2 Korintus 13:1-14

  • Pépéling jeung naséhat nu ahir (1-14)

    • ’Terus pariksa masih hirup sajalan jeung iman teu’ (5)

    • Jieun parobahan; sing sapikiran (11)

13  Ieu téh katilu kalina kuring rék datang ka aranjeun. Aya ayat nu nyebutkeun, ”Hiji hal bisa dianggap bener téh lamun aya katerangan ti* dua atawa tilu saksi.”  Sanajan kuring teu aya di ditu, anggap wéh naon nu diomongkeun ku kuring téh siga kuring keur aya di ditu kadua kalina. Jadi sakumaha saacanna, kuring rék méré pépéling deui ka jalma-jalma nu geus nyieun dosa sarta ka aranjeun kabéh: Mun kuring datang deui, jalma-jalma siga kitu ku kuring moal diantep.  Ku kituna, kuring bakal ngabuktikeun yén Al-Masih bener-bener ngomong liwat kuring. Manéhna téh henteu lemah,* tapi némbongkeun kawasana nu gedé ka aranjeun.  Mémang, manéhna dipaéhan dina tihang waktu keur lemah, tapi ayeuna manéhna hirup ku lantaran kawasa Allah. Urang-urang gé lemah siga manéhna, tapi engké urang-urang bakal hirup bareng jeung manéhna ku lantaran kawasa Allah éta, nu aya dina diri aranjeun.  Terus pariksa diri, aranjeun masih kénéh hirup sajalan jeung iman teu? Terus pastikeun jalma nu siga kumaha aranjeun téh. Aranjeun teu sadar kitu Isa Al-Masih téh ngahiji jeung aranjeun? Kuduna mah sadar, kajaba aranjeun teu dipikaresep ku Allah.  Urang-urang téh dipikaresep ku Allah, kuring miharep aranjeun nyaho hal éta.  Urang-urang ngadoa supaya aranjeun teu nyieun kasalahan. Ieu téh lain supaya urang-urang katingali dipikaresep ku batur, tapi supaya aranjeun ngalampahkeun nu hadé, sanajan meureun urang-urang teu dipikaresep ku batur.  Urang-urang teu bisa ngalawan nu bener, ngan bisa ngadukung nu bener.  Urang-urang tangtu bungah waktu aranjeun kuat, sanajan urang-urang lemah. Urang-urang gé ngadoa supaya aranjeun nyieun parobahan nu diperlukeun. 10  Éta sababna, kuring nulis hal-hal ieu saacan datang ka aranjeun, supaya pas kuring datang, kuring teu kudu keras ngagunakeun wewenang ti Juragan, da wewenang éta téh dibikeun supaya kuring bisa nguatkeun, lainna ngalemahkeun. 11  Ahirna dulur-dulur, terus suka bungah, jieun parobahan nu diperlukeun, tarima dukungan nu nguatkeun haté, sing sapikiran, jeung hirup rukun. Ku kituna, Allah nu nyaahan jeung méré katengtreman bakal nyarengan aranjeun. 12  Sambut papada dulur ku cara nu soméah.* 13  Sakabéh jalma suci nitip salam ka aranjeun. 14  Mugia aranjeun kabéh disarengan ku welas asih nu taya bandingna* ti Juragan Isa Al-Masih, kanyaah Allah, jeung kawasa suci nu dikurniakeun ka urang kabéh.

Catetan Tambihan

As. ”katerangan tina biwir”.
Maksudna, waktu keur jadi manusa.
As. ”ku ciuman suci”.