling téh penting? Salah sahiji alesanana nyaéta lantaran ieu téh bagian tina ibadah urang ka Yéhuwa. Urang yakin yén Yéhuwa jeung Yésus merhatikeun saha waé nu upaya pikeun hadir di acara pangpentingna taun ieu. Urang hayang Aranjeunna ningali urang hadir di éta acara, kajaba bener-bener teu bisa datang. Lamun lalampahan urang némbongkeun yén acara ieu téh penting pisan, Yéhuwa miboga alesan séjén pikeun nginget ngaran urang tur dicatet dina ”kitab anu harirup”. Kitab ieu téh ngamuat ngaran jalma-jalma nu bakal dipasihan hirup langgeng ku Yéhuwa.​—Mal. 3:16; Wahyu 20:15.

5. Dina minggu-minggu saacanna Pangéling-ngéling, kumaha Sadérék bisa mariksa diri?

5 Dina minggu-minggu saacanna Pangéling-ngéling, urang bisa nyadiakeun leuwih loba waktu pikeun ngadoa jeung ngalenyepan sakumaha kuat sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Baca 2 Korinta 13:5.) Rasul Paulus ngomong ka urang Kristen, ”Pek mariksa maneh, nguji maneh, percaya keneh ka Kristus?” Kumaha carana? Urang bisa mariksa diri, ’Naha abdi bener-bener percaya yén ieu téh hiji-hijina organisasi nu digunakeun Yéhuwa pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na? Naha abdi sabisa-bisa ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé? Naha katémbong tina lalampahan yén abdi percaya ieu téh ahir jaman, sarta kakawasaan Sétan geus téréh enggeusan? Naha kapercayaan abdi ka Yéhuwa jeung Yésus masih tetep kuat siga keur anyaran ngawula Yéhuwa?’ (Mat. 24:14; 2 Tim. 3:1; Ibr. 3:14) Pananya-pananya ieu bakal ngabantu urang pikeun ”nguji maneh”.

6. (a) Ngan ku cara naon urang bisa hirup langgeng? (b) Kumaha saurang kokolot nyiapkeun diri pikeun Pangéling-ngéling unggal taunna, sarta kumaha Sadérék bisa nyonto manéhna?

6 Hiji cara pikeun nyiapkeun diri nyaéta maca tur ngalenyepan artikel-artikel ngeunaan pentingna Pangéling-ngéling. (Baca Yohanes 3:16; 17:3.) Urang bisa hirup langgeng ngan ku cara wanoh ka Yéhuwa jeung iman ka Putra-Na, Yésus. Ku kituna pikeun proyék palajaran pribadi, urang bisa milih bahan nu bisa ngaraketkeun urang ka Aranjeunna. Ieu nu geus lila dilampahkeun ku saurang kokolot. Mangtaun-taun, manéhna ngumpulkeun artikel-artikel Warta Hadé nu ngabahas Pangéling-ngéling sarta kanyaah Yéhuwa jeung Yésus ka urang. Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, manéhna maca deui artikel-artikel éta jeung ngalenyepan ku naon acara ieu téh penting. Sakapeung, manéhna nambahan hiji atawa dua artikel ka koléksina. Manéhna ogé maca jeung ngalenyepan ayat-ayat Alkitab pikeun minggu Pangéling-ngéling. Kokolot éta ngomong yén manéhna jadi diajar hal-hal anyar unggal taunna. Nu pangpentingna, manéhna jadi leuwih nyaah ka Yéhuwa jeung Yésus. Lamun diajar siga kitu, Sadérék ogé bakal leuwih nyaah ka Yéhuwa jeung Yésus. Sadérék bakal leuwih nganuhunkeun ka Aranjeunna, sarta meunang leuwih loba mangpaat ti Pangéling-ngéling.

PANGÉLING-NGÉLING BISA NYATUNGGALKEUN URANG

7. (a) Naon nu didoakeun ku Yésus dina Jamuan Wengi Jungjunan nu mimiti? (b) Naon buktina yén Yéhuwa geus ngajawab doa Yésus?

7 Dina peuting Yésus ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan nu mimiti, anjeunna ngucapkeun doa husus. Yésus ngadoakeun kasatunggalan anjeunna jeung Bapana sarta sangkan kabéh muridna ogé jadi satunggal. (Baca Yohanes 17:20, 21.) Yéhuwa geus ngajawab doa Putra-Na ieu. Leuwih ti pasamoan séjénna, Pangéling-ngéling jelas ngabuktikeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh satunggal. Dina poé éta, jutaan jalma ti rupa-rupa nagri jeung warna kulit ngumpul babarengan di sakuliah dunya. Maranéhna percaya yén Yéhuwa ngutus Putra-Na. Di sababaraha tempat, teu umum lamun jalma-jalma nu béda sélér ngumpul babarengan. Lamun bisa ngumpul gé, éta dianggap teu patut. Tapi, Yéhuwa jeung Yésus teu ngarasa kitu. Pikeun Aranjeunna, kasatunggalan di Pangéling-ngéling téh éndah pisan.

8. Nubuat naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka Yéhéskél?

8 Salaku umat Yéhuwa, urang teu héran ningali kasatunggalan ieu. Yéhuwa geus nganubuatkeun hal ieu ka Yéhéskél. Mantenna nitah Yéhéskél pikeun nyokot dua iteuk, hiji diukir ”Karajaan Yuda” sarta hijina deui diukir ”Karajaan Israil”, tuluy dikeupeul sina jadi hiji. (Baca Yeheskel 37:15-17.) ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal Juli 2016 ngajelaskeun, ”Liwat Nabi Yéhéskél, Yéhuwa nganubuatkeun yén umat-Na bakal mulang deui ka Tanah Perjangjian sarta disatunggalkeun jadi hiji bangsa. Nubuat éta gé nyebutkeun yén hamba-hamba Allah di ahir jaman bakal disatunggalkeun jadi hiji umat.”

9. Kumaha kasatunggalan nu dinubuatkeun ku Yéhéskél kalaksana dina Pangéling-ngéling?

9 Ti saprak taun 1919, Yéhuwa mimiti ngaorganisasi jeung ngumpulkeun deui kaom kaistrén. Maranéhna diibaratkeun ku iteuk ”Karajaan Yuda”. Terus, leuwih loba deui jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi ngagabung jeung kaom kaistrén. Maranéhna diibaratkeun ku iteuk ”Karajaan Israil”. Yéhuwa jangji pikeun ngagenggem dua iteuk ieu jadi ”hiji iteuk”. (Yeh. 37:19) Kaom kaistrén jeung ’domba-domba lian’ ”arek disakandangkeun” ku Mantenna jadi hiji kumpulan. (Yoh. 10:16; Jak. 8:23) Kiwari, dua kelompok éta ngahiji pikeun ngawula Yéhuwa babarengan. Maranéhna boga hiji Raja, Yésus Kristus. Dina nubuat Yéhéskél, Raja ieu ku Yéhuwa disebut ”abdi Kami Daud”. (Yeh. 37:24, 25) Unggal taun dina Pangéling-ngéling pupusna Yésus, urang ningali kasatunggalan dua kelompok nu dinubuatkeun ku Yéhéskél. Tapi, kumaha urang masing-masing bisa ngajaga jeung ngupayakeun kasatunggalan umat Allah?

KUMAHA URANG MASING-MASING BISA NGUPAYAKEUN KASATUNGGALAN?

10. Kumaha urang bisa ngupayakeun kasatunggalan di antara umat Allah?

10 Naon cara kahiji pikeun ngupayakeun kasatunggalan di antara umat Allah? Mekarkeun karendahan haté. Basa di bumi, Yésus nitah murid-muridna sangkan rendah haté. (Mat. 23:12) Lamun rendah haté, urang moal siga jalma-jalma di dunya nu nganggap diri leuwih penting ti batur. Urang bakal ngajénan sadérék-sadérék nu mingpin sidang sarta urang bakal nuturkeun pituduh maranéhna. Ngan ku cara éta sidang bisa ngahiji. Nu pangpentingna, lamun tetep rendah haté, urang nyenangkeun Allah lantaran ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati”.​—1 Pet. 5:5.

11. Kumaha ngalenyepan harti lambang Pangéling-ngéling bisa ngabantu urang ngupayakeun kasatunggalan?

11 Naon cara nu kadua? Ngalenyepan harti lambang roti jeung anggur sateuacan Pangéling-ngéling, utamana dina peuting éta. (1 Kor. 11:23-25) Roti nu teu diragian ngalambangkeun salira Yésus nu sampurna nu dikorbankeun. Anggur beureum ngalambangkeun getih anjeunna. Tapi, ngarti kana éta lambang-lambang téh teu cukup. Urang kudu inget yén korban tebusan Yésus téh bukti kanyaah panggedéna ti dua pribadi. Kanyaah ti Yéhuwa nu masihkeun Putra-Na, jeung kanyaah Yésus nu réla ngorbankeun nyawana. Urang bakal kajurung pikeun nyaah ka Aranjeunna mun ngalenyepan hal ieu. Saterusna, kanyaah urang kabéh ka Yéhuwa bakal nguatkeun kasatunggalan urang.

Lamun ngahampura batur, urang ngupayakeun kasatunggalan (Tingali paragrap 12, 13)

12. Tina misil ngeunaan raja jeung badéga-badégana, kumaha Yésus nandeskeun yén urang kudu ngahampura batur?

12 Cara nu katilu nyaéta resep ngahampura. Lamun urang ngahampura, éta hartina urang nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus ngahampura dosa urang ku jalan tebusan Yésus. Pikeun nandeskeun pentingna ngahampura, Yésus nyaritakeun hiji misil ngeunaan raja jeung badéga-badégana. Mangga baca Mateus 18:23-34 sarta pikirkeun pananya ieu, ’Naha abdi kajurung pikeun ngalampahkeun pangajaran Yésus? Naha abdi sabar jeung ngartikeun dulur saiman? Naha abdi siap ngahampura batur nu nyinggung abdi?’ Mémang aya dosa nu leuwih gedé jeung hésé pisan dihampura ku urang nu teu sampurna. Tapi, misil Yésus ngajarkeun naon nu dipiharep Yéhuwa ti urang. (Baca Mateus 18:35.) Yésus nandeskeun yén Yéhuwa moal ngahampura lamun urang teu ngahampura batur padahal manéhna bener-bener tobat. Ieu téh kudu bener-bener dipikirkeun ku urang. Pikeun ngajaga jeung ngupayakeun kasatunggalan, urang kudu ngahampura batur sakumaha nu diajarkeun ku Yésus.

13. Kumaha carana ngupayakeun kasatunggalan sarta rukun jeung batur?

13 Lamun urang resep ngahampura, urang bakal rukun jeung dulur saiman. Rasul Paulus ngomong yén urang kudu satékah polah ngahiji tur tetep rukun jeung dulur saiman. (Epe. 4:3) Jadi, dina minggu-minggu saacan jeung sanggeusna Pangéling-ngéling, utamana dina peuting éta, pék pikirkeun, ’Naha batur bisa ningali jelas yén abdi henteu teterusan ambek ka jalma nu nyinggung abdi? Naha batur bisa ningali upaya abdi pikeun rukun jeung ngupayakeun kasatunggalan?’ Ieu penting pisan pikeun dilenyepan.

14. Salian ti akur jeung dulur saiman, urang kudu kumaha?

14 Cara nu kaopat nyaéta urang kudu nyonto cara Yéhuwa dina némbongkeun kanyaah. (1 Yoh. 4:8) Urang moal ngomong, ”Urang mémang kudu akur, tapi teu kudu akrab pan?” Lamun boga pamikiran siga kitu, urang henteu nuturkeun naséhat Paulus, ”Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun.” (Epe. 4:2) Perhatikeun, Paulus teu ngan saukur ngomong ”silih kanyahokeun”, tapi ogé ”kudu silih pikanyaah”. Ieu téh dua hal nu béda. Di sidang, aya rupa-rupa jalma. Yéhuwa narik maranéhna. (Yoh. 6:44) Mantenna pasti ningali loba kahadéan matak nyaah ka maranéhna. Lamun maranéhna dipikanyaah ku Yéhuwa, maenya urang henteu daék nyaah? Urang kudu enya-enya mikanyaah maranéhna saperti nu dipiharep ku Yéhuwa.​—1 Yoh. 4:20, 21.

IRAHA PANGÉLING-NGÉLING NU PAMUNGKAS TÉH?

15. Ti mana urang nyaho yén bakal aya Pangéling-ngéling nu pamungkas?

15 Hiji waktu, urang bakal ngayakeun Pangéling-ngéling nu pamungkas. Ti mana urang nyaho? Paulus ngomong ka urang Kristen nu kaistrén yén waktu maranéhna miéling pupusna Yésus unggal taun, maranéhna ”ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui”. (1 Kor. 11:26) Kecap ”sumping” di dieu ngamaksudkeun kajadian nu sarua jeung ”sumping” nu disebutkeun ku Yésus dina nubuatna ngeunaan ahir jaman. Anjeunna ngomong ngeunaan mangsa cilaka nu téréh datang, ”Tembong di langit tanda Putra Manusa. Barang narenjo Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat. Tarompet gede bakal disadakeun, sarta Putra Manusa bakal ngutus para malaikat-Na ka opat madhab bumi, ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna ti sakuliah jagat, ti tungtung nepi ka tungtung.” (Mat. 24:29-31) Yésus bakal ”ngumpulkeun umat pilihan” waktu kaom kaistrén nu masih kénéh di bumi dibawa ka sawarga ku anjeunna. Ieu bakal kajadian sanggeus mangsa cilaka dimimitian, tapi saacan perang Armagédon. Dina perang éta, Yésus, bareng jeung ka-144.000, bakal ngéléhkeun raja-raja bumi. (Wahyu 17:12-14) Pangéling-ngéling saacan Yésus ”sumping” pikeun ngumpulkeun kaom kaistrén bakal jadi nu pamungkas.

16. Ku naon Sadérék boga tékad pikeun hadir di Pangéling-ngéling taun ieu?

16 Tékadkeun pikeun hadir di Pangéling-ngéling tanggal 31 Maret 2018. Suhunkeun ka Yéhuwa pikeun ngabantu upaya Sadérék ngajaga kasatunggalan umat Allah. (Baca Jabur 133:1.) Dina waktuna, urang bakal hadir di Pangéling-ngéling nu pamungkas. Nepi ka poéna datang, hayu urang témbongkeun yén urang ngajénan kasatunggalan nu éndah dina Pangéling-ngéling.