Pindah kana eusi

Naon Perang Armagédon téh?

Naon Perang Armagédon téh?

Jawaban Alkitab

 Perang Armagédon téh perang pangahirna antara pamaréntahan manusa jeung Allah. Pamaréntahan manusa jeung kabéh nu ngadukungna téh nentang Allah sarta embung taat ka pamaréntahana-Na. (Jabur 2:2) Perang Armagédon téh bakal nganggeuskeun kabéh pamaréntahan manusa.​—Daniel 2:​44.

 Kecap ”Armagédon” ngan muncul sakali di Alkitab, nyaéta dina Wahyu 16:16. Buku Wahyu nyebutkeun hiji ramalan, yén ”raja-raja di sakuliah bumi” bakal ”dikumpulkeun ka perang dina poé agung Allah Nu Mahakawasa” di ”tempat nu dina basa Ibrani disebut Armagédon”.​—Wahyu 16:14.

 Saha waé nu bakal miluan perang dina Armagédon? Isa Al-Masih bakal mingpin pasukan perang ti sawarga pikeun ngalawan musuh-musuh Allah. (Wahyu 19:11-​16, 19-​21) Musuh-musuh Allah téh kaasup jalma-jalma nu ngalawan Pamaréntahan Allah jeung ngarendahkeun nami Allah.​—Yeheskel 39:7

 Na perang Armagédon téh bakal kajadian di Timur Tengah? Henteu. Perangna téh moal ngan di hiji tempat hungkul. Tapi éta bakal kajadian di sakuliah dunya.​—Yermia 25:32-​34; Yeheskel 39:17-​20.

 Armagédon, nu sakapeung disebut ”Har Magédon” (Ibrani Har Meghiddohn), hartina téh ”Gunung Mégido”. Mégido téh hiji kota nu baheulana aya di Israél kuno. Catetan sajarah nyebutkeun yén pernah aya sababaraha perang di daérah ieu, kaasup sababaraha pérang nu dicatet dina Alkitab. (Hakim-Hakim 5:​19, 20; 2 Raja-Raja 9:​27; 23:29) Tapi, Armagédon mah henteu ngamaksudkeun daérah di deukeut Mégido di jaman baheula. Di ditu mah euweuh gunung nu gedé, malah sakabéh Lebak Yisrél téh moal mahi keur jalma-jalma nu rék merangan Allah. Sabalikna, Armagédon téh ngamaksudkeun kajadian di sakuliah dunya basa sakabéh bangsa ngahiji pikeun merangan Allah.

 Bakal kumaha kaayaanana waktu perang Armagédon? Urang mémang teu nyaho bakal kumaha Allah ngagunakeun kawasa-Na. Tapi, Anjeunna bakal ngagunakeun kakuatana-Na siga di jaman baheula, contona hujan és, lini, hujan badag, seuneu jeung walirang, guntur, sarta panyakit. (Ayub 38:22, 23; Yeheskel 38:19, 22; Habakuk 3:​10, 11; Jakaria 14:12) Bakal aya musuh-musuh Allah nu pikiranna disina kusut ku Allah jeung silih maéhan. Tapi, ahirna maranéhna bakal sadar yén Allah nu nyieun maranéhna silih perangan.​—Yeheskel 38:21, 23; Jakaria 14:13.

 Na Armagédon téh ahir ti dunya ieu? Armagédon téh lain ahir ti planét urang, sabab bumi mah imah nu langgeng keur umat manusa. (Jabur 37:29; 96:10; Pandita 1:4) Jadi Armagédon mah moal ngamusnakeun umat manusa, justru nyalametkeunana. Alkitab nyebutkeun, ”jalma nu kacida lobana” nu nyembah Allah bakal salamet.​—Wahyu 7:​9, 14; Jabur 37:34.

 Salian ti ngamaksudkeun planét bumi, kecap ”dunya” di Alkitab gé kadang ngamaksudkeun sakumpulan jalma jahat nu nentang Allah. (1 Yahya 2:​15-17) Ku kituna, Armagédon téh ngamaksudkeun ahir dunya.​—Matius 24:3, Alkitab Bahasa Sunda 1991.

 Jadi, iraha Armagédon téh? Nabi Isa nyebutkeun, bakal aya ”kasangsaraan nu kacida hébatna” saacan Armagédon. Ceuk manéhna, ”Ngeunaan poé jeung jamna euweuh nu nyaho, para malaikat di sorga jeung Putra gé teu nyaho, ngan Bapa nu nyaho.” (Matius 24:21, 36) Ku kituna, Alkitab ngajarkeun lamun Armagédon bakal kajadian dina Kahadiran Putra manusa, nu dimimitian ti taun 1914.​— Matius 24:37-​39.